Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-06-2008 |
Karya patandang Nomor naskah: 31
Gék kuring diuk na bangku nomer dua dalapan, pas lebah jandéla. Mun kongang mah ngarah diuk rada jero, horéam sok hésé pulang-anting mun pareng beus eureun tur méré kasempetan pikeun para panumpang kanu hayang ka jamban atawa jajan. Komo ieu sisi jandéla, wegah rék pupuntenan ka panumpang nu gigireun.
“Bapak-bapak & ibu-ibu, inilah lagu terakhir dari kami di terminal ini, Anda tidak akan lagi menjumpai pengamén lain… kecuali di terminal berikutnya”. jangjina trio hitar, keprok jeung celempung, maraké baju saragam sing sarwa hideung jiga pagawé salah sahiji stasion TV Swasta. Rét ka tukang. Waduh, aya bakal sapaparat jalan ngambeu bau hangseur yeuh… jamban téa. Rét kaluar jandéla, adi kuring jeung salakina katut alo kuring keur nyéréngéh bari garugupay ngadadahan kuring nu rék balik ka Bandung. Rét ka gigireun. Wanoja maké jilbab, pendék leutik keur imut bari nanya, “Néng Mbandung Mbak?”
Beus lalaunan ninggalkeun terminal dipirig ku gugupay tinu ngalanteur. Pras-pris hujan ngamimitian maseuhan bumi. Mun bisa diukur mah, loba kénéh kasono dina haté kuring kanu jadi adi nu aranglangka panggih. Tapi dalah dikumaha kuring kudu mulang ka Bandung sabab isukna geus kudu asup gawé.
“Tahu Sumedang, Mbak?” ceuk wanoja gigireun kuring nu keur cakétroh ngadahar tahu, bari ngasongkeun tahu dina palastik.
“Nuhun. Tahu Sumedang?… naha jam sabaraha ti Sumedang-na? Mani tanginas, wayah kieu geus dagang di dieu?” ceuk kuring ngaheureuyan bari jeung hayang seuri. Ngarasa anéh tuda ningali aya tahu Sumedang di Maospati-Madiun. Disidik-sidik wangun tahu téh laleutik, kelirna sepa, jaba kulitna rata…asa teu hayang ngasaanana gé. Dibandingkeun jeung tahu Sumedang nu asli mah jajauheun atuh…gedéna gé dua kalieunana, kelirna leuwih coklat jeung carurentik matak pikabitaeun, komo rasana nu gurih bin nikmat euweuh duana.
“Ah, Mbak bisa aja… ini tahu bikinan daérah sini, tapi dibilang buatan Sumedang kan biar laku gitu lho…” ceuk manéhna balaham béléhém.
“Kenalin Mbak, aku Retno…”ceuk manéhna deui bari ngajak wawanohan.
“Utami, nénéhna Uut…” walon kuring bari ngasongkeun leungeun.
Timanan nénjokeun nu barang dahar, kuring muka bebekelan. Kiripik emping tangkil nu dibahankeun ku adi kuring dibuka bari ditawarkeun,”Emping Mlinjo?”. Manéhna gideug da keur ngahampolan tahu.
“Aslina ti mana Ret?” ceuk kuring nanya.
“Malang, aku habis nengok orang tua. Mbak orang sini juga atau…?”
“Sarua atuh, kuring gé ti Malang… ”.
“Lho, orang Malang juga tho?… Malangé mana Mbak?”
“Malangbong… héhéhé”.
Manéhna langsung ngabarakatak. Resep ogé ngobrol jeung Retno, séréwél babarian akrab. Sihoréng manéhna karék gawé jadi sales di hiji pausahaan farmasi di Bandung.
Bari ngobrol, panon kuring teu ngahaja melong ka palebah hareupeun bangku nu sajajar jeung kuring, beulah katuhu. Katingali ti palebah kuring, hiji lalaki potongan rambutna cepak. Digigireunana béh jero deukeut jandéla, wanoja katingali jilbab kayasna wungkul. Pangangguran, kuring ngira-ngira ka si Cepak jeung si Kayas, pamajikanana? kabogohna? atawa ngan saukur batur sabangkuna? Kuring rét deui…rét deui… ka bangku si Cepak & si Kayas. Tina “basa awak”na katingali yén si Kayas jiga nu hayang kataksir, kaciri diukna teu daék cicing, gular gilir baé. Pangalaman ngabuktikeun, mun awéwé jeung lalaki diuk sabangku téh sok dijadikeun kasempetan pikeun wawanohan. Tapi si Cepak jaga wibawa, asli ngabetem.
Duk! Sirah kuring tidagor kana kaca. Koréjat hudang. Sakapeung mah sok seunggah ari iinditan numpak beus peuting téh, keur mah jauh matak panas bujur, jalanna leueur jaba teu rata, ari ngajalankeunana jiga pembalap F1! Sepor jantung wé sugan mah. Tipepereket leungeun kuring kana paragi nyekelan nu napel di bangku hareupeun. Geus puguh ari babacaan mah, sagala dibaca jiga nu keur Tahlilan bakating ku hayang salamet.
Sora si Cepak keur nelepon pacampur jeung sora beus nu gagauran. Sakapeung diukna téh nyanggéyéng, sakapeung ajeg jiga nu keur seurieus. Teu sawatara lila… ujug-ujug bréh, katingali jelas pisan dina kaayaan lampu jero beus nu dipareuman, aya sorot caang tina layar monitor digigireun si Cepak. Si Kayas keur muka laptop.
“Mbak liat déh céwék itu, keliatan malesnya, mosok ngerjain tugas di bis? Mbok ya dikerjain di rumah tho…opo paméééér?” Teu sangka Retno gé sarua keur melong ka si Kayas. “Baé atuh… boa teuing kudu buru-buru bérés keur presentasi-keuneun isuk-isuk meureun… Geura tingali, tuh da maké Power Point… aya gambar teknik-an deuih!” teu karasa kuring ngomong rada tarik basa ningali logo hiji paguron luhur, gambar gajah cindeten.
“ Kayaknya S2 yo Mbak?…” ceuk Retno nu tayohna lulusan hiji paguron luhur plat beureum di Malang.
“Sugan…?” walon kuring asa-asa.
Si Cepak nu keur serieus nelepon jiga nu teu puguheun, katingali meusmeus lieuk…meusmeus lieuk…. ngarérétan mojang gigireunana nu keur ngoprék laptop. Bérés nelepon si Cepak langsung milu anteng melong kana eusi laptop si Kayas.
Anjog ka Sragen, beus méngkol ka hiji restoran, reureuh heula. Kuring jeung batur sabangku silih genténan nungguan babawaan, jiga nu geus pada-pada percaya padahal mah karék wawuh harita. Kuring rada lila di luar, leuleumpangan rada jauh tina beus itung-itung ngalempengkeun tuur.
Di lawang panto beus, katingali si Kayas karék turun bari ngajijingjing laptop-na, maklum di beus umum mah sok loba copét nyiliwuri. Disidik-sidik geulis ogé wanoja téh. Dedegan meujeuhna, teu jangkung teu pendék. Beungeut leutik, biwir ipis, irung mancung, panon cureuleuk, umurna kira-kira 25an. Jilbabna, nu leuwih pantes disebut tiung dipaké sahayuna da rambutna katingali kénéh. Maké kaos panjang belang-belang kayas, kahandap calana jins jeung sapatu kets. Pantes pisan, dangdanan mahasiswi. Si Kayas rurat-rérét ka sakurilingna. Tapi tuluy neuteup anteb ka beulah wétan, ka hiji jalema…
Teu sadar, panon kuring nuturkeun paneuteup anteb si Kayas. Euleuh? geuning si Cepak nu keur dahar bangun nu ponyo… lapar meureun. Bérés dahar, manéhna nelepon deui, teu sadar prok panon kuring jeung manéhna paamprok. Kuring kaluas-kalieus, api-api melong ka tempat séjén. Panasaran kénéh, kuring melong deui ka manéhna. Disidik-sidik, awakna jangkung badag, dangdanana bersih & rapih, umurna kira-kira 40an, kasép Njawani. Ceuk ceunah, umur sakitu mah keur meujeuhna lucu…. Tong boro si Kayas, najan kuring gé asa naksir atuh… (har?). Dina cangkéngna ngagantung topi hideung. Dihareupna aya bordél hiji kembang tanjung. Digigirna aya tulisan Infanteri. Kuring ngan bisa neguh, jigana si Cepak téh salah sahiji perwira Angkatan Darat nu pangkatna Mayor.
Si Kayas asup ka restoran. Manéhna mesen emih nu diwadahan dina gelas palastik, kacirina mani ngebul. Bakat ku panas, emih nu dina gelas palastik téh dipundah pindah ti leungeun kénca ka leungeung katuhu, kitu deui sabalikna. Ningali Si Cepak nu geus bérés daharna, tapi masih kénéh ngadeg bari nelepon, si Kayas nyampeurkeun. Gék diuk di hareupeun si Cepak. Suruput…suruput si Kayas nyuruput emih bari panonna mah meus-meus melong ka Si Cepak. Nu dipelong angger, tiis. Teu lila, ngong wawaran tina speker nu ditujukeun keur para panumpang yén kudu buru-buru naraék, beusna rék indit deui.
*****
“Cibiru!…Cibiru!” sora kenék ngagareuwahkeun panumpang nu keur sararé tibra kasubuhnakeun. “Mbak, aku turun sini ya… sampai ketemu!” ceuk Retno bari gura-giru turun.
Beus méngkol ka jalan Diponegoro, bangku-bangku geus loba nu karosong. Kuring geus ngamimitian bébérés, niténan barang bawaan bisi aya nu tinggaleun. Tenga-tengo ka handapeun bangku néangan sapatu nu beulah kenca, teuing kamana sakadang sendal téh?… Euleuh geuning geus aya dikolong bangku hareupeun. Tah, bérés ayeunamah… kari kardus oléh-oléh nu diteundeun dina bahasi.
Geus yakin moal aya barang nu tinggaleun mah, kuring pindah ka bangku sisi, urut Retno. Bari ngadéngékeun lagu Matahariku nu dihaleuangkeun ku Agnes Monica, kuring ngarérét ka bangku Si Cepak, manéhna keur anteng ningali ka hareup. Si Kayas nu tadina diuk nyarandé, jadi ajeg. Keur kitu…. ujug-ujug leungeunna duanana kaluhur bari ramo-ramona dihijikeun nyanghareup kaluhur, tuluy nguliat jiga nu nikmat pisan. Dina implengan kuring da teu katingali ti hareup mah, biwirna pasti keur heuay…uwaaaaahhh…
Tapi, ké…ké…ké… dina kaayaan kitu, naha baju si Kayas bah tukangna nyingsat kaluhur? Jigana mah balas saré sapeupeuting, bajuna kabebetot kaditu kadieu tug nepi ka kaluhurna. Bréh, tonggong konéng umyang nu sakitu sampulurna katingali ampir tilu parapatna, katojo ku panon poé nu karék medal ti beulah wétan, ngaliwatan kaca jandéla gigireunana. Dipapaés ongkoh ku dua tali kawai kayas sahéab. Si Cepak kuat ka olohok… ngembang kadu. Manéhna melong ka si Kayas rada lila, tuluy miceun beungeut, melong deui… ngalieus deui… kitu jeung kitu. Dipelong ku si Cepak, si Kayas salah tingkah, manéhna kalahka beuki maceuh. Sirahna didangdak déngdék jiga keur senam pagi, katukang-kagigir-kahareup tuluy dipuirkeun. Manéhna teu engeuh mun tonggongna keur jadi bahan lalajoanan si Cepak.
Kuring milu manglebarkeun, éta tonggong naha diobral kitu?! Teu tiis kitu kasebrot ku AC di luhureun sirahna? Panon kuring langsung ngarérét kaluhureun sirah si kayas. Éh, tapi AC-na nutup kétang, da tiis pisan wanci subuh mah. Sabenernamah ku kuring gé kaharti. Kalahka kumaha ogé si Cepak pasti bingungeun, rék ngomong kumaha?… Teu ngomong oge kumaha?…
Reg, mobil eureun di jalan Ambon. Bari angkaribung ku babawaan jeung satengah lumpat, kuring eureun digigireun si Cepak bari noél tonggong si Kayas,”Punten, éta acuk lereskeun!” Si Kayas ngarenjag, reuwas meureun. Leungeuna rumpu-rampa kana bajuna, teu sirikna pakupis leungeun kenca jeung katuhu da sieun lila teuing katohyan ku si Cepak. Kuring langsung ngarérét ka beungeut si Cepak nu beureum jiga keuyeup meunang ngaleob. Era meureun, tapi angger tegep, jaga wibawa, jiga Jet Li dina film The Bodyguard from Beijing.
*****
“Mana Bumbu Pecel jeung Lémpéng pesenan Mamah?” ceuk indung kuring nanyakeun oléh-oléh.
“Gusti Nu Agung… tinggaleun dina bahasi! Duh, mangkaningan sakardus gede, lumayan eusina, heug dahareun nu ngareunah wungkul! Euuuuh…gara-gara si Cepak jeung si Kayas!” ceuk kuring hanjelu bari neumbleuhkeun.
“Aduh, hanjakal temen atuh…Ké…ké… tinggaleun pedah naon Ut?” Indung kuring nanyakeun panasaran.
“Teuuuuuu ah….”
*Lempeng : kurupuk gendar khas Madiun nu wangunna parasagi.







