Saulas Ngeunaan Longser DURIAT BEJAD




Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (Bumi Panyileukan, Bandung)


TEU pati loba, grup atawa kelompok Téater nu konsistén ngagarap naskah-naskah basa Sunda, boh dina winangun Téater Modern, Longsér, Sandiwara Sunda, jeung séjén-séjén deui. Komo deui anu ngalibetkeun generasi ngora mah, kawasna masih kaitung langka. Ku ayana kitu, kacida perelu diajénan tarékah Téater Sunda Kiwari (TSK) anu nepi ka kiwari masih rutin ngayakeun Féstival Drama Sunda (FDBS), unggal dua taun sakali. Saperti anu digelar taun 2008, Féstival Drama Sunda  diiluan ku 71 patandang. Puguh baé leuwih undak batan FDBS taun 2006 (diiluan ku 53 patandang) atawa atun 2004 (diiluan ku 40 patandang).

Tina 71 kelompok téh, leuwih ti satengahna diwengku ku para rumaja anu masih kénéh diuk dina bangku SMP jeung SMA. Para rumaja beuki réa nu kahudang sumangetna pikeun milu ngamumulé basa Sunda, nya salahsahijina ku cara aub ngagarap téater anu ngagunakeun basa Sunda. Tétéla basa Sunda ogé bisa dijieun basa gaul anu henteu dianggap tinggaleun jaman. Kalayan “PD”, para rumaja ngasongkeun ngaran-ngaran kelompokna, kayaning “Wawanén”, “Téroris”, “Gémbél Élite”, “Patih”, “Senapati”, jsté.

Lain baé jumlah patandangna anu undak téh, da kualitas pagelaranana ogé milu undak. Hartina, lain saukur hayang méjéng dina panggung, da kaciri ladang tina prosés anu daria, inopatip, reumbeuy ku kréativitas, tur réa impropisasi anu calakan. Sajabana ti kitu téh, dibarengan ku ngagedurna sumanget “getih ngora”. Kalintang loyogna Téater Sunda Kiwari dilélér sertifikat ti MURI (Musieum Rékor Indonésia) anu ka 3070, minangka pangajen kana kagiatan Festival Drama Basa Sunda (FDBS) nu diayakeun 20 poé noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008. Nurutkeun Paulus Pangka, Manajer MURI, kagiatan FDBS minangka festival drama basa daerah sa-Indonesia panglilana, malah saalam dunya.

Nilik kana antusias generasi ngora kana Pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, aya saenyay harepan pikeun kalumangsungan pintonan Basa Sunda sacara umum. Teu perelu madungdengkeun wanda pintonanna dingaranan naon jeung bungkeuleukanana siga kumaha. Nu penting mah naon rupa nu pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, sakurang-kurangna geus bisa némbongkeun mun yén lalampahan Basa Sunda téh katingalina panjang kénéh.

Rupaning rarancang  pikeun ngamumulé Seni Sunda atawa ngalahirkeun ré-generasi dina seni Sunda, mémang mindeng pisan diayakeun. Didiskusikeun, diseminarkeun, diupadungdengkeun, méh taya anggeusna. Hanjakalna, kalolobaanna mah tara dibarengan jeung prak-na. Barang diskusi atawa seminar bubar, nya programna ogé miluan bubar. Padahal nyéboran sirung-sirung anyar téh kalintang pentingna. Komo deui dina mangsa globalisasi cara kiwari, jati kasilih ku junti téh teu pamohalan bakal kajadian, upama taya tarékah nu nyata.

Teu kudu lahuta heula saheulaanan mah, nu penting mah kumaha carana  ngahudang rasa kataji atawa kareueus para nonoman Sunda kana kabudayaan sorangan. Nya diantarana ngawanohkeun pintonan ku Basa Sunda di sakola-sakola atawa di paguron luhur. Sugan jeung sugan, ku jalan mindeng nga-afrésiasi pintonan Basa Sunda, antukna jadi kataji tur reueus (deui) ngagunakeun basa Sunda dina pakumbuhan hirup sapopoé.

Para  nonoman ogé kudu dibéré kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu diusengker ku aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé ngagunakeun basa Sunda saayana, sanajan henteu "nyunda", batan henteu pisan. Mémang jalma-jalma  nu arogan jeung nganggap basa Sunda maranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda, diperlukeun hiji proses, jeung tangtuna kudu leuwih ngarti kana dunya para nonoman.

Mémang ngahirupkeun deui sumanget seni tradisi mah henteu cukup ku ngayakeun seminar atawa wangkongan séjénna, sanajan ngawangkong ogé puguh baé penting. Héabna budaya deungeun anu ngakar di Pasundan, geus ngalantarankeun ajén seni tradisi Sunda méh kasingkirkeun. Padahal kacanggihan teknologi, lain hiji alesan pikeun leungitna jati diri Ki Sunda. Malah ku ayana hal éta, ajén seni tradisi Sunda bisa leuwih weweg tur nanjeur kalayan mekar dina ngolah wanda kréasina. Sabab kasenian rayat Sunda bisa makalangan saluyu jeung kamajuan jaman. Nya  contona mah kasenian longsér nepi ka kiwari, tétéla masih kénéh dipikaresep.


Riyanti Rachmat


Saulas “Duriat Bejad”
Dunya beuki kolot. Globalisasi, emansipasi, Modernisasi geus mawa kahirupan ka nu leuwih maju. Hanjakalna sagala rupa anu datangna ti barat kurang disaring kalayan daria. Budaya anu teu cocog jeung adat katimuran geus nerekab tur ngakar ka masarakat Sunda. Jati Kasilih Ku Junti bisa baé lain saukur babasan. Tapi bisa kanyataan. Lamun geus kitu, tinangtu bakal kaleungitan ajén jati diri anu sayakti. Moal boga tatapakan pikeun ngalengkah. Bangsa anu rohaka, nyaéta bangsa anu miara tur ngalestarikeun budayana sorangan.

            “Duriat Bejad” ukur nginjeum judul wungkul, da ari eusina mah henteu béak dipaké nyaritakeun 'duriat'. Kuwu Éon kabungbulengan ku Néng Susi. Hanjakalna Néng Susi kakara kawin ka Jang Isud. Tapi sanajan kitu, kuwu Éon tetep merekedeweng, malah ngucurkeun dana ka tilu urang usung-ésangna (Sarmud, Ukro, jeung Sarkowi) pikeun nyulik Néng Susi. Salian ti éta, Kuwu Éon ogé nitah nyéwa pasukan démontrasi sangkan pamaksudanana bisa tinekanan, bisi aya nu ngahalang-halang.

            Sanggeus Néng Susi diculik, sobat-sobat salakina ngumpulkeun massa pikeun nyieun ngadémo Kuwu Eon. Dina paméntana, sajabana ménta dibébaskeun Néng Susi, nu démo téh nitah Kuwu Éon turun tina jabatan kuwu. Kuwu Éon sabenerna keur nyanghareupan hiji perkara anu kacida beuratna. Sabab pamajikanana boga kahayang nu lain-lain tur kalintang bejadna. Tapi kangaranan longsér, tangtu baé tara leupas tina banyol jeung gogonjakan.

Pamungkasna, ieu naskah longsér “Duriat Bejad”, mugia baé aya mangpaatna. Sabab salila ieu, lain sakali-dua kali para nonoman anu ngarasa bingung maluruh naskah longsér. Aya éta ogé anu ngahajakeun nepungan ka imah, rék ménta naskah longsér pikeun digarap tur dipagelarkeun. Aya ogé anu ngaliwatan e-mail. Ku kituna, ieu naskah longsér téh geus kungsi dipagelarkeun ku sababaraha grup téater. Naskah “Duriat Bejad” munggaran dipidangkeun ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka(Bumi Panyileukan) di Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung jeung di STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia) Bandung, dina acara Parade Longsér 2001. Para pamaénna  Sanny Ferryanny, Dody Otong, Hendrayana, Intan Riesna Yuswana, Yunar Festovik, Bangbang, Hani, Fikri, Kurnia, Adit, Mia Ocktavia, Adji, Mega, Syaeful, Jsb. Anu ngibingna Riyanti Rachmat, Melly Marwati, jeung Dian Kharismasari. Nayagana Den Endul, Iwa Pranawa, Riki, Yudi, Elan, Jsb.

Jadi, keur pakumpulan kasenian atawa sanggar seni anu seja ngagarap ieu naskah, sumangga diwidian, kalebet ngawidian bisi perelu dirévisi atawa diluyukeun ku sutradarana.


Baktosna
Dhipa Galuh Purba

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post