Arsip: Sosok
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 | 3 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
SABUAT déwan juri Pasanggiri Rampak Kacapi I nuju padungdengan pikeun mutuskeun anu jadi pinunjul, Euis Komariah naék panggung, pakaulan ti dituna mah. Barang Euis Komariah ngawitan ngahaleuang, méh sakur nu lalajo surak awahing ku ngarasa sugema. Euis Komariah masih dibagéakeun kalayan pinuh kasono ku nu kasenian Sunda. Ti mangsa ka mangsa, Euis […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
MUNGGARAN tepung di wewengkon Haurngombong, Sumedang, caketeun tempat peneropong matahari. “Ngahaja abdi miang ti Garut, hoyong nyobian meneropong matahari…” kitu saurna bari nunjuk ka hiji wangunan, kantor peneropong matahari.
Sebat baé namina Méi, da ari dipanjangkeun mah sakitu ngagebayna apan, Méirida Déwi Safitri. Naha leres, Méi téh ngahajakeun ti Garut kanggo nyobian […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 | 2 Komentar »
Ku M. NANA MUNAJAT
GEUS tradisi dina dunya seni topéng Banjét, sakur bodor awéwé disebut “ijem”, kitu deui tumerapna ka nini-nini urang Gokgik RT 003, RW 01, Desa Lemah Mulya, Kacamatan Majalaya, Kabupatén Karawang, anu leuwih dipikawanoh ngaran panggungna, tinimbang ngaran dirina. Upama aya nu nanyakeun Mih Emas atawa Bi Emas, mun teu dilengkepan sebutan Ijem, […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku ASEP RUKMAN & MARUTA BAYU
KAWITNA mah sepuhna henteu ngawidian, basa Ratna dipercaya pikeun miang ka Malysia téh. Namung sabada Ratna ngécéskeun sagala rupina, ahirna mah sepuhna ngawidian. Nya, Ratna miang ka Malaysia salami kirang langkung tilu sasih, atanapi saratus dintenan. Naon atuh nu ngajurung Ratna ngalanglang Nagri Jiran téh? Asép Rukman, wartawan SB, nepangan […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku MARUTA BAYU
PATEPUNG di lokasi shooting Cinta SMU, di wewengkon statsion kareta api Jakarta. Éggy Sétta harita keur paciweuh tatahar shooting, rék merankeun jalma barandalan nu ngageugeuh statsion karéta api. Paciweuh téh tara-tara ti sasarina, da puguh logatna kudu nyunda. Mangkaning Éggy mah apan aslina ogé ti Surabaya. Apal sotéh kana logat Batawi, da puguh […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku M. NANA MUNAJAT
DI ANTARA sindén nu kungsi béntang manggung, makalangan méh saentragan jeung Titim Fatimah, taya lian Iyar Wiarsih. Dugi ka kiwari, Iyar masih jumeneng. Sumangetna ogé masih ngagedur, pikeun ngangkat pamor sindén anu jaman kiwari beuki katara leuwih beurat ngayonan tangtangan pajamanan dina arus transformasi jeung globalisasi. Iwal ti parigel nyindén, Iyar ogé […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
IWAL ti ngasongkeun tangtungan nu ngandung pangirut, hiji artis sinétron téh kudu mibanda IQ nu kuat. Lamun henteu kitu mah, tangtuna ogé bakal tinggaleun. Pang kitu, waktu pikeun ngapalkeun naskah skenario téh kawilang werit. Saperti anu mindeng kaalaman ku Liza Chaniago, artis nu geus sakitu lilana makalangan dina dunya ékting. Aya kalana, […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku M. NANA MUNAJAT
Sanaos yuswana tos ngagayuh ka tilupuluh taun, tapi upama Cucu midangkeun kamonésanana dina panggung, kawasna moal éléh ku para rumaja. Brang srog kana panggung ogé, sakur panin nu lalajo bisa tamplok ka anjeunna. Daya pangirutna kaitung kuat, tug dugi ka nganteurkeun dirina pikeun nyangkin pinunjul hiji, Pasanggiri Jaipongan Tingkat Nasional. Kumaha kasangtukang […]
Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 | Tak ada komentar »
Ku MARUTA BAYU
KIRA taun 1997, di lapang Cicaléngka, Kabupatén Bandung, SB tepung jeung hiji penyanyi cilik, anu katelah Yéti Asfita. Puguh baé harita téh Yéti keur mintonkeun kamahéranana dina widang olah sora dina panggung. Harita, Yéti keur manggung jeung grup kasenian Rasépta, pimpinan H. Asép, ti Singaparna, Tasikmalaya. Di antara para penyanyi anu harita […]