Carita Pondok Sunda: Wates

Carpon DHIPA GALUH PURBA
           

PAINGAN kungsi pinanggih jeung impian nu rada ahĂ©ng. Tara-tara ti sasarina pisan. Kuring dibawa ngapung ku Nini AntĂ©h. Ngalalanglang legana wiati. Ngambah satungkebing jomantara.  Nepi ka anjogna  ka hiji tempat anu cenah mah Ă©ta tĂ©h bulan tĂ©a. Bulan anu sasarina ukur diteuteup dina mangsa wanci peuting. Bulan anu biasana ngan saukur bisa disawang kaĂ©ndahanana. harita mah diidek pisan ku dua suku kuring. Asa enya jeung asa nyata. Dina tatapakan lemah bulan, kuring bisa ngaleupaskeun paneuteup ka satungkebing jagat raya. BrĂ©h buleudan bumi. Teu Ă©cĂ©s, tapi samar-samar aya anu gugupay ti luhureun TĂ©mbok China. Najan ukur katara dedeganana, tapi kuring apal pisan ka manĂ©hna. Yun Lie.

Impian kuring mibanda dua carita anu béda. Geura wéh, sanggeusna kuring bisa napak di bulan, satuluyna ukur sakilat kuring ogé bisa anjog ka sisi walungan Yangtze. Karasa aya angin ngahiliwir, nebak embun-embunan. Tapi taya Yun Lie di sabudeureun kuring. Anu ngalantarankeun panon kuring ukur neuteup cai anu ngamalir di walungan Yangtze. Enyaan, panjangna ngembat nepi ka satungtung deuleu. Paingan atuh disebut walungan katilu pangpanjangna saalam dunya.

Leupas tina patula-patalina antara ngimpi kuring jeung surat ti Yun Lie. Ingetan kuring jadi ngajamparing kana hiji lalakon anu kungsi karandapan. Bulan Juli katompĂ©rnakeun na taun kamari, Yun Lie paamprok jeung kuring. Piraku teuing nepi ka poho, sabab panggihna ogĂ© disaksian ku wangunan Gedong Batu, anu ku Yun Lie mah disebutna tĂ©h KlĂ©ntĂ©ng Sam Poo Thay. Nya ti harita, kuring ogĂ© tara nyebut Gedong Batu. Tapi kulantaran embung disebut nurutan manĂ©hna, kuring mah sok nyebut KlĂ©ntĂ©ng Sam Poo Khong.  Padahal sarua ieuh, kuring tĂ©h nurutan sesebutan sakumaha anu dipikawanoh ku sĂ©lĂ©rna Yun Lie.

Peuting harita, kaayaan di KlĂ©ntĂ©ng Sam Poo Khong mutuh matak pikabetaheun. MangrĂ©bu lilin anu diseungeut, ngadatangkeun suasana beuki ritual. Tapi anu leuwih penting mah, cahaya lilin bisa nyaangan rupa manĂ©hna anu geulis bawana ngajadi. Moal Ă©lĂ©h ku bĂ©ntang filem ‘Gong Li’. Pakulitanna anu bodas tur mulus, matak sĂ©rab anu ningali. Tapi kuring rada ngaranjug basa sajorĂ©latan, katara aya anu ngeclak tina dua panon sipitna. Teuing ngarasa sedih alatan lokĂ©tna leungit, atawa mĂ©mang keur nyanghareupan hiji perkara beurat. Urusan leungit lokĂ©t mah boa can engeuheun-engeuheun acan. Kilang kitu, lain hartina kuring jadi robah pamikiran. Matak manĂ©hna ditĂ©tĂ©angan ogĂ©, lokĂ©tna anu bieu ragrag di jalan tĂ©h apan rĂ©k dibikeun deui. Malah lamun manĂ©hna teu kaburu ngiles mah, titadi ogĂ© pasti langsung dipasrahkeun. Untung wĂ©h teu pati hĂ©sĂ© mapayna.


 “Punten…” ceuk kuring rada halon, kalayan ati-ati pisan. Inggis ku bisi, rĂ©mpan ku sugan, sok sieun ngaganggu kana kahusuanana. ManĂ©hna langsung ngalieuk. Tapi meunang sakedapan mah ukur molohok mata simeuteun, bari panonna neuteup kuring. Ngajadikeun hatĂ© kuring mingkin seseblakan, marengan tingsariakna rarasaan sakujur awak. Kuring teu wani nyarita sakecap-kecap acan. Teuing pangaruh naon. Nu Ă©cĂ©s mah manĂ©hna buru-buru surti, basa leungeun kuring ngasongkeun lokĂ©t. Teu kuat lila-lila aya di hareupeunna tĂ©h. Kuring buru-buru malikeun awak sanggeus lokĂ©tna ditampanan.


 “Nuhun!” kitu pokna. Éta sora mani halimpu kitu. Najan ukur sakecap, tapi asa ngagalindeng tur matak dĂ©dĂ©ngĂ©eun. Tapi angger kuring ukur bisa ngalieuk bari unggeuk. ManĂ©hna nĂ©mbongkeun imut manisna, matak ngaragragkeun jajantung kuring. Caca lamun henteu didaragoan ku babaruran mah, tangtu kuring bakal rada lila paadu hareupan jeung manĂ©hna. Hayang ngajak ngawangkong heula papanjangan bari tuluy pancakaki. Aya hiji hal leuwih narik hatĂ©. Tina sakecap carita anu dikedalkeunana, kuring ngarasa yakin mun yĂ©n manĂ©hna bisaeun nyarita ngagunakeun basa Sunda. Kawasna mah padumukanna ogĂ© lain di Semarang.

Aya hadĂ©na kuring teu kadalon-dalon jeung manĂ©hna. Sabab basa kuring datang ka tukangeun panggung, pagelaran Kuda Lumping geus rĂ©k dimimitian. Mangkaning sakabĂ©h pamaĂ©nna geus taratan-tatan sapuratina, kari ngadagoan kuring wungkul. Puguh baĂ© harita kĂ©nĂ©h ogĂ©, kuring mani gusat-gesut disalin makĂ© kostum. Sanajan pikiran mah masih kĂ©nĂ©h tinggaleun di KlĂ©ntĂ©ng Sam Poo Khong, tapi ari geus der mah dimimitian, teu burung kuring ogĂ© bisa husu kana pagelaran. Ladang latihan opat bulan tĂ©h, teu matak nguciwakeun. Salila pagelaran kuda lumping dipintonkeun, anu lalajo mani ngagimbung kalayan  surak ayeuh-ayeuhan. Nu lalajo sugema, nu maraĂ©n ogĂ© leuwih sugema. SuksĂ©s pisan kasebutna tĂ©h. Nepi ka panata calagarana ngarangkul awak kuring. Bakat ku atoh kawasna mah.  Sanajan ari kasugemaan mah, tangtuna ogĂ© loba kĂ©nĂ©h karasa ku kuring. Pangpangna mah diantara sakabĂ©h pamaĂ©n kuda lumping, ukur kuring sorangan  anu lain urang Jawa. Malah lamun kauber waktuna mah, satadina kuring ogĂ© rĂ©k diajakan maĂ©n RĂ©og Ponorogo. MĂ©mang saprak asup kuliah ka STSI Solo, kuring ngarasa kataji ku widang seni budaya Jawa. Ti dinya kuring mimitina sok aub jeung para seniman tradisi.

“SaĂ© pisan…” jolna mah ti tukangeun kuring, Ă©ta sora tĂ©h. Tapi kuring kacida wanohna. Barang dilieuk ogĂ© teu sulaya tina panyangka, manĂ©hna geus ngajanteng bari ngasongkeun dampal leungeunna. Bungah anu tan watesna. Bagja anu lain meumeueusan. Basa patarĂ©ma jeung rĂ©ma-rĂ©ma leungeuna anu lemes, beuki karasa baĂ© ayana geter-geter asmara anu tatadi mula geus nyaliara dina dada.


 “Ti Bandung, nya?” ayeuna mah kuring wani nanya, sanajan ari panon mah teu pati wani nepi

ka kudu paadu teuteup jeung manéhna.

 “Muhun. Sami deuih?” manĂ©hna unggeuk, bari malik nanya.

 “Ti Bandung pisan abdi mah.” TĂ©mbal tĂ©h bari nyolong rĂ©rĂ©t ka beulah pipina anu kempot.


 “Nepangkeun, abdi Yun Lie.” ManĂ©hna ngasongkeun deui dampal leungeunna ngadua kalian. Ti harita, kuring mimiti apal ngaran manĂ©hna. Tapi sanajan manĂ©hna siga anu ngajak loma, keukeuh baĂ© asa aya anu ngawatesan antara diri kuring jeung manĂ©hna.


 “Dharma.” Kilang kitu, kuring buru-buru malik ngawanohkeun manĂ©h.


 “Kang Darma, abdi badĂ© nongton Cap Go Meh. Bilih badĂ© ngiring?” kitu pokna bari imut ngagelenyu. Dihenteu-henteu ogĂ©, manĂ©hna siga anu hayangeun pisan dibarengan ku kuring. Katara tina rindat panonna.


“Cap Go Meh? Hayu ah, badĂ© nongton abdi ogĂ©.” Asa mobok manggih gorowong atawa aya jalan komo meuntas. Sajabana ti panasaran kana rupa pintonan anu disebutkeun ku manĂ©hna, katambah kuring ogĂ© mĂ©mang hayang pisan babarengan jeung manĂ©hna. Malah hatĂ© kuring geus miheulaan ocrak suka bungah bakating ku ngarasa atoh.

 “Ari kostumna moal digentos heula?” manĂ©hna mĂ©pĂ©lingan kuring bari seuri leutik. Beungeut kuring asa nyĂ©ak, moal henteu kana bareureumna. Atuda mani poho kana disalin-salin acan. Untungna henteu matak ngalantarankeun pugagna acara lalajo Cap Go MĂ©h.

 Ari sugan tĂ©h siga kumaha anu disebut Cap Go Meh tĂ©h. SinghorĂ©ng teu pati bĂ©da jeung pagelaran Barongsay, anu mindeng pisan dilalajoanan ku kuring. Tapi anu penting mah, tina lalajo Cap Go Meh, kuring bisa leuwih wanoh ka manĂ©hna. Ngawangkong ngalĂ©r ngidul, nepi ka sagala dicaritakeun. Tapi kuring can wani nyaritakeun ketugna jajantung kuring. Piraku teuing kakara wawuh, geus nyebut bogoh mah. Bari jeung aya anu leuwih ngabeungbeuratan hatĂ© kuring. Keukeuh teu bisa nyingkahkeun anu jadi wates antara kuring jeung manĂ©hna. Najan dosĂ©n kuring lain sakali dua kali nyaritakeun perkara sĂ©lĂ©r bangsa. BĂ©dana hiji sĂ©lĂ©r bangsa, lain hiji panghalang pikeun ngaraketkeun hiji tali, boh tali asmara atawa tali duduluran. Ayeuna karasa tur karampa ku kuring. Tapi da lain hal Ă©ta anu asa ngawatesan kuring jeung manĂ©hna mah. Lain pisan.

 Patepungna jeung Yun Lie nungtun kuring pikeun mulang ka bali geusan ngajadi. Aya hiji rarancang anu rĂ©k disorang ku kuring pikeun ngudag manĂ©hna. Kasono anu minuhan dada, mawa kuring pikeun nyusul padumukanna, luyu jeung alamatna anu kungsi ditulis dina keretas sacewir. Yun Lie. Kuring leuwih wanoh ka manĂ©hna. Kuring beuki yakin kana wates antara kuring jeung manĂ©hna. Hal Ă©ta pisan anu ngalantarankeun kuring ngadadak eureun kuliah. Kuring mulang ka lembur. Sawah jeung kebon warisan bapa, harita kĂ©nĂ©h ogĂ© dijual. Pindah jalan pileumpangan ceuk cohagna mah. 

Anu nganteurkeun kuring jadi hiji pangusaha matrial di puseur kota. Sakumaha ceuk sobat kuring, urang ditu mah boga ‘karakteristik’ sorangan. Ceuk sobat kuring kĂ©nĂ©h, maranĂ©hna mah ngagulkeun dugem alias dunya gemerlap. Usahana soson-soson pikeun ngudag kadunyaan. Teu bĂ©da jeung anu geus dilakonan ku kuring salila kurang leuwih sataun. Udagan kuring ogĂ© ukur hiji, kadunyaan. Kuring ngarasa yakin, Yun Lie bisa nyanding jeung kuring, upama kuring geus mibanda pakaya anu ceuk paribasana bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah. Lamun sagalana geus kahontal. Kuring moal kudu ngarasa gimir deui adu hareupan jeung Yun Lie. Tinggal waktu anu jĂ©tu, kari nĂ©angan wanci anu mustari, nganti mangsana kedal ucap pikeun ngajak Yun Lie unggah ka balĂ© nyungcung. Nyorang Ă©ndahna kahirupan di ieu dunya.


“Wilujeng, Yun…” ceuk kuring bari neuteup paromanna anu pinuh kahĂ©garan. Gigireunana aya Si Badar, anu tatadi mula teu welĂ©h sura-seuri, gumasĂ©p naker. Najan didangdanan ogĂ©, da angger atuh moal leuwih kasĂ©p ti kuring. Katambah pagawĂ©anana ogĂ© apan ukur kuli biasa, anu buburuh di pabrik bogana kolot Yun Lie. Apal modalna Si Badar mah. Lain lĂ©pel kuring. Tapi naha…


Boh Yun Lie atawa Si Badar, taya anu nampanan leungeun kuring. Malah katingalina téh, teu ngarérét-rérét acan. Kaasup sakabéh para tatamu ondangan, euweuh hiji ogé anu ningalieun kuring. Enya, mémang moal arapaleun upama kuring aya di dieu. Sabab raga kuring mah geus ngagulantung di tengah imah. Malah kuring sorangan anu ngagantungkeunana ogé, sangeus harita réngsé maca surat ondangan kawin ti Yun Lie. Ukur kaselang heula ku ngenyot udud meunang sabatang.***



PĂ©so Pangot, 2002



Dimuat di Majalah Mangle, taun 2002

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post