Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-02-2010 | 2 Komentar »
Da cinta nu saéstuna tara laas ku robahna mangsa
Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu
Nu bisa ngarungkup gunung,
ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra
Urang suaykeun rupaning lalangsé
Urang halingkeun aling-aling
Wilujeng milangkala, jungjunan…
Panjalu – Cibiru – Pulogebang, 1978-2010


















Nada dasar Islam anu jadi téma umum karya-karya Usép, dina sawatara carita dina Sanggeus Umur Tunggang Gunung gé aya tapi henteu katémbong sacara langsung. Dina “Lauk Cimanuk” upamana aya konflik dina batin jalma anu meunang lauk badag pisan hasil nguseup ti Cimanuk tapi kapaksa ninggalkeun salat sapoé jeput. Dina “Tawuran” digambarkeun kiai jeung ustad nu rék badami pikeun néangan jalan ngungkulan masalah tawuran antar-lembur, malah kamalinaan ku sabab nyanghareupan tuangeun anu matak ponyo. Dina “Tower” digambarkeun kaiklas jalma nu nginjeumkeun duit simpenanana jang munggah haji ka tatangga nu leuwih perelueun sanajan henteu kaerong baris bisaeun mayar. Dina “Ahli Waris” turunan dukun sohor henteu neruskeun pagawéan warisan tuturunan karuhunna ku sabab ningal jaman geus robah henteu luyu deui pikeun ngadukun anu ngandelkeun kana peledugna haseup menyan. Tapi alona anu bisaeun nulungan jalma anu daratang ménta tulung ku jalan aktif di widang iklan dianggap nuluykeun lacak karuhun. Ari dina “Kasaktén Abah Suma”, Usép jiga anu ngonfirmasikeun kana ayana ma’unah nu dipaparinkeun ku Allah ka jalma anu dipilih ku anjeunna, nyaéta jalma anu enya-enya iklas sarta ngarasa enyaan henteu walakaya anging ku pangersa Anjeunna.
Bedah Buku:
Oleh DHIPA GALUH PURBA
Oleh AHDA IMRAN
Oleh GODI SUWARNA
















