Kategori: Info | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |


A. Katégori Carita Pondok

Prak-prakan ngajén carita pon­dok Hadiah LBSS taun 2006 & 2007, béda jeung anu kungsi dipigawé dina taun-taun méméhna, nyaéta lebah prosésna nu dibagi-dibagi jadi dua tahap. Mimitina diseléksi heula ku masing-masing redaktur, geus kitu hasilna kakara dipasrahkeun ka déwan juri nu ditunjuk ku LBSS.

Carpon hasil seléksi redaktur pikeun taun 2006 jumlahna aya 48 judul, ari pikeun taun 2007 aya 34 judul, tur dimuat dina majalah Manglé, majalah Cupumanik, koran Galura, majalah Sunda Midang, majalah Bina Da’wah,  majalah Seni Budaya, jeung Rubrik Khazanah dina Pikiran Rakyat. Déwan juri sagemblengna percaya kana hasil gawé para redaktur nu geus milih jeung nimbang-nimbang carpon asong­keuneun ka LBSS.

Dina prakna ngajén, aya sawatara prinsip nu jadi cecekalan déwan juri, nyaéta:

1.   Dina ngasongkeun téma, pangarang aya tarékah ngung­­kab hal-hal anu orisinal dumasar kana hasil kontémplasina, henteu ulukutek dina téma anu geus remen pada ngagulang-gapér. Atawa bisa waé ari temana mah geus teu dianggap anéh, tapi diéksploitasi kalawan maksimal, tepi ka hasilna anu mangrupa jenggléngan carita teh jadi karya anu mandiri, henteu ngan saukur tuturut munding atawa néplak anu geus kungsi digarap ku pangarang séjén. Dina hal ieu, karan­cagé pangarang dina mekarkeun téma jadi jenggléngan carita, dianggap kamampuh anu utama, tur bisa dipaké ngukur semet mana legana wawasan panga­rang.

2.   Eusi carita, ana geus réngsé dibaca téh henteu ngeplos, tepi ka taya bagian anu namper dina lolongkrang batin. Eusi carita anu kawas kitu moal ngabeungharan batin anu macana. Carpon anu hadé tangtuna ogé henteu ngan saukur runtuyan kalimah jeung paragraf, tapi aya erohna anu ngahirupkeun carita. Manjing-henteuna kana akal atawa jalan pikiran anu maca teu kudu dipaké patokan. Ukuran anu kudu dipaké nyaéta logika sastra, lain logika saujratna. Najan anu digunakeun téh Iogika sastra, tapi tangtu waé dina karya sastra kudu dipahing ayana anakronismeu.

3.   Anu teu kurang pentingna nyaeta kamampuh panga­rang dina ngungkab konflik di antara tokoh-tokoh anu dilalakonkeun. Karakter saban tokoh carita anu digambarkeun kudu ajeg, luyu jeung kapasitas katut peranna dina ngawangun carita. Kudu dipahing hadirna “tokoh-tokoh témpélan/artifisial” anu teu kaasup kana bagian inhéren carita. Mana komo lamun éta tokoh témpélan anu ngan sakadar ngaliwat téh ukur jadi “alat propaganda” pikeun ngébréhkeun hal atawa gagasan anu teu dianggap dalit tina eusi carita.

4.   Ngolah carita raket patalina jeung téknik. Dina nulis carpon—anu kasungkeret ku jumlah kaca atawa lahan, katapis ngagunakeun téknik téh kacida pentingna. Kamampuh dina ngagunakeun téknik bakal nangtu­keun, naha carita anu ditulis téh pikaboseneun, atawa terus ngahudang kapanasaran pikeun maca tepi ka tutugna. Dipiharep aya téknik alanyar, hasil tina karan­cagé pangarang, anu salila ieu teknik ngarang carpon anu digunakeun ku umumna pangarang Sunda teu pati (atawa katémbong) aya dina kamekaran. Teknik anu di­pa­ké umumna masih angger konvénsional, sok sanajan teu salawasna goréng.

5.   Lantaran anu diajén téh carpon Sunda, tur jadi bagian tina karya sastra Sunda, tangtu waé jenggléngan carita téh kudu napak dina “atmosfir” Sunda. Basana kudu nyunda, katut idiom-idiom anu digunakeunana oge kudu nyunda. Cindekna, lain torojogan tarjamahan, anu bisa waé prosés narjamahkeunana mah waktu keur aya dina dunya gagasan kénéh. Najan gagasan anu diracik jadi carita henteu napak dina atmosfir Sunda, tapi ana geus ditulis mah kudu jadi jenggléngan karya sastra Sunda.

Naskah nu kabaca ku déwan juri, umumna mah geus nyumponan sarat pikeun disebut carita pondok, najan masih kénéh aya nu némbongkeun kahéngkér dina ngolah téma jeung ngaracik carita. Pangpangna mah pikeun carpon-carpon nu dimuat taun 2007, hésé néangan nu enya-enya punjul, da réréana mah masih dina wangun skétsa.

 

Karya Pinilih Carita Pondok Taun 2006

“Ciricit Beurit” karangan Toni Lesmana, minangka karangan anu pangunggulna di antara karya-karya taun 2006 nu kabaca ka déwan juri. Pangarang tapis lebah ngolah téma, soal panén nu gagal alatan diruksak ku sakadang beurit, boh paré boh kalapa. Katingal pangarang lir nu deukeut jeung kahirupan panyawah. Lebah konflik batin antara tokoh Mang Mahdi, Sardiat, para panyawah jeung kuwu éstu ngagentak tapi karasa rasionalna. Ieu téh lantaran pangarang bisa ngébréhkeun watek-watek tokoh jeung suasana batinna. Alur carita “Ciricit Beurit” kaasup pepel, karasa ti alinéa bubuka nepi ka alinéa pamungkas téh euweh nu mubadir, éstu matak pogot. Lebah ngolah basa Sunda deuih punjulna pangarang Ciricit Beurit teh.

Ku kituna, “Cicicit Beurit” karya Toni Lesmana, nu dimuat dina Majalah Cupumanik bulan Désémber 2006, pantes jadi pinilih kahiji.

“Londok” beunang Hérmawan Aksan unggul ngagam­bar­keun kajiwaan manusa alam ayeuna. Kulik nu hayang nincak dina jalan bener, jalma nu ngahargaan kajujuran, ngarasa héran sabab saban amprok jeung saban jalma, bet robah jadi londok. Lantaran sakabéh jalma tétéla geus jadi londok, pamustunganana Kulik gé ngarasa bagja sanggeus jadi londok. “Londok” bisa disebutkeun rada nenggang tina carpon-carpon Sunda nu nyampak salila ieu. Pangarang ngagunakeun trik nu teu ilahar, metot nu maca nepi ka méméhna nu maca téh keur maca carpon anu tokohna memang londok dina wujud sato enyaan. Tapi lalaunan ahir­na nu maca dibawa ka alam manusa, anu jiwana geus salin jinis jadi londok. Trik anu teu ilahar kitu teh mungguh minangka karancagéan dina karya sastra mah. Ku kituna, “Londok” karya Hermawan Aksan, nu dimuat dina majalah Manglé No. 2086, pantes jadi pinilih kadua.

“Wilujeng Angkat” karya Étti RS bisa jadi lain karya anu onjoy mun ditilik tina téma. Tapi juri moal apriori kana karya anu témana asih. Mémang enya téma asih téh geus ngaleuya. Tapi apan éta mah téma nu langgeng, tur dina sastra deungeun gé téma asih teu weléh aya waé nu ngagarap, boh ku pangarang anyar boh pangarang heubeulna. Lebah ngagarapna waé nu ngabédakeun téh. Tah, Étti RS kaasup pangarang Sunda anu béda ti pangarang Sunda séjénna nu karya-karya sarua ngagarap téma asih jero taun 2006 tur nu kabaca ku juri. Étti optimal pisan ngagunakeun basa Sunda keur ngagambarkeun batin hiji awéwé nu keur kasmaran. Kecap-kecap tur ungkara-ungkara kalimah dina “Wilujeng Angkat” éstuning maut rasa ka nu maca, tapi najan kitu henteu matak malitek jadi ungkara anu céngéng, malah dina pungkasanana némbongkeun hiji wanoja anu tegar sanajan asih henteu nepi ka pangparatan rasa. Ku kituna, “Wilujeng Angkat” nu dimuat dina Manglé No. 2067 pantes jadi pinilih katilu.

 

Karya Pinilih Carita Pondok Taun 2007

“Si Sipus” karangan Déni Ahmad Fajar, beunang ngaraéh tina mitologi Yunani nu nepi ka kiwari remen kasabit-sabit karya sastra. Ieu carpon aya dina nuansa abstrak, nepi ka mun dibaca salalar mah, hésé kajudina naon maksud pangarang téh. Punjulna ieu carpon lebah masieupkeun dongéng ti deungeun jeung kanyataan tokoh nu keur dicaritakeun dina carpon. Ti dinya katémbong aya tarékah pangarang, ngungkab kajembaran sastra deu­ngeun, bari teu leungiteun ungkara Sundana. Najan karasa ditulisna semu rurusuhan, tapi ieu carpon dieuyeuban ku métafor nu némbongkeun karancagé pangarang dina ngolah basa Sunda. Ku kituna, carpon “Si Sipus” karangan Déni Ahmad Fajar nu dimuat dina Lembaran Budaya “Khazanah” Pikiran Rakyat, Désémber 2007, ditetepkeun jadi pinilih kahiji.

Carpon “Kembang Keretas” beunang Ai Koraliati, sa­enya­na bisa jadi carpon psikologis nu hadé, mun pangarang tapis dina ngolah téhnik carita. Pangarang karasa geus weruh pisan kana kahirupan barudak, paripolahna, omonganana. Ieu carpon nyaritakeun konflik batin budak nu boga masalah di kulawargana, dicaritakeun kalayan lancar maké basa Sunda nu genah dibacana. Hanjakal lebah tungtungna, pangarang kajiret ku téknik nu geus laas, mungkas sagalana (si tokoh nu kaserang kasakit téh nepi ka maot), nepi carita jadi karasa ngoléang. Ku kituna, carpon “Kembang Keretas” beunang Ai Koraliati, nu dimuat dina Manglé No. 2148, ditetepkeun jadi pinilih kadua.

Carpon “Jajap nu Mulang” beunang Usép Romli HM nyaritakeun pasualan nu jero, ngeunaan akidah jeung idéologi. Tokoh Obin nu ngaku kapir jeung kuminis, maot sanggeus hirupna tunggara mangtaun-taun. Apin, jaman keur budak deukeut jeung Obin, tapi terus papisah leuwih ti 40 taun. Sanggeus ditéwak ku nu berwajib, Obin cenah pundah-pindah pangbérokan. Panggih-panggih deui téh basa layonna dijajapkeun ka lembur. Ieu carpon onjoy lebah lancarna ngagunakeun basa Sunda. Hanjakal lebah tokoh Apin nu mukakeun lalangsé Obin, nu maké téknik flashback, karasa ngayayay nepi ka nu maca bisa ngolémbar tina inti pasualan dina éta carpon. Carpon “Jajap nu Mulang” beunang Usép Romli HM, nu dimuat dina majalah Manglé No. 2133, ditetepkeun jadi pinilih katilu.

 

B. Katégori Sajak

Sajak-sajak nu katarima ku girang pangajén kawilang ragem; ngawakilan ti saban entragan, sarta ti saban média nu aya di Bandung. Karya nu kabaca téh di antarana ti média majalah Mangle, Cupumanik, Sunda Midang, Seni Budaya, Bina Da’wah, Galura, sarta lembaran budaya Khazanah Pikiran Rakyat.

Mun nilik kana umur panyajak mah, méh 80 persén dieuyeuban ku entragan ngora. Sawatara ngaran panyajak entragan béh ditu kayaning Yayat Héndayana, Godi Suwarna, Ano Karsana, Étti RS, Usép Romli, kaasup anu rajeun kénéh kapanggih muncul dina média. Atuh lebah midangna, gaya arinyana karasa pisan nenggangna ti nu lian. Dina harti, gaya pribadi kapangaranganana bangun pageuh maneuh dina makomna séwang-séwangan.

Demi pangarang entragan ngora atawa béh dieu, umumna siga nu nénéangan kénéh gaya pribadi sakumaha nu geus dikotrétkeun ku panyajak heulaeunana tadi. Hal éta katangén lebah kumareumbingna merenahkeun gaya ucap, nyiar métafor, atawa lebah nyiar suasana tina luang jeung pangalaman nu tangtuna baé geus tinggaleun jauh ku luang katut pangalaman ti panyajak entragan heubeul. Kilang kitu, sawaréhna geus aya nu témbong ajeg pageuh dina ciri pribadina. Kakuatan nu nguniang ti panyajak entragan béh dieu, katangén tina ayana mutiara basa nu sidik karasa anyarna. Lain hasil tina niron atawa nurun tina formula nu geus dikotrétkeun ku panyajak heulaeun­ana téa. Umumna, éta mutiara basa nu tingkuniang téh katangén lebah ngalarapkeun métafor nu katangén orisinal, nu mémang saméméhna henteu kungsi nyampak. Éta métafor nu orisinal téh bisa jadi deukeut-deukeut kana “panyalimpangan” nu disorang kalawan kréatif. Tepi ka sanggeus kabaca tur katengetan mah, eta métafor nu béh ditu-ditu karasa umum tur ilahar, bet dina gelarna karasa pisan panglingna, duméh “ngahaja” disalimpangkeun téa ku nu nyajakna.

Dina karya-karya sajak panyajak entragan béh dieu, kapanggih deuih cara nyawang kana hal-hal nu rarenik. Hal-hal nu tara ngahajakeun disaba ku paningal, pangreu­ngeu, jeung pangrasa ti balaréa téh, ku panyajak béh dieu anggur dijugjugan jeung dipipit bari tuluy diracik sina jadi hal nu ilahar.

Upamana waé, paningal kana kalakay. Da sidik kalakay téh barang nu umum, nu dina hirup kumbuh sapopoé kacida dalit pagiling-gisik. Tara aya nu opén ieuh kana kalakay téh. Tapi dina paningal sawatara panyajak, éta kalakay anu ilahar nyampak di sabudeureun hirup kumbuh sapopoé téh bet jadi pangling sanggeus dibéré “nyawa” ku panyajak, sina jadi usik, sina mijalma, sina humaréwos, atawa méré iber jeung tangara ka manusa. Hiji jenggléng­an nu saméméhna tara ditalék ditakon téh, ana sakali mangsa dihirup ku panyajak, teu wudu nguniangkeun jadi éntitas atawa jenggléngan nu pada ngaeuleuh-euleuh. Cara nu kabaca dina sajak Sarabunis Mubarok, “Béja ti Kalakay” atawa nu dina “Layung Surup di Cikandang” beunang Darpan.

Lebah cara nilik nu gemet ti panyajak, bisa dilarapkeun ogé kana cara nyalusur bagbagan hirup. Utamana, lebah cara nilik kana bagbagan hirup téh ngaliwatan “perenung­an” anu nyosok jero. Ana dikotrétkeun sina jadi sajak, éta hasil tina perenungan kana bagbagan hirup karasa leubeut ku ajén. Manakomo sanggeus diébréhkeun dina ungkara anu diracik sina mampuh ngulinkeun rasa jeung émosi kalawan témbrés. Najan henteu kudu bari ajol-ajolan, tapi guligahna rasa téh teu wudu negrak najan ukur kawas usikna beungeut cai nu dilalar angin sahiliwiran. Nya hal éta pisan nu kabaca dina sajak “Eunteung Diri” beunang Tiwi Sonia atawa sajak “Ngaji Diri” beunang Rizal Sabda, atawa dina sajak “Sanggeus Kapalidkeun Angin” beunang Nazarudin Azhar.

Anapon tugas panyajak lebah ngarekam naon rupa nu karasa, katénjo, jeung nu kareungeu kabacana dina sajak “Senen Pasosoré I” beunang Rosyid É. Abby. Najan aya hiji kajadian rongkah dina hiji mangsa, panyajak henteu ngadadarkeun sacara déskriptif nu leuwih konvénsional, manakomo sacara verbal mah. Henteu. Lebah dieu panyajak milih hiji téhnik ku cara nguyang paguneman jeung éntitas séjén geusan nataan kumaha ketirna éta kajadian musibah rongkah nu tumiba dina poe Senén wanci soré tea.

Gegedéna mah dina macaan sajak peunteuneun keur LBSS, sok rajeun ngaheulakeun karya-karya nu ngemu hal nu anyar. Éta hal nu anyar bisa jadi ngagoréhél lebah gaya ucap, lebah cara ngahadirkeun suasana, ngaracik métafor, atawa ngasongkeun wangunan nu ékstrim sakalian. Papadaning kitu, najan enya sacara wangun mah boa aya nu anyar, tapi nu dipalar lebah eusi jeung galeuh-galeuhna mah disiar nu pageuh ngakar dina galeuh Sunda. Galeuh nu nyunda di antarana baris ebréh lebah struktur frase, klausa, sarta kalimahna.

Nya tina pertimbangan nu éta, pikeun taun 2006, juri sajak milih sajak “Ngaji Diri” karya Rizal Sabda jadi pinunjul kahiji, sajak “Senén Pasosoré I” karya Rosyid É. Abby jadi pinunjul kadua, sarta sajak “Béja ti Kalakay” karya Sarabunis Mubarok jadi pinunjul katilu.

Sedengkeun pikeun taun 2007, juri sajak milih sajak “Sanggeus Kapalidkeun Angin” karya Nazarudin Azhar jadi pinunjul kahiji, sajak “Eunteung Diri” karya Tiwi Sonia jadi pinunjul kadua, sarta sajak “Layung Surup di Cikandang” karya Darpan jadi pinunjul katilu.

 

C. Katégori Éséy

Nu dimaksud éséy di dieu ngawengku rupaning karangan winangun prosa nonfiksi anu eusina nepikeun sawangan pribadi kana hiji perkara.

Éséy-éséy nu dipeunteun téh kaasup karangan asli, lain beunang narjamahkeun atawa beunang nyadur ti karangan karya pangarang séjén.

Éséy-éséy nu dipeunteun kungsi dipidangkeun dina média massa citak basa Sunda salila dua taun noron, nyaéta taun 2006 jeung 2007. Média citak nu dimaksud téh Cupumanik, Galura, Kujang, Manglé, Bina Da’wah, Seni Budaya jeung Sunda Midang. Kabéhanana wedalan Bandung.

Luyu jeung kawijakan Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), minangka lembaga nu mokalan ieu hadiah, éséy-éséy nu dipeunteun ku Déwan Juri téh beunang milihan para redaktur koran jeung majalah nu kungsi midangkeun­ana. Nu kapilih ku para redaktur, terus dipilihan deui ku Déwan Juri.

Pamarekan

Dina prak-prakan meunteun karangan, Déwan Juri nyindekel kana tilu perkara:

1.   Jejer karangan.  Jejer karangan teu diwatesan. Eusi éséy bisa ngabahas naon baé, ti mimiti masalah basa tepi ka masalah agama, ti mimiti masalah hukum tepi ka masalah ékonomi. Hal ieu raket kana salah sahiji udagan program kabasaan cara nu salila ieu dipaju ku LBSS, nyaéta ngamekarkeun fungsi sosial basa Sunda (tinulis). Sabisa-bisa, Déwan Juri ngutamakeun karangan nu eusina nepikeun gagasan atawa wawasan anyar. Bisa waé ari masalah nu dibahasna mah geus remen kapanggih, tapi mun jihat sawanganana atawa carana  ngabéjérbéaskeun masalah béda ti nu réa, éta karangan meunang peunteun hadé.    

2.   Téhnik ngarang. Karangan nu diutamakeun téh karangan nu némbongkeun ciri mandiri nu ngarangna. Ari sababna, hal ieu nuduhkeun yén nu ngarangna lain baé geus haat mikiran hiji pasualan, tapi deuih parigel enggoning ngulik cara nepikeunana. Kaparigel ngolah basa pohara diutamakeun deuih. Lebah dieu juri nimbang-nimbang katineung pangarang kana basana, tur kasadarna kana pentingna basa minangka rawayan nu ngahubungkeun pangarang jeung nu maraca karanganana. Babakuna mah, nu ditimbang-timbang téh tepi ka lebah mana kira-kirana sumbangan nu ngarang kana kamekaran basa Sunda.

3.   Kaparigel pangarang. Pangjurung kana ngarang dina basa Sunda kiwari geus teu pati réa, sumawonna keur nu ngarora. Paling copélna, upama dibandingkeun jeung pangjurung kana ngarang dina basa Indonésia, pangjurung kana ngarang dina basa Sunda mah tétéla teu pati gedé. Tumali ka dinya, Déwan Juri pohara mentingkeunana ka pangarang ngora nu geus ném­bong­keun produktivitas katut inténsitas ngarang dina basa Sunda.

Ieu hadiah mudah-mudahan bisa milu nandeskeun yén tarékah maranéhanana éstuning diajénan.

 

Karya Pinilih Éséy Taun 2006

Aya 46 éséy nu medal dina taun 2006 anu katampa ku Déwan Juri ti Panitia. Umumna éta éséy-éséy téh némbong­keun kualitas anu sabanding.

Djasépudin kaasup pangarang ngora anu produktif boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia. Dina taun 2006 aya 4 éséy anu katarima ku Déwan Juri. Dina éséy “Dalang Dumang” anu dimuat dina majalah Manglé Djasépudin ngangkat karancagéan Ki Dumang, dalang anu teu kawentar nu hirup di wewengkon Jatinangor. Nu katitén ku Djasépudin, ieu dalang anu pakasabanana ukur karya­wan handap di Fakultas Sastra Unpad téh, réla ngaluar­keun waragad pikeun mintonkeun wayang dina waktu nyunatan anakna. Dumasar kana panitén Djasépudin, Ki Du­mang téh tinekanan geus ngahontal tujuanana, lantaran pintonan wayangna dipikaresep ku warga nu aya di lingkunganana. Cék Djasépudin, “Tug dugi ka lekasan nu haladir téh ukur saurang dua urang nu ngoléséd ninggalkeun pintonan”. Ku hal ieu Djasépudin geus tinekanan ngangkat hiji agén kabudayan Sunda anu teu pati dipaliré, tapi mibanda akar anu kuat di masarakat. Ku lantaran kitu, éséy “Dalang Dumang” anu dimuat dina Manglé no 2050 ditetepkeun jadi pinilih katilu.

Dhipa Galuh Purba ogé kaasup pangarang ngora anu produktif. Éséy  “Cai Buruk Milu Mijah” nyaritakeun caah anu mindeng kajadian di Bandung kidul. Kaayaan anu biasa, anu mindeng kabaca dina berita di media massa. Tapi, nu ngalantarankeun éséy Dhipa onjoy di nu séjén nyaéta lebah nyaritakeunana. Dina éta éséy Dhipa ngagunakeun gaya naratif. Kaayaan caahna Citarum dicaritakeun tina jihat tokoh jalma kahiji. Temahna ka nu maca jadi bisa milu ngarasakeun kumaha susahna lamun lembur kacaahan. Tapi sok sanajan kitu, éséy Dhipa henteu tisolédat kana sentiméntalisme anu hayang dipikarunya atawa nyalah­keun pihak-pihak séjén anu milu andil kana ruksakna lingkungan. Dina nyaritakeun kaayaan sarupa kitu, Dhipa masih kénéh mampuh ngajaga jarak. Ku lantaran kitu, éséy “Cai Buruk Milu Mijah” karya Dhipa Galuh Purba (Galura, Minggu 1 Juni 2006) ditetepkeun jadi pinilih kadua.

Saperti Djasépudin jeung Dhipa galuh Purba,  Atép Kurnia ogé kaasup pangarang ngora anu produktif. Dina taun 2006 aya 4 karya Atép anu katampa ku Déwan Juri. Dina éséy-éséyna katangén kadariaan Atép dina widang kurung karang. Subyék tulisan anu jadi puseur implengan Atép lir ibarat cangreudan benang dina jaring. Puseur impelngan téh henteu diantep sina mandiri, tapi éstuning dipatalikeun jeung widang-widang séjénna. Ieu nu ngalantarankeun éséy-éséy Atép jadi jembar: aya usaha pikeun nyukcruk sumber tur ngantengkeun simpay babandingan. Dina éséy “Nasib Roman Sunda Ngepop” nu dimuat dina Seni Budaya Atép medar buku-buku roman pop Sunda anu medal di sabudeureun  taun 1960-1970-an. Dina éta éséy Atép lain baé ngaguar kahirupan roman pop Sunda anu medal mangsa harita, tapi diguar ogé ngeunaan pangarangna, nu macana, nu medalkeunana, jeung nu ngadistribusikeunana. Cindekna, éséy Atep énstuning nyeuweu, puguh éntép seureuhna, tur ditepikeun ku basa anu lancar. Ku lantaran kitu, éséy “Nasib Roman Sunda Ngepop” anu dimuat dina Seni Budaya, ditetepkeun jadi pinilih kahiji.

 

Karya Pinilih Éséy Taun 2007

Saperti dina taun 2006, éséy-éséy taun 2007 nu katampa ku Déwan juri ti panitia ogé némbongkeun kualitas anu sababad.

Éséy “Pamali jeung Sanget” anu dimuat dina Cupumanik (Désémber 2007) karya Cécé Hidayat ngaguar kaaripan budaya Sunda buhun anu masih kénéh mangpaat dina mangsa kiwari. Cécé ningali yén dina kapamalian téh aya pangajaran anu nyamuni anu bisa nyalametkeun alam lingkungan urang. Dina ieu éséy Cécé geus mampuh ngaguar ma’na anu nyamuni dina hasil-hasil budaya karuhun Sunda di mangsa lawas tur mibanda fungsi anu nyata dina mangsa kiwari. Ieu éséy, anu dina ngagunakeun basa Sundana tapis téh ditetepkeun jadi pinilih katilu.

 “Ngawur Kasintu” (Bina Da’wah, Juni 2007) karya Ki Édas, mampuh ngahirupkeun babasan anu geus mati ku cara ngaguar harti léksikal katut larapna dina kahirupan buhun tur larapna dina mangsa kiwari. Dina ieu éséy aya arguméntasi nu nandeskeun yén hal-hal anu kajadian kiwari téh hakékatna mah kitu-kitu kénéh. Dina harti baheula ogé nu kitu mah geus aya. Ngan wangunna baé nu béda téh. Dina éséyna Ki Édas kawas nu hayang nimbang perilaku manusa jaman kiwari ku kaaripan anu aya dina budaya Sunda tur teu leupas tina tetekon agama Islam. Ku lantaran kitu, éséy “Ngawur Kasintu” karya Ki Édas ditetepkeun jadi pinilih kadua.

Dina éséy “Pamiangan” (Galura, Minggu II Oktober 2007), Iip D. Yahya ngarasa perlu ayana pamingan pikeun léngkah-léngkah urang Sunda dina enggoning nyangha­reup­an panéka jaman. Upama urang Barat ngajadikeun bu­da­ya Yunani jadi pamiangan jeung umat Islam kiwari nempatkeun  mangsa Bagdad jadi pamiangan, satutas mangsa Madinah dianggap henteu nyukupan; dina éséyna Iip ngusulkeun Sunda mangsa Prabu Wastu Kancana jadi titik pamiangan. Iip nganggap ieu mangsa téh puguh laratanana: aya sababaraha prasasti di Kawali, aya makam di Nusalarang, jeung aya sajarah Dyah Pitaloka (Citra­resmi) anu moal kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Di sagigireun éta aya ogé Siksa Kanda ng Ka­resian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balaréa. Nengetan argumén­tasina, bisa disebutkeun tulisan Iip téh orisinal. Ku kituna, Déwan Juri netepkeun ieu tulisan jadi pinilih kahiji.

 

Bandung, Oktober 2008

Juri Hadiah Sastra LBSS taun 2006 & 2007

 

Katégori Sajak        : Wahyu Wibisana

                                  Dian Héndrayana

                                  Dédy Windyagiri

Katégori Éséy         : Abdullah Mustappa

                                  Téddy A.N. Muhtadin

                                  Hawé Setiawan

Katégori Carpon  :  Tatang Sumarsono

                                  Cécép Burdansyah

                                  Dadan Sutisna