Statistik

≈ Tulisan: 1701 tulisan
≈ Kategori: 32 kategori
≈ Komentar: 12087 komentar
≈ Hit: 2.110.756 kali

Kingkilaban

Katumbiri

Taman Sekar

Arsip: Info

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | Tak ada komentar »

“Ciricit Beurit” karangan Toni Lesmana, minangka karangan anu pangunggulna di antara karya-karya taun 2006 nu kabaca ka déwan juri. Pangarang tapis lebah ngolah téma, soal panén nu gagal alatan diruksak ku sakadang beurit, boh paré boh kalapa. Katingal pangarang lir nu deukeut jeung kahirupan panyawah. Lebah konflik batin antara tokoh Mang Mahdi, Sardiat, para panyawah jeung kuwu éstu ngagentak tapi karasa rasionalna. Ieu téh lantaran pangarang bisa ngébréhkeun watek-watek tokoh jeung suasana batinna. Alur carita “Ciricit Beurit” kaasup pepel, karasa ti alinéa bubuka nepi ka alinéa pamungkas téh euweh nu mubadir, éstu matak pogot. Lebah ngolah basa Sunda deuih punjulna pangarang Ciricit Beurit teh.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 09-11-2009 | 1 Komentar »

  1. Juara 1: “Sadrah”, karya Nazaruddin Azhar
  2. Juara 2: “Kembang Gadung”, Karya Dhipa Galuh Purba
  3. Juara 3: “Génjlong Karaton”, karya Dian Héndrayana
  4. Juara Harepan 1: “Cukang”, karya Dadan Sutisna
  5. Juara Harepan 2: “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”, karya Toni Lesmana

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 09-11-2009 | 2 Komentar »

Unit kegiatan “Mahasiswa Kesenian Jawa” Universitas Diponegoro, akan menggelar serangkaian acara yang mengangkat kesenian asli Semarang, bertajuk “Titiwanci Gambang Semarang”.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 | Tak ada komentar »

Mémang réa kénéh kahéngkérna sakumaha nu katém­bong sajeroning macaan éséy nu maridang dina koran jeung majalah Sunda salila taun 2008. Saperkara, jejer karangan umumna ngulibek di sabudereun masalah basa, sastra jeung seni. Pangarang nu geus hasil némbongkeun karancagé ngamekarkeun jejer karangan ku jalan ngabahas, upamana, masalah ékonomi, téhnologi, jsté., karék hiji dua. Kadua perkara, carana ngabahas hiji perka­ra dina éséy umumna tacan nepi ka nyosok jero. Réa kénéh éséy nu sasatna mawakeun jejer ukur sahinasna baé. Katilu­na, sawatara pangarang katémbongna masih kénéh leuwih resep ngaheueuhan batur batan nembrakkeun pamanggih sorangan.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 | Tak ada komentar »

Ari kahéngkér nu kabaca boh di panyajak entragan heubeul jeung panyajak entragan anyar nyaéta kateusadar lebah ngotrétkeun kekecapan atawa ungkara anu abstrak, nu hésé dicukcruk naha naon galeuh-galeuh idé nu rék ditembrakkeunana. Tepi ka éta ungkara téh henteu tétés kana naon nu rék ditepikeunana, sarta henteu méré harti nu jinek; cara nu kapanggih dina frase atawa ungkara samodél ‘kekebul kahariwang’, ‘tina langit jiwa’, ‘impleng­an nu jadi udagan’, ‘pencrongna nyeuneu tohaga’, ‘ngawujudkeun katingtriman’, jeung réa-réa deui. Temahna, ungkara abstrak modél bieu kana sajakna henteu matak seseg jeung weweg.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 29-10-2009 | Tak ada komentar »

Holisoh MÉ, pangarang nu ti taun 1970-an produktif nulis carpon, remen pisan midangkeun carita di pilembur­an dina karya-karyana. Kahirupan di pilemburan, tangtu­na gé moal nepi ka bari dijieun téma, mun pangarang bisa mapantesna, nepi ka déskripsi pilemburan téh lain ukur papaés, tapi gumulung jeung eusi carita. Dina carpon-carponna, katémbong Holisoh wawuh pisan kana kaayaan di pilemburan, kana paripolah urang lembur, kana ling­kung­an­ana. Éta téh tangtuna penting pisan dina carita-carita réalis mah, yén pangarang bener-bener weruh kana jejer nu keur dicaritakeun dina tulisanana.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 17-10-2009 | Tak ada komentar »

Bagaimana atau seperti apa sebenarnya méntalitas para penguasa kalangan élite? Jawabannya ada di cerita “Haréwos Goib” karya Yoseph Iskandar. Téater Sunda Kiwari akan menggelar sebuah sandiwara rakyat berjudul “Harewos Goib”, di Gedung Kesenian Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang No. 1, Kosambi, Bandung. Pagelaran ini didukung oleh para aktor dari Téater Sunda Kiwari dengan disutradarai oleh R. Dadi P. Danusubrata.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 05-10-2009 | 1 Komentar »

Téater Tambang Cicaléngka, Bandung bakal ngagelar pintonan drama Sunda anu judulna “Badog”, karya Dhipa Galuh Purba. Ieu pagelaran baris lumangsung tanggal 18 Oktober 2009, di Gedong Pertemuan Rakyat Siliwangi, Cicaléngka, Kabupatén Bandung. Nurutkeun rarancangna, ieu pagelaran téh bakal lumangsung tilu kali, jam 09-11 WIB, jam 13-15 WIB, jeung jam 16-18 WIB.

Kategori: Info | Diterbitkan pada: 09-08-2009 | Tak ada komentar »

Pada hari Selasa, 11 Agustus 2009, pukul 15.00 s.d. 18.00 WIB, Waru Band akan mengadakan konser di area Pameran Buku Bandung 2009, Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129, Bandung. Pementasan Waru Band ini merupakan wujud kepedulian Waru Band terhadap dunia perbukuan. Pementasan Waru Band di Pameran Buku Bandung 2009 terbuka untuk umum dan tidak dipungut karcis.***

Pencarian


InstaForex