Sajak Sunda: Bral




BRAL

Dhipa Galuh Purba

Asih munggaran dina carita katresna
Ulah dipupus ku keclakna cimata
Antara niskala jeung supata
Nyatana taya nu manggapulia

Asih najung paamprok di tungtung Bandung
Najan tresna datangna salah mangsa
Cacap rasa guligah dina raga
Moal surti kana gurat dina ati
Ukur jumerit di Situ panglawungan

Bral, geura sorang carita anu baris datang
Jangji urang, jangji duaan, jangji kamelang
Karapyak jeung Pabuaran,
Moal lali kana carita asih
Kebon kopi bakal nganti kana pasini

Tanjakan Simpar, 2000


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post