Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 10-02-2008 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Uniko katelahna. Singgetan tina Usaha Nipu Kolot. Teu di kota, teu di lembur, Uniko geus dianggap trend. Pangpangna mah anu sok jadi ulon-ulonna téh sabagéan barudak sakola jeung mahasiswa (anu can bisa ngala duit sorangan). Bingung tayohna mah. Mangkaning kabutuhan materi keur bobogohan beuki marahal baé. Komo deui ninggang ka nu geus bareuki udud atawa anu kagegeloan ku PS. Apan éta téh merelukeun waragad anu teu saeutik. Lamun teu Uniko, rék ti mana atuh meunangna?
Si Buruy contona mah. Sanajan kolotna teu sabaraha beunghar ogé, ari urusan kana Uniko mah geus katelah pangpinterna. Lain sakali dua kali, Si Buruy ménta uang good morning, atawa uang pus-ap ka indungna. Pajarkeun téh dititah ku guru cenah. Atuh Indungna deui, bubuhan kurang wanoh kana basa Inggris, nya antukna mah sok méré. Bi Iwah, indungna Si Buruy belaan nepi ka ngeclok heula ka Mang RT keur neduanan uang good morning jeung uang pus-ap téh. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan, sieun anakna teu ditaékeun, atawa dikaluarkeun sakolana.
Si Jékong ogé, anu kungsi kedal jangji, moal ngabohongan ka kolot, poé éta mah ngadadak perang sabil. Anu jadi cukang lantaranna téh, alatan poé mangkukna wawanohan jeung murid anyar pindahan ti SMU Banjar. Ngaranana Asih Kurnia. Hiji mojang lenjang anu méncrang tur hérang. Seurina, imutna, dilakna, malah nepi ka urengihna ogé matak pikaresepeun jeung matak deungdeuleueun sakur lalaki anu keur meujeuhna séngsérang panon. Éta wéh, teuing naon maksudna, saprak aya Néng Asih téh, Pa Usép ogé jadi nambahan jadwal olahraga renang. Atuh Si Jékong, anu sasarina rada ngedul kana ngojay, ayeuna mah ngadadak jadi getol.
Malem minggu anu didagoan ku Si Jékong, ahirna mah teu burung cunduk. Manéhna geus jangji, rék nganjang ka imahna Néng Asih di Taman Sari. Mangkaning jangjina ogé rék ngirim coklat jeung mangnyewakeun kaset VCD sagala rupa. Kituna téh ari keur waragadna mah can aya sapérak-pérak acan. Kilang kitu, Si Jékong geus ngararancang pikeun Uniko. Teu paduli, sanajan poé kamari, bapana digugujeg kiriditan sééng jeung panci ku Mang Ubéd ogé. Nu penting mah, apél munggaranna bisa kalaksanakeun kalayan suksés.
Mimitina Si Jekong rada mandeg mayong. Kawasna mah trik Uniko-na sieun katohyan ku Mang Juned, anu jadi bapana. Sajabana ti kurang pangalaman jam terbang Uniko, katambah inget kana jangjina téa. Tapi lila-lila mah, Si Jékong nyieun kasimpulan sorangan. Ceuk pamikirna, lain rék ngabongan kolot ieuh, sabab ieu mah rék Uniko. Antara ngabohongan kolot jeung Uniko béda pisan, boh dina tulisanana atawa dina cara ngucapkeunana. Ngabohong tetep ngabohong. Uniko mah usaha. Kitu tah pamikirna téh.
“Apan minggu kamari ogé, geus dibayar satauneun?” Mang Junéd ngahuleng, basa Si Jékong ujug-ujug ménta duit keur bayaran.
“Da kedah duapuluh opat sasiheun, Pa, upami hoyong lunas satauneun mah,” témbal Si Jekong kalawan daria naker.
” Ké ké, ke…naha sataun téh mani duapuluh opat bulan? Apan ari sataun mah ukur duabelas bulan lin? Ti bulan Januari nepi ka bulan Desember,” Mang Junéd nyaritana rada nyeuneu. Mangkaning keur ngasur-ngasurkeun suluh.
” Apan teu acan kaétang sasih Muharam dugi ka sasih Rayagung-na, Pa,” ceuk Si Jékong teu éléh géléng.
“Aéh heueuh, nya. Aya ku poho-poho teuing.” Mang Junéd nepak tarangna sorangan. Tuluy cengkat tina jojodog, rék nyokot duit ka kamarna. Puguh wéh Si Jékong mani ocrak. Teu sirikna ajrag-ajragan, nepi ka méh tikusruk kana hawu.***
Peso Pangot, 2002
(Dimuat dina Rubrik “Heureuy Bandung” HU. Galamedia)








aduh…..bener pisan akang,uniko teh nuju nge-trend ayeuna mah.ka alaman ku abdi oge janten isin ah ayeuna mah^_^
eta pinter pisan nu nipu teh pangpangnamah nu ngarangna wkwkwkwkwkwkwk
aduh nyaan hade jeung lucu ari tina pangalaman pribadimah
UNIKO teh paguron luhur kitu? PTN atanapi PTS nya….