Kategori: Kawih | Diterbitkan pada: 23-12-2007 |

Pelajaran Kawih Sunda (3):
Judul Kaset : Pelajaran Kawih Sunda Karaoke (3)
Garapan : Palataran Karawitan Ganda Mekar
Pingpinan : Tatang Benyamin Koswara
Panungtun Sekar : Ida Rosida & Yus Wiradiredja
Juru Kacapi : Tatang Benyamin Koswara
Juru Kendang : Mang Undang
Juru Rebab : Maman Suryaman
Juru Goong : Uyan
Rampak Sekar : Nia Henrita, Dasep Bahrul, Ujang Supriatna, & Lina, Suryati,
Tonton, & Dodi
Studio : PR 107,55 FM
Operator : Laling
Side A:
- Kudu ka Saha (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Winarya Artadinata)
- Di Langit Bandung Bulan keur Mayung (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Dedy Windyagiri)
- Longkéwang (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Dedy Windyagiri)
Side B:
- Kasenian (Ciptaan Mang Koko)
- Patelak Swara (Ciptaan Mang Koko)
- Sekar Catur (Ciptaan Mang Koko)
- Ngalamun (Ciptaan Mang Koko)
CATETAN
Ka sugri sadaya, hapunten anu kasuhun wireh danget ayeuna simkuring henteu ngadistribusikeun deui kaset-kaset kawih. Anu janten marga lantaranna kumargi saparantos Pa Tatang Benyamin Koswara sareng Kang Nano S dipundut ku Nu Maha Suci, simkuring janten pareumeun obor. Sasarina simkuring sok nyandak kaset teh ka Pa Tatang sareng Kang Nano. Mantenna nu kalintang daria dina medalkeun kaset-kaset kawih. Saparantos duanana pupus, teu acan aya generasi saterasna nu neraskeun tapak lacak aranjeunna dina medalkeun kaset-kaset kawih.
Hatur nuhun
Baktosna








kabita…hoyong…
abdi hoyong tiasa ngawih jiga si Ohang
tiasa teu??
Tangtos bae tiasa. Nu kahiji, waos kedah ompong heula. Anu kadua, sing getol latihan olah vokal. InsyaAlloh pami latihan nyanyi kalayan daria mah bakal tiasa nyanyi.
DHIPA GALUH PURBA
Assalamu’alaikum. Wr. Wb. Sim kuring kajati tur kairut ku kaset kawih sanggian rumpaka ti Mang Koko suargi, mung upami tiasa mah eta kawih teh hoyong dina wangun CD. lajeng upami sim kuring hoyong langsung meser ka tempatna, alamatna di mana? Hatur nuhun.
Wa’alaikum salam wr.wb
Hapunten anu kasuhun, lagu-lagu sanggian Mang Koko dina format CD teu acan tiasa disayagikeun. Upami hoyong langsung ka tempatna, mangga bae sumping ka bumina Bapa Tatang Benyamin Koswara, Komplek Jaka Purwa A-16, Bandung. tlp: 7567397.
Hatur nuhun
DHIPA GALUH PURBA
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun Kang …. kinten - kinten upami peryogi kawih nu formatna mp3 sayogi? oge kumaha carana ? hatur nuhun sateuacana
kapungkur abdi gaduh kaset lagu-lagu perjuangan cipt. mang koko, nanging duka kmana ical. abd sono pisan hoyong ngapimilik deui, tiasa hnteu ngintun ka abd kang? atanapi abd kdah ngadownload dimana?