Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 30-06-2009 |


Catetan DHIPA GALUH PURBA

HATURAN KA SADAYANA, hapunten wireh simkuring rada lami henteu ngawaler komentar-komentar dina ieu situs, patali kasibukan anu teu aya reureuhna. Ma’lum ngokolakeun situs bari diudag-udag kaperyogian dapur. Sanaos kitu, simkuring tetep merhatoskeun, kalayan ngahaturkeun nuhun kana perhatosan sugri dunya maya sadaya. Di handap ieu mangrupi waleran2 kanggo nu ngomentaran dina kaca “Sampurasun”:

@Mamin: Dadali Manting Tipeuting, rumpaka lagu Kang Darso anu dipikalandep oge ku simkuring. Numutkeun Kamus RA Danadibrata, DADALI teh sabangsa alap-alap, buluna luis, jaringhas, jeung rikat pisan. Dadali hiberna cepet jeung suat-sietna saperti langlayangan adu, dina nyerepetna siga kapal jet, sarta lamun rek mubus ka jero daun gomplok siga nu babarieun pisan, teu sieuneun neumbag kana dahan, ari kabeukina manuk nu laleutik disamberna dina keur bongoh. Ari MANTING sasarina dibasakeun kana anjing anu keur dibawa moro terus-terusan ngagogog lantaran nenjo atawa ngambeu mangsana. Tapi taya salahna kecap MANTING dilarapkeun kana DADALI oge. Jadi, DADALI MANTING TIPEUTING hartina dadali anu keur suat-siet nyamber pihakaneun dina mangsa wanci peuting.

@Beng: Mangga bade diajar carpon mah, kantun via emailm teu kedah mayar…

@Adang S: Di dieu oge tos seueur VCD siga kitu teh. Hanjakal seueueurna bajakan (ngabajak tina acara Televisi atanapi tina panggung hiburan anu hajat). Teu acan aya nu kataji tur daria ngokolakeun VCD komedi atanapi bobodoran. Mugia akang sing betah di Serambi Mekah.

@Ruslan: Wa’alaikumsalam wr.wb… hatur nuhun kana pangrojongna…

@Manisya Nurmalina: Trims… saya sampaikan melalui situs ini, bagi kawan2 Manisya agar segera menghubungi…

@Benny S: Hatur nuhun, Kang Benny

@Kang Acun ti Jondol: Rampesss… mangga linggih KAng Acun, anggo we sendalna… he he… ke hoyong ngadamel website mah diajarna kedah langsung, rada sesah ngeceskeunana

@Ise (Alya): Alhamdulillah deui… tiasa tepang di dunya maya. Sok teraskeun jadi penyiar atuh nyaaa… dido’akeun sing sukses

@Irfan Wirahadi Kusumah: sami2 nyanggakeun salam pangwanoh

@Nenk: Komo deui ayeuna mah langkung lucu

@Titing Kartika: Wa’alaikumsalam… Hebat Ayi Titing tiasa sakola di Malaysia bari jalurna prestasi. Teu sadaya jalmi gaduh kasempetan siga kitu. Ku kituna, seja ngadorong ku du’a bae mugia sing sukses… tinekanan sagala pamaksadan…

@Yoppy Yohana: Wa’alaikumsalam…. Rampesss… sami2 abdi oge bingah tiasa silaturahmi di dunya maya sareng adi-adi kelas di SMPN Panjalu. Adi soteh yuswana, da ari pangaweruhna mah tangtos langkung jembar adi-adina…

@Apa: Rampes… sae pisan, mangga dihaturanan ka alamat email: bujanggamaya@yahoo.com.