Arsip: Di Belakang Layar
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 | 1 Komentar »
Mimitina mah rada asa-asa rék ngarévisi naskah téh, sabab anu nulisna Shinta Rianasari, leuwih senior batan kuring. Lintang ti éta, Shinta mah geus pangalaman nyieun sababaraha judul sinétron, ari kuring tacan hiji-hiji acan. Tapi Amrin Lubis tuluy nyumangetan kuring sangkan buru-buru nganggeuskeun revisi. Amrin Lubis téh salakina salahsahiji sutradara anu geus weruh pangalamanana. Kungsi nyutradaraan puluhan judul sinétron. Antukna mah der baé kuring ngarévisi skenario “Demi Sahabat” jeung “Pendékar Cilik”, malah dirombak jalan caritana ogé sangkan leuwih ramé dumasar kana imajinasi kuring.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 | Tak ada komentar »
“Urang kudu jarah ka makam Éyang Masinah di Cimulu…” kitu saur Abah Rukanda. Lantaran naséhat ti hiji sepuh, nya ahirna mah kuring ogé nurut. Isukna, dibarengan ku Abah Rukanda, sawatara kru jarah ka makam. Perkara waragad unak-anikna mah mémang geus diajangkeun. Kuring bisa ngaluarkeun waragad satungtung pikeun kalancaran shooting. Tapi lain hartina bisa samemena, da kudu puguh laporanana. Pokona mah unggal ngaluarkeun duit ogé, kudu aya bon, keur ngalengkepan laporan ka pimpro. Puguh baé tara pati ilahar di pilemburan aya warung anu nyadiakeun bon. Solusina, kuring anu nyadiakeun bon, kalayan ménta tanda tangan ka tukang warung, upama mangsana balanja.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 | Tak ada komentar »
Keur kitu, Anita ujug-ujug ngajerit harus naker. Terus gogoréntélan dina jukut. Sorot panonna ngadadak seukeut. Basa ku baturna direjengan, méh baé henteu katanagaan. Puguh baé Anita anu kasurupan téh matak geunjleung urang dinya. Ku nu séjénna nyobaan diubaran, nu babacaan, nu nyeuceuh ku cai, tug nepi ka anu ékspérimén réiki. Tacan ogé Anita cageur, aya deui nu kasurupan téh, nyaéta Ajat, anu kapeto jadi séksi properti. Terus ngomong sada sora aki-aki, padahal umur Ajat téh tacan manjing 20 taun.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 | 1 Komentar »
Shooting “Tiga Pendékar” bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Mémang aya baé ari kakurangan jeung kariweuhan mah. Kabeneran sutradarana, Faisal Dalimunthe, rada babarian ambek ka kuring mah. Teu kaop pamaén telat, teu kaur konsumsi telat, teu kaur jemputan telat, pasti sok langsung nyarékan. Ari dicarékan ku sutradara, tara kapalang, sok ditutunjuk hareupeun jalma réa, disaksian ku kru jeung masarakat anu ngalalajoanan prosés shooting. Tangtu baé éra paradana mah. Cacak lamun teu bisa ngadalikeun hawa napsu mah, geus matak kajadian galungan. Mangkaning loba di antara kru anu sok mapanas, nitah ngalawan. Enya, ari ngagugu hawa napsu mah mani hayang ngerekeb. Tapi lamun kuring ngalakukeun hal anu siga kitu, otomatis léngkah téh bakal kandeg. Sabab, di dunya sinétron, jig ka ditu, jig ka dieu ogé, jelema téh ampir éta-éta kénéh. Sakali nyieun codéka, dijamin bakal ‘kakoncara’.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 | 1 Komentar »
Saprak LS. Mustika Sari diadegkeun bulan Januari 1993, mémang bakat Si Géboy geus katingali kalawan atra. Lain pédah ngaranana anu kabeneran babari diinget-inget, tapi dirojong ku pangabisana. Cacih Ratnasari geus ngawariskeun sarupaning élmuning manggung ka Si Geboy. Malah kaasup anggota nu séjén ogé geus dibekelan ku pangabisa, luyu jeung pancénna séwang-séwangan.
Nepi ka taun 2001, Géboy Grup geus manggung leuwih ti genep ratus kali. Malah lain baé di wewengkon Priangan, da cenah mah Si Géboy ogé kungsi diangkir ka wewengkon Bogor, Tanggerang, Jakarta, jeung sajabana. Wanda pintonanana henteu katalimbeng ku jaipong wungkul, tapi aya kalana sok ngagelar kasenian réog jeung calung. Kungsi ogé ngeusian acara di TVRI Bandung dina wanda kasenian longsér.
Sanggeus ngawangkong ngalér-ngidul, tur mikawanoh profil Géboy Grup, kuring amitan. Pangpangna mah sieun kaburitan, bisi kantor BKSD kaburu tutup. Méh baé poho, apan kuring téh keur meujeuhna mancén di ESA Production.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 | Tak ada komentar »
Kakara sababaraha poé ogé, kuring geus dalit jeung urang pilemburan di sabudeureun Karembi. Malah nyéwa imah ogé ngahaja di Leuwiliang jeung di Sindangwangi. Anu masih kénéh nganteng dina ingetan, nyaéta imah anu diséwa di Leuwiliang. Babarayaan jeung anu bogana manjang nepi ka kiwari.
Ku ayana geus ngarasa dalit jeung urang pilemburan, kuring ngarasa henteu penting pikeun nguruskeun Simaksi ka BKSDA Ciamis, der baé shooting dimimitian. Hanjakal, kakara sababaraha poé, aya patugas ti BKSDA anu ngontrol. Puguh baé reuwas kareureuhnakeun.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 07-04-2008 | 1 Komentar »
Aya nu matak kataji di wewengkon Gunung Kareumbi téh. Éta patempatan minangka tapel wates tilu kabupatén; kabupatén Sumedang, kabupatén Bandung jeung kabupatén Garut, sarta diwatesanan ku walungan Citarik anu meulah éta wewengkon. Aki Sahir, salasahiji sesepuh di dinya anu umurna geus nincak dalapan puluh taun, boga carita ngeunaan gunung Kareumbi. Malah, Aki Sahir mah ngahaja nyieun guguritan dina pupuh kinanti pikeun ngagambarkeun ieu tempat teh: Citarik reujeung Cimulu/ Nu dianggo batas nagri/ Garut Bandung jeung Sumedang/ watesna tilu ngahiji/ dina cai ngamuara/ ka hilir ngajadi hiji. Kitu cenah, di antara guguritanana téh.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 07-04-2008 | Tak ada komentar »
Bras kana néangan lokasi. Teu gampang néangan lokasi anu merenah tur cocok jeung kahayang sutradara. Kuring kudu apruk-aprukan ka Pangandaran jeung sawatara tempat séjénna. Jauh-jauh panjang gagang, da teu aya lokasi anu merenah. Ringkesna, anu kapaké téh taya lian wewengkon Curug Cinulang jeung Gunung Kareumbi, Cicaléngka. Kuring kudu ménta idin ka aparat satempat, kaasup sosialisasi jeung masarakat, sangkan henteu aya gangguan nanaon. Lain baé nepungan lurah Sindangwangi, tapi wawanohan jeung sawatara pamuda di sabudeureun Curug Cinulang. Di lapangan, kalancaran shooting gumantung pisan ka unit. Lamun unit kurang pinter ngalobi aparat jeung masarakat, dijamin bakal diusir ku masyarakat.
Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 06-04-2008 | 2 Komentar »
Kasebutna laha-loho ka tempat anu tacan kungsi disaba bari teu warawuh, tangtuna ogé mimitina mah rada mandeg-mayong rék asup ka kantor ÉSA, anu alamatna di Komplék Nuansa Mas, Jln. Nuansa Sari, B.12, Cipamokolan, Bandung. Tapi kagok asong, nékad baé nepungan Ir. Meidi Eriyanto (Érik), anu harita kapeto jadi Pimpinan Produksi sakaligus Produser Pelaksana. Saterusna, kuring langsung baé ngedalkeun pamaksudan pikeun ngalamar pagawéan anu patali jeung produksi sinétron. Ngalamar anu dimaksud téh, lain hartina ngasongkeun map anu eusina ijazah, surat kelakuan baik, jeung sajabana. Éstuning, teu mekel nanaon, ukur ku modal nyarita. Malah apan harita téh kira wanci sareureuh kolot.