Ratna Kusumah - 13 Taun Katukang

Ratna Kusumah



Catetan Dhipa Galuh Purba


Ngawangkong jeung Ratna Kusumah téh taun 2007, basa Ratna masih kénéh kelas 3 di SMA Pasundan 7 Bandung.

Ti generasi ka generasi, teu weléh aya tali nu nyambungkeun nonoman nu mikacinta seni jeung budaya Sunda.

Salahsahijina nyaéta Ratna Kusumah, rumaja anu euyeub préstasi tur kalintang micinta kasundaan. Ratna,  kelahiran Bandung, 12 Maret 1990, anu 13 taun katukang masih kénéh nyuprih pangarti di SMA Pasundan 7 Bandung.

Préstasina kaitung nyongcolang. Harita, basa sakola kénéh di SMA,  kaasup calakan di kelasna, réngking tilu, sarta kapilih jadi Ketua OSIS (Organisasi Siswa Intra Sekolah).

Ti leuleutik, Ratna geus kataji ku dunya seni sora. “Ti TK mula abdi resep nyanyi…” kitu pokna Ratna basa tepung di Gedong Kasenian Rumentang Siang.

Saméméh nyuprih pangarti di SMA Pasundan 7 Bandung, Ratna sakola di SDN Sukagalih Barat V jeung SMP Pasundan.

Lain saukur karesep, da puguh tina nyanyi téh geus ngahasilkeun préstasi. Sawatara waktu kaliwat, Ratna kapilih jadi Pinunjul III lomba nyanyi pop Sunda anu digelar di Musieum Sribaduga.

Malah saméméhna ogé kungsi rékaman album kompilasi pop Sunda, kalayan ngahaleuangkeun dua lagu anu judulna “Cinta Tilu Kali” jeung “Harianeun”.

Ku kituna ieu bungsu ti tilu sadulur téh leuwih daria neuleuman lagu-lagu pop Sunda. Lain baé lagu, tapi neuleuman cara nyarita ngagunakeun basa Sunda.

Ratna kiwari harita mah jadi présénter acara “Tangara Pasundan” di Bandung TV. Jadi, lain baé bisa nyanyi lagu pop Sunda, da cara nyarita basa Sunda ogé diteuleuman kalayan daria. Sapopoéna Ratna nyarita ngagunakeun basa Sunda

Sajabana ti kataji ku dunya pop Sunda, manahoréng Ratna ogé geugeut jeung dunya téater. Ieu putra Bapa Endang jeung Ibu Euis téh ngagabung jeung kelompok téater Patih.

Ratna kungsi ékting kalayan merankeun tokoh “Nyi Iteung” dina lalakon “Si Kabayan Langlang Jaman”.

Anyar kénéh ogé, Ratna merankeun tokoh “Bianglala” dina téater anu judulna “Balada Paijo” di Gedong Kasenian Rumentang Siang.

Nurutkeun Wahyu Kelana, sutradara “Balada Paijo”, Ratna téh minangka rumaja nu poténsial. Hal sarupa kungsi dikedalkeun ku sutradara téater Rosyid É Abby.

Ku lantaran loba kagiatan, sakapeung Ratna kapaksa kudu ninggalkeun sakola. “Tapi pami badé bolos, abdi sok nuhunkeun widi heula ka guru. Pami diwidian, nembé abdi kersa ngiring kagiatan…” kitu pokna Ratna.

Kalah kumaha ogé, harita Ratna tetep ngutamakeun kawajibanana salaku pelajar, nyaéta diajar di sakola.

Dina kagiatan nyanyi atawa néater, duanana ogé disorang kalayan enjoy. Tapi basa ditanya anu leuwih “mengesankan”, jawabna téh dina kagiatan téater.

“Punten, Kang, badé latihan heula…” pokna Ratna, sakaligus mungkas wangkongan.

Mémang babaturanana geus karumpul, rék ngamimitian latihan téater.

Sanajan reumbeuy préstasi, tapi Ratna henteu ngarasa béda ti nu séjénna. Waktuna latihan téater, nya kudu sarua disiplin. ***

Dimuat dina Majalah Seni Budaya, edisi Juli 2007







0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post