Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 16-06-2009 |
BABAK IV
Pak Kuwu asup ka satengahing aréna, dibarengan ku Ukro jeung Among.
Among
Bebaskan Néng Susi!
Kuwu Éon
Embung.
Among
Diratakeun ku aing siah imahna !
Kuwu Éon
Imah mana?
Among
Heueuh imah ieu.
Kuwu Éon
Ieu mah panggung?
Among
Apan dina caritana mah, ieu téh imah!
Kuwu Éon
Oh heueuh, poho euy. Sory, sory. Sahaeun ayeuna dialogna?
Among
Aing.
Kuwu Éon
Sok atuh!
Among
Enya sok burukeun!
Kuwu Éon
Burukeun naon ?
Among
Pasrahkeun Néng Susi!
Kuwu Éon
Sabar kélanan. Urang damai baé ayeuna mah. Batan Néng Susi dibikeun deui ka salakina, mending urang karawin wé ku duaan, yu!

Among
Oh, teu bisa! Pamajikan aing ogé aya sapuluhna.
Among ngahuit, ngageroan pamajikanana. Bring, sababaraha urang wanoja asup ka satengahing aréna.
Among
Tah ieu pamajikan-pamajikan aing téh, euy. Diantarana anu ieu ngaranana Nyai Guswati, urang Pabuaran. Nénéng Rostika, urang Suka Galih. Déwi kancana, urang Caringin. Lina Kurniati, urang Simpar. Ida Nurlaéni, urang Pagadén.
Béh Sarmud
Ménta euy hiji!
Among
Heueuh da udud.
Sarkowi
Hayang eung pun uing!
Among
Néangan kaituh sorangan!
Kuwu Éon
Bisa kenalan?
Among
Tidak la yaw.
Kuwu Éon
Na sia téh sombong-sombong teuing. Aing ogé pamajikan mah loba jeung gareulis deuih.
Kuwu Éon ngahuit, ngageroan pamajikanana. Torojol sababaraha urang béncong ka satengahing aréna
Kuwu Éon
Naha bet daratang nu kararieu, euy ?
Béh Sarmud
Moal enya hilap deui, juragan. Ieu Winceu, ditikah minggon kamari ku Juragan. Ieu Nani, sasih kamari nikahna di kolong jambatan. Éta mah anu tadi wengi ti jalan Sumatra téa. Saha sih ngaran téh? poho deui yeuh…
Béncong
(halon) Ali.
Béh Sarmud
Saha?
Béncong
(beuki halon) Ali.
Béh Sarmud
Saha ?
Bencong
Aliiii, goblog! (tarik pisan, ngagunakeun sora lalaki)
Sarkowi ngagorowok.
Sarkowi
Juragan, anu démo tos maledogan kaca !
Kuwu Éon
Mana kaca? Eh enya, poho deui baé. Apan ieu téh caritana mah kaca.
Among
Enya sok, geura bikeun Néng Susi, rék dikawin ku aing, aéh… rék dibikeun ka salakina yang berhak.
Kuwu Éon
Dibayar sabaraha sih manéh?
Among
Dibayar mahal pisan. Ku haté sanubari anu pangjerona.
Kuwu Éon
Alus ieu mah produk anu démo téh. Kaluaran PT naon euy? Ti PT Heuras genggerong, lain?
Among
Ngahina siah! Ku aing dititah asup anu démo téh geura!
Kuwu Éon
Sarmuud!
Béh Sarmud
Siap, juragan.
Kuwu Éon
Geroan diréktur PT Heuras Genggerong!
Béh Sarmud
Mangga.
Sarmud kaluar ti aréna, teu lila asup deui bari ngiringkeun lalaki anu maké dasi. Taya lian Dén Agus, diréktur PT. Heuras Genggerong.
Kuwu Éon
(Ka Among) Antos heula sakedap, nya.
Among
Rék naon?
Kuwu Éon
Ieu rék pesen anu démo, keur tandingan anu démo di luar.
Among
Oh, mangga, mangga.
Dén Agus
Aduh, juragan. Kaleresan ayeuna téh barudakna aya anu ngaboking.
Kuwu Éon
Diboking ku saha?
Dén Agus
Éta, ku Mang RT. Apan manéhna diduduh ngajual taneuh rakyat. Lah paling ogé sapoéeun démona ogé.
Kuwu Éon
Ari ayeuna kosong pisan?
Dén Agus
Aya sih, namung pangaosna rada awis.
Kuwu Éon
Sabarahaan hijina euy?
Dén Agus
Anu atos-atos mah Lima jutaan, juragan.
Kuwu Éon
Bisa nganjuk?
Dén Agus
Kedah kés, juragan.
Kuwu Éon
Kela atuh. (Ka Among) Kira-kira sabaraha urang anu démo di luar téh?
Among
Aya saratus rébu urang mah.
Kuwu Éon
Jadi, déwék kudu ngeprak nu démo leuwih ti saratus rébu, nya?
Among
Kumaha manéh, baé.
Kuwu Éon
Tah enya, Déwék pesen saratusrebu urang pleus émbohan hiji. Sabarahaeun nya kabehannana?
Den Agus
(ngaluarkeun pulpén jeung keretas) Lima juta dikali saratus rébu sama dengan limaratus lima puluh juta, juragan.
Kuwu Éon
Bayar, Mud!
Béh Sarmud
Séép artos kas-na ogé, juragan.
Kuwu Éon
Dipaké naon sih?
Béh Sarmud
Apan dianggo démo basa mangkukna, sareng dianggo nikah ongkoh ku juragan.
Kuwu Éon
Kéla. Ieu imah lamun dijual moal aya limaratiusjutaeun mah. Jadi…
Among
Pasrahkeun Néng Susi. Teras lungsur tina jabatan kuwu.
Kuwu Éon
Enya kitu baé atuh hadé. Ayeuna mah Déwék rek api-api gering parna baé. Ngarah euweuh anu ngagugat. Sakurang-kurangna bakal kararunyaeun meureun ka Déwék, ari ningali ngadepuk di rumah skit mah. Hidup rumah sakit…!
Béh Sarmud
Ari jisim abdi kumaha, juragan?
Kuwu Éon
Mending masrahkeun diri baé kanu berwajib. Tapi tong dibéjakeun Déwék gering bobodoan nya!
Ukro
Ari pribados?
Kuwu Éon
Nyao, lah.( sambil keluar dari arena)
Among
Tah ayeuna mah geus kasaksian meureun ku saréréa, contona jalma sarakah téh bakal kitu pamustungannana. Keun baé da nepi ka iraha baé ogé moal tenang hirupna téh. Matakna keur aranjeun kabéh, leuwih hadé geura tobat jeung babalik pikir. Hirup geura pindah kana jalan anu bener. Pinasti bakal manggih kabagjaan dunya jeung ahérat.
Béh Sarmud
Ah, Jisim abdi badé babalik pikir baé ayeuna mah. Bosen nuturkeun anu teu eucreug téh geuning.
Sarkowi
Pun uing oge sarua, rék babalik pikir.
Ukro
Hidup babalik Pikir!
Koor
Hiduuuuuuup !
Néng Susi muncul ti sisi kénca, Jang Isud muncul ti sisi katuhu.
Isud
Néng Susiiii….!!!
Néng Susi
Kang Isuuud sayang….!!!
Duanana lumpat rék silih rangkul. Tapi ahirna mah Jang Isud ngarangkul Buruy, demi Néng Susi ngarangkul Néng Cucu.
Among
Wayahna dina carita longsér mah teu kudu pipilueun nyieun adegan ngadu pamatuk sagala! Sakitu anu kapihatur, hapunten tina samudayaning kakirangan sareng kalepatan simkuring saparakanca. Tina nongton longsér, mugia sagala urusan sing lungsur-langsar, kalayan urang pungkas ku ngucapkeun:
Koor
Alhamdulillahirobbil ‘alamiin…
Réngsé







