Arsip: Saémbara Carpon
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 17-04-2008 | Tak ada komentar »
Asa teu karasa sabulan saacana, kuring ge karek balik ti Aceh nu dua tilu poe saacana keuna musiban tsunami. Nya harita mah, sagala darurat. Kantor kuring biro Aceh beak dilegleg ombak tsunami. Babaturan nu pituin urang ditu ge aya nu jadi korban. Kusabab, kondisina darurat nya harita pas poe-poe awal musibah, saminggu sakali gantian jeung babaturan tugas di Aceh teh.”Lila teuing mah bisa kabawa stress,” ceuk kantor. Teu stress kumaha, unggal poe ninggali pamandangan nu matak muringkak bulu punduk. Bau layon di mana-mana. Mayit tingsalengkrah nunggan dipulung. Bangunan naon wae luluh, siga kapas kaibunan. Salila tugas, dahar ge saaya-aya. Paling ge ngeusian beuteung ku mie instan. Sakapeung mun kabeneran ka posko bantuan, sok aya kabeneran nasi goreng kalengan.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 17-04-2008 | Tak ada komentar »
Halimun nutupan biwir gunung. Sakapeung sok ngeleyed ingkah, siga kapas katiup angin. Karasa siga ngagupay. Leuweung di gigir jurang, rehe combrek. Sarupaning tatangkalan ngadon geuneuk matak keueung, Kuring ngancingkeun risleting jaket, ngusir katiris nu nyecep kana sungsum. Baju karasa jibrug. Sapatu karasa belok nincak leutak, nu karak kabanjur hujan. Rada ngagibrig awak katirisan, tapi dikuat-kuatkeun.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-03-2008 | 2 Komentar »
Peuting katilu tina wates waktu Jang Kandi ngalamun dina poekna kamar sare, ngahaja manehna mareuman sakabeh lampu kamarna, ku sabab manehna teh hayang nyorangan jeung teu wasa nahan deui cimata ngarah teu katinggali ku kolotna meureun. Dina handapeun simut manehna ceurik ngagukguk, cimata teu bisa dibendung deui lir ibarat kamalir, lir ibarat cai nu ngagolontor dina pancuran keclakna cimata teh teu bisa ditahan deui.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-03-2008 | 2 Komentar »
Email Suyud beuki mindeng asup kana mail box kuring, sapoé aya kana 3-4 kali, malah kungsi nepi ka 6 kali. Rupa-rupa eusina tapi lolobana mah sajak cinta. Kuring sok nanya ka diri sorangan ieu téh bener atawa kuring ngan saukur Gedé Rasa (GR) wungkul? Kusabab cangcaya, kuring sok ngecék sakali deui aya heuteuna di internet. Haté kuring bungah pisan mun sajak-sajak nu dikirimkeun ka kuring euweuh dina internet, hartina éta sajak hususon keur kuring jeung lain bobodoan.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | 1 Komentar »
Samantasna mandi, gura-giru kuring nyokot kertas. Getret nulis, sakolepat tadi asa ka ilhaman ku judul eta lagu, rek dijieun carita. Karak oge satengahna nu aya dina uteuk teh ditulis na kertas. Na ari celengkeung teh tiluar aya budak nu rek meuli Basreng. Kuring gegeroan ka pamajikan teu ngajawab, da puguh keur gogorengan didapur. Najan holoream oge kuring kapaksa ngojengkang ngaladangan eta budak, na ari gorehel, teu sapira, budak teh meulina ngan lima ratus perakeun. Uuh ieumah geus aya deui bae gangguan teh. Gek deui kuring diuk nyinghareupan meja. Carita nu rek ditulis tadi lebeng poho deui.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »
Meungpeung budak tibra sare, aya kasempetan pikeun ngaso. Cetrek, tip (Tape) the disetel deui. Ngong sora na pita kadenge ngahaleuang, asa ngeunah euweuh nungagangu pamajikan keur indit kapasar ieuh. Kalayang pikiran kumalayang. Kop kana tulisan rek dituluykeun karak oge rek ngamimitian, ti luareun imah geus aya nungagegero deui sora awewe nu rek ngadon meuli lotek. Lamun kongang mah ieu pulpen geus dibaledogkeun boa, kesel-kesel oge kapaksa kuring nyampeurkeun manehna.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »
Saencana Sholat Subuh Mama ewok geus mendekong sila bari nyenyekel tasbeh, mujasmedi ngadu’a kanu Maha Kawasa menta pitulung sangkan manehna salamet tina kawiwirangan. Dina waktuna mere khutbah, Mama Ewok cengkat bangun anu beurat, mata semu bintit da kurang mondok, gap Kitab anu baheula nang maok ti pasantren ku manehna dibuka…luk tungkul nempo Kitab, teu wani nempo ka hareup, jerit hate leutikna jumerit ka Gusti Anu Maha Suci…”Duh Gusti Anu Maha Suci…Gusti langkung uninga yen abdi teh saha, yen abdi teh jalmi anu bodo, yen abdi teh jalmi miskin ku elmu, Duh Gusti salametkeun abdi tina kawiwirangan di ieu makom.” gerentes hate Mama Ewok bari tuluy ceurik ngagukguk jiga basa baheula karek nyekel Kitab tina peti.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »
Eta proyek masang trotoar, kapanan saya teh kamamana indit teh tiluan jeung babaturan, sarua babaturan oge sok ngaborong pagawean. Tah kacaritakeun aya nu mere alamat, ceunah mun hayang proyekna gul cobaan tatanya ka ajengan tuh di jalan anu.
Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »
Karya Patandang, Nomor Naskah: 011
Unggal malem Ahad kabeneran kang Wilman sok kabagean ngaronda, heueuh da Kang Wilman mah pagawe negri, jadi ki RW ge ngarti dina ngatur jadwal ronda teh. Anu pagawe negri jeung anu digarawe di luar kota, tugas ngarondana dihijikeun di malem Ahad, ceunah ambeh teu tunduh digawena, da isukna pakanci ieuh.
Aturan […]