Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 05-07-2008 |

mamah-gambreng

Ti barang anjog ka lembur Cirateun Peuntas, hawar-hawar geus kadéngé sora nu ceramah. Sora wanoja nu perténtang matak genah kana cepil. Tujuan kuring mah rék nepungan sobat nu kawin, Witri ka Tarlan. Sakolébat kapikir, moal lila-lila di imah Witri, mending nyampeurkeun pangaosan wé, hayang ngabandungan nu ceramah. Tapi mungguhing kaagungan Alloh SWT, manahoréng anu keur ceramah téh nya di imah Witri pisan. Dina raraga syukuran pertikahan Witri-Tarlan, ngayakeun pangaosan kalayan ngulem ustdzah ti Majalengka.

Aya jalan komo meuntas, asa mobok manggih gorowong. Bungah pisan nu keur ceramah téh di buruan imah Witri. Ahirna kuring diuk dina korsi pangantén, ngaréndéng jeung Witri… aéh jeung Tarlan, bari ngabandungan nu ceramah. Tarlan teu bisa incah, da piraku ninggalkeun kuring mah. Sanajan geus katingali heuay semu hayang ditinggalkeun, tapi teu dipiroséa ku kuring. Angkanan téh engké wé oléng pangantén mah geus bérés ceramah, rada sabar sakeudeung mah.

Nu ceramah téh namina Mamah Gambréng cenah. Duka saha nami aslina mah, da pasti Mamah Gambréng mah ukur sandiasma. Cara nyaritana jeung jejer anu diasongkeunana éstuning matak kataji. Kalayan ngagunakeun basa Sunda, Mamah Gambréng ngaguar rupa-rupa masalah, ti mimiti urusan ngawinkeun, pentingna sodaqoh, mépélingan nyanghareupan maot, tug nepi ka nyarékan pamaréntah. Palebah kritisna, bet ngaharib-harib Ajip Rosidi, anu sarua ti Majalengka. Mamah Gambréng ogé kritis tur wani (luyu jeung namina “gambreng”, jadi we tukang ngagambrengan). Contona nétélakeun yén pamaréntah Indonésia ayeuna keur dicepeng ku Dorna, Sangkuni, jeung sabangsa tokoh wayang séjénna anu karakterna kurang hadé. Geus puguh deui urusan BBM jeung élpiji naék mah, ampir sababaraha kali disabit-sabit ku Mamah Gambréng. Pengetahuan umumna lega, anu antukna bisa nyaritakeun rupaning perkara anu keur meujeuhna aktual. Mamah Gambréng ogé teu asa-asa nyarékan para ustad atawa ajengan anu panatik teuing, anu sok ngagegedékeun perbédaan dina ibadah. Contona solat Subuh nu maké qunut jeung teu maké qunut, hayoh dipaséakeun. Ceuk Mamah Gambréng, duanana ogé bener, da nu salah mah anu teu solat Subuh. Mamah Gambréng ngaguar pentingna solat. “Omat, solat téh penting pisan. Mun teu kaduga bari nangtung, bisa bari diuk. Mun masih teu kaduga, bisa bari naggolér. Mun teu kaduga kénéh, bisa bari ngiceup. Mun teu kaduga kénéh, nya mending mending paéh wé da kaheurin-heurin di alam dunya ogé, kurang ajar!” kira-kira siga kitu contona mah. Kecap “kurang ajar” jadi lalab dina mangsa nyarékan nu tara ibadah. Tapi sanajan kitu, nu ngabandungan téh kalah sareuri, beuki pogot ngabandungan Mamah Gambréng.

Palebah ngaguar perkara pentingna sodaqoh, Mamah Gambréng méré conto ku ngadongéngkeun sababaraha tokoh. Caritana hadé pisan lamun diangkat kana carpon. Ngaguluyur, konflikna matak panasaran nu ngabandungan, tur calakan dina ngatur klimak.

Anu matak keueung mah basa Mamah Gambréng ngaguar sakaratul maut. Ku cara ngasongkeun conto lalakon anu merenah, bisa beunang mamaras haté téh. Teu wudu kuring ogé istighpar bari ngusap beungeut, inget kana dosa nu salaput hulu. Mangkaning kuring mah aya kalana sok ngaheureuykeun kana urusan maot téh. Contona basa kuring salah ngirim poto ka Pikiran Rakyat (Nu pupusna Yoseph Iskandar, tapi poto anu dimuatna kalah Yusef Muldiyana). Apan dina wangkongan téh geus rupa-rupa. Amprok jeung Miftahul Malik, kuring nyarita, “Untung nya malaikat téh référénsina lain koran Pikiran Rakyat…”

“Na kumaha kitu?” tanya si Malik.

“Heueuh, mun referensina tina PR mah, pasti malaikat téh bakal nanyakeun perkara Laskar Panggung jeung naskah Bulan dan Kerupuk. Kabayang Kang Yoseph Iskandar rungah-ringeuh, da teu rumasa ngurus Laskar Panggung….” jeung wangkongan séjénna anu temahna kalah tingcakakak. Duh… hapunten Ya Alloh… Geuning sabada ngabandungan ceramah Mamah Gambréng mah, maot téh éstu matak pikakeueungeun. Ceuk Mamah Gambréng, tong wani-wani maot lamun tacan siap bebekelan ku amal hadé. Solat, Sodaqoh, jeung amal hadé séjénna nu bakal nyalametkeun urang di akhérat. Duh… keueung. Ya Alloh mugia kuring jeung dulur-dulur, sobat-sobat, disalametkeun tina seuneu naraka.

Mun kaparengkeun deui bisa ngabandungan ceramah Mamah Gambréng, tangtu bakal bungah pisan. Hanjakal kuring teu sempet naros jadwalna di Bandung jeung kota-kota séjénna anu sakira-kirana bisa kahontal ongkosna. Kuring ukur sempet pataréma tangan bari mundut pidu’ana, saggeus salila 3,5 jam ngalenyepan ceramahna. Upami aya nu uninga jadwal ceramah Mamah Gambréng, kuring nuhunkeun informasina.

Mamah Gambréng ngabagikeun keretas, anu eusina mangrupa tulisan nadoman karya anjeunna, dijudulan “Geura Saradia”. Demi eusina, nyaéta:

Hayu urang saradia

Meungpeung keur hirup kénéh di dunia

Amal keur sampeureun jaga

Di ahir moal sulaya

Geuning maot ngadodoho

Boro sok dipoho-poho

Datangna teu méré nyaho

Ngagentak taya témpo

Taya beurang taya peuting

Taya raja taya kuring

Dimana ajal geus sumping

Teu meunang témpo anaking

Lain meureun lain sugan

Da ieu mah kanyataan

Kabéh pasti ngarandapan

Geuning awak urang pisan

Boro mah keur suka bungah

Ngatur napsu seuri ngeunah

Béak waktu kudu pindah

Nyampeurkeun ka alam barzah

Rék naon nu rék dibawa

Duit atawa sawah lega

Meunang ngumpul-ngumpul téa

Bélaan nipu paséa

Ibadah katélér-télér

Nepi ka ngatuhu ngalér

Lapur badan enggeus ngémpér

Di tengah imah ngagolér

Nu ngariung minggir miris

Nyaah ngan bati ngalengis

Geumpeur pacampur jeung waas

Sétan mah pasti mupuas

Mun geus kitu tah karasa

Dunya taya pangawasa

Anak ngabéla teu bisa

Indungna sedih nalangsa

Geus waktu ninggalkeun lembur

Menuju ka alam kubur

Meunang ngali geus diukur

Mahi keur awak saukur

Mayit teu lami digotong

Papisah jeung nu dimongmong

Tinggal harta imah gedong

Nu deukeut geus teu katémbong

Lagadar datang pasaran

Jenazah tunggang pasaran

Mayit dibawa nyingkir

Rék didimpen sisi gawir

Golosor pasaranana

Mayit lebet ka kuburna

Langkung sanget nalangsana

Mun mayit ageung dosa

Rup ku padung rap ku lemah

Di jero kubur merenah

Mangga raraos ku manah

Katingal keueung teu ngeunah

Ayeuna mayit dikubur

Aduh geuning matak paur

Sabab henteu aya batur

Sumawonna nambah umur

Nu ngaruang geus baralik

Ngan kantun mayit cunggelik

Mayit hudang ulak-ilik

Taneuhna disangka bilik

Barang henteu kantos lami

Torojol ti jero bumi

Singhoréng nu badé nguji

Jurungan Nu Maha Suci

Anu namina malaikat

Munkar wa Nakir kasebat

Kiceupna saperti kilat

Nyarita cara gelap

Judulna ieu nadoman

Badé ngageuing pikiran

Sina inget ka dawuhan

Nabi Muhammad jungjunan

Ku maca ieu pépéling

Muga sing jadi panggeuing

Duh Gusti anu ngajaring

Abdi paparinan éling

Wassalam, Ibu Gambréng, 131207

Minangka catetan, nadoman anu diserat ku Mamah Gambréng mémang ngandung kekecapan nu murwakanti kalayan euyeub ku pépéling sakumaha nu jadi udagan nu nulisna. Tapi masih kénéh héngkér dina milihan kecap-kecapna, réa anu dipaksakeun jeung kapaksa gupuy-gapay kana basa Malayu, sarta jejerna kurang museur. Dina harti, kurang mibanda ajén éstétik.

Conto kalimah anu dipaksakeun jeung kamalayon, bisa diilikan dina bait:

Geus waktu ninggalkeun lembur

Menuju ka alam kubur

Meunang ngali geus diukur

Mahi keur awak saukur

Kecap “menuju” jelas lain basa Sunda, kawasna bakal leuwih merenah lamun diganti ku kecap “muru”. Kalimah “Mahi keur awak saukur” tangtu baé dipaksakeun keur ngudag ahiran “ur”. Padahal lamun kalimahna diganti ku “Saukur mahi awak sakujur”, sigana leuwih merenah. Saterusna anu dimaksud ku kuring henteu museur, pék tengetan bait di handap ieu:

Taya beurang taya peuting

Taya raja taya kuring

Dimana ajal geus sumping

Teu meunang témpo anaking

Tina nyaritakeun raja jeung diri sorangan, ngaléok kana kecap “anaking”, pikeun ngudag ahiran “ing”. Lamun kecap “anaking” diganti ku kecap “da geuning” (ngarah sarua tilu engang), tangtu moal aya kesan ajlok-ajlokan.

Tapi sacara umum, éta naskah nadoman téh hadé pikeun dibaca tur dilenyepan. Perkara béda cara ngaaprésiasi, apan saur Mamah gambréng ogé perbédaan téh rohmat.

Mugia Mamah Gambréng aya dina ginanjar kawilujengan tur salawana kénging panangtayungan Alloh SWT, amiiin.***

DHIPA GALUH PURBA