Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 26-10-2008 |


Judulna ASIH SALIRA. Lagu nu digalindengkeun ku Cicih Cangkurileung taun 80-an. Saméméh aya lagu “Panggung Sandiwara”, dina rumpaka ieu lagu geus nyabit-nyabit yén “dunya ngan saukur sandiwara”. Kuring tacan bisa maluruh saha nu nulis rumpakana jeung nu nyanggina (bingah pisan upami aya nu ngawartosan).

Sapeuting jeput, ieu lagu dilenyepan, diteuleuman, disurahan, bet matak tibelat. Dibulak-balik, kalayan parat sapeuting jeput henteu nyetél lagu nanaon, kajaba lagu ieu. Rancagé nu nyanggina, rancagé nu ngagalindengkeunana. Aya rupaning rasa nu ngagolak dina ieu dada, sajeroning ngalenyepan ieu lagu, malem Minggu, 25 Oktober 2008. Lagu ngeunaan hiji jalma anu kemba. Lagu abadi, sakurang-kurangna nepi ka kiwari. Mangga bilih aya nu badé ngiring ngalenyepan:

 

Najan haté kebek ku kembang katresna

Biwir pageuh weléh teu wani balaka

Henteu kongang nyarita, kalah ngalimba

Asih nganteng da puguh ngan ka salira

 

Naha anjeun misobat hideungna langit

Dongéng asih teu kendat-kendat ngukuntit

Layar nutup ngabigeu jiga nu pireu

Kuring ikhlas tinimbang dikieu-kieu

 

Mikatineung da puguh asih salira

Duh… jungjunan

Inggis anjeun ngéra-ngéra

Najan cinta ngalayah minuhan rasa

Tapi haté eusina teu weléh sétra

 

Kudu kumaha ngaréka ngukir carita

Geuning dunya ngan saukur sandiwara

Mikadeudeuh nu buktos bati hanjakal

Ku teu sangka asih téh teu bisa kedal

 

Upama aya nu hoyong ngadangukeun laguna, mangga KLIK DIDIEU.