Arsip: Saémbara Carpon
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-06-2008 | Tak ada komentar »
Ayeuna kuring geus dilembur mawa beregegeh mamerkeun hape.
Dilemur tea ari aya nubalik ti dayeuh teh sok pada
mencrong. Kitu deui kuring. Puguh meni we asa jadi artis
nu pang tenarna nu pada ngagosipkeun ku penggemarna.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 20-06-2008 | 6 Komentar »
Bet bruh-bréh dina ingetan masyarakat kajadian tilu bulan ka tukang. Bupati Oman naék daun jadi sabiwir hiji, padah ngomongkeun diunggal tempat, jadi jejer utama média cetak jeung éléktronik, nu rétingna ngajaul ka langit. Tapi, pikeun masyarakat Babakan mah ku ngadéngé jeung lalajona éta béwara téh, matak bareureum beungeut, lantaran nu disiarkeunna téh lain jasana ka masyarakat, tapi kasus korupsina, malah réngkolna duit téh nepi ka miliyaran rupiah. Atuh ti harita, mahasiswa jeung masyarakat raéng démo, sangkan Bupati Oman turun tina jabatanna. Mimitina mah Bupati Oman keukeuh embung turun, najan ti ditu ti dieu ngeundeuk-ngeundeuk. Saha jalmana nu embung jadi bupati? Keur kaayaan korsi kakuasaan oyag jeung geruh, Bupati Oman nyieun kawijakan, sangkan masyarakat dibagi duit sacara langsung ogé mahasiswa dibéré béasiswa. Lain gé mahasiswa, mun daék kaolo gara-gara dibéré duit mah, répéh ceurikna gara-gara dibéré permén, budak olo lého nu kitu mah. Apan ku mahasiswa mah tong boboraah bupati, persidén gé bisa turun.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-05-2008 | Tak ada komentar »
Sanggeus bérés, naskah téh dibaca deui ti awal. Gemet pisan jeung bubuk leutikna. Ngan bada tamat, bet asa goréng. Teu saluyu jeung nu dicicipta dina pikiran. Heueuh, ieu mah taya bédana jeung carita ditéktif séjén. Serieus teuing, euweuh unsur humorna.
Tangtuna gé jadi kieu téh gara-gara tokoh pangacarana kudu ganti. Da lamun angger ku Pangacara Otong mah, dijamin matak pogot. Kapan dina sidang panungtung gé bakal dicaritakeun; Pangacara Otong ngajeprut, ngorondang dina méja hakim bari embé-embéan.
Ukur bisa gegejrét. Keuheul nataku. Jeprét wéh komputer dipareuman. Tuluy meubeutkeun manéh kana kasur.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-05-2008 | Tak ada komentar »
Trét sakabéh nu dicarioskeun ku anjeunna téh ditulis, diusahakeun euweuh nu kaliwat. Kamari-kamari gé di kantor rédaksi kungsi geunjleung pédah kasalahan rédaksi napelkeun poto inohong. Kuduna nu napel dina kolom téh inohong sajarah, da nu dibahas dina artikelna téh inohong sajarah. Tapi tayohna rédaksi teu apaleun, néangan potrétna dina google, bréh témbong nu sarua ngaranna, nya ditapelkeun. Ari pék nyalahan, da nu napel téh lain inohong sajarah, tapi…artis sinétron. Atuh budayawan nu nulis artikel téh beureum beungeut. Ku geunjleung-geunjleungna rédaktur harita, nepi ka aya surat pembaca ti budayawan sénior Bah Ihung nu murang-maring kana tulisan nu salah téa, pajar cenah wartawan nu teu apal potrét tokoh sajarah téh sarua jeung nu maling hayam di lembur batur alias nyieun kasalahan nu teu perlu. Tah, alatan sieun kajadian deui, nya alat tulis, alat rékam, kumplit jeung kaméra téh diberengkes ti barang indit, piparantieun.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 29-05-2008 | Tak ada komentar »
Sakedapan simpé. Si Butak ngusapan sirahna, anu beuki carang ku buuk. Ras manéhna inget kana kajadian sawatara taun katukang. Sanggeusna salasahiji instalasi ngabeledug, manéhna disilibkeun ka handapeun kota. Pohara nyeri haténa, asa dianggap runtah. Asa dianggap sasalad masarakat. Padahal manéhna baheula anu milu tihothat ngawangun kota. Manéhna pisan nu milu dug hulu pet nyawa ngawangun instalasi. Ti mimiti ngadegkeun tug nepi ka ngurusna.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 29-05-2008 | 1 Komentar »
Tapi, édas! Ari calana jero nu leungit mah angger teu eureun. Sigana mah diala balangahna. Meléng saeutik, kudu wéh aya hiji nu leungit. Matuh deuih, mun teu nu si Mia, pasti nu si Eni atawa nu si Nita. Piligenti antara nu tiluan éta. Si Mia mah nepi ka kudu ngahagalkeun balanja deui. Geus méh purutul tayohna mah. Antukna beuki keuheul. Tapi teu bisa kukumaha.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | Tak ada komentar »
“Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Lailaha Illalah hu Allah hu Akbar, Allahu Akbar wa Lillahilhamdu!” sora takbir beuki raéng, silih tébal ti masigit ka masigit. Sora bedug beuki handaruan ngageterkeun puseur sukma. Beuki mongkléng titingalian téh, ukur bisa ngalempréh kawas nu geus nyorang tanjakan nu netek jeung rumpil. Jeung raga asa roroésan dina jurang nu longkéwang. Teu karasa cimata téh ngaléméréh mapayan sela-sela pipi. Hawa peuting beuki langgeng ngégélan kulit jeung iga. Di dieu sagala lalakon hirup téh anggeusna. Di dieu sagala harepan nungtutan sirna dicébor kacidra jeung rumasa.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 20-05-2008 | 1 Komentar »
Lalaki nu duaan mesen kopi. Nu awewe mesen jus alpuket. Di sela-sela obrolanana, nu awewe mah kalah remen maling teuteup ka kuring. Suasana nu kaku, teu nyaman cek kuring mah. Kuring cengkat, tuluy babayar ka tukang warung. Geus beres, kari ngaleos hp disada… SMS: “Halo Hari, apa kabar?”
Sanggeus maca SMS, kuring ngareret ka si awewe. Manehna katingal neundeun hp dina meja, tuluy imut ka kuring. SMS teh jelas ti manehna.
Rek ngaleos teu tulus. Kuring diuk deui, tuluy nyeungeut roko. SMS dibales: “Cageur saya mah, teu siga didinya!”
Ku kuring dipelong sabot manehna maca SMS, paromanna robah, jadi bendu.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 13-05-2008 | Tak ada komentar »
Kuring seuri leutik sanggeus maca surat eta, kacipta tuda. Menta tugas ka Pa
Jaka mah sarua we jeung neangan pipaeheun. Komo mun seug manehna nyahoeun mah
kana kasus Nani, wah matak cilaka kurang-kurangna kuat mental mah. Loba
mahasiswa kajeun ngalontrak deui tibatan menta tugas ka Pa Jaka. Killer Man
disebutna oge ku barudak mah.