Rabu, 30 Mei 2018

Deukeut ka Bedug


 

 Ku DHIPA GALUH PURBA


“Jang, geus bedug Lohor?”

ENYA, moal poho. Harita, waktu masih kénéh cicing di lembur (kira taun 1980-an), mindeng pisan bapa kuring (alm) tumanya kawas kitu. Pangpangna mah upama waktu geus nyedek ka wanci tengah poé. Malah lain baé bedug Lohor, anu sok ditanyakeunna téh. Kaasup bedug Asar, bedug Magrib, bedug Isa, jeung bedug Subuh. Tangtu wé bapa kuring téh rék ngalaksanakeun ibadah solat pardu; hayang mastikeun waktuna geus manjing atawa acan. Bapa téh tara nanyakeun “Geus adan lohor?” Lumrah pisan, sabab harita mah can pati usum pangeras, da puguh tacan aya listrik téa.

Iwal ti di buruan Masjid atawa Tajug, asa can kungsi aya bedug anu “nangkring” di tempat séjén. Sebut baé bedug téh (di lembur kuring) kacida raket patula-patalina jeung Masjid. Malah Mama Haji sok ambekeun naker; upama aya barudak anu ngoprék bedug lain wayah, lain mangsa. Nya minangka nu rada samemena ngoprék bedug téh, taya lian dina mangsana Bulan puasa; ngadulag. Ti saréngséna solat subuh nepi ka wanci tengah poé ogé, tara kungsi aya nu nyaram. Kari daékna jeung kari kuatna wungkul, sing rék nepi ka utah-uger ogé. Malah dina maleman takbir mah, bedug téh aya kalana sok diangkut kana mobil bak; ngadulag bari ngurilingan lembur.

Teu karasa; Bedug, dina harti kecap barang, geus jadi salah sahiji bagéan tina kalengkepan masjid. Ditilik tina kagunaanna, écés pisan keur ngabéjaan urang lembur mun yén geus manjing waktuna solat. Husus di lembur kuring; unggal bedug lohor, nakolna sok didulugdugkeun. Sarua jeung bedug asar –husus—dina poé Jumaah. Sajabana ti éta mah, nakolna ukur dua kali, ditambah sakali, diselangan heula ku kentrong (nakol kohkol).

Ka béhdieunakeun, sanggeus rada gaul jeung dunya kasenian, kakara apal mun yén bedug téh lain baé aya di Masjid. Basa lalajo pintonan kasenian rampak bedug, apan bedug téh maké jeung naék kana panggung sagala. Komo anu matak barieukeun mah, upama geus nyaksian festival bedug atawa paradeu bedug. Sora bedug téh, upama diracik cara nabeuhna mah, enyaan henteu éléh ku alat musik séjénna. Pon kitu deui upama nengetan sababaraha kelompok musik, anu ngagunakeun unsur sora bedug, karasa pisan ceuli téh nikmatna. Tapi da keukeuh, grup musik anu ngagunakeun unsur bedug, sasarina anu mibanda nuansa Islam.

Nyaritakeun perkara bedug, bet jadi ras inget ka Masjid Agung anu perenahna di Kelurahan Yudanegara, Kacamatan Cihideung, Kabupatén Tasikmalaya. Di dinya pisan aya hiji bedug anu (sebut baé) pangbadagna sa-alam dunya. Keur anu resep kana bedug mah, kawasna moal bireuk deui ka éta bedug. Saméméh diperenahkeun di Masjid Agung Tasikmalaya, éta bedug diiderkeun heula ka 56 kota di Pulo Jawa (kurang leuwih nyorang jarak 3.104 KM). Rék henteu calangap kumaha, da puguh éta bedug téh  diameter ogé nepi ka 2,05 M, panjangna 4 M, luhurna 2 M, kalayan beuratna ku ijiran mah kawasna aya bahan leuwih ti saton. Hanjakal teu kaburu nyobaan mangku harita téh, da rada rurusuhan. Éta Bedug minangka sumbangan ti PT. HM Sampoerna anu ngahaja dijieun ku Trimanto alias Mpu Triwigono (70 taun), ahli gamelan ti Yogyakarta. Bahan bakuna ogé kawilang hade, tina kulit munding jeung kai bingkerey demak (kai anu weweg). Sakumaha anu kungsi diwartakeun ku HU Pikiran Rakyat (17 Novémber 2002), ieu bedug téh meunang pangajén ti Museum Rekor Indonesia (MURI), kalayan dicatet dina Guiness Book of Record minangka bedug pangbadagna jeung pangpanjangna sa-dunya. Atuh puguh kagunaanana ogé lain baé pikeun ngabéjaan waktu solat atawa buka puasa. Ieu bedug kareueus urang Tasik téh jadi salah sahiji tujuan wisata. Loba anu ngahajakeun unggah ka Masjid Agung Tasik pikeun ningali sacara langsung bedug ‘ahéng’ téa; anu dipoto bareng artis…aéh bareng bedug, anu hayang  nyoba-nyoba nabeuh, tug nepi ka anu ngamangfaatkeun pikeun dijieun lokasi shoting.

Kilang kitu, bedug di Masjid Agung Tasikmalaya, henteu kasebut bedug ‘ahéng’ anu munggaran. Sabab sawatara taun katukang, di Masjid Purwerojo ogé geus ngajengléng hiji bedug anu diaméterna 1,94 M, kalayan panjang 2,92 M.  Upama bedug di Tasik bahanna ngagunakeun kulit munding, bedug anu dingaranan Bedug Agung Kiai Pendowo atawa Kiai Bagelen mah, dijieunna ngagunakeun bahan kulit Banténg. Tapi ku lantaran aya karusakan (Maklum umurna geus heubeul), dina taun 1993 kulit bagéan tukangna diganti ku kulit sapi. Nurutkeun sajarahna, éta bedug téh dijieun dumasar kana paréntah Adipati Cakronagoro, anu harita jeneng Bupati Purworejo (1831). Awahing ku beuratna, pikeun ngangkut bedug ti Purwodadi (tempat nyieunna) ka Purworejo, nepi ka méakeun waktu aya kana 2 minggu. Anggangna kurang leuwih 9 KM. Meujeuhna, da jaman harita mah can aya alat transportasi anu canggih siga jaman kiwari.

Sajabana di Tasik jeung di Purworejo, anu bisa dikatégorikeun wanda bedugna badag téh, aya deui di Masjid Attaqwa, anu perenahna di Desa Kalierang, Wonosobo. Éta bedug téh panjangna 2 M, kalayan diameter-na 1,71 M. Atuh di lembur kuring ogé, lamun dihijikeun mah, kawasna bakal leuwih badag. Mindeng pisan nyieun bedug anyar téh. Pangpangna mah da sok ruksak, upama maleman takbir. Da éta apan sok diangkut téa, dibawa ngurilingan lembur bari ngadulag. Ari anu ngadulag, teu saeutik anu sok sasangkleng nabeuhna. Saperti basa malem takbir taun kamari, bedug téh totos ku Si Buruy. Puguh baé sirahna didegungkeun. Tapi dasar budak jauh ka bedug, dicarékan téh kalah némbalan, bari rada muncereng, ”Enya da sirah uing téh bedug…”

Dina basa Sunda, aya hiji babasan anu unina; Jauh ka bedug (hartina; dusun meledug). Atuh lamun kitu mah, sangkan henteu jadi jalma dusun, nya kudu ‘deukeut’ ka bedug. Beuki écés baé mun yén bedug téh mibanda ajén anu luhung, boh ditilik tina interpretasi urang Sunda, pon kitu deui agama Islam. Aya prosés transformasi budaya anu saluyu (baca; sajalan). Pang kitu téh, da nurutkeun anu kapaluruh ti guru ngaji kuring, bedug mah asalna lain tina tradisi Islam, tapi bisa ditarima di kalangan Islam di Indonésia. Kilang kitu, aya ogé umat Islam anu terang-terangan ngalarang ngagunakeun bedug, kalayan alesan; bidah. Saperti pamadegan Kiai Fakih ti pasantrén Mas Kumambang Gresik. Puguh baé kudu pabéntar paham jeung umat Islam anu ngarojong sangkan ‘deukeut ka bedug’. Sebut baé Kiai Hasyim Ashari ti Pasantrén Tebu Ireng Jombang (akina Gusdur).  Nurutkeun sababaraha sumber anu kapaluruh, ieu dua tokoh téh mindeng debat madungdengkeun perkara bedug. Malah nepi ka duaanana dipundut ku Nu Kagungan ogé, padungdengan perkara bedug teu kungsi réngsé.

Béda pamadegan dina nyawang hiji perkara, kacida dimeunangkeunna dina agama Islam. Malah sabenerna Islam leuwih démokratis sanajan dibandingkeun jeung partéy-partéy  anu make lébel démokrasi ogé. Buktina Kiai Fakih jeung Kiai Hasim, teu kungsi kabéjakeun paséa alatan pabéntar paham ngeunaan bedug. Tali silaturahmi teu kungsi pegat, ku ayana éta perkara. Akur wéh, da puguh duanana ogé Kiai linuhung nu apal jeung ngarti sarta narima kana ayana béda paham di antara manusa. Nu matak kagugu, hémeng jeung tajub; upama aya iber Kiai Hasyim bakal nganjang ka Pasantrén Mas Kumambang, Kiai Fakih maréntah ka para santri-na sangkan néangan atawa nginjeum heula bedug pikeun ditunda di masjid-na saheulaanan. Pon kitu deui sabalikna, upama Kiai Fakih nganjang ka Pasantrén Tebu Ireng, Kiai Hasyim ogé maréntah ka para santri-na sangkan nyumputkeun heula bedug saheulaanan. Silih ajénan, silih hargaan kana béda pamadegan. Henteu maksakeun kahayang jeung pamadegan sorangan. Jajauheun nepi ka paséa –komo—galungan kawas para inohong jaman ayeuna mah anu siga jarauh ka bedug. Ku lantaran kitu, aya hadena upama bedug téh lain baé disayagikeun di Masjid-Masjid. Geus waktuna nunda bedug di Kantor Walikota, Kantor Bupati, Kantor Gubenrnur, Gedong DPR, MPR, tug nepi ka di Istana Présidén. Sugan atuh ari ‘deukeut’ ka bedug mah, moal jarauh ka bedug.***

Dimuat dina Majalah Manglé, Taun 2002

Comments
0 Comments

0 komentar: