Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 04-02-2010 |


Alhamdulilah taun ieu pikeun ka-22 kalina Hadiah Sastra “Rancagé” dihaturkeun pikeun sastra Sunda, nu ka-17 kalina pikeun sastra Jawa, nu ka-14 kalina pikeun sastra Bali sarta nu kadua kalina pikeun sastra Lampung. Pikeun sastra Sunda jeung Bali dihaturkeun  saban taun henteu aya copongna. Pikeun sastra Jawa kungsi hadiah pikeun karya henteu dihaturkeun dina taun 1995 sabab dina taun 1994 henteu aya buku sastra Jawa anu medal. Ari pikeun sastra Lampung sabada dihaturkeun sakali (2008) taun sabadana henteu dihaturkeun sabab henteu aya karya sastra nu medal dina basa Lampung dina taun saméméhna. Cara nu geus kauninga, hadiah pikeun karya dihaturkeun ka sastrawan anu medalkeun buku pinunjul dina taun saméméhna.

            Dina taun 2010, Hadiah Sastra “Rancagé” insya Allah baris dihaturkeun ka para sastrawan nu narulis dina basa Sunda, Jawa, Bali jeung Lampung. Sanajan masih mangrupa kalangenan, pamedalan buku basa Sunda, Jawa jeung Bali unggal taun gé aya baé, boh karya anyar boh karya heubeul anu dicitak deui. Ayana buku anu dicitak deui téh jadi  tanda yén éta buku payu, dibareuli. Hanjakal dina kasus basa Sunda, buku anu dicitakan deui téh pangpangna buku wedalan saméméh perang. Hal éta nuduhkeun yén nu maraca buku basa Sunda réréana  jalma heubeul anu hayangeun maca deui buku nu ku manéhna kungsi dibaca basa keur ngora. Tapi ku kitu téh buku-buku heubeul gé jadi dibaraca  ku nu ngarora. Hartina nu ngarora gé jadi boga kasempetan pikeun mikawanoh buku-buku anu medal saméméh manéhna dijurukeun sarta ku kituna  maranéhanana bisa nuturkeun kamekaran sastra dina basa indungna.

 

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Sunda

Dina taun 2009, buku basa Sunda anu medal, boh asli boh terjemahan, boh anyar boh citakan mindo, kabéhna aya 30 judul, kaasup 4 judul buku bacaan barudak. Tapi buku anyar mah ngan 13 judul tur nu lain terjemahan atawa  kumpulan babarengan mah ngan 4 judul. Citakan mindo aya nu asli (Pangéran Kornél karya R. Méméd Sastrahadiprawira; Perang Bubat, Pamanah Rasa, Putri Subanglarang jeung Prabu Anom Jayadéwata karya Yoséph Iskandar; Ménak Baheula karya Caraka, Kalepatan Putra Dosana Ibu-rama karangan Joehana, Wawacan Panji Wulung beunang Moh. Moesa; Rasiah Geulang Rantay beunang Nanie Sudarma; Onom jeung Rawa Lakbok karya R.. A. Danudibrata jeung Ngalanglang Kasusastran Sunda beunang Ajip Rosidi), aya nu terjemahan (Pependeman Nabi Sulaéman beunang Moh. Ambri). Kitu deui buku anyar, aya nu asli (Néléngnéngkung karya Wahyu Wibisana, Di Nagri Katumbiri beunang Dédy Windyagiri, Salawé Sesebitan Hariring karya Apung S.W., Sanggeus Umur Tunggang Gunung beunang H. Usép Romli H.M.; Sastra Sunda Pinilih kumpulan karya anu mareunang Hadiah Sastra LBSS taun 2006-2008; Sajak Sunda nu disusun ku Aan Merdéka Permana karya sapuluh panyajak; Carita Kriminal jeung Carita Mistéri karya Aan Merdéka Permana; Dangdanggula Sirna Rasa, Kinanti Kulu-kulu,  Sinom Barangtaning Rasa, Sinom Wawarian jeung Asmaranada nu Kami, limaanana guguritan H. Hasan Mustapa anu diusahakeun ku Ajip Rosidi) jeung aya terjemahan  deuih (Al Hikmah terjemahan Qur’an basa Sunda ku H. Marjati Sastrawijaya).

            Dina Néléngnéngkung, Wahyu nyoba ngahirupkeun deui panineunganana keur leutik. Judulna dicokot tina lagu paranti nimang nu biasa dihariringkeun ku indung urang  Sunda. Ku sabab  lahir jeung jadi gedé di lembur, atuh anu dicaritakeunana ogé kahirupan lembur Sunda anu perenahna di suku gunung Galunggung, Tasikmalaya. Sanggeus sawawa, Wahyu kapaksa ninggalkeun lemburna ku sabab kudu jadi guru di sawatara tempat, tapi tungtungna matuh di Bandung, kota nu disebut dina lagu “Néléngnéngkung”. Sanajan manéhna ngusahakeun sangkan caritana jiga beunang budak, tapi dina umumna  leuwih némbongkeun imajinasina sanggeus jadi kolot (waktu nulis éta buku), upamana dina nyaritakeun bulan puasa.

            Di Nagri Katumbiri téh kumpulan sajak jeung guguritan. Samémehna Dédy kungsi medalkeun kumpulan guguritan (nu munggaran dina basa Sunda), judulna Jamparing Hariring (1991) jeung kumpulan sajak Di Lembur Bulan Dikubur (1992), Dina sajak-sajakna, komo dina guguritanana mah, Dédy resepeun pisan ngulinkeun sora kekecapan mangrupa purwakanti.   Bisa jadi éta sababna réa jurutembang Cianjuran anu muji guguritanana da ngeunah ari ditembangkeun. Tapi purwakantina téh hanjakal ngan nepi ka ngoncrang sorana baé, henteu miboga bobot, da eusina mah ngan ulukutek sabudereun hubungan rasa antara lalaki jeung awéwé. Kitu deui sajak-sajak jeung guguritan anu dimuat dina Di Nagri Katumbiri, karasa ngambang dina kaulinan purwakanti.

            Apung nyerat sabangsa mémoar nu patali jeung dunya Tembang Sunda, bubuhan anjeunna téh juru tembang Cianjuran anu kamashur tur sering nyeratkeun pamendakna — sagigireun nganggit guguritan tembangkeuneun téh. Guguritanana geus medal jadi buku, judulna Lagu Liwung Urang Bandung (2006). Ari dina Salawé Sesebitan Hariring dimuat 25 karangan nu mangrupa pamendak jeung pangalamanana jeroning aktif dina dunya Tembang Sunda. Carana nulis matak kataji tur lancar, eusina gé réa meré informasi anyar sarta nimbulkeun bahan pikiraneun pikeun singsaha baé anu miboga minat kana Tembang Sunda –  réa anu henteu kapikireun ku nu lian.

            Sanggeus Umur Tunggang Gunung téh kumpulan carita pondok Usép Romli. Saméméhna Usép medalkeun Ceurik Santri (1985), Jiad Ajengan (1993) jeung Paguneman jeung Fir’aon (2006) tiluanana gé kumpulan carita. Usép gé nulis sajak deuih, dikumpulkeun jadi dua buku Sabelas Taun (1979) jeung Nu Lunta Jauh (1992). Ari roman anu ditulis ku Usép aya dua nyaéta Nganteurkeun (1986) jeung Béntang Pasantrén. Salian  ti éta Usép gé réa nulis carita bacaeun barudak boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia.

            Aya salapan carita anu dimuat dina Sanggeus Umur Tunggang Gunung téh, umumna ngagambarkeun rupa-rupa masalah anu disanghareupan ku urang Sunda di pilemburan kiwari nu digurudug ku “pembangunan” nepi ka ku tokoh-tokoh anu geus “tunggang gunung” dibandingkeun jeung kaayaan waktu maranéhanana keur leutik basa pilemburan masih kénéh “weuteuh”. Lain ngan alam jeung lingkungan baé anu robah téh, tapi alam pikiran jeung kahirupan gé geus robah. Téma nu digarap dina kumpulan ieu saenyana henteu réa géséhna tina nu kungsi ditulis ku Usép dina karya-karyana anu ti heula, tapi ieu mah leuwih mateng jeung leuwih inovatif. Upamana caritana anu dijudulan “Néangan Pajaratan” téh apan carita anu ditepikeun ku jalma kahiji. Tapi ti mimiti nepi ka anggeus henteu aya hiji gé kecap “kuring” atawa sabangsana anu digunakeun. Usép ngamangpaatkeun sacara maksimal sipat basa Sunda anu bisa ngawangun kalimah tanpa subyék. Kikituan téh kungsi dilakukeun ku Moh. Ambri dina Numbuk di Sué (1932).     

            Nada dasar Islam anu jadi téma umum karya-karya Usép, dina sawatara carita dina Sanggeus Umur Tunggang Gunung gé aya tapi henteu katémbong sacara langsung. Dina “Lauk Cimanuk” upamana aya konflik dina batin jalma anu meunang lauk badag pisan hasil nguseup ti Cimanuk tapi kapaksa ninggalkeun salat sapoé jeput. Dina “Tawuran” digambarkeun kiai jeung ustad nu rék badami pikeun néangan jalan  ngungkulan masalah tawuran antar-lembur, malah kamalinaan ku sabab nyanghareupan tuangeun anu matak ponyo. Dina Tower digambarkeun kaiklas jalma nu nginjeumkeun duit simpenanana jang munggah haji ka tatangga nu leuwih perelueun sanajan henteu kaerong baris bisaeun mayar. Dina “Ahli Waris” turunan dukun sohor henteu neruskeun pagawéan warisan tuturunan karuhunna ku sabab ningal jaman geus robah henteu luyu deui pikeun ngadukun anu ngandelkeun kana peledugna haseup menyan. Tapi alona anu bisaeun nulungan jalma anu daratang ménta tulung ku jalan aktif di widang iklan dianggap nuluykeun lacak karuhun. Ari dina “Kasaktén Abah Suma”, Usép jiga anu ngonfirmasikeun kana ayana ma’unah nu dipaparinkeun ku Allah ka jalma anu dipilih ku anjeunna, nyaéta jalma anu enya-enya iklas sarta ngarasa enyaan henteu walakaya anging ku pangersa Anjeunna.

            Kabéhanana gé dicaritakeun ku Usép kalawan lancar sacara wajar nepi ka jadi dunya imajinasi anu mandiri mangrupa karya sastra. Ku kituna buku anu kapilih pikeun narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun karya téh

 

                                    Sanggeus Umur Tunggang Gunung     

                                    Karya H. Usép Romli H.M.

                                    (wedalan Kiblat  Buku Utama, Bandung)

 

            Ka H. Usép Roimli H.M. baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

            Ari anu kapilih pikeun narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 ku lantaran gedé jasana dina makayakeun basa Sunda ku tulisan-tulisan ngeunaan sosial-politik, nyaéta

 

                                    Karno Kartadibrata

                                    (lahir di Garut, 10 Fébruari, 1945)

 

            Minangka redaktur (tuluyna Wakil Pamingpin Redaksi) majalah Manglé, unggal minggu Karno nuliskeun pamanggih-pamanggihna  ngeunaan situasi masarakat, pangpangna masarakat Sunda, ti taun 1977.  Karno ngajak nu macana pikeun ningal situasi di sakurilingna kalawan kritis sarta dihubungkeun jeung jaman nu geus kaliwat atawa jeung masarakat luareun masarakat Sunda. Karno geus ngabeungharan basa Sunda ku tulisan-tulisan nu sipatna sosial-politik nepi ka bisa jadi bukti yén basa Sunda téh lain ngan bisa digunakeun pikeun nulis sajak atawa carita pondok baé. Sanajan sakapeung aya nu malikan deui masalah anu kungsi dibahas, atawa jiga anu leungiteun tujuan, tapi nulis kalawan angger saban minggu jero puluhan  taun téh mangrupa préstasi nu lain leuleutikan.

            Saméméh digawé di majalah Manglé, Karno aktif dina pérs basa Indonésia, antarana jadi wartawan sk. Harapan Rakyat, mingguan Mimbar Démokrasi, koréspondén Harian Kami, redaktur bulanan  Prima. Karno gé nulis sajak dina basa Indonésia, geus dibukukeun dina Lipstick (1981) jeung Parfum (1997). Karno kungsi jadi Sékertaris PP-SS (1979) jeung  angota Pangurus LBSS (1994—1998). Nya manéhna nu mokalan Pésta Sastra Sunda nu kungsi dilaksanakeun tilu taun noron.

            Ka Karno Kartadibrata baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun jasa mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

 

Hadiah sastra  “Rancagé” 2010 pikeun sastra Jawa

Dina taun 2009, buku sastra Jawa anu medal kabéhna 12 judul, aya kumpulan sajak (Gurit Panuwuning Urip karya David Hariyono, Gurit Abang Branang beunang Rachmat Djoko Pradopo, Layang Panantang beunang Sumono Andy Asmoro jeung Wong Agung: Gurit Punjul Rong Puluh beunang Budi Palopo), aya hiji kumpulan carita pondok (Tembang Wong Kangen beunang Sumono Andy  Asmoro) jeung aya roman deuih (Trétés Tintrim, Kunarpa Tan Bisa Kandha, Garuda Putih, Ser! Randha Cocak karya Suparto Brata; Mis, Koncoku Sinarawedi karya Rahmat Ali jeung Carang-carang Garing beunang Tiwiek AS).

            Pamedalan  buku taun 2009 téh ngisarahkeun sawatara fénoména anu penting: (1) kabuktian anu nulis dina basa Jawa téh lain  ngan anu matuh di Jawa Tengah jeung Jawa Timur baé, tapi aya urang Jakarta nyaéta Rahmat Ali anu ngabaturan Dyah Hadaning nu matuh di Dépok. (2) Réréana buku medal di Yogyakarta sanajan aya nu medal di kota-kota lianna (Semarang, Surabaya, Malang). (3) Buku nu medal réréana beunang pangarang Jawa Timur: Suparto Brata (Surabaya, 4 judul), David Hariyono (Malang, 1 judul), Sumono Sandy Asmoro (Ponorogo, 2 judul). (4) Muncul karya nu munggaran dina basa Jawa beunang  dua pangarang nu geus réa nulis dina basa Indonésia, nyaéta Rachmat Djoko Pradopo jeung Rahmat Ali.

            Hal éta nuduhkeun yén sastra Jawa henteu kudu dipikainggis punah da anu ngarojongna aya di mana-mana. Pangarang cara Suparto Brata produktip pisan, saban taun aya baé bukuna anu medal tur lain ngan sajudul sarta buku-bukuna nu mangrupa carita detéktif dipikaresep ku nu macana. Roman Rahmat Ali Mis, Kancaku Sinarawedi ngagambarkeun perwatek baturna anu keur leutik mah bandel, licik tapi gumbira sarta pikalomaeun anu béda pisan jeung kaayaanana sabada  kolot, geringan, miskin sarta ripuh. Digunakeunana dialék Jawa Timuran dina carita karasa ngaganggu nu maca dina enggoning neuleumanana.

            Dina roman Carang-carang Garing, Tiwiek SA nyaritakeun tukang béca anu maéhan alona sangkan anakna sorangan anu matuh jeung adi beuteungna henteu kaganggu. Hanjakal caritana henteu fokus ku sabab timbul alur carita ngeunaan anakna anu kabur ti imah. Aya kesan ditulisna gurunggusuh.

            Carita-carita pondok dina Tembangé Wong Kangen beunang Sumono Sandy Asmoro ditulis waktu nu ngarangna masih ngora, suasanana romantis tur ngagambarkeun kahirupan kaom muda anu masalah jeung pikiranana masih céték.

            Maca opat kumpulan sajak nu medal taun 2009, timbul rupa-rupa hal anu matak resep. Dina Gurit Panuwuning Urip, panyajakna néangan wangunan éksprési pikeun unggal gagasanana. Upamana “Aku Iki” mangrupa usaha pamuda anu keur néangan jati dirina. Ngan dina milih imaji kuduna ku panyajak dipikiran kalawan wening. Wangunan éksprési anu paranjang sering taya gunana sabab kalah ka nyamarkeun ésénsi. Sanajan kitu aya sawatara sajak anu alus cara “Gurit Panuwuning Urip”, “Hanaa Sira”, “Isih kaya Biyén”, “Jiwamu” jeung “Wisa”.

            Guritan Abang Branang téh karya panyajak basa Indonésia nu jadi gurubesar sastra di UGM deuih. Sajak-sajak anu dimuat dina kumpulan ieu, ditulis ti taun 1960 nepi ka 2008. Kalawan ngagunakeun gaya nu énténg, panyajak nepikeun kesan jeung kritik kana kahirupan anu kompléks. Sacara umum sajak-sajak  dina ieu buku resep dibacana. Pangpangna anu parondok kayaning “Nyekar”, “Yén Srangéngé Ngangkat Segara”  jeung “Ibu Kondur”. Tapi sakapeung muncul kekecapan basa Indonésia, malah kekecapan  basa Inggris deuih.

            Dina Layang Panantang, panyajakna nuduhkeun kawani nangtukeun pilihan  sarta wani nempuh pangalaman nu rupa-rupa kalawan ngagunakeun téknik éksprési anu merenah, sering dina wangunan épigram (“Épigram Kacu Wungu”, Épigram Jingga”, Épigram Ésuk”) atawa ngagunakeun latar anu Jawa pisan (“Sokalima 2006”, “Pupuh Pamitan”, “Kembang Mayang”, “Pupuh Palaran”). Kabéhanana kalawan kasadaran yén kaéndahan kudu luyu jeung bobot pikiranana. Sawatara sajak ngagunakeun tipografi, tata ruang, tata padalisan nu ngahaja disina simétris pikeun ngajak nu maca sangkan “asup” kana alam pikiran panyajak sarta méré tafsir sorangan.

            Sakumna sajak nu aya dina Wong Agung: Gurit Punjul Rong Puluh digarap kalawan dasar oralitas puisi Jawa nu kuat nepi ka réréana karasa éndah dibacana sarta miboga éfék mantra. Tapi réa kekecapan nu digunakeun sacara individual pisan nepi ka matak “poék” napsirkeunana. Upamana sajak “Suluk Pagunungan”, “Sastra Géndra” jeung sawatara deui. Tapi aya sajak anu matak kataji, upamana “Kembang Geni”, “Trumpah Lars”, “Srengéngé”, “Sun Tutup Biruné Langit” jeung
”Wiji Thukul”.

            Sanggeus dipertimbangkeun kalawan saksama, Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun karya, dihaturkeun ka

 

                                    Layang Panantang

                                    Karya Sumono Sandy Asmoro

                                    (wedalan  Balai Bahasa, Surabaya)

 

            Ari nu baris dihaturanan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun jasa nyaéta

                                    Bonari Nabobenar

                                    (lahir di Trenggalék, 1 Januari 1964)

            Bonari geus ti keur di sakola kénéh gedé minatna kana sastra. Manéhna lulusan IKIP Surabaya (ayeuna Universitas Negeri Surabaya) jurusan Bahasa dan Sastera Indonésia. Bonari aktip dina diskusi-diskusi, boh ngeunaan sastra Jawa boh ngeunaan sastra Indonésia, boh di kampus boh di luareunana. Manéhna aktip deuih di Sanggar Triwida. Sanggeus  lulus aktip dina kagiatan-kagiatan sastra Jawa di daérah tempat lahirna, Trenggalék, Jawa Timur. Dina taun 1993-1994 babarengan jeung sawatara baturna ngayakeun gerakan sastra kalawan bandéra “Révitalisasi Sastera Pedalaman”.

            Bubuhan lulusan IKIP, Bonari kungsi jadi guru SLTP Swasta tapi minatna leuwih condong kana sastra jeung jurnalistik, antarana jadi redaktur Jawa Anyar (Solo). Ayeuna jadi redaktur X-File.

            Mimitina nulis sajak (guritan), carita pondok katut éséy nu dimuat dina rupa-rupa média basa Jawa kayaning Jaya Baya, Panjebar Semangat, Mekar Sari jeung Jaka Lodang. Ari tulisanana anu dina basa Indonésia dimuat dina Surabaya Post, Suara Indonésia, Jawa Pos, Wawasan, Horison, jll.

            Ayeuna Bonari jadi Ketua PPJPS (Paguyuban Pengarang Sastra Jawa Surabaya) sarta dina sawatara taun  pangahirna jadi fasilisator pikeun TKW di Hongkong  nulis karya kréatif. Hasilna geus medal sawatara judul buku karya para pangarang awéwé ti komunitas TKI di Hongkong. Bonari gé jadi salah saurang anu ngagerakkeun Kongrés Sastra Jawa I (2001) di Solo jeung Kongrés Sastra Jawa II (2006) di Semarang, ngayakeun Féstival Sastra Jawa di  désa (2009), jll.

            Ka Bonari baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Jawa pikeun  jasa, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

 

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Bali

Dina taun 2009, dina basa Bali medal 9 judul buku sastra, nyaéta hiji kumpulan sajak (Gerip Maurip Ngridip Mekedip karya I Nyoman Manda); hiji roman saduran (Cokorda Darma beunang I Gusti Putu Antara), tujuh kumpulan carita pondok (Cor beunang I Wayan Paing, Da Nakonang Adan Tiange karya Agung Wiyat S. Ardhi, Jangkrik Maenci karya I Gusti Putu Bawa Samar Gantang, Bli Kadek karya Putu Nopi Suardani, Dasa Tali Dogén karya I Gdé Darma, Léak Pemoroan karya I Wayan Sandha jeung Warisan Jagal beunang IBW Keniten).  

            Kumpulan sajak I Nyoman Manda téh istiméwa, kabéhna opat jilid, jilid I-III masing-masing kandelna leuwih ti 1.000 (saréwu) kaca, ari jilid IV kurang ti 10 (sapuluh) kaca. Kabéhna leuwih ti 3.500 kaca. Boh dina basa Bali boh dina basa  Indonésia tacan kungsi aya kumpulan sajak hiji panyajak nu sakitu kandelna. I Nyoman Manda mémang pangarang anu produktif pisan dina basa Bali. Manda nulis sajak, roman, drama jeung carita pondok. Kungsi narima  Hadiah Sastra “Rancagé” tilu kali, sakali pikeun jasa (1998), dua kali pikeun karya (taun 2003 jeung 2008). I Nyoman Manda gé jadi redaktur majalah dina basa Bali nyaéta Canangsari jeung Satua anu béh dieu mah  jadi majalah dwibasa (jeung basa Indonésia).

            Gerip Maurip Ngridip Mekedip jilid III husus ngamuat terjemahan Nyoman Manda tina  karya para panyajak Indonésia  ti mimiti Sanusi Pané jeung Amir Hamzah nepi ka Afrisal Malna jeung Oka Rukmini ditambah ku karya para panyajak sawatara nagara dumasar kana terjemahan dina basa Indonésia, antarana ti Jerman, Australia, Afrika Kidul jeung Malaysia. Tapi jilid I jeung II mah ngan ngamuat sajak-sajak Nyoman Manda baé. Hartina leuwih ti 2.000 sajak. Témana rupa-rupa pangpangna dumasar kana kajadian sapopoé, ti mimiti komérsialisasi budaya akibat industri pariwisata, korupsi, kampanye pemilu, démo anarkis, narkoba, sinétron, banjir,  naékna harga BBM, illegal loging, kasus Prita Mulyasari, Tukul Arwana, jll. Kitu deui topik aktual dunya jadi sajak ku Nyoman Manda mah kayaning perang jalur Gaza, kajadian di Tienamen Béijing, insidén George Bush dibalédog ku sapatu, Obama nyanghareupan krisis dunya, jll. Réa inspirasina anu dumasar kana béja-béja aktual dina média massa. Kwalitas sajakna henteu rata. Aya nu kuat tur beuneur ku pamikiran dibarengan ku sinismeu anu seukeut, tapi réa anu taya bédana tina eusi pojok koran.

            Roman Cokorda Darma téh saduran tina Don Quixote karya Cervantes anu geus jadi klasik dunya. Langka aya roman saduran tina basa deungeun kana basa Bali, atuh Cokorda Darma  téh minangka jadi pamuka jalan. Hanjakal caritana pabeulit sarta réa anu copongna, nepi ka hésé dituturkeunana.

            Nepi ka ayeuna tacan aya nu ngabuktikeun yén enya léak téh aya. Tapi urang Bali umumna palercayaeun yén mémang aya manusa sakti anu bisa mindahrupa jadi léak (mangrupa banaspati, monyét., babi, anjing, rangda,. barong atawa naon baé) sarta sok culika ka nu lian. Para pangarang Bali bangun anu hayang ngaenyakeun éta kapercayaan dina karya-karyana anu nyaritakeun léak, tapi bari nandeskeun yén léak nu jadi lambang ilmu hideung nu jahat pasti bisa dicaremkeun ku kahadéan. Dina tujuh kumpulan carita pondok terbitan 2009, réa carita ngeunaan léak. Jangkrik Maenci karya I Gusti Putu Samar Gantang, eusina réréana carita ngeunaan léak. Kitu deui Léak Pemoroan karya I Wayan Sandha jeung Da Nakonang Adan Tiange karya Asgung S. Wiyat gé ngamuat carita panjang ngeunaan léak.         

             Kalemahan umumna buku kumpulan carita anu tujuh wedalan 2009 téh ku lantaran kualitas caritana henteu rata. Dina Dasa Tali Dogén karya I Gdé Darma upamana, nu eusina 15 carita téh ngan dua carita anu alus sarta kuat, ari sésana teu aya konflikan tur  caritana gé henteu puguh. Réa anu jiga éséy atawa artikel. Nu istiméwa pamedalan ieu buku téh dilampiran ku CD anu ngamuat rekaman carita-carita téa nu dibacakeun ku pangarangna.

            Kitu deui carita-carita anu dimuat dina Cor, Bli Kadek jeung Warisan Jagal, teu aya nu bogaeun bobot, sanajan caritana matak kataji tapi sok anggeus saméméh réngsé. Bisa jadi ku sabab ditulisna gurunggusuh muatkeuneun dina surat kabar.

            Nu punjul Léak Pemoroan (Sétan Pamoroan) karya I Wayan Sandha nu eusina 41 carita nu ditulis minangka skétsa kahirupan tapi unsur naratif jeung konflikna dijaga kalawan rapih. Témana rupa-rupa. Aya carita léak, aya kahirupan ungkluk, korban pasca-pariwisata massa, carita ngeunaan kapercayaan nu kaleuleuwihi ka dukun, tupa-tipu nepi ka fénoména multilevel marketing (MLM).  “Léak Pemoroan” nyaritakeun kateuneung tukang ngobor belut anu diganggu ku léak. Henteu sieuneun nyanghareupan  mahluk kajajadén sarta ngalawan éta mahluk nepi ka palastrana. Suasana peuting kitu deui perang tanding jeung sétan déskripsina kuat pisan. Basa nu digunakeunana semu-semu ngeyéhkeun tapi mampuheun ngagali masalah tur bisa ngagambarkeun perwatek tokoh anu dicaritakeun. Kritik seukeut  gé ditepikeunana ku basa anu wening. Dina “Wisian Bank Dunia” Wayan Sandha ngiritik MLM bari ngaliwat, “Ah, gara-gara Bank Dunia iraga nepukin soroh jelema dot sugih kuala tusing bani ngetéling peluh” (Ah, gara-gara Bank Dunia aku menemukan kelompok manusia yang ingin kaya tapi tidak berani menétéskan peluh”). Dina ngagunakeun misil atawa idiom karasa merenah, nepi ka skétsa kahirupan téh miboga aroma sastra anu kandel.

            Dumasar kana pertimbangan tadi, Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun karya ditepikeun pikeun

 

                                    Léak Pamoroan

                                    Karya I Wayan Sandha

                                    (wedalan Balai Bahasa Dén Pasar)

 

            Ka I Wayan Sandha  baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun  karya, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

            Ari nu kapilih pikeun dihaturanan Hadiah Sastra ”Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun jasa, nyaéta

 

                                    Agung Wiyat S. Ardhi

                                    (lahir di Gianyar, Bali, 3 Fébruari 1946)

 

            Kagiatan Agung Wiyat téh dina dua lapangan. Kahiji, lapangan kréatif nyipta karya sastra boh dina basa Bali tradisional boh dina basa Bali modéren. Kadua, aktif dina lapangan ngabina basa, aksara katut sastra Bali. Manéhna mulai nulis dina basa Bali modéren taun 1976 sarta terus aktif nepi ka kiwari. Ti ngawitan taun 1991 karyana sering jadi unggulan dina rupa-rupa pasanggiri puisi jeung carita pondok di Bali. Taun 1997 kumpulan caritana Bogolan  meunang hadiah kahiji. Taun 2001 kumpulan carita pondokna Gending Girang Sisi Pekerisan meunang Hadiah Sastra “Rancagé” pikeun karya. Karyana nu lian al. kumpulan  drama Bogolan, kaasup Mandor Bawah (2002), Bukit Buung Bukit Mentik (2004), jeung Da Nakonang Adan Tiange (2009).

               Dina widang sastra Bali tradisional, Agung Wiyat réa nyalin sarta ngabahas harti bagian-bagian tina épos Mahabharata jeung Ramayana katut carita-carita Tantri. Nu geus anggeus disalin Prastanika Parwa (2004), Swarga Rohana Parwa (2004), Wirata Parwa (2006) jeung Uttara Kanda (2008). Kabéhanana medal mangrupa buku dina aksara Bali, jadi sarana pikeun singsakur nu mikaresep karya sastra Bali dina aksara Bali atawa pikeun singsakur nu hayang diajar ngeunaan hal éta.

            Ti taun 2000 Agung S. Wiyat aktif dina rupa-rupa tim nu ngabina basa, sastra jeung aksara Bali nu méré bingbingan ka kelompok para guru, siswa jeung ibu-ibu PKK. Agung Wiyat gé aktif dina ngabina kelompok mabebasan atawa pesantian nyaéta nu nembangkeun sarta ngabahas harti puisi tradisional, kaasup gaguritan, kidung jeung kakawin. Salian ti éta manéhna gé jadi anggota tim anu milih sarta ngalatih tim mabebasan kabupatén (Gianyar) pikeun pasanggiri tingkat provinsi anu diayakeun dina Pésta Kasenian Bali nu lumangsung saban taun.

            Ku kituna Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Bali pikeun jasa dihaturkeun ka Agung  Wiyat S. Ardhi mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

 

Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 pikeun sastra Lampung

Hadiah Sastra “Rancagé” pikeun karya kungsi dihaturkeun pikeun sastra Lampung dina taun 2008 da aya buku karya sastra dina basa Lampung anu medal taun 2007. Tapi dina taun  2008 mah teu aya buku anu medal, nya tahun tukang henteu aya Hadiah Sastra “Rancage” 2009 pikeun sastra Lampung. Taun 2009 medal dua judul buku dina basa Lampung, nya Hadiah Sastra “Rancagé’ 2010 baris dihaturkeun pikeun sastra Lampung.

            Buku anu dua judul téh nu hiji kumpulan  sajak (Di Lawok Nyak Nélépon Pelabuhan karya Oky Sanjaya), ari nu hiji deui kumpulan carita pondok (Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong karya Asarpin Aslami).

            Di Lawok Nyak Nélépon Pelabuhan (Di Laut kuring nélépon ka Palabuan) eusina 57 sajak nu ditulis ku  mahasiswa Universitas Lampung jurusan Fisika téh mangrupa usaha ngawangun imajinasi ngeunaan hal-hal basajan: jandéla,  haseup, sarung, lisung, jll. Hal-hal réméh nu diolah jadi métafora nu matak kataji. Kajadian sapopoé diréfléksikeun ku Oky kalawan ngagunakeun kekecapan basajan, tapi mampuh ngajak nu maca ngarasakeun anu saenyana, upamana sajak “Hinjang Bak” (Sarung Bapa). Tapi sacara umum mah sajak-sajak Oky téh masih kénéh atah, jauh dibandingkeun jeung sajak-sajak Udo Z. Karzi nu kungsi narima Hadiah Sastra “Rancagé” 2008 mah.

            Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong (Carita-carita ti Dayeuh Nagri Semuong) eusina aya 17 carita pondok anu ngagambarkeun rupa-rupa kabiasaan, tatacara, adat-istiadat, prilaku jeung tingkah polah masarakat di Bandar Negeri Semuong, hiji kacamatan di kabupatén Tanggamus, Lampung.  Asdarpin anu lulusan IAIN Radén Intan mampuheun ngadéskripsikeun budaya tradisional mangrupa carita pondok kayaning kabiasaan kajaruwan (néangan suluh) nu dilakukeun ku ibu-ibu urang lembur atawa kabiasaan siahan (haharéwosan ti luareun bilik nu dilakukeun ku para bujang jeung mojang impianana). Aya deuih anu  ngolah warahan (salah sahiji wangunan sastra lisan) kana carita pondok modéren. Sanajan nu dicaritakeunana béda-béda tapi ku sabab aya tempat anu jadi pigura nu ngahijikeunana, éta carita-carita téh kabéhanana aya patalina. Ngan hanjakal aya sawatara pedaran anu lain carita pondok, cara “Badok” (Meunang gelar) nu medar ngeunaan upacara maparin gelar adat dina waktu nikah.

            Moal bisa dibantah yén buku Asarpin téh kumpulan carita pondok  modéren nu munggaran dina basa Lampung nu eusina réa miboga ajén-inajén tradisional jeung modéren. Nya ku lantaran éta pertimbangan pisan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Lampung pikeun karya dihaturkeun ka

 

                                    Cerita-cerita Jak Bandar Negeri Semuong

                                    Kumpulan carita pondok Asarpin Aslami

                                    (wedalan B.E. Press, Bandar Lampung)

 

            Ka Asarpin Aslami  baris dihaturkeun Hadiah Sastra “Rancagé” 2010 sastra Lampung pikeun  karya, mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

 

Hadiah “Samsudi” 2010 pikeun bacaan  barudak dina basa Sunda

Dina taun 2009, medal 4 judul buku bacaan barudak dina basa Sunda nu kabéhanana mangrupa dongéng sasakala, nyaéta Sasakala Cadas Pangéran, Sasakala Candi Cangkuang, Sasakala Karajaan Arcamanik  jeung Sasakala Pajajaran. Kabéhanana ditulis ku Aan Merdéka Permana. Sasakala téh sabangsa legénda anu patali jeung asal-usul ngaran tempat, gunung, talaga, walungan atawa mahluk jeung lian-lianna. Di masarakat Sunda upamana aya dongéng sasakala Sang Kuriang anu patali jeung asal-usul Talaga Bandung jeung Gunung Tangkuban Parahu, dongéng sasakala gunung Tampomas di Sumedang jeung sasakala naon sababna gagak buluna hideung padahal tadina mah bodas. Ngaranna gé dongéng, teu bisa dianggap sajarah da ngan wungkul dumasar kana imajinasi jeung fantasi manusa. Tapi dina sasakala nu ditulis ku Aan Meréka Permana sering disebut kalawan pasti titimangsa mangrupa taun (nu teu jelas ti mana sumberna) nepi ka bisa timbul persépsi barudak nu macana yén sagala anu dicaritakeun di dinya téh kajadian sajarah anu enyaan. Padahal anu ditulis ku Aan téh henteu  salilana sajalan jeung kajadian sajarah. Upamana gelar “kolonél” dipaparinkeunana ku Gubernur Jénderal Baron van (der) Capéllen ka bupati Sumedang dina Sasakala Cadas Pangéran ku Aan disebutkeun dumasar kana jasa-jasa sang bupati ngamankeun Sumedang nu cenah harita loba karaman nu ngaganggu kaamanan.  Padahal nurutkeun sajarah mah bupati Sumedang Pangéran Kusumahdinata diangkat jadi  “kolonél” téh ku sabab anjeunna diangkat jadi komandan para bupati lianna ti Tatar Sunda enggoning nyanghareupan Perang Diponegoro. Nya ku sabab diangkat jadi “kolonél” anjeunna ku rahayat disebut “Pangéran Kornél”.

            Sambarangan ngasupkeun unsur sajarah dina waktu nulis sasakala dina hiji pihak jiga anu hayang ngayakinkeun nu macana yén caritana téh hal anu enyaan kungsi kajadian luyu jeung sajarah, tapi di pihak lianna lamun aya nu misualkeun data-data sajarahna, manéhna baris ngelid ku nyebutkeun yén nu ditulisna téh wungkul dongéng sasakala. Ku kituna henteu aya buku bacaan barudak  anu merenah pikeun dihaturanan Hadiah “Samsudi” 2010.

                                                            *

 

Upacara pamasrahan Hadiah Sastra “Rancagé” 2010, insya Allah baris dilaksanakeun kalawan gawé bareng jeung Universitas Negeri Yogyakarta di Kampus UNY di Yogyakarta dina bulan Méi 2010.

 

 

Pabélan, 31 Januari, 2010.

Yayasan Kebudayaan “Rancagé”

 

Ajip Rosidi

Ketua Déwan Pembina