Kategori: Info | Diterbitkan pada: 27-01-2010 |
Pikeun anu kasabelas kalina, FÉSTIVAL DRAMA BASA SUNDA bakal digelar deui di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1, Bandung.
Panitia pelaksana Féstival Drama Basa Sunda (FDBS XI), Téater Sunda Kiwari, geus muka pendaftaran pikeun para peserta anu rék tandang dina féstival drama Sunda pangrongkahna sajagat.
Pendaftaran geus dibuka ti mimiti 1 Novémber 2009 nepi ka kiwari, saban poé, jam 09.00 nepi ka 18.00 WIB, di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1, Tlp: (022) 4233562, Bandung. Informasi pendaftaran bisa ngontak Ekky (HP: 085220298987) atawa Encép (081572063063).
Saban calon patandang baris meunang tujuh naskah drama pikeun dipilih salahsahijina tur dipagelarkeun dina FDBS XI. Naskah-naskah pilihan nu baris dipagelarkeun dina FDBS XI nyaéta:
- “Sadrah”, karya Nazaruddin Azhar
- “Kembang Gadung”, Karya Dhipa Galuh Purba
- “Génjlong Karaton”, karya Dian Héndrayana
- “Cukang”, karya Dadan Sutisna
- “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”, karya Toni Lesmana
- “Jaman Dabrul”, karya Arthur S. nalan
- “Meredong”, karya Yudhistira, diterjemahkan bebas oleh Rosyid E. Abby
Di handap ieu mangrupa béréndélan daftar samentara peserta nu baris tandang dina FDBS XI. Pangna samentara, sabab nepi ka kiwari panitia masih kénéh narima pendaftaran.
- Teater Cermin - Sukabumi
- Teater Mutiara - Sukabumi
- Teater Windu - Tasikmalaya
- Teater Bolon - Tasikmalaya
- Kopaster - Tasikmalaya
- Teater Polos - Tasikmalaya
- Teater The Jebleh - Tasikmalaya
- Teater Kappas - Tasikmalaya
- Teater Sae - SMA Santiyama Tasikmalaya
- Teater Pazma – Tasikmalaya
- Teater MTs. Miftahul Islam Gunung Tanjung Manonjaya – Tasikmalaya
- Teater Elips – SMAN 2 Tasikmalaya
- Kancana Muda - Kota Bandung
- Kuntring Arum - Kota Bandung
- Toneel - Kota Bandung
- Anka Adika - Kota Bandung
- Lisma Unpas - Kota Bandung
- Palagan Teater - PSBN Wiyata Guna Kota Bandung
- Teater X - MAN 1 Kota Bandung
- Komunitas Seni Teater - Kota Bandung
- Teater 420 - SMAN 4 Kota Bandung
- Teater Awal - UIN Kota Bandung
- Sambada - UPI Kota Bandung
- Teater Bohlam - Kota Bandung
- Teater Rupa - SMKN 14 Kota Bandung
- K. 282 - Kota Bandung
- Teater Nusantara 32 - Kota Bandung
- Teater 13 Senja - SMA Negeri 6 Cimahi
- Teater Patih - SMA Pasundan 7 Kota Bandung
- Theroris C13 - SMKN 13 Kota Bandung
- Terase 06 - SMAN 6 Kota Bandung
- Teater Senapati - SMA Pasundan 3 Kota Bandung
- Teater Pamass Unpad – Kota Bandung
- Teater Lakon UPI – Kota Bandung
- Teater Paslu – Kota Bandung
- Hobi Berteater – Kota Bandung
- Teater Atap – Politeknik Ganesha Kota Bandung
- SMUN 2 Garut - Kab. Garut
- Teater Saddo - STKIP Kab. Garut
- Posstheatron - Kab. Garut
- Teater Awal - SMAN 6 Kab. Garut
- Teater SMA Al-Ghiffari - Kab. Garut
- Teater Uzlah – STAI Kab. Garut
- Teater Pecut - Kab. Kuningan
- LIses Citraresmi - Kab. Sumedang
- Teater Jidat - Kab. Sumedang
- Sate Sapi – Kab. Sumedang
- Teater Tegas - Kab. Cianjur
- Teater Efhu Unsur - Universitas Suryakancana Kab. Cianjur
- Paguyuban Teater Cianjur - Kab. Cianjur
- Klinik Teater - Kab. Cianjur
- Teater Prokprok - Kab. Cianjur
- Teater Krestra - SMAN 1 Purwakarta
- Simpay Galuh - Yogyakarta
- Teater Knalfot - SMPN 1 Margahayu Kab. Bandung
- Mercu Suar - FKIP Unibba Kab. Bandung
- Teater Sulung - SMA BPPI Kab. Bandung
- Teater Rakyat - SMAN 1 Rancaekek Kab. Bandung
- Teater Tambang - SMA Bina Muda Cicalengka Kab. Bandung
- Itam’s - Yayasan Pendidikan Al-Ma’soem Kab. Bandung
- Taman Siswa - SMA Taman Siswa Kab. Bandung
- Teater Laks Mini - Kab. Bandung
- Teater Panca - Kab. Bandung
- Sanggar 10 Rancaekek – Kab. Bandung
- Teater Marss - Kab. Subang
- Teater Penus – Kab. Subang
- TTMC - Kab. Ciamis
- Teater Kabut – Kota Cimahi
- Saung Sastra Ciburial Lembang - Kab. Bandung Barat
- Teater Antik – Kota Cimahi
- Teater Awal - Tarogong, Kabupaten Garut
- Teater Dongkrak - Kota Tasikmalaya
- Teater Simphoni - Kabupaten Subang
- Teater Tasbe SMAN 1 Baleendah Kab. Bandung








ngiring bingah ku tetep digelarna FDBS. Ka adi2x sadaya (LISMA UNPAS, sareng TERASE06).Wilujeung Bajoang.
simkuring wawakil ti Terese 06 mihatur mangrebu nuhun kana pidu’a sareng dukunganana.
salam TERAS!
alhamdulilah sim kuring ngaraos bingah ku lumangsungna pasanggiri teater basa sunda. Ti taun ka taun teu pareum eta pasanggiri teh. wilujeng ah….
jadwal FDBS di mana nya?
CUKANG ahh ti TEATER TAMBANG CICALENGKA
Mudah-mudahan dina waktos anu sanesna, aya lomba dongeng bahasa sunda….
kaleresan sim abdi tukang dongeng ti cianjur. Alhamdulillah nembe tiasa kirang lewih 40 suanten. upami hoyong terang ka Abdi sok we ketik malram.multiply.com. hatur nuhun