Statistik

≈ Tulisan: 1701 tulisan
≈ Kategori: 32 kategori
≈ Komentar: 12062 komentar
≈ Hit: 2.104.870 kali

Kingkilaban

Katumbiri

Taman Sekar

Arsip: Artikel Sunda

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 28-12-2011 | 1 Komentar »

Kongrés Pamuda Sunda I nu diayakeun ti tanggal 5, 6, jeung 7 Novémber di Bandung, mroklamasikeun:

1. Yén istilah Jawa Barat diganti ku Sunda, sarta minangka konsékuénsina istilah Jawa Tengah diganti ku Jawa Barat, sarta ngaran Pulo Jawa jadi Nusa Selatan luyu jeung conto ti pamaréntah anu geus ngarobah istilah Sunda Kecil jadi Nusa Tenggara.
2. Yén Ki Tapa, Déwi Sartika, jeung Oto Iskandar di Nata minangka Pahlawan Nasional.
3. Yén Déwi Sartika jeung Oto Iskandar di Nata kudu dipiéling ku urang Sunda saban taun minangka ibu jeung bapa Sunda.
4. Yén Gajah Mada téh lain pahlawan nasional, malah sabalikna Gajah mada téh penjajah nu geus nimbulkeun perpecahan di antara suku-suku bangsa, ku sabab éta mitos nu patali jeung éta kudu diancurkeun.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 19-05-2011 | 3 Komentar »

Catetan DHIPA GALUH PURBA

Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 | 2 Komentar »

Catetan DHIPA GALUH PURBA

Perelu dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal, dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé. Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 | 4 Komentar »

Catetan DHIPA GALUH PURBA

Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé. Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 | 4 Komentar »

Catetan DHIPA GALUH PURBA

Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 | Tak ada komentar »

Catetan DHIPA GALUH PURBA

MEDALNA buku Laras Pada Karawitan Sunda anu ditulis ku Mariko Sasaki kalintang matak ngajenghok. Lain pédah eusi bukuna anu nembrakeun pamanggih anyar pikareueuseun, tapi ieu mah sabalikna pisan. Pikiran jeung sawangan Mariko nu kacida nyapirakeun laras “Da Mi Na TI La”, mangrupa hiji pasualan anu puguh baé henteu bisa diantep. Komo deui dina bukuna, Mariko nyieun kacindekan yén téori Radén Machyar Kusumadinata téh bisa disebut kaliru tur aya hadena henteu diajarkeun di lingkungan sakola. Anu leuwih ngaranjug, buku karangan Mariko téh dipedalkeun ku Pusat Penelitian dan Pengembangan Seni Tradisional Universitas Pendidikan Indonesia (P4ST UPI), anu kanyataanna di UPI sorangan ogé apan neuleuman kawih jeung waditra Sunda téh ngagunakeun “DA Mi Na Ti La” nepi ka kiwari.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 3 Komentar »

Éséy RAMELI AGAM

Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 1 Komentar »

Éséy Asép Budi Setiawan

Nurutkeun data awal, di Kuningan aya sababaraha désa di Kacamatan Garawangi (ayeuna geus dimekarkeun jadi Kacamatan Sindangagung), loba warga nu usaha kana bubur kacang. Sanajan, dina emprona mah, dipasieup ogé ku rupa-rupa kadaharan jeung inuman sejen kayaning mie instan, kopi sachét, susu sachét, inuman berkarbonasi, inuman berserat, sari buah, inuman suplemén, inuman penyegar, susu, jeung roko. Néng Anna Mariana, minangka pupuhu tim investigasi, nétélakeun yén ampir di unggal jurukota, jlugjleg—najan henteu permanén ogé—ku warung burjo.

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 1 Komentar »

Éséy Mang Jamal

Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakonan kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, lian ti kudu mikiran kaperluan hirup di dunya téh kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel jaga di ahérat deuih. Urang gé kudu sagala bisa atawa mahér dina rupaning widang, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu kudu kacekel sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijieun conto hirup kawas kumaha nu kudu dilakonan téh. Sipatna tindakan atawa kalakuan.

Pencarian


InstaForex