Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 19-06-2008 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
ABONG létah taya tulangan. Teu kaur aya béja anu rada ‘ahéng’, gancang pisan nerekabna. Tina sajeungkal, sok jadi dua jeungkal, tilu jeungkal, malah teu pamohalan nepi ka sadeupa. Basa minggu kamari ogé, Néng Cici digosipken sok mandi
“Ari manéh apal ti mana?” Neng Cici tumanya ka Si Buruy.
“Abdi mah ti Si Aték,” témbalna.
“Oh, lamun kitu mah Si Aték ulon-ulonna téh,” Néng Cici mani ngagidir, awahing ku ambek.
“Da Si Aték ogé kénging béja ti internét,”
“Kajeun Si Internét ogé, kuring mah teu sieun,”
“Da internét mah sanés sabangsaning jalmi, Téh,”
“Rék bangsa siluman, rék bangsa genderewo ogé, pasti ku kuring bakal dijorag. Cucungah pisan, maké jeung ngiburkeun perkara anu teu uni. Ceuk saha kuring sok mandi
“Ari saleresna kumaha kitu, Téh?” teuing kalepasan, teuing kumaha Si Buruy maké jeung tumanya kitu.
“Na manéh téh, dilelepkeun ku kuring siah!” Puguh baé Néng Cici ambek kabina-bina. Lamun teu kaburu mangprét mah teuing kumaha nasib Si Buruy.
Padungdengan ngeunaan Néng Cici, beuki lila mingkin nambahan baé. Cep Adang anu geus tatahar rék ngalamar Néng Cici, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng cici. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Situ Mundu, ahirna ukur jadi sawangan.
Tétéla geuningan ngaréka-réka tur manjangan béja téh, matak ngabarubahkeun batur. Nyilakakeun ka nu teu tuah, teu dosa. Tapi bubuhan geus jadi trend, mani taya kapokna. Buktina ti poé kamari, di Cigorowek geus aya béja anyar deui. Rada harénghéng deuih, da puguh anu digosipkeunna hiji tokoh masarakat. Cenah mah Ustad Otong rék ngajarah harta banda lamun keur mangsana paciweuh kerusuhan. Malah diimplik-implikan sagala, Ustad otong téh rék ngajarah sagala rupa anu aya patula-patalina jeung kapentingan pangwangunan.
“Nu balég manéh téh? Piraku Ustad Otong rék jadi lauk buruk milu mijah?” Ulis Kowi mah bangun cangcaya. Pangpangna apaleun pisan kana kalakuan sapopoéna Ustad Otong.
“Sing wani kabéntar gelap!” Hansip Baron ngayakinkeun.
“Apan ari ngajarah téh hiji pagawéan anu dipahing pisan ku agama?!”
“Duka teuing perkara éta mah. Nu jelas, ceuk Kulisi Ook ogé, Ustad Otong rék ngajarah…”
“Kabina-bina teuing atuh. Ari Si Kulisi, meunang béja ti saha?”
“Cenah mah Mang Amanta anu méré iberna téh,”
“Ari Mang Amanta, apal ti saha?”
“Tah, Mang Amanta mah nyahona teh ti Jang Isud,”
“Ari Jang Isud?”
“Nyao teuing, da kuring ogé can kungsi panggih, geus aya kana dua bulanna,” témbal Hansip Baron bari garo-garo teu ateul.
“Lamun kitu mah, mending urang tanyakeun baé ka jinisna, ngarah pararuguh. Ulah dapon percaya kitu baé, bisi pitenah. Lamun Ustad Otong enyaan rék ngajarah, sakalian baé kuring rék milu..”
“Sok wé ka dituh sorangan. Kuring mah moal milu, sieun kalah diambek. Basa Si Buruy konfirmasi ka Néng Cici ogé, kalah rék dibalédog ku halu,” témbalna.
“Béda deui éta mah masalahna. Jeung deui, éta mah kumaha cara nanyana. Apan aya cara-cara nanya anu hadé. Geus maca bukuna?”
“Acan,”
“Nu matak, kudu réa maca buku silaing téh. Ngarah henteu katinggaleun jaman. Hayu ah, kuring mah rék ka imahna Ustad otong.” Kituna téh Ulis Kowi bari langsung cengkat. Léos indit, muru ka imahna Ustad Otong.
Bras, Ulis Kowi ka pakarangan imah Ustad Otong. Kabeneran pisan, Ustad Otong keur meujeuhna rinéh.
“Cios ngajarah téh, Mang ustad?” Ulis Kowi langsung tumanya, kalayan henteu malapah gedang. Puguh baé Ustad Otong ngaranjug.
“Kumaha? Dédéngéan téh ngajarah?”
“Sumuhun. Upami leres mah, abdi oge sakantenan badé ngiring,”
“Na Mang Ulis téh kawas jalma lieur atuh. Piraku kuring rék ngajarah?” Ustad Otong rada muncereng.
“Aéh, punten Mang Ustad. Kuring mah ukur meunang béja ti Si Baron. Saurna Mang Ustad badé ngajarah harta banda,” témbal Ulis Kowi, rada geumpeur. Sakedapan mah Ustad Otong ngahuleng, tuluy ngusap beungeutna bari maca istighfar.
“Kuring mah teu boga niat sarupa kitu, Mang Ulis. Naudzubillahimiandailik…”
“Dupi, dupi saleresna badé ka mana atuh Mang ustad téh?” Ulis Kowi panasaran.
“Kuring mah rek zarah ka tanah Suci, manawi Gusti Alloh marengkeun. Ti baheula kuring hayang ka Mekah téh, muga baé taun ieu mah tinekanan,” témbal Ustad Otong.
“Ké, ké, naha iburna bet jadi ngajarah?”
“Duka teuing éta mah, Mang Ulis. Keun baé anu penting mah kuring teu boga niat kitu. Ceuk Ustad Otong bari imut ngagelenyu.***








sae pisan dongeng teh
anu ngupingna eta mah saliwang
dupi neng cici janten nikah teh?
bilih weh teu janten..:P
Ke… Cici mana nya? abdi gaduh 15 sobat nu namina Cici. Tapi nu nomor hiji diantara Cici mah taya deui iwal ti Cici Banjarsari nu tepang dina beus kota Budiman, Jurusan Bandung-Pangandaran. Ramana bandar salak ceuk Ayi Riswa mah, tapi bade dijodokeun ka putra bandar lauk.
DHIPA GALUH PURBA