Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 16-06-2009 |
DURIAT BEJAD
KARYA DHIPA GALUH PURBA

BABAK I
Dimimitian ku Tatalu (nabeuh gamelan pikeun ngiberan tur ngabéwarakeun yén pintonan baris dimimitian). Saterusna muncul ronggéng, anu mintonkeun tarian rayat. Ki Panjak asup ka satengahing aréna sabada tarian réngsé. Satuluyna nyeungeut oncor, sakaligus muka pagelaran longsér.
Sanggeus kitu, tokoh Kuwu Éon asup ka satengahing aréna bari gulinggasahan tur dibarung paroman nu ngandung kabingung. Tuluy Kuwu Éon nyalukan usung-ésangna.
Kuwu Éon
Sarmuuuud…! Sarkowiii…! Ukrooo…!
Teu lila, tingtorojol tilu urang usung-ésang Kuwu Éon, nyaéta Béh Sarmud, Sarkowi jeung Ukro.
Kuwu Éon
Apal pangna maranéh digeroan ka dieu?
Béh Sarmud
Numawi, teu acan, juragan.
Kuwu Éon
Kieu sabenerna mah euy…Déwék téh keur aya karerepet.
Béh Sarmud
Karerepet kumaha maksadna, juragan. Saéna mah ulah seueur teuing émutan Entong keueung pédah seueur inohong anu didémo. Apan aya jisim abdi ieuh.
Ukro
Sumuhun, juragan. Bilih aya anu macem-macem mah, pasrahkeun baé ka pribados. Keun engke ku pribados dibérésan sagala rupina. Perkawis anu kararitu mah pribados ahlina pisan.
Sarkowi
Atuh bilih juragan hoyong ngayakeun démo tandingan kanggo dukungan, mangga ku pun uing badé dipesenkeun.
Ukro
Heueuh da hakaneun.
Sarkowi
Leres kétah juragan, réréncangan pun uing pisan anu gaduh PT Heuras genggerong téh apanan. Bilih peryogi anu démo mah kantun dipesenkeun. Jaba pangaosna bersaéng . Ditambih pleus bonus ‘jojorowokan…’
Kuwu Éon
Meunggeus gandéng! Déwék mah lain keur mikiran anu kararitu patut. Déwék mah keur boga kahayang…
Béh Sarmud
Gaduh kahoyong naon, juragan? Bilih hoyong lebet kana koran sareng hoyong janten jalmi pangpopulérna, réréncangan jisim abdi ogé parawan wungkul.
Ukro
Wartawan meureun.
Béh Sarmud
Enya éta maksud téh, ngan kacalétot létah.
Kuwu Éon
Lain Sarmud. Laiiin! Déngékeun heula matak ogé, tong sagawayah kitu ari ngomong téh, bisi disiksik dikunyit-kunyit, bisi dicacag diwalang-walang.
Ukro
Sumuhun, mangga atuh geura carioskeun, Juragan.
Kuwu Éon
Puguh rada éra jeung asa-asa ieu téh.
Ukro
Is, teu kedah isin-isin, Juragan. Mending balaka baé, bilih janten rorombéheun.
Kuwu Éon
Heueuh, kieu euy; Déwék téh geus aya kana sabulanna teu daék saré tibra, dahar teu ngunah, samar rasa, samar cabak. Kieu salah, kitu salah. Kieu lain, kitu lain.
Béh Sarmud
Ari anu janten margina, naon éta téh juragan?
Kuwu Éon
Ulah waka digosipkeun, deuleu. (Gaya Rahwana dina Carita Ramayana) Déwék téh sabenerna keur kapéngpéongan ku hiji mojang lenjang, anu hérang, anu méncrang, anu buukna panjang. Omat lain tukang gaang atawa tukang kacang, tapi ieu mah Si sayang, Si Sayang, Sayang Si, anu kabayang unggal mangsa datangna beurang. Kaimpi-impi unggal mangsa wanci janari. Kitu kaayaanana.
Sarkowi
Tah nu kieu, anu disebut murwakanti téh.
Kuwu Éon
Lain Sarkowi. Lain hayang ka Si Narti.
Béh Sarmud
Pangapunten, juragan. Ayeuna mah teu kedah disidem dina lebeting manah. Langkung saé mending béjér béaskeun baé ka jisim abdi. Saha bumina, sareng di mana namina. Ayeuna kénéh ku jisim abdi baris dipanglamarkeun. Kaleresan aya kénéh uang kas Désa, kanggo mas kawinnana mah.
Ukro
Leres juragan, geura sebatkeun baé, saha sih jenenganana?
Kuwu Éon
Déwék téh rada peundeul, euy.
Béh Sarmud
Iih, juragan mah. Teu kedah isin-isin, Juragan. Moal aya anu ngadangueun ieuh.
Kuwu Éon
(Ka Sarmud) Moal dibéja-béja?
Béh Sarmud
Insya Alloh moal, Juragan.
Kuwu Éon
(Ka Sarkowi) Sumpah?
Sarkowi
Suér déh.
Kuwu Éon
Duh…Sarmud, Déwék téh katarik ati, kapentang asmara, kabongroy ku wanoja Ciméndong
Ukro
Kélanan, Juragan. Ari ka pribados, moal naros?
Kuwu Éon
Sori kaliwat. Moal diiburkeun siah?
Ukro
Sing percanten, Juragan.
Kuwu Éon
Duh…Ukro, Déwék téh katarik ati, kapentang asmara kabongroy ku wanoja Ciméndong. Néng Susi, Kembang Ciméndong. Néng Susi, Sarmud! Néng Susi, Sarkowi! Néng Susi, Ukro!
Béh Sarmud
Néng Susi? (Logat kahiji)
Ukro
Néng Susi? (Logat kadua)
Sarkowi
Néng Susi? (Logat katilu)
Kuwu Éon
Meunggeus gandéng ulah diomongkeun baé, jurig! Bisi aya cakcak bodas atawa cakcak beureum, atawa cakcak hideung, atawa cakcak konéng, atawa cakcak biru, atawa cakcak héjo, atawa cakcak gandola… (nyanyi) pelangi-pelangi alangkah indah mu, merah kuning hijau di langit yang biru…
Béh Sarmud
Gan… nyebat, Gan! Istighfar, Gan…
Kuwu Éon
Mémangna déwék téh gélo?! Déwék mah hayang nyanyi wé… apan anu keur kabungbulengan mah sok hayangna téh hahariringan…
Ukro
Sumuhun Juragan téh ktaji ku Néng Susi?
Kuwu Éon
Heueuh! Néng Susi, torék! Kalah hayoy baé nanya silaing mah!
Sarkowi
Punten juragan, Apan Néng Susi mah parantos kagungan carogé?
Ukro
Leres pisan éta téh juragan. Néng Susi mah atos nikah ka jang Isud. Nembé pisan dirapalannana ogé, sasih rayagung kamari. Tah Si Sarkowi anu ngaléngséranna ogé. Pribados janten juru poto…
Sarkowi
Wah, pokona mah nurub cupu pisan Néng Susi sareng Jang Isud téh. Néng Susi geulis kawanti-wanti. Atuh Jang Isud ogé Kasép kawanti-wanti….
Ukro
Kasép ngalémpéréng konéng, kituh! Belegug pisan.
Sarkowi
Tuh nya, Si Éta mah teu kaur salah saeutik, sok langsung nyégag baé. Cik atuh, pilakadar sakitu mah, da moal matak salésma ieuh. Paingan barudak ngora ayeuna arembungeun nyarita maké basa Sunda. Da kitu geuning, teu kaopan pisan. Teu kaur salah saeutik, langsung diségag. Matak… mending maké basa Inggris pun uing mah…
Kuwu Éon
Meunggeus gandéng! Da ieu mah lain keur Kongrés Basa Sunda. Keun anu kararitu mah urusan para ahli basa Sunda. Nu penting, mémang barudak ayeuna téh arembungeun maké basa Sunda, lantaran sieuneun salah ngalarapkeun undak-usuk basa.
Ukro
Leres éta téh, Juragan. Undak-usuk basa téh mending urang berantas baé.
Kuwu Éon
Enya bener. Sok atuh, asupkeun kana agénda gawé taun ieu. Ngahapus undak-usuk basa Sunda. Rapat ditutup!
Sarkowi
Janten, ayeuna tiasa bubar?
Kuwu Éon
Nya enya atuh. Rék nanahaon deui!
Tiluanana ninggalkeun Kuwu Éon. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, Kuwu Éon ngageroan deui.
Kuwu Éon
Sarmuuud!
Béh Sarmud
Kulan.
Kuwu Éon
Sarkowi…!
Sarkowi
Euy.
Kuwu Éon
Sukro…!
Ukro
Kah.
Kuwu Éon
Ari silaing téh rék ka marana? Apan ieu téh keur rapat ngeunaan Néng Susi, nyaho!
Ukro
Astaga naga, aya ku hilap-hilap teuing, Juragan.
Kuwu Éon
Hayoh kadarieu deui!
Tiluanana nyalampeurkeun deui Kuwu Éon
Béh Sarmud
Mending anu sanesna deui wé, Juragan. Apan di lembur urang téh seueur kénéh istri anu gareulis, mojang lalenjang, parawan anu darénok. Aya Néng Ida, aya Néng Lia, aya Néng Wiwin, aya Néng Wida, aya Néng Anita, atanapi bilih juragan hoyong gampil nganjuk roko mah apan aya Néng Rani. Apan sepuhna Néng Rani téh muka toko…
Kuwu Éon
Gandéng Sarmud! Ulah Enéng-enéngan baé, bisi dibalédog ku kenténg atawa ku loncéng nepi ka gépéng. Déwék mah teu hayang Néng-Néng anu séjén. Sakali Néng Susi, tetep Néng Susi. Teu paduli Néng Susi geus kawin ka Si Isud. Moal matak jadi halangan pikeun Déwék mah. Lamun perelu, rék dikawin jeung Si Isud-na sakalian. Sakali Néng Susi tetep Néng Susi! Hidup Néng Susi!
Sarkowi
Namung, raraosan mah asa gareulis kénéh euh…
Kuwu Éon
Sarkowi, bisi manéh hayang apal, cinta mah teu bisa diukur ku geulisna atawa ménorna hiji awéwé. Cinta mah datangna tina jeroning ati anu pangjerona, dipupuk oleh suatu benih kasih abadi yang teramat nian. Jeungna deui, bisi manéh hayang apal, di lembur ieu mah sakabéh awéwé ogé geus kaasaan ku Déwék. Tinggal Néng Susi wungkul anu acan kaasaan téh.
Ukro
Sungguh, juragan?
Kuwu Éon
Naha maké jeung cangcaya sagala rupa ka Déwék. Bisi manéh hayang ngabuktikeun mah, jug kaluar, tuluy noél awéwé anu ngaliwat. Déwék mah warawuh kénéh kana bau késangna ogé.
Ukro
Cikan. (Lumpat keluar arena sakeudeung, tuluy asup deui) Ari ieu bau késang saha?
Kuwu Éon
Ieu mah bau késang Nyi Iroh!
Ukro
Bener geuningan euy.
Béh Sarmud jeung Sarkowi ogé lumpat ka luar arena, tuluy daratang deui. Anu pangheulana nyampeurkeun nyaéta Sarkowi. Leungeunna dibungkus ku palastik. Tuluy palastikna dibuka di hareupeun Kuwu Éon.
Sarkowi
Ari ieu, bau késang saha?
Kuwu Éon
Tah ieu mah, bau késang Nyi Anah.
Sarkowi
(ngagerendeng) Heueuh bener, nyahoan geuningan.
Satuluyna Béh Sarmud nyampeurkeun, bari ngasongkeun leungeunna.
Béh Sarmud
Dupi ieu ?
Kuwu Éon
Ké..ké..ké, ieu mah asa rada poho deui ngaranana. Tapi sing wani kabéntar gelapDéwék geus kungsi saré bareng jeung Si Ieu ogé. Sigana mah geus lila teuing kajadianana. Aduh, aya ku poho-poho teuing ngarana téh. Noél saha sih manéh téh?
Béh Sarmud
Noél munding, juragan.
Kuwu Éon
Jurig siah! Paingan asa teu kungsi saré bareng.
Ukro
Salajengna kumaha, juragan?
Kuwu Éon
Geus ulah loba teuing tatanya. Ayeuna kénéh geura indit ka Ciméndong. Bawa Néng Susi ayeuna kénéh dina kaayaan hirup.
Béh Sarmud
Namung, kumaha carana nya?
Ukro
Pasrahkeun baé ka pribados anu kitu mah, juragan. Kaleresan pribados kagungan élmu pélét aliran konséntrasi tingkat tinggi. Saumna ogé duapuluh taun, matigeni sapuluh taun, teras wé mutih sadinten satengah.
Sarkowi
Ari umur Ilaing, ayeuna sabaraha taun?
Ukro
Rumaja kénéh pribados mah, nembé duapuluh dua taun.
Sarkowi
Tuh pan Si Éta mah burahol. Upami Pun uing mah leres, Juragan.
Kuwu Éon
Kumaha ari manéh?
Sarkowi
Gampil pisan ngembat Néng Susi mah. Kersa juragan saumna saminggon?
Kuwu Éon
Embung teuing Sarkowi. Déwék mah teu manggih kopi jeung udud sajam ogé mani geus asa rék sahos-hoseun…
Ukro
Maot?
Kuwu Éon
Lain, hitut! Geus matakna ulah loba teuing ngarocoblak. Penghamburan énérgi, nyaho. Mending jarempé siah. Diam itu emas. Pokona ayeuna maranéh geura indit ka Ciméndong. Néng Susi kudu bisa kabawa, kumaha baé carana mah. Lamun perelu, mawa massa sing loba. Tah keur waragadna!
Kuwu Éon méré duit, tuluy ninggalkeun arena. Béh Sarmud, Ukro jeung Sarkowi silih pelong. Tuluy Béh Sarmud ngaluarkeun Hand Phone tina pésakna.
Béh Sarmud
Hallow, ieu jeung PT Heuras Genggerong? Saha ieu? Oh, enya bener. Kieu yeuh, kuring pesen massa keur poé isukan, bisa? Enya, ngajaga kamungkinan éta, matakna ogé. Sabaraha satreukna sih? Oh, sabaraha urang éta téh eusina? Enya, dibéré dahar, teu? Oh, gampil atuh ari udud wungkul mah. Geus wé, kuring mesen opat treuk heula. Tapi, bisa kurang teu hargana? Enya baé atuh. (Hand Phone ditutup)
Ukro
Aya sésana, Béh?
Béh Sarmud
Boro-boro nyésa. Ieu ogé nombokan. Hayu ah urang indit!
Tiluanana ninggalkeun arena.







