Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-06-2008 |
Karya patandang Nomor Naskah: 030
Hiliwir angin leutik nebak dangdaunan aroyag-oyagan siga
anu ngagupayan. Panon neuteup sawah anu upluk-aplak. Beh
kaler katinggal huma anu keur meujeuhna hejo. Kaciri
cinggarumplukna areuy waluh jeung bonteng anu ngareuy na
tangkal hiris. Seredet hate nyeredet waktu kabireungeuh nu
lempang ngajingjing rantang, ras inget ka waktu katukang.
Kuring jeung manehna ngurus kebon, ngagarap reuma ngadon
melak palawija hiris jeung sabangsana disisi lembur beulah
kaler. Pan harita kuring meunang julukan si babad
reumateh. Di huma aya saung rangon anu di papaes ku areuy
waluh jeung bonteng. Dina hateup beulah kulon ngajolor
bonteng cuka, na taratag ngagarantung waluh gede, di
tampian kadenge nyurulungna sora cai ditema sora darna
pancurendang anu nyingsieunan cakakak nu sok malingan si
leungli. Pareng Waktuna beberesih, kuring kacai anu herang
ngagenclang. Di cai direntog dironyom ku si leungli.
Manehna teu sieun-sieuneun dipanglad kasaung jang deungeun
dahar. Daenyana atuh kuring na oge teu wasa lamun kudu
murak manehna the, da sabab geus kacoo pisan. Lauk
ngaroyom cing carekot cing careplok ajol ajolan hanyang
naek kana galadag. Antukna kuring nyodorkeun leungeun
ngusapan si kumpay anu lempay, Seak si beureum, sibibit
jeung nu liana muru leungeun kuring atuh puguh mani motah.
Leungeun kuring digemol digubag gabig. Kocopok gurubug
cleng si ar-ar kapaclengkeun kana galadag. Puguh atuh mani
buburilengan lieureun. Gap kukuring dicockot disimpen di
sungapan ngarah teu ka ganggu ku lauk anu liana.
Kuring balik kasaung rangon bari mawa lodong eusian cai.
Di golodog anu dijieun tina batu namprak kuring kukumah
deui meureusihan taneuh anu napel nalika leumpang ti
tampian. Terekel naek, di luhur nyampak juwangsih geus
aneprok make mukena. Horeupeunna ngampar sajadah anu di
luhurna geus aya kopeah jeung samping sarung jang kuring.
Ret manehna ngareret kakuring belenyeh imut, seblak hate
nyeblak bari ratug teu pararuguh aya sono deudeuh jeung,
ah sagala rupa na dada nyampak.
“Ari si cingkleuk geus di paraban can?” Tanya kuring bari
disarung.
“Atos, tapi teu apik, parabnateh awur-awuran tina
pamakanan kaluar. Pedah eta si bujang euweuh, jadi
keseleun meureun. ” Poknateh sorana mani halimpu.
“Keun we bongan manehna sok ngaganggu nu keur gawe. ”
Tembalteh.
Galindeng juwangsih komat ditema ku sora Allahuakbarna
kuring jeung dituluykeun kumanehna.
Jep saung jempling hate manteng ngadeuheus kamantena.
Gerak sujud, ruku, jeung sagala pagawean solat teh mani
nikmat pisan. Waktu solateh asa sakeudeung geuning geus
awessalam deui. Gigireun juwangsih nyodorkeun leungeun nu
masih keneh kabungkus ku mukena. Manehna nyium leugeun
kuring. Kodengkang manehna nangtung muka mukena breh
katinggali eces rupa manehna nau sakitu geulisna. Buuk
panjang awak lenjang estuning geulis lain pupulasan. Biwir
ipis, gado endog sapotong irung mancug na pipi aya liang
undur-undur anu matak sieup anu neuteup. Kuring neuteup
manehna teu ngiceup-ngiceup gelenyu manehna imut.
“Tuang nya kang.” kituna manehna bari nyokot rantang nu
aya di juru rangon. Kuring teu kuat ngomong tuluy mencrong
manehna anu mukaan rangtang jeung nyodorkeun emuk anu
caina haneut keneh.
“Wios saayana nya kang, hapunten bilih sambelna kirang
medok. ” Pokna.
“Ih ari juang, sambel sakieu raosna, tun tinggal akang
tuangna mani ponyo kieu.” Pok the. Daenyana atuh dahar teh
mani rewog pisan. Gelenyu manehna imut bari neuteup kuring
anu keur cuculimedan dahar nikmat pisan. Sor cai, leguk
kuring nginum. Song deui manehna ngasongkeun cau anu geus
meunang meusek manehna gap ditampanan, am didahar lageday
nyarande kana bilik mencrong pamjikan anu tuluy beberes.
“Kang juang uih ti payun ngabujeng maraban dombanya.”
Kituna manehna bari gek duik heula gigireun celepot nyium
pipi kuring belenyeh imut matak pikabitaeun. Gap kukuring
di cekelan leungeuna. “Atos ah juang uih heula” Pokna teh.
Kuring mencrong nu turun ti saung bari nyarande kana bilik
saung. Segrek sare mani tibra pisan.
” Pa geus asar, beberes wae iyeu teh?” Barudak kuli
ngetrokan panto mobil ngahudangkeun kuring anu keur tibra.
Korejat hudang enya we gening geus sore. Ret kuring kanu
ngajingjing rantang beurang gigireun proyek nu dimandoran
kukuring. Tetela manehna geus euweuh balik meureun.
“Sok we baralik” Pokteh bari nguniang hudang mukakeun
panto mobil terus leuleumpangan di sabudeureun proyek bari
gigisik teupercaya kan naon bae anu cikeneh kajadian. Sup
asup deui kana mobil dius kuring balik dek muru pamajikan
anyar sanajan lain manehna anu baheula di lembur oge
itung-itung pangbeberah hate gerentesteh.
Ahhhhhhhhhhhh. Kuring narik nafas panjang bari ngumbar
sawangan kalembur anu nyingku jauh tina karamean.
2006








aduh asa pangalaman akang ieu teh geuning
asa inget kalemburkeun ieu teh
kumahanya kinten-kintena iyeuteh aya anu maos teu nya
Tangtos we anu maos mah aya. Sakirang-kirangna dewan juri sareng anu nalingakeun saembara “Bujangga Maya”.
DHIPA GALUH PURBA