Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 22-12-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

NAJAN daging kurban téh diajangkeun keur jalma anu teu mampuh. Tapi angger, sok aya baé diantara pangurus kurban anu makmak-mekmek hayang kabagéan daging panglobana. Taun kamari ogé, Mang Dasmin nepi ka paséa jeung anjing. Gara-gara dagingna anu disumputkeun handapeun tangkal peuteuy, kalah dipaok. Padahal meunang hésé capé ngumpulkeunna téh. Capé tanaga jeung capé haté tangtuna ogé. Unggal dititah ngumbah peujit domba, Mang Dasmin sok ngeureut saeutik. Tuluy disimpen dina stand anu geus  maneuh. Barang balikna rék disampeur. Kasampak dagingna keur dihanca ku Si Tomi, anjing kukutan Mang Ojo.

Teu pati béda jeung pangalaman Mang Manta. Dina sual nyumputkeun daging kurban mah geus katelah manukna. Mang Manta leuwih tarapti. Manéhna ngalibetkeun anakna, Si Buruy. Unggal aya kasempetan nyumputkeun daging, sok tuluy dibikeun ka Si Buruy, sina langsung disulundupkeun ka imahna. Meunang tilu balikan mah salamet, taya anu nganyahoankeun. Hanjakal pisan, anu kaopat kalina katohyan ku Si Tomi. Puguh baé Si Buruy téh diudag-udag nepi ka beunangna. Gewewek, beuteungna anu budayut téh digégél. Saréréa ogé taya anu teu soak. Mang Ojo mani gura-giru ngamankeun anjingna. Ari Si Buruy, mani teu siga-siga anu nyerieun digégél ku anjing téh. Tapi saréréa pada surti, basa baju Si Buruy geus rangsak. Beuteungna ogé jadi ngempléngan deui.

Anu kaitung mucekil mah iwal ti Mang Uhro jeung Mang Sarkowi. Maranéhna mah bisa lolos sénsor. Sabab daging meunang nyolong téh, ku Mang Uhro disumputkeun dina calana jerona. Ari Mang Sarkowi mah nyumputkeunna téh dina jero topi. Jaba ari jagal mah, balikna ogé sok dibahanan daging rada loba. Teu anéh, meunang dua minggu mah, pamajikan Mang Uhro tara katingali balanja ka warung. Pamajikan Mang Sarkowi ogé ukur sakali-kalina, basa meuli panyolok saté jeung kécap.

Ngaca kana kajadian-kajadian taun saméméhna, Ustad Otong nyieun tata tertib anyar dina taun ayeuna. Sakabéh anu ngurus daging kurban, diwajibkeun ditimbang heula  awakna. Dimana geus bérés, balikna ogé wajib ditimbang deui. Nurutkeun Ustad Otong,  bakal gampil pisan néangan ulon-ulon anu sok nyarolongan daging téh. Lamun beurat awakna jadi nambahan, tangtu baé perelu digaradah.

Minangka anu kabagéan séksi tumbung-timbang, Ustad Otong nugaskeun Si Doya. Sigana mah pédah disagédéngeun rada ngedul kana gawéna, katambah Si Doya ogé dicuriga tukang nyumputkeun daging. Taun kamari waé manéhna mah kaasup nékad maling hulu domba. Jakétna dipaké nutupan sirahna. Ari hulu domba disimpen dina luhureun kerah jakét. Saliwatan mah siga mahluk anéh, manusa anu huluna domba. Untung baé Lunar Jaya Film henteu kungsi nyieun sinétron Siluman Domba.

Teu karasa. Ti mimiti meuncit, nyisit, ngeureutan, tug nepi ka mungkusan, geus réngsé dipigawé. Saréréa ogé taya anu wanieun nyumputkeun daging. Tapi Mang Manta mah tetep baé masih kénéh kaburu nyelapkeun ati domba kana jero bajuna. Padahal mah saméméh ninggalkeun tempat, sakur anu digawé kudu ditimbang deui awakna ku Si Doya.

 Naha jadi nambahan satengah kilo?” ceuk Si Doya, basa ngakurkeun hasil timbangan awak Mang Jatma.

 “Apan bieu geus dahar!” témbal Mang Jatma, rada muncereng.

 “Aéh enya,” Ceuk Si Doya bari ngageroan Mang Sarkowi.

 Naha ieu mah kalah ngurangan?”

 “Capé teuing Déwék mah gawéna!” témbal Mang Sarkowi bari nyusutan késang anu luut-léét maseuhan sakujur awakna.

Kitu jeung kitu baé. Nepi ka ahirna mah bagéan Mang Manta. Sakedapan mah Mang Manta rada mandeg mayong. Tapi teu pati lila ogé, Mang Manta tuluy naék kana timbangan.

 “Tah, ieu mah angger!” Ceuk Si Doya.

 “Da Déwék mah teu dahar!” Mang Manta nyarita bari rada ngeleper.

 “Paingan atuh mani ngadégdég kitu.”

Mang Manta mani ocrak. Beubeunanganna mucekil pisan. Nya meunang jatah buruh digawé, nya nyumputkeun. Harita kénéh ogé tuluy amitan, rék balik ka imahna.

 “Ari ieu batu kiloan anu saha?” Ustad Otong ngagorowok bari némbongkeun batu kiloan; anu dua kilo jeung anu tilu kilo.

 “Anu abdi, Pa Ustad!” Mang Manta mani tibuburanjat, semu anu reuwas. Tuluy batu kiloan téh dibawa, sarta diasupkeun kana jero pésakna. Sakedapan mah Si Doya rada ngahuleng. Untung Mang Manta buru-buru lumpat, teu sirikna notog-notogkeun manéh. Pangpangna mah sieuneun ditimbang deui ngaduakalian.

***

 

Ranggon Panyileukan, 1 Dzulqoidah 1423 H