Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak Tiwi Sonia
Sabot ngeunteung sajongjonan
kuring pangling kana panon sorangan
neuteup anteb
geuning simpé dina héas-héas paneuteup
nu pinuh rasa guligah
cahya teu weléh nyorot tina kongkolakna salila ieu
geus lila pareum
kakeueum reureueuk ti leuwi ati
Dimuat dina Manglé No. 2129








Zae vzan pami tiaza niat puisina sing seueur
alus lah
Reueus ku para nonoman jeung kadang wargi sadayana khususna urang sunda. anu mikanyaah tur ngamumulule bahasana, sim kuring sanaos aya di peuntas sagara priangan hoyong ulubiung di rohangan ieu margi sim kuring urang sunda, hatur nuhun, salam kasadayana ti Kalimantan
da sajak yg lebih menarik lg g?