Carita Pondok: Tigin di Sasak Caringin



Carpon NURNA LARASMANA


25 Séptémber 2001:Aya rasa kaduhung anu nyaliara kana jeroning ati. Dipikiran deui kalayan teleb. Weléh, teu kaharti. Naha atuh maké jeung luluasan megatkeun simpay asih nu kebek ku kanyaah jeung kadeudeuh? Enya, naha? Abong kaduhung mah (mémang) tara tiheula. Abong gogoda jeung dodoja mah, teu weléh ngukuntit saban léngkah nu keur disorang. Abong-abong; jodo, pati, bagja, jeung cilaka, manusa mah da teu miboga.

*

25 Séptémber 2002:
Kalangkang Niar mingkin minuhan kongkolak panon haté. Mawa nyawang deui ka mangsa-mangsa anu pinuh kaéndahan. Guley dina carita katresna,  awor na jatining asih.  Harita, basa keur silih ranggeum réma, nyorang gurilapna harepan; dipirig kacapi pamatri ati, dibeungkeut rumpaka pamageuh rasa.

**

"AKANG, naha akang téga ngantunkeun abdi?" masih kénéh nongtoréng dina dua cepil. Kituna téh bari ngarangkul mani tipepereket. Cipanonna ngalémbéréh, maseuhan kerah baju.

"Hampura Niar, lain akang teu nyaah. Tapi da ieu téh hiji-hijina jalan keur urang. Ngarah urang bisa ngalalanyahan deui kahirupan anyar, bari aya dina jalan anu bener. Meungpeung Niar ngora kénéh.  Masih boga kasempetan keur néangan lalaki anu sagalana leuwih ti akang,"  kitu kecap anu kedal téh.

Sasak awi lembur Caringin nu harita natrat ngagurat misahkeun léngkah-léngkah dina enggoning nyorang lalakon, mapag mangsa nyorangan. Asa bangga ngabédakeun gupay manéhna, antara ngajurung jeung ngahulag. Sabab cimata nu reumbay maseuhan pipi, geus teu metu ngahalangan hiji paniatan. Bongan, cimatana bet dilatih nyandiwara. Anu antukna, antara kingkin jeung munapék méh taya bédana. Cimata jeung gupay, boa satata mangrupa sandiwara.

“Pileuleuyan, Niar… hampura sagala kasalahan akang…” kilang kitu, teu weléh aya gerents haté nu dilimpudan tunggara. Mémang, papisah téh geus jadi hukum tina patepung. Tapi… papisah jeung manéhna tacan manjing kana mangsa nu ilahar. Papisah alatan teu wasa nandangan kasusah. Cirining héngkérna dua jiwa nu henteu manggapulia nganghareupan dodoja. Kadeudeuh leyur jeung raheut nu mingkin ngandelan tur ngarumeukan satungkebing rasa.

Niar ngajajap nepi ka tungtung sasak Caringin. Sanggeus kitu, Niar malikeun awakna, terus lumpat bari nginghak. Niar teu nyahoeun lamun ieu leungeun ngagupayan. Ngageroan éstuning lain nyandiwara. Tapi teuing kumaha biwir teu wasa nyarita. Ukur haté nu ramé, silih témpas antara nu nyaram jeung nu nitah nuluykeun léngkah.

“Naha urang bet kudu papisah, Niar? Kapan urang geus nguntuy harepan tur cita-cita pikeun babarengan sapanjang mangsa?” masih di tungtung sasak, ngarandeg, asa wegah nuluykeun lalampahan. Hayang mulang deui. Mupus gudawang haté tur m]nta dipépéndé ku usap asih manéhna nu teu weléh ngéléték sésélékét kana séla-séla haté nu kungsi maskét. Mana gupay Niar nu ngahulag lalampahan sakaparan-paran? Beu, geus ilang sakolébatan.

“Niaaar…! Niaaarrr!” kunaon cepilna geus henteu ngadéngé sora nu peura, balas jojorowokan nyambat ngaranna. Sapasang mata panon ukur nyaksian kalangkang niar anu keur mintonkeun tari merak. Aya imut nu natrat. Aya dilak nu natrat. Jeung aya panon nu seukeut lir hayang nyasaak sakujur awak. Tétéla, basa di tungtung sasak téh, lain gupay panghulag, da éstuning gupay pangjajap. Sigana.

Saléngkah, dua léngkah. Ngarandeg deui. Ngalieuk ka lebah sasak, nyawang Niar nu lumpat bari nginghak mapay sasak. Kahayang téh Niar malik deui, ngudag bari nyambat ngaran, tuluy ngajak nuluykeun lalampahan. Tapi… geus taya Niar di tungtung sasak.

Talatah. Enya, antukna talatah ka saban nu kasawang. Asa geus weudeu talatah ka angin, ménta pangampura tur ngajak deui nuluykeun léngkah. Hanjakal, bet téga mungkas carita. “Niar, na teu ngarasakeun ieu kasono nu ngamuk dina satungkebing dada?” Éta talatah anu ditepikeun ka layung, saméméh nuluykeun lalampahan sakaparan-paran.

Saléngkah deui, dua léngkah deui. Reg ngarandeg deui. Rét ka lebah sasak. Naha jadi poék mongkléng buta rata? Peteng nyimbutan alam. Tong boro aya Niar di tungtung sasak. Tapi… hawar-hawar kadéngé sora tutunggulan. Kolébat na kongkolak mata panon jeung mata haté: Niar ngalanggéor dikabaya sing sarwa bodas tur untunan buuk nu diadumanis jeung kembang malati.

“Anjeun téga geuning, Niar. Tapi éta mémang hak anjeun salaku wanoja nu geus leupas tina carita lawas. Bral, muga kabagjaan marengan anjeun. Muga kabagjaan kasorang ku anjeun. Muga naon rupa nu teu nyampak dina ieu diri, bisa aya dina diri manéhna…” najan haté ihlas ngajajap du’a, tapi cimata nu tara latihan nyandiwara bet tuturubun tina juru mata, mapay kana pipi nu baheula mindeng diusapan ku manéhna.

Saléngkah deui, dua léngkah deui. Gebeg. Asa kakara éling tina ngimpi. Naha enya téga mungkas carita jeung Niar? Lamun enya, heug naha? Naha jeung naha ngalimpudan sagara rasa. Asa cangcaya papisah jeung manéhna, sabada tujuh taun babarengan nyorang pirang-pirang perkara, boh kabagjaan pon kitu deui katunggaraan. “Niaaar…! Anjeun kudu mulang deui!” teu kawawa, teu katahan, bet nyelengkeung kalayan nimbulkeun sora nu tangtu kacida harus.

Niar ngarénjag. Tapi ngan sakedapan. Saterusna Niar ngabalieur tur leungit tina paneuteup. Niar talatah ka bulan, “Lantaran ayeuna geus lain-lainna deui, mangka anjeun henteu perelu némbongan, komo ngaréwong ieu lalakon. Hadéna anjeun lunta sing jauh, teu kudu ngalieuk deui kana carita anu kungsi disorang ku urang.” Kitu ceuk Niar, basa bulan medar kecap-kecapna.

Geus écés lamun kitu mah, Niar kudu dipupus tina sakur saluran rasa jeung jiwa. Hanjakal pisan, cinta téh ukur samet nyimpang sakedapan. Padahal, talatah-talatah ka angin, panonpoé, béntang, layung, balébat, geus leuwih ti pépéling yén mungkas carita téh taya gunana.

Sabab kamelang moal weléh aya, lantaran kanyaah nu geus kapalang ngalimpudan rasa. Pipisahan téh salah. Sabab ukur nundung kaduhung sababaraha waktu. Mangsa datang deui, kaduhung nu teu manggih tungtung bakal ngagantung jiwa, ngagantung rasa, ngagantung sagalana. Tapi… kapan manéhna anu geus mungkas. Niar anu geus nutup sakur lawang kahéman.

**


“Ayeuna mah sasak Caringin nu kapungkur téh tos teu aya…” ceuk Niar bari ngaléngkah ka lebah jandéla, malédogkeun paneuteup ka jauhna.


“Kumaha atuh? Mangkaning sasak éta hiji-hijina jalan nu nyambungkeun Caringin ka Situbatu…” tanya téh bari angger merhatikeun Niar, anu geus 11 tahun henteu kungsi tepung.


“Kapan ayeuna mah tos diaspal. Bilih akang badé nyandak mobil ka Caringin ogé, kantun méngkol ti Situbatu, teu kedah muter ka Citatah. Tos saé ayeuna mah jalan téh…” pokna deui. Enya, tapi rék naon ka Caringin? Kapan ayeuna mah Niar geus lain-lainna deui.

“Niar, hanjakal pisan anjeun téh bet sulaya. Coba mun baheula anjeun sabar nganti akang…”

“Dangukeun heula geuranan… ulah sok ngalepatkeun heula…” Niar némpas. Narik napas sakedapan, tuluy neruskeun deui caritaanna, “Upami teu nyaah ka sepuh, tangtos abdi moal kersa ditikahkeun. Tapi, akang kedah ngartos situasi harita. Abdi kasiksa, Kang. Numawi abdi nyoba ngabangbalérkeun kana rupaning kagiatan.

Abdi nékad kuliah di Banjarsari tug dugi ka lulusna. Saatos lulus, abdi langsung ngajar di SD. Abdi hoyong ngabdi, muga aya mangpaatna kanggo balaréa. Abdi tos gagal dina hiji hal, tapi dina hal sanés, muga abdi aya mangpaatna kanggo jalmi sanés,”

“Akang bungah pisan, Niar. Akang bungah kabina-bina ningali anjeun geus jadi guru,” ukur kitu nu bisa kedal téh.

“Teras?”

“Nyaaa... naon deui atuh? Akang ngan milu bungah...”

“Mung sakitu?”

“Mémangna naon deui? Naon kahayang anjeun téh?”

“Abdi... abdi... hoyong ngahiji deui, Kang...” karérét aya nu nyurucud tina juru panonna. Ah, tangtu ayeuna mah lain cimata sandiwara.

“Niar... kaayaanna ayeuna geus béda. Akang geus boga kulawarga, pon kitu deui anjeun. Malah anjeun geus boga budak. Mending ayeuna mah urang babarayaan, silih duákeun muga urang pada-pada manggih kabagjaan...”

“Tapi abdi ngan deudeuh ka akang. Teu aya deui nu dipicinta, iwal ti akang...”

“Taya salahna, Niar. Micinta jeung mikadeudeuh mah hakna saban jalma. Tapi dina kaayaan ayeuna, tangtu urang apal kana watesna jeung kumaha cara ngadalikeunana.

Komo deui anjeun guru, akang ogé sarua guru, kudu méré conto hadé ka masarakat. Upama aya jodona mah, tangtu urang bakal ngahiji deui. Tapi ulah ngadu’a nu goréng. Urang tetep kudu néangan jalan yang terbaik. Tangtu jalan terbaik keur saréréa, lain keur urang wungkul. Lebah dieu, urang ulah égois.”

“Terus, naon maksudna urang tepung di ieu hotél?” tanya Niar. Gebeg. Astaghfirulloh. Enya, naha bet ngajak tepung téh di hotél? Rét kana panto. Ditulakan tatadi ogé. Mémang sadatangna ka Banjar téh tuluy ngaboking hotél pikeun tempat tepung jeung Niar. Sabab bieu téh bingung néangan tempat pikeun tepung.

 Geus 11 taun teu tepung, hayang wé ngawangkong di tempat anu henteu réa gangguan. Teu, teu boga maksud nanaon. Kakara sadar, di kamar hotél ukur paduduaan jeung Niar, sanggeusna, sakali deui, 11 taun henteu kungsi patepung.

“Niar...” lalaunan nyebut ngaranna. Ras ka mangsa lawas. Moal ilang tina tungtung sawangan, basa Niar lumpat mapay sasak bari inghak-inghakan.***

Banjar, Maret 2009 



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post