Ngariksa Rasa jeung Raga ku Puasa



Ku Rudi H. Tarmidzi


Teu karaos, urang geus nincak deui sasih Ramadan, hiji sasih nu pinuh ku barokah sareng magfiroh Alloh SWT. Umat Islam di mana waé ayana, tangtu baris ngabageakeun ieu sasih ku jalan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh SWT.

Nu dipiharep taya sanes, sangkan urang tiasa janten hamba Alloh anu soleh, anu dipikanyaah tur dipikadeudeuh ku Mantenna, nyata jalmi nu kalebet mutaqqin.

Nalika Rosululloh SAW masihan hutbah dipayuneun para sohabat, kacutat, Yaoman wahadoro romadoonu, atakum romadoonu syahru barokatin yagsakumullohu fiihi fayunjilur rohmata wayahuttul khotoya wayastajiibu fiihid du'a ayan durullohu ta'ala ila tanafusikum fiihi wayubaakhii bikum malaaikatahu fa'arulloha min angfusikum khoeron fainnasy syaqiyya mang tuhromu fiihi rohmatallohi 'aza wazala.

Nu hartosna kirang langkung kieu : Geus datang ka maranéh bulan Ramadan, di mana Alloh ngalimpahkeun berkah, nurunkeun rohmat jeung ngahampura dosa-dosa maranéh, narima do'a-do'a maranéh, ningali kana lomba dina kahadéan maranéh jeung muji ka maranéh dipayuneun malaikat. Mangka prak tempokeun gawe kahadéan ka Alloh Swt. Saéstuna jalma nu cilaka nyaéta jalma nu kahalangan tina rahmat Alloh dina bulan ieu. Kitu dawuhan Rosululloh nu diriwayatkeun ku HR. Thabrani ti Ubadah bin Shamit dina hiji poe, nalika mapag bulan Ramadan.

Salasawios ibadah nu wajib dilaksanakeun téh nyaéta ibadah puasa. Hal ieu kaunggel dina Al-Qur'an, surat Al-Baqoroh, ayat 183, nu unina: "Ya ayyuhalladziina aamanuu kutiba 'alaikumushshiyaamu kamaa kutiba 'alalladziina ming qablikum la'allakum tattaquun." Hartosna: "Yeuh jalma-jalma nu ariman, maranéh diwajibkeun puasa saperti nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maranéh sangkan maranéh jadi jalma-jalma nu tarakwa."

Numutkeun para ulama, ngebrehkeun kabungah mapag Ramadan téh sanes ku curak-curak. Namung, mapag Ramadan ku tatahar nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun kawajiban bulan Ramadan, nyaéta kawajiban puasa.

Naon ari puasa? Puasa ceuk umum mah nahan diri tina dahar, nginum sarta sapatemon ti nalika meletek fajar nepi ka surupna panon poe. Ngan semet makna ieu aya Pépéling ti kangjeng Nabi SAW; "Seueur nu paruasa tapi ngan saukur meunang lapar jeung halabhab wungkul". Ku kituna atuh kedah rada di pesek ka lebetna naon ari puasa téh.

Kacaturkeun dina hiji riwayat, nalika Alloh SWT nyiptakeun akal, Anjeunna nyaur ka akal, "Madep!" teu talangke akal langsung madep. Diparentahkeun deui, "Mundur!" teu talangke akal langsung mundur. Teras akal ditaros ku Alloh, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Akal ngawaler, "Anta robbi wa ana 'abdukadh dho'if (Gusti téh Pangeran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)". Sababiyyah waleran akal téa, Alloh ngadawuh ka akal, "Yeuh akal, Kaula henteu nyiptakeun makhluk anu lewih mulya tibatan hidep".

Mangsa Alloh SWT nyiptakeun nafsu, Anjeunna nyaur ka nafsu, "Madep!" Nafsu henteu mirosea kana panyaurna Alloh. Tongboro madep, henteu kulan-kulan acan. Alloh naros kana nafsu, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula)?" Nafsu ngajawab, "Ana ana wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun".

Sababiyyah kitu kalakuan, nafsu diasupkeun kana seuneu Jahannam saratus taun. Satamatna saratus taun, dikaluarkeun teras ditaros deui ku Alloh, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajawab, "Ana ana  wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun)". Sababbiyyah can euih euih tur can elingna nafsu, ku Alloh dilebetkeun kana seuneu naraka saratus taun. Satamatna saratus tahun, nafsu dikaluarkeun teras ditaros deui, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajwab, "Anta robbi wa ana 'abdukadh do'if (Gusti téh Pangeran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)."

Numutkeun sapalihna ulama, ieu kisahna sajarah disyareatkeunna puasa. Ku kituna, puasa téh ngadidik sangkan apal kana diri tur ma'rifat ka Alloh. Puasa mangrupikeun praktek proses pembelajaran anu metukan kana katerangan "man 'arofa nafsahu faqod 'arofa robbahu (saha nu apal ka dirina yakni ma'rifat ka Pangeranana).

Marhaban Ya Ramadan, wilujeng sumping bulan Ramadan. Sayyidusy-Syuhur, panghulu sakabeh bulan, hiji bulan nu kacida mulyana.  Pikeun jalmi nu miharep rido Alloh, bulan ieu téh bulan nu diarep-arep ti anggalna.

Sanes karana bade lebaran sareng meser baju weuteuh atawa marema dagang, tapi bulan puasa téh bulan pikeun mupu amal kahadéan, bulan muhassabah intropeksi, bulan sumerah diri ka Alloh karana kaagunganana.

Ku margi kitu, Imam Gozali, ngabedakeun dina tingkatan puasana ogé, aya nu kaasup awwam, khawas, aya ogé nu kagolongkeun puasa khawas fi khowas, kalawan tim penileyna Nu Maha Agung, Gusti Alloh Swt.

Ngan kitu ari Alloh mah Maha Uninga, lamun urang puasana ecek-ecek, saur milu tapi teu nepi ka waktu buka, nya Alloh ogé yakin uninga yén puasa batal. Kitu deui saur milu puasa tamat, tapi paripolahna codeka, Alloh ogé Maha Uninga kalawan yakin bakal digolongkeun kana puasa awwam, puasana tamat tapi pahalana bakal leungit.

Luyu sareng dawuhan Rosul: Rubba soo'imin laesa lahu min siamihi illal juu'u warubba qoo'imin laesa lahu min qiyamihi illas saharu. "Loba jalma nu paruasa tapi teu meunang ganjaran naon-naon tina puasana téh iwal lapar jeung hanaang, jeung loba jala nu lilir (solat) dina waktu peuting tapi teu meunang naon-naon tina solatna iwal nu aya cape (karana ngajaga peuting). (HR. Ibnu Majah, Nasai, Ibnu Khuzaemah).

Anapon kitu mah, mangga urang nyumponan puasa bari kacandak pahalana. Sanajan dina mangsa kiwari, seueur pisan perkara nu mantak ngajurung kana datangna hawa nafsu, mahabuna kama'siatan, waluratna kaayaan ekonomi balukar naekna BBM, tapi estuning dina sasih ramadan ieu, urang buktikeun, yén sayaktosna sadaya aya dina rencana Gusti Alloh.

Ku wasilah puasa, nu jadi ciri manusa sangkan leuwih deukeut jeung Mantena, tangtos teu aya hartina upama urang terus nincak dina kamunafekan, kamalaratan, kasusah, da sadayana tos diatur ku Alloh Swt. Ku kituna mangga dina sasih ramadan ayeuna urang piceun kakufuran, kamunafekan ganti ku kaimanan, katawekalan, kasobaran ka Alloh Swt.

Kumaha jalanna? Nu kahiji, urang kedah terang sareng midamel naon hakekat sareng tujuan puasa téh, sakumaha kaunggel dina Al-Qur'an surat Al-Baqoroh 183-184 téa. Kitu deui dina ulah semet nahan hawa nafsu wungkul, margi puasa téh kalebet kana perkara ibadah nu jelas tata carana, jelas sarat jeung perkara nu ngabatalkeunana 

Ngan nu estu kedah dijaga, urang salawasna tancebkeun dina hate yén puasa urang téh karana Alloh, dumeh saur Alloh deui sok paruasa supaya aranjeun kenging gelar takwa. Ari takwa apanan sanes barang murah, benten sareng acuk takwa basa lebaran, ceuk si Kabayan mah apanan, lamun hayang takwa mah, cenah kudu meuli we dagangan baju takwa Si Kabayan, cenah bakal takwa...! Ah, éta mah balas heureuy Si Kabayan. Lamun tos nanceb takwa nu jadi tujuan, kahadé migawé kahadéan ngajauhan mudorot téh ulah tibalik jadi ngajauhan kahadéan migawé mudorot.

Kadua, lamun puasa geus nanceb karana Alloh, ngabenerkeun jeung milampah takwa, pék laksanakeun sakumaha puasa sakumaha syareat atanapi fiqh. Luyukeun sareng wajibna puasa, kautamaan puasa, sarat syahna puasa, sunat-sunat puasa ogé tiasa nyegah kana perkara nu mantak ngabatalkeun kana puasa, malihan nyegah ogé nu mantak ngamakruhkeun kana puasa. Naon sababna? margi aya ogé jalmi nu resep heureuy mah, basana keun we batal ogé, nu penting mah teu migawé kagoréngan, teu ngobrolkeun batur, teu korupsi, bisa hadé ka sasama. Sabalikna deui, keun we ngobrolkeun batur ogé, nu penting mah puasana tamat. Tah, nu kieu nu mantak ngalieurkeun batur.


Kajadian Ramadan
Di antara dua welas ngaran bulan, ngan Ramadan hiji-hijina ngaran bulan nu kaunggel dina al Quran. Merenah pisan, upama ku Alloh SWT, bulan Ramadan dipilih jadi bulan istimewa. Bulan lumangsungna rupa-rupa perkara nu ngandung conto (ibroh), pangjurung, katut tetengger dina kahirupan umat manusa.

Bulan Ramadan ogé bulanna Nuzulul Qur'an nu nyirikeun dimimitianana pancen karosulan Kangjeng Nabi Muhammad Saw pikeun nyebarkeun risalah Islamiyah nu ngandung unsur rohmat pikeun satungkebing alam. Utlu maa uhiya ilaika minal kitaabi wa aqimussolat. Geura baca saniskara anu diwahyukeun ka maneh tina kitab, jeung geura solat. (Q.s.al Ankabut : 45).

Kitu deui, seueur pisan kajadian-kajadian sajarah Islam dina bulan Ramadan, diantarana Perang Badar Kubro, perang ngalawan kaum musyrikin di Mekkah. Perang Badar, satengahing umat Islam ngalakonan ibadah puasa, disebut "yaumul furqon". Poe pamisah antara haq jeung batil.

Genep taun sabada Perang Badar, taun 8 Hijrah, umat Islam ogé nalukkeun Mekkah. Pangeusi Mekkah nu mayoritas masih keneh kafir jeung musyrik, serah bongkokan. Kitu deui kajadian ayana Futuh Mekkah jadi bukti kaunggulan nu nyata. Inna fatahna laka fathan mubina.

Numutkeun sajarah, sajaba ti pinanggih kaunggulan ngajabel Mekkah jeung nalukkeun pangeusina kafir Quraisy, umat Islam ogé meunang pangampura dosa ti Alloh SWT, sakaligus pitulung anu kuat. Kaunggel dina surat Al Fath : 3, Alloh ngadawuh Wayansurokallohu nasron 'aziiza. Jeung pikeun Alloh maparin pitulung ka maneh ku pitulung anu perkasa.

Kaistimewaan bulan Ramadan ogé bakal diturunkeunana Lailatul Qadar. Hiji peuting  nu ngandung ajen sarua jeung sarebu bulan. Dina bulan Ramadan deuih, Alloh SWT ngawajibkeun umat Islam nu iman pikeun ngalakonan ibadah shaum sabulan campleng, dimimitian ti barang bijil fajar nepi ka surup panonpoe.

Ku margi kitu, kiwari sumpingna bulan Ramadan, tangtos pikeun kaum Muslimin kudu nembongkeun rasa bungah amarwata suta, leuwih sumanget batan mapag poe-poe sejen nu ngandung sajarah.


Istiqomah
Geus ilahar, lamun mimiti puasa sumangetna téh kaciri pisan. Datang Taraweh paheula-heula,  tuangeun keur saur sagala diayakeun. Di masjid, di musola balas harayang taraweh mani teu kabagean tempat, jalma nu teu tara gaul ogé jadi katembong, reugreug pisan sanajan sora amin nu luar patarik-tarik.

Jalmi-jalmi harayang jadi pinunjul ibadah dina bulan Puasa. Saminggu ti harita di masjid ngurangan jajaran. Mimitina leungit sajajar, geus dua minggu leungit dua jajar, tilu minggu tinggal sajajar nu jamaahna nu biasa deui. Nepi ka minggu ka opat, ibu-ibuna copong da sibuk didapur memeres tuangeun keur lebaran téa.

Kumaha upami kitu? Saur si Kabayan Mémang geus kasebut alus tinimbang jelema nu teu puasa mah bari sibuk ngumpulkeun hayang mili lebaran. Tapi luyu kana hakekat puasa mah, lampah nu kitu téh kacida rugina.

Lebet kana pidawuh Rosul, "Loba jalma nu paruasa tapi teu meunang ganjaran naon-naon tina puasana téh iwal lapar jeung hanaang, jeung loba jala nu lilir (solat) dina waktu peuting tapi teu meunang naon-naon tina solatna iwal nu aya cape (karana ngajaga peuting)."

Jadi, saha jalma nu kuat iman, nyumponan sarat jeung migawé katakwaan, éta jalma bakal lulus ujinana. Tadi ogé geus dikotretkeun dina al-Qur'an surat Al-Baqoroh 183, nu unggul jadi jawara bakal meunang piala minangka lambang kahormatan jeung kajayaan. Nyaéta nu meunangna tur bakal meunang gelar "Al-muttaqin".

Ari ieu gelar apan henteu bisa sambarangan dipiboga ku unggal jalma, enya ge Gusti Alloh nyiptakeun rupa-rupa jalma di ieu alam dibarung ku kinasih-Na. Iwal jalma-jalma anu parek ka Mantenna anu bakal kasinugrahan ku ieu jujuluk téh, sakumaha pidawuh-Na dina surat Al-Hujurat ayat 13, "Yaa ayyuhannasu innaa holaqnakum min dakari wa unsa, waja'alnakum tsu'ubaw waqobaa ila lita'arofu, inna akromakum indallohi atqooqum, innalloha 'alimun khobiir."

Yeuh sakabeh jalma, Saéstuna Kami téh geus nyiptakeun maranéh tina jenis awewe jeung lalaki, tuluy dirundaykeun jadi mangseler-seler bangsa, sangkan maranéh sakabeh silih pikawanoh. Saéstuna anu pangmulya-mulyana di antara maranéh dina paningal Alloh téh taya lian iwal ti anu iman. Saéstuna Alloh Mahauninga uninga tur Maha Ningal. "

Ku kituna, mangga dina ngamimitian puasa ayeuna, urang didik diri heula kalawan ma'rifat ka Gusti sangkan saterasna tiasa panceg dina hakekat puasa, nyumponan nu dikudukeun nyegah nu dilarang.

Sanajan keur sagolongan jalma puasa téh Mémang beurat, tapi lamun urang bener-bener iman bari apal kana hikmah jeung mangpaatna, urang pasti bakal daria ngalaksanakeunana. Bulan Ramadan jeung kagiatan ibadah nu aya di jerona, lain saukur baris numuwuhkeun kasadaran spiritual wungkul, tapi ogé bakal ngamekarkeun kasadaran moral jeung sosial nu ngalaksanakeunana.

Mangga urang ngadu'a "Ya Alloh, mugi Gusti tiasa maparinan rohmat, magfiroh sareng mung ka Gusti wungkul abdi sumerah diri. Teu aya deui kakuatan anging ku kakuatan Gusti, margi kitu mugi Gusti maparinan kakuatan ka abdi dina nyumponan puasa sareng mugi ditebihkeun tina panggoda syetan nu mantak ngaruntagkeun puasa abdi. Amin***


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post