Ani Sukmawati - Juru Kawih jeung Juru Tembang Pinunjul




Catetan DHIPA GALUH PURBA


Lebah ngahariringna matak dĂ©dĂ©ngĂ©eun, iwal ti halimpu tĂ©h katambah merenah selang-surupna. Ari kituna  mah teu matak hĂ©ran, da puguh purahna. Dina widang ngahariring geus dilatih ti leuleutik. 

Ani Sukmawati, biduan Sunda nu geus buleud patĂ©kadan pikeun tetep panceg neuleuman lagu-lagu Sunda, pangpangna dina tembang, kawih, jeung pop Sunda. Kungsi Ă©ta ogĂ© rada nalaktak dina garapan musik Ă©tnik alternatif jeung musisi  Vicky Sianipar. Tapi henteu lunta tina lagu Sunda, da anu dihaleuangkeunna ogĂ© lagu 'Es Lilin' jeung 'Bubuy Bulan'.

Sora Ani geus kapakĂ© ku dapur rĂ©kaman, tug nepi ka medalkeun sababaraha album dina wanda tembang, kawih, jeung pop Sunda. Contona dina tembang cianjuran, albeum Ani geus aya kana limana, dirĂ©kam babarengan jeung Rahmat Sunandar (Juara Pasanggiri Tembang Sunda Damas 1999 & 2006) sarta Ujang Supriatna (Juara Pasanggiri Tembang Sunda Damas 2003). 

Sawatara waktu kaliwat, Ani nyangking pinunjul 1 dina “Pasanggiri Kawih Sunda Jawa Barat”, anu digelar di Gedung Lokantara Budaya RRI Bandung (14/10). Ani ogĂ© kungsi jadi Juara Pasanggiri Tembang.

Tangtu baĂ© bakal kacatet dina lalakon kawih Sunda, ku lantaran ieu mojang wedalan 16 Oktober 1978 tĂ©h kapilih jadi pinunjul pasanggiri, anu munggaran digelar ku Pangauban Kawih Sunda. 

Keur para praktisi kawih mah, ieu acara téh jadi salahsahiji pangéling-éling pikeun Hj Euis Komariah (almh). Lantaran, acara Pasanggiri Kawih Sunda téh geus dirarancang ti bulan Maret mula, saméméh Hj. Euis Komariah pupus.

Nilik kana jumlah patandangna, Pasanggiri Kawih Sunda Jawa Barat diiluan ku 176 urang. Kaitung rempeg, da samĂ©mĂ©hna panitia ukur nyawang kurang ti saratus urang. 

Taya watesan préstasi pikeun milu aub dina pasanggiri. Matak, juru kawih petingan ogé dimeunangkeun miluan pasanggiri, saperti Ani Sukmawati. Saméméhna Ani mindeng jadi pinunjul, boh dina pasanggiri kawih pon kitu deui pasanggiri tembang.

Tina kamahĂ©ranna ngagalindengkeun tembang cianjuran, Ani kungsi meunang kasempetan ngalanglang nagri Francis, pikeun ngawanohkeun tembang Sunda. Éstuning pangalaman pikabungaheun anu henteu disangka-sangka, kitu ceuk Ani. 

Kilang kitu, neuleuman seni Sunda kajurung ku rasa cinta, kalayan henteu miharep itu-ieu, kaasup hayang ngalanglang mancanagara. Perkara aya kasempetan, Ă©ta mah henteu leupas tina prosĂ©s krĂ©atif sapanjang Ani aub dina kasenian Sunda. “Anu utami mah, dina widang naon baĂ© ogĂ©, urang kedah daria tur soson-soson, sangkan tiasa kapetik hasilna, kaala buahna…” kitu ceuk Ani, basa ditepungan di Gedong YPK, sabada mintonkeun tembang Sunda dina bubuka PamĂ©ran Lukisan karya Yus Rusamsi.

Dina sĂ©la-sĂ©a kasibukan sapopoĂ©na, Ani mindeng manggung dina rupaning acara kasundaan, kaasup anu patali jeung kagiatan sastra Sunda. “Sapanjang teu aya pamengan mah, abdi bakal kersa ngeusi acara nu patali sareng kasundaan,” pokna. Basa PPSS (Paguyuban Panglawungan sastra Sunda) medalkeun CD Musikalisasi Sajak Sunda, Ani ngahaleuang musikalisasi sajak “Pangbalikan” karya Wahyu Wibisana.

Pangna kasebut sibuk, lantaran Ani mancĂ©n di Dispenda Pemkot Bandung. Ku kituna, jadwal manggung tĂ©h kudu disaluyukeun jeung waktu gawĂ©. Sabab, digawĂ© kudu leuwih diutamakeun. 

Komo deui sajabana ti digawé téh, Ani ogé bari nyuprih pangarti di Universitas Jendral Ahmad Yani, Bandung. Salaku wanoja anu geus rarabi, puguh baé Ani ogé kudu bisa ngabagi waktu jeung kapentingan kulawarga. Manggung, digawé, kuliah, ngurus rumah tangga, selangsekar nu minuhan kagiatan sapopoé Ani.

Dina Pasanggiri tembang Sunda Cianjuran (PTSC) anu ka-20, anu digelar di Gedong Kasenian Sunan Ambu STSI, Jalan Batubatu No. 212, Bandung. Jumlah patandang tétéla leuwih loba ti anu diwartakeun saméméhna, nyaéta 64 pikeun kategori wanoja, jeung 53 pikeun kategori lalaki.

Piala Pancaniti diparebutkeun deui ku sakur patandang. Pasanggiri umangsung tilu poĂ© ti tanggal 20 nepi ka 22 Desember 2012. PTSC mangrupa gawe bareng antara Damas Puseur, Pangauban Tembang Sunda Cianjuran, STSI Bandung, jeung Disbudpar Jawa Barat. 

Anu jadi girang  pangajĂ©n dina ieu pasanggiri nyaĂ©ta Yus Wiradiredja, Enip Sukandar, Elis Rosliyani, Heri Suheryanto, jeung Enah Sukaenah.  
Dina biantarana, Kepala Dispudbar Jabar, Nunung Sobari miharep sangka tembang sunda Cianjuran bisa sajajar jeung seni-seni séjénna di alam dunya, sarta diaku ku Unesco minangka seni has ti Jawa Barat.

Ani Sukmawati (Kota Bandung) kapilih jadi pinunjul 1 Pasanggiri tembang Sunda Cianjuran (PTSC) anu ka-20 katĂ©gori wanoja. 

PTSC digelar ku Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) gawé bareng jeung STSI Bandung, kalayan lumangsung di Gedong Kasenian Sunan Ambu STSI, Jalan Batubatu No. 212, Bandung, Jawa Barat, Saptu (20-22/12/2012).

Girang  pangajĂ©n anu diwengku ku Yus Wiradiredja, Enip Sukandar, Elis Rosliyani, Heri Suheryanto, jeung Enah Sukaenah, ogĂ© milih pinunjul kadua, katilu, jeung harepan. 

Pinunjul kadua beunang ku Nining Karningsih (Kabupatén Garut), sarta katiluna Mutia Angansari (Kabupatén Bandung). Pinunjul harepanna, déwan juri milih Hendrawati (Kota Cimahi) jeung Rika Dwi P (Kabupatén Cianjur).
Dina katégori lalaki, pinunjul kahijina beunang ku Deni Mulyana (Kabupatén Bandung Barat). Pinunjul kaduana Cecep Hermawan (Kabupatén Purwakarta), sarta pinunjul katilu Mustika Iman (Kabupatén Bandung Barat). Pinunjul harepan beunang ku Taofik Mukhariman (Kabupatén Garut) jeung Gilang Angga (Kabupatén Garut).



***


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post