Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 |


Sakumaha nu geus maneuh méh unggal taun, alham­dulillah taun ieu aya deui Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Ieu hadiah diayakeun pi­keun ngajénan karangan-karangan petingan dina basa Sunda,  kaasup nu winangun éséy. Hadiah Sastra LBSS Taun 2009 dihaturkeun keur karangan-karangan nu dipublikasi­keun dina média massa basa Sunda salila taun 2008.

 

Luyu jeung kagiatan média massa citak basa Sunda nu tetep lumangsung tepi ka kiwari, rupaning éséy dina basa Sunda, kaasup nu ditarulis ku nu ngarora, tetep renung. Nu parigel narulis éséy, ku sacarana-sacarana, milu miara tur ngamekarkeun karancagé ngedalkeun rupaning gagasan dina basa Sunda tinulis.

 

Mémang réa kénéh kahéngkérna sakumaha nu katém­bong sajeroning macaan éséy nu maridang dina koran jeung majalah Sunda salila taun 2008. Saperkara, jejer karangan umumna ngulibek di sabudereun masalah basa, sastra jeung seni. Pangarang nu geus hasil némbongkeun karancagé ngamekarkeun jejer karangan ku jalan ngabahas, upamana, masalah ékonomi, téhnologi, jsté., karék hiji dua. Kadua perkara, carana ngabahas hiji perka­ra dina éséy umumna tacan nepi ka nyosok jero. Réa kénéh éséy nu sasatna mawakeun jejer ukur sahinasna baé. Katilu­na, sawatara pangarang katémbongna masih kénéh leuwih resep ngaheueuhan batur batan nembrakkeun pamanggih sorangan.

 

Ku kitu ku kieu, karep balaréa enggoning ngajénan karan­cagé ngarang dina basa Sunda tetep karasa.

 

Prak-Prakan Milih Karangan

Sakumana nu geus jadi kawijakan Panitia Hadiah Sastra LBSS dina sawatara taun katompérnakeun, prak-prakan milih karangan peunteuneun téh ngalibetkeun para rédaktur koran katut majalah Sunda. Para rédaktur milihan karangan nu cék tinimbanganana meujeuhna diasongkeun pikeun diiker-iker kamungkinanana meu­nang hadiah. Ku Panitia Hadiah Sastra LBSS éta karangan-karangan téh terus disérénkeun ka Déwan Juri Hadiah Sastra LBSS.

 

Husus dina widang éséy, Déwan Juri Hadiah Sastra LBSS narima 59 judul karangan beunang 32 pangarang nu kungsi dipidangkeun dina 6 koran/majalah Sunda, nyaéta koran mingguan Galura, majalah mingguan Manglé, majalah dwimingguan Sunda Midang, majalah Seni Budaya Suara Cangkurileung, majalah bulanan Bina Da’wah jeung majalah bulanan Cupumanik.

 

Déwan Juri Hadiah Sastra LBSS Widang Éséy, nu jumlah­na  tiluan, kaasup pupuhuna, milihan éta karangan tur nyindekkeun putusanana ngaliwatan dua kali rapat nu difasilitasi ku Panitia Hadiah Sastra LBSS di Bandung, nyaéta 14 Séptémber 2009 jeung 29 Séptémber 2009.

 

Tatapakan Meunteun Karangan

Cara ilaharna baé, dina meunteun karangan nu kata­rima ti Panitia Hadiah Sastra LBSS 2009, Déwan Juri Hadiah Sastra LBSS 2009 Widang Éséy nyindekel kana sawatara perkara, nyaéta:

1.   Leunjeuran basa

2.   Kajembaran mikir

3.   Katapis nulis

4.   Jejer karangan

 

Lian ti kitu, Déwan Juri Hadiah Sastra LBSS 2009 Widang Éséy gé neundeun perhatian kana pertimbangan nonlite­rér, nyaéta pertimbangan nu dina seuhseuhanana ngandung panjurung kana karancagé ngarang, babakuna keur nu ngarora atawa nu keur meujeuhna parigel ngarang dina basa Sunda.

 

Putusanana

Éséy pinunjul nu dilélér Hadiah Sastra LBSS 2009 nyaéta:

1.   “Masagi” karangan Mang Jamal

      (Cupumanik, April 2008).

Dina éséy “Masagi”, Mang Jamal maluruh tilu siloka nu hirup dina bahasan jeung paribasa Sunda, nyaéta masagi, buleud, jeung nyungcung (atawa segitilu). Satutas dipaluruh goréhél, yén tilu lambang anu diabadikeun dina babasan jeung paribasa Sunda téh nulad tina kasampurnaan alam. Saur Mang Jamal ari rupa atawa wangun nu aya di alam dunya téh loba pisan jeung moal kaitung. Éta modeu-modeu téh ku manusa dibasajankeun jadi tilu rupa dasar nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu. Ieu rupa dasar téh dipaké dina élmu matématika, pangpangna dina géométri jeung éstétika seni rupa. Anéhna, éta tilu wangun rupa dasar téh hirup dina kaaripan urang Sunda deuih.

 

Éséy Mang Jamal némbongkeun kajembaran panga­weruh tur seukeutna analisis. Éséy Mang Jamal ngajujut hiji lambang dina pajurawetna kabudayaan manusa. Hasilna, hiji lambang horéng patali jeung hal-hal séjén nu saméméhna ampir teu kabadé. Dina éséyna Mang Jamal bisa laluasa medar babasan jeung paribasa anu nyambung jeung wangun rupa, alam, réligiositas, matématika, nepi ka éstétika.

 

Ku lantaran kitu, éséy “Masagi” karangan Mang Jamal (Cupumanik, April 2008) ditetepkeun jadi pinunjul kahiji.

 

2.  “Burjo” karangan Asép Budi Setiawan

      (Galura, 2008).

 

“Burjo” téh singgetan tina “bubur kacang”. Dina ieu éséy Asép Budi Setiawan medar kahirupan tukang bubur kacang anu sumebar di kota Yogyakarta. Dina panitén Asép, geuning nu dagang “burjo” téh ampir kabéh urang Kuningan. Tangtu baé, pikeun urang Kuningan mah hal ieu téh jadi kareueus. Malah Désa Kertayana Kacamatan Sindangagung mah lambang désana ogé mangkok bubur. Saur Asép, dumasar kana data, di Yogya aya 400-an pangkalan burjo nu bisa nampung pagawé antara 1500 nepi ka 2000. Atuh muterna duit ogé henteu saeutik. Mun tempatna stratégis sapoé bisa ngahasilkeun satengah juta. Paling saeutik antara 200 nepi ka 300 rébuan. 

 

Dina éséy “Burjo” aya adumanis antara data, kajembar­an pangaweruh nu patali jeung séktor informal ékonomi rayat, jeung leunjeuran basa anu merenah, nu dipasieup ku sawatara basa wewengkon. Sok sanajan euyeub ku data, maca éta téh teu matak kerung, sabab data téh istuning dipaké pikeun ngawewegan pamadeganana anu ngamalir. Ku éséy “Burjo” Asép Budi Setiawan ngahudang masarakat pikeun rancagé dina widang ékonomi.

 

Ku lantaran kitu, éséy Asép Budi Setiawan anu judulna “Burjo” (Galura, 2008) ditetepkeun jadi pinunjul kadua.

 

3.   “Masyarakat Adat” karangan Rameli Agam

(Galura, 2008).

 

Rameli Agam medar perkara masarakat adat.  Dumasar kana panitén Rameli, éksisténsi masarakat adat téh kacida pentingna, sabab maranéhna mampuh miara alam. Kapan papagon masarakat adat mah alam téh baris méré kahadéan lamun dijaga tur dimumulé. Tapi hanjakalna, maranéhna anu mikacinta alam téh teu weléh kadéséh ku pihak-pihak anu sarakah. Saenyana nasib anu karandapan ku masarakat adat téh teu kudu kajadian, sabab maranéh­na ditangtayungan ku hukum boh sacara nasional boh sa­cara internasional. Rameli nandeskeun yén upama pama­rén­tah teu bisa ngalaksanakeun konstitusi, saenyana na­gara téh geus ngalakukeun pelanggaran hukum.

 

Jejer masarakat adat anu jadi topik éséy Rameli Agam mangrupa topik anu penting ditulis, nyaéta pikeun ngingetan deui pamaréntah katut masarakat yén masarakat adat téh kudu ditangtayungan, lantaran nya di maranéhna ayana kaaripan lokal ngeunaan alam lingkungan. Pikeun nguatan pamadeganana Rameli Agam nyutat ayat-ayat nu aya dina UU jeung Kovenan Interna­sional.

 

Sacara umum éséy Agam némbongkeun kajembaran dina mikir, sarta katapis dina ngaleunjeurkeun basa katut nuliskeunana. Ku lantaran kitu, Déwan Juri netepkeun “Masyarakat Adat” karangan Rameli Agam (Galura, 2008) jadi pinunjul katilu.

 

Bandung, Oktober 2009

Juri Hadiah Sastra LBSS taun 2008

 

Abdullah Mustappa

Téddy A.N. Muhtadin

Hawé Setiawan