Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 |


Dina jero sataun, karya sajak kawilang euyeub. Réréana ditulis ku panyajak entragan anyar. Reugreug nilik kitu mah. Aya régenerasi. Demi panyajak entragan heubeulna kapapay baé aya Ano Karsana, Dédy Windyagiri, Usép Romli HM, Yous Hamdan, jeung Nano S.

 

Pasualan nu langsung katangén dina karya sajak ti entragan anyar bet nyampak lebah ngasongkeun téma nu karasa tacan néros parat tepi kana sungapan idé nu pangjerona. Téma nu diasongkeun bangun nu katalikung dina pasualan hirup nu mindeng kapanggih dina hirup kumbuh sapopoé tur nu nalembrak baé; bangun tacan hayang neuleuman pasualan hirup leuwih nyosok bari ditilik tina point of view (cara nyawang) nu nenggang tur béda ti nu séjén sarta ngagelarkeun perspéktif nu anyar. Balukarna, sajak nu dipidangkeunana ukur semet jadi sajak nu biasa baé, nu henteu katémbong ayana tarékah ti panyajak pikeun ngali, ngungkab, ngaludang, tuluy diébréh­keun dina racikan ungkara nu matak ngirut.

 

Pasualan diksi deuih nu bangun kumareumbing téh. Mindeng kapanggih kekecapan ti panyajak kabéhdieuna­keun nu kapaksa ngunjal kecap atawa struktur ngindonési­an tina teu wanoh kana kecap nu nyampak dina basa Sunda. Sakadar conto frase ‘tinggal ngaran’ karasa pisan meunang ngunjal tina ‘tinggal nama’ dina basa Indonésia, padahal bakal karasa leuwih nyunda upama maké frase ‘kari ngaran’. Atawa sok aya nu pahili kénéh ngalarapkeun kecap ‘pasir’ dina basa Sunda jeung kecap ‘pasir’ dina basa Indonésia.

 

Ari kahéngkér nu kabaca boh di panyajak entragan heubeul jeung panyajak entragan anyar nyaéta kateusadar lebah ngotrétkeun kekecapan atawa ungkara anu abstrak, nu hésé dicukcruk naha naon galeuh-galeuh idé nu rék ditembrakkeunana. Tepi ka éta ungkara téh henteu tétés kana naon nu rék ditepikeunana, sarta henteu méré harti nu jinek; cara nu kapanggih dina frase atawa ungkara samodél ‘kekebul kahariwang’, ‘tina langit jiwa’, ‘impleng­an nu jadi udagan’, ‘pencrongna nyeuneu tohaga’, ‘ngawujudkeun katingtriman’, jeung réa-réa deui. Temahna, ungkara abstrak modél bieu kana sajakna henteu matak seseg jeung weweg.

 

Lebah ngasongkeun téma mah, enya aya tarékah ti panyajak nu ngasongkeun mangpirang téma. Éta téma dipidangkeun dina gaya jeung bungkus nu béda-béda; aya nu maké gaya dékonstruktif, semiotik, atawa aya nu mungkus téma ku dialog jeung barang-barang meunang ngunjalan tina pakakas éléktronik nu kiwari keur pada maké kayaning kecap ‘komputer’. Ngan baé cara nembrak­keun­ana tacan ngalemah pisan dina galeuh-galeuh nu nyunda.

 

Anu kayungyun mah lebah maca sajak ti panyajak en­tragan anyar, bet patinggoréhél ‘gaya’ nu sok mindeng kapanggih dina puisi klasik. Indikatorna mah di antarana duméh ayana répetisi cara nu mindeng kapanggih dina pola sisindiran. Papadaning kitu, éta gaya klasik téh dipasieup deui ku téhnik lebah nempatkeun varian tina répetisi téa. Atuh répetisi téh karasana jadi éndah. Kitu pisan nu kabaca dina sajak “Nu Lumampah ti Peuting” karya Toni Lesmana, dimuat dina Manglé nomer 2164.

 

Dina sajakna, Toni geus mampuh ngébréhkeun ma’na hirup nu teu weléh dieunteupan ku angen-angen nu diwakilan ku ‘pangreureuhan’ nu tangtu baé mangrupa tempat nu tengtrem-tingtrim. Hanjakalna, dina éta lalampahan hirupna, bet teu weléh manggih gogoda jeung pasualan. Frase ‘damar sakarat’, bisa disurahan kamampuh atawa poténsi nu aya dina diri ‘aku lirik’, nu saban waktu terus ngurangan. Antukna lalampahan hirup téh bangun nu kalémpohan, bet padahal jauh kénéh ka nu dijugjug.

 

Sajak ‘Nu Lumampah ti Peuting’ saeutikna geus muka­keun kaéling kana lalakon hirup manusa di alam dunya, nu teu weléh manggih pasualan. Tapi éta pasualan téh tangtu baé bakal manggih ‘solusi’ dumasar kana karep jeung tarékah ti pribadina. Dumasar kana pertimbangan éta, diwuwuh ku diksi nu patri, sajak ‘Nu Lumampah ti Peuting’ karya Toni Lesmana, ditetepkeun jadi pinilih kahiji.

 

Sajak nu kapilih jadi pinilih kadua ragragna kana sajak “Burit Beuki Reupreupan” karya Yous Hamdan nu dimuat dina majalah Cupumanik bulan April 2008. Dina sajakna, Yous geus mampuh miara wewegna suasana keueung jeung kingkin ngaliwatan pilihan kecapna. Susunan kecap nu di­racik jadi ungkara téh, teu wudu méré wirahma halon luyu jeung suasanana. Ku kitu téh, muatan ngeunaan pati nu di­ébréhkeun ku panyajak, tepina bangun nu neumbrag pisan.

 

Dina palataran puisi Sunda mah, Yous Hamdan téh kaasup kana panyajak entragan heubeul. Dina karya-karyana kabaca pisan mun ieu panyajak téh mampuh tur sadar lebah kumaha miara sajak nu nguniangkeun daya éstétis anu pohara luhur ajénna, sakumaha nu kabaca dina ‘Burit Beuki Reupreupan’. Najan enya ukur maké kekecap­an nu basajan tur ilahar dina hirup kumbuh sapopoé, tapi sanggeus diracik ku Yous mah, éta kekecapan nu ‘biasa’ téh teu wudu mibanda ajén nu kacida ngeusina tur hirup.

 

Pinilih katilu ragragna kana sajak Rizal Sabda nu nulis sajak “Bulan Masih nu Baheula”, dimuat dina Manglé nomer 2196. Teu béda jeung Toni katut Yous, dina sajakna Rizal gé geus mampuh miara suasana lirih ngaliwatan kekecap­an, nada, katut wirahma nu dipilihna. Sawangan panyajak kana ésénsi hirup nu rumpil tur ngembat panjang éstuning natrat dina frase atawa ungkara samodél ‘/lalampahan geus natrat/kajeueung di péngkolan//’. Éta lalampahan nu ngembat panjang téh horéng teu sagemblengna kaungkulan ku jengléngan diri pribadi nu teu weléh kaeunteupan kateudaya, cara nu kaungkab tina ungkara ‘/nyaangan léngkah gejed urang/ nu ngandelkeun gandeuang basajan//’. Ti dinya si ‘aku lirik’ misadar yén lalampahan nu kungsi disorangna téh horéng jauh kénéh pisan geusan tepi kana ‘wanci nu mustari’. Éta mah sidik lalakon lalampahan manusa nu kemelendang di ieu alam pawenangan.

 

Sakali deui, ku renungna panyajak entragan anyar tangtu baé kudu dibagéakeun kalawan kabungahan. Manakomo upama lebah ngotrétkeun sajak-sajakna, panyajak téh bari jeung dieunteupan ku kasadar lebah ngadongkangan gaya nu anyar tur orsinil bari henteu ninggalkeun galeuh-galeuh Sundana.

 

Bandung, Oktober 2009

Juri Hadiah Sastra LBSS taun 2008

Étti RS

Dian Héndrayana

Godi Suwarna