Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 |
Ku APUNG S. WIRATMADJA
“….Ana sakalina dihariringan teh estu mulus lantaran Deddy tapis enggoning ngatur pedotan. Saestuna apan dangding mah lain deklamasikeuneun, lain bacaeun digalantangkeun, tapi keur hariringkeuneun, tembangkeuneun…” Kitu diantarana nu ditulis ku sastrawan Taufik Faturahman dina pangbagea buku “Jamparing Hariring” (Deddy Windyagiri). Jadi, lamun dangding arek dilaguan, lain ngan wungkul kudu tumut kana aturan pupuh, tapi kudu merenah ngatur pedotanana (boh pedotan pondok boh pedotan panjang, beres ngatur wirahmana, diksi, phrase, eusi jsb.
Kuring pohara katajina ku dangding-dangding karya Wahyu Wibisana jeung Deddy Windyagiri. Beunghar jeung tapis ngulinkeun kecap jeung… endah. Duanana pada-pada boga “kakuatan”. Wahyu sari-sari nyumputkeun bukaeun, dibacana sok matak panasaran mun teu dua-tilu balikan teh. Ari dangding Deddy ngageuri, ngagalindeng wirahmaan.
Keur anu beuki
Geura ieu contona:
Bumi asih pangbalikan kuring,
tanah tresna pamulangan ruang,
montel ti jaman maneheng,
rukun di dukuh Galuh,
jadi umpi Muarajati,
sakalang sakalangkang,
bedol dayeuh milu,
bubuara di Pakuan,
pada wangi ngawawangi Siliwangi,
rasa urang langenan.
(Wahyu Wibisana, “Riring-riring Ciawaking“)
jeung
Nya di dieu sumungkun sumanding
nitis asih clik putih clik herang
andon mulangkeun lalakon
nu langgeng dipigandrung
palataran pasini pati
lahan goar munggaran
diburu dijugjug
sadrah masrahkeun kanyaah
lemah endah tempat miang tempat ngampih
sarakan pangbalikan.
(Deddy Windyagiri, “Jamparing Hariring“)
(Najan obyek “lemburna” beda, nu hiji Pakuan/Pajajaran, hiji deui lembur kalahiran, duanana tibelat ka tanah Sunda, lemah pangbalikan, dirakit dina ungkara-ungkara “nyaah” anu endah. Asw).
Cekeng ge lumrah, nu beuki jeung nu teu beuki teh
Saterusna, ieu di handap aya data (jeung fakta) perkara “peranan” dangding dina rumpaka Tembang Sunda, nu kacatet nepi ka taun 2005. ieu data tangtu bisa robah, da apan diantarana lantaran aya rumpaka-sanggian jeung rumpaka-sandingan tea.
1. Tina 17 lagu poko wanda Papantunan, 10 lagu pake rumpaka wangun dangding. Teu kapapay ti mimiti iraha pupuh asup kana wanda Papantunan.
2. Tina 9 lagu poko wanda Jejemplangan, 7 lagu rumpakana mupuh.
3. Dina wanda Dedegungan (10) sagemblengna rumpakana wangun dangding.
4. Dina wanda Rarancagan anu jumlahna ratusan, rumpaka anu teu mupuh teh ngan sasiki, mun teu salah ngan lagu Liwung Jaya.
5. Dina wanda Panambah anu reana aya 297 lagu (nu kacatet nepi ka taun 2001) rumpaka wangun Dangding teh teu kurang ti 45.
Naon sababna rumpaka wangun dangding dina Tembang Sunda teh bet pohara lobana, leuwih loba batan rumpaka wangun puisi-pantun, sisindiran atawa puisi-bebas? Salah sahiji alesanana, lantaran dina rumpaka Tembang aya nu disebut rumpaka sandingan tea. Da kitu ieuh faktana.
Ditilik tina urusan rumpaka seni Tembang Sunda teh mere tempat anu laluasa pisan ngawadahan wangun rumpaka : puisi-pantun, sisindiran, dangding, puisi/sajak-bebas.
Jadi alesan nu nyebutkeun yen aturan dangding/pupuh (guru-lagu, guru-wilangan) ngawatesanan kreativitas, asana teusing kitu, mun teu rek disebut alesan cetek oge.
Perkara wangun sajak-bebas/puisi modern, basa-ugeran wangun anyar, dina sastra Sunda kakara dipiwanoh awal taun limapuluhan. Ngalengkahan puisi-baru saperti ternin, kuatrin atawa soneta jsb.
Teu kapapay iraha-irahana dina Tembang Sunda (ge) ka beh dieunakeun cul-cel rumpaka wangun sajak-bebas/puisi modern, anu aturan-aturanana siga nyumput, teu nembrak kawas aturan dangding. Eta aturan anu teu nembrak teh diantarana dina diksi, ungkara, wirahma jeung duka naon deui. Saestuna sajak-bebas teh lain dumeh bebas ngaruntuykeun ka handap sakarepna. Tangtu aya aturanana.
Sigana wae sabada maca rumpaka lagu panambah “Asih nu leungit”, sastrawan Soni Farid Maulana diantarana nulis kieu:
“…… membaca sejumlah lirik (puisi) yang ditulisnya itu terasa ada kenikmatan estetis yang menjanjikan romantisme dengan makna tidak hanya mengarah pada kehadiran seorang kekasih yang fisikal, tetapi juga sekaligus menghadirkan kekasih metafisikal. Keduanya hadir silih menyilih dalam tafsir si pembaca yang dengan nikmat dan kadang ekstase dalam suasana yang romantis itu…”
(”Pesona Puisi Sunda Modern“, Harian Umum Pikiran Rakyat, 27 Januari 2000)
Kuring ngahuleng sajongjongan maca eta tulisan teh. Malah make teu percaya sagala, lantaran kuring nyaho pisan inyana anu nyieun sajak-bebas “Asih nu leungit” teh asa teu kurup disebut “panyajak”, da puguh sapopoena mah ngan ukur… tukang ngacapi. (punten). Maca ulasan Soni tea kuring ngan wasa nyebut “kutan?”
Teu rea seniman tembang anu nyoba ngasupkeun wangunan sajak-bebas/puisi modern kana rumpaka tembang teh. Dua diantarana nya eta Bakang Abubakar jeung Engkos. (Utamana dina lagu wanda Panambah) ari geus jadi lagu, bet teuing ku payu.
Kuring mindeng ngarasa kataji mun maca sajak-bebas/puisi-modern basa Sunda teh.
Sakadar contona geura ieu:
Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamalela
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba keneh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian
……………………..
……………………..
……………………..
Nyawang ka hareup
mun ngawujud jadi megacity?
(Eddy D. Iskandar,
Rasa melang, tibelat, keuheul ka
Ieu deuih:
Leumpangna peuting
Baranangna lampu
Antara caang jeung caang, Jungjunan
Katembong lolongkrang mongkleng
……………………
Bandung caang, Bandung peteng, Jungjunan
Langgeng, duh, langgeng sewang-sewangan
(Godi Suwarna. Dicutat sabagian)
Endah, ngagalindeng, wirahmaan. Kitu nu karasa ku kuring.
Dina aturan-aturan anu “teu nembrak” tea kuring masing-masing anu pasti teu kudu sarua, da apan:
Wantu-wantu sindir mah sasindir,
wantu-wantu basa mah sabasa,
ngan beda nu kapiomong
……………
Juni 2007
Dimuat di Majalah Manglé, No. 2130







