Kategori: Kawih | Diterbitkan pada: 23-12-2007 |
Kaset Karaoke 17 Pupuh Sunda
Kanggo nu hoyong wawanohan atanapi diajar 17 Pupuh Sunda, kalintang saéna upami ngagaleuh ieu Kaset Karaoke 17 Pupuh Sunda (ditambih sekar tandak karya Mang Koko sareng Patah Nataprawira). Iwal ti éta, merenah pisan kanggo bapa/ ibu guru anu badé ngajarkeun pupuh ka murid-muridna.
Anu ngagaleuh Kaset 17 Pupuh Sunda baris dipaparin buku anu eusina Serat Kanayagan sareng Rumpaka 17 Pupuh Sunda.
Judul Kaset : Pangajaran 17 Pupuh Sunda Karaoke
Garapan : Palataran karawitan Sunda “Ganda Mekar”
Pupuhu : Tatang Benyamin Koswari
Juru Kawih : Ida Rosida, S.Sn
Juru Kacapi : Tatang Benyamin Koswara & Maman SWP
Juru Rebab : Maman Suryaman
Juru Suling : Maman Suryaman
Produksi : Yayasan Cangkurileung Pusat
- PUPUH GAMBUH
- PUPUH BALAKBAK
- PUPUH LADRANG
- PUPUH LAMBANG
- PUPUH ASMARANDANA
- PUPUH DANGDAGULA
- PUPUH GURISA
- PUPUH KINANTI PELOG
- PUPUH DURMA
- PUPUH JURUDEMUNG
- PUPUH PUCUNG
- PUPUH KINANTI SALENDRO
- PUPUH WIRANGRONG
- PUPUH PANGKUR
- PUPUH MIJIL
- PUPUH SINOM
- PUPUH MAGATRU
- PUPUH MASKUMAMBANG
Sajabina ti Kaset Karaoke 17 Pupuh Sunda, aya ogé kasét-kasét sanésna:
- Karaoke Kawih Murangkalih Lagu-Lagu Mang Koko 1A (Ditambih Bukuna) (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Kawih Murangkalih Lagu-Lagu Mang Koko 1B (Ditambih Bukuna) (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran kawih Sunda SD (Ditambih bukuna) (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran kawih Sunda SLTP (Ditambih bukuna) (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran Kawih Sunda 1, Panungtun Sekar: Ida Rosida & Eson Sonjaya (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran Kawih Sunda 2, Panungtun Sekar: Ida Rosida & Eson Sonjaya (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran Kawih Sunda 3, Panungtun Sekar: Ida Rosida & Yus Wiradiredja (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Pelajaran Kawih Sunda 4, Panungtun Sekar: Ida Rosida & Yus Wiradiredja (Produksi Yayasan Cangkurileung Pusat).
- Karaoke Degung Rampak Sekar 10 Lagu Perjuangan & Cinta Tanah Air (Ditambih Bukuna) (Sulanjana Grup Bandung)
- Kawih Tembang (KATEM) Dalem Kaum, Ciptaan Nano. S (Juru Sekar: Neneng Dinar) (Produksi Gentra Madya).
- Kacapi Suling Gelenyu Kalbu, Garapan Gentra Madya, Pingpinan Nano. S (Produksi Gentra Madya).
- Sundanese Traditional Music & Dance “Badaya”, Rineka Seni Sunda Gentra Madya (Leader: Nano. S) (Produksi Gentra Madya).
- Sundanese Folk Music & Dance “Ketuk Tilu”, Rineka Seni Sunda Gentra Madya (Leader: Nano. S) (Produksi Gentra Madya).
- Jaipongan Non Blok, Juru Sekar: Rita Tilla (Produksi Gentra Madya).
- Senam Sunda Marahmay, Kreasi Nano. S (Produksi Gentra Madya).
CATETAN
Ka sugri sadaya, hapunten anu kasuhun wireh danget ayeuna simkuring henteu ngadistribusikeun deui kaset-kaset kawih. Anu janten marga lantaranna kumargi saparantos Pa Tatang Benyamin Koswara sareng Kang Nano S dipundut ku Nu Maha Suci, simkuring janten pareumeun obor. Sasarina simkuring sok nyandak kaset teh ka Pa Tatang sareng Kang Nano. Mantenna nu kalintang daria dina medalkeun kaset-kaset kawih. Saparantos duanana pupus, teu acan aya generasi saterasna nu neraskeun tapak lacak aranjeunna dina medalkeun kaset-kaset kawih.
Hatur nuhun
Baktosna
Dhipa Galuh Purba








Simkuring bade narosken, salan ti kaset aya vcd-na teu. Nu dimaksad sareng buku panduan teh buku teks pupuh& kawih sunda sanes, punten di waler bade mesen upami jelas. Nambih, upami aya tembang cianjuran sareng degungna.
Assalamu’alaikum …..
Bade tumaros pami Kaset Pupuh 17 Sunda Karaoke aya keneh? Pami aya simkuring bade pesen …. Diantos pisan waleranna ….. Hatur Nuhun
puntn kang pami naskah upacara adat paturay tineung aya bukuna atanapi vcd na sapertos kaset 17 pupuh sunda.nhn puntn tumaros hoyong pisaaaan kang pmi aya mh
Kang / Teh Punteun
Upami Kaset 17 Pupuh sareung Kaset lagu-lagu mang koko + buku masih aya heunteu ?
Upami aya punteun pisan kang, hamo pang emailkeun ka Abdi kumaha carana abdi ngagaduhan kaset eta.
Upami heunteu aya anu dimaksud kaset anu sabangsa eta oge teu nanaon yang peunting mah teuntang kawih / pupuh
iyeu alamat email abdi bambang.utoyo@kpc.co.id Ku Abdi Diantos
Dupi kaset kawih sunda, hususna kawih2 mang koko, eta teh dilengkepan ku partiturna henteu dina bukuna?
hatur nuhun
simkuring bade tumaros, dupi kaset ngeuna’an kawih2 sunda versi Mang Koko masih aya henteu? simkuring kalintang meryogikeun pisan.
Jalaran simkuring sakulawargi kalintang mikadeudeuh sareng mikacinta kana kawih2 versi Mang Koko eta.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Di antos Informasina…..
Dh.,
Manawi aya keneh persediaan kaset Pangajaran / Kaset Karaoke 17 Pupuh Sunda, sim kuring peryogi, sareng sabaraha pangaosna, kamana/kumaha cara ngintunna.
Hatur Nuhun, diantos ..