Kategori: Kawih | Diterbitkan pada: 23-12-2007 |

Judul Kaset : Pelajaran Kawih Sunda Karaoke (4)
Garapan : Palataran Karawitan Ganda Mekar
Pingpinan : Tatang Benyamin Koswara
Panungtun Sekar : Ida Rosida & Yus Wiradiredja
Juru Kacapi : Tatang Benyamin Koswara
Juru Kendang : Mang Undang
Juru Rebab : Maman Suryaman
Juru Goong : Uyan
Rampak Sekar : Nia Henrita, Dasep Bahrul, Ujang Supriatna, & Lina, Suryati,
Tonton, & Dodi
Studio : PR 107,55 FM
Operator : Laling
Side A:
- Kembang Tanjung Panineungan (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Wahyu Wibisana)
- Jalir (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: SAR)
- Tanjung (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Wahyu Wibisana)
- Bungur Mumunggang Priangan (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Mang Koko)
Side B:
- Hirup (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Nano. S)
- Girimis Kasorenakeun (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Dedy Windyagiri)
- Lalaki Pajajaran (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Mang Koko)
- Karatagan pahlawan (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Mang Koko)
- Angin Burit (Ciptaan Mang Koko/ Rumpaka: Winarya Artadinata)
CATETAN
Ka sugri sadaya, hapunten anu kasuhun wireh danget ayeuna simkuring henteu ngadistribusikeun deui kaset-kaset kawih. Anu janten marga lantaranna kumargi saparantos Pa Tatang Benyamin Koswara sareng Kang Nano S dipundut ku Nu Maha Suci, simkuring janten pareumeun obor. Sasarina simkuring sok nyandak kaset teh ka Pa Tatang sareng Kang Nano. Mantenna nu kalintang daria dina medalkeun kaset-kaset kawih. Saparantos duanana pupus, teu acan aya generasi saterasna nu neraskeun tapak lacak aranjeunna dina medalkeun kaset-kaset kawih.
Hatur nuhun
Baktosna
Dhipa Galuh Purba








Asswrwb….bingah mendak wartos aya koleksi karaoke lagu lagu Mang Koko…abdi hyong ngagaduhan koleksi kasebat…tipayun abdi kantos pesen ka no HP anu parantos ditangtoskeun , nanging dugi kadanget ieu teuaya deu wartosna….salajengna kedah kumaha carana supados abdi tiasa gampil kontak kanggo ngagaduhan koleksi kasebat…hatur nuhun kana perhatosan nana…kanggo waleran diantos di e-mail simkuring…hatur nuhun wassalam…