Catetan DHIPA GALUH PURBA & YOES
WEWENGKON Jawa Barat—jeung Banten—tangtuna geus papada apal loba pisan mibanda kabeungharan tutungkusan kabuyutan, warisan carita atawa sajarah jaman katukang anu pepek ku pesen moral tur pituah.
Di antarana titinggal para karuhun nu aya d i Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Perenahna kurang leuwih 17 km wétaneun puseur dayeuh Garut.
Disebutna Imah Kabuyutan, da di wewengkon anu legana sahéktar, aya 5 ( 1ima) wangunan imah anu pungsi jeung kagunanana béda. Atuh teu weudeu di salah sahij i wangunan neundeun naskah naskah kuno anu tacan sadayana ditarjamahkeun kana basa Sunda kiwari.
Tangtu baé mibanda komara keur hiji situs kapurbaka1aan mah, wewengkon sahéktar pinuh ku tatangka1an ngemploh héjo, saperti1una pinuh ku kebon awi anu kacida mangpaatna. Sakuriling bungking bumi Padaleman digédég pager ku awi.
Ieu wewengkon dipiara kalayan daria, di antarana bisa nyinglar jalma jalma nu rék ngaruksak tatangkalan keur kapentingan nu lian. Ku dipiarana éta wewengkon bisa nyalametkeun sumber cai jeung nyegah urug.
Samemeh asup ka wewengkon nu digedég, aya wangunan anu disebut Bumi Patamon, nyaéta wangunan (imah) anu saban taun dipaké tempat upacara adat, tempat lawung jeung sapopoéna jadi padumukan kuncén.
Nurutkeun basa harpiah mah, apan karaton téh tina karatuan, tempat cicingna ratu, kadaton tina kadatuan. Jigana Bumi Patamon ogé tina Bumi Patamuan, tempat narima atawa dihormatna para tamu nu nganjang ka éta wewengkon.
Sakuriling wewengkon Bumi Padaleman dipager awi anu jangkungna 2 (dua) méteran. Lamun urang ka dinya téh ngaliwatan panto panto awi pas dina séngkéd lahan. Jadi, wewengkon kabuyutan anu sakitu legana mangrupa "punden berundak” lobana 3 (tilu) séngkéd/trap.
Bumi Padaleman perenahna dina trap 1, undakan anu pangluhurna. Kiduleun Bumi Padaleman, aya wangunan leutik ukurannana 2,25 m pasagi. Di luareun pager anu disebut “Bumi Pangalihan" nyaéta wangunan paranti neundeun barang barang pusaka, lamun kabeneran Bumi Padaleman diberesihan (sasarina sataun sakali).
Caket Bumi Patamon, aya leuit, tempat neundeun paré. Di hareupeunnana, aya wangunan Saung Lisung, paragi nutu, dihijikeun sakapat jeung kandang domba/embé.
Ku alpukahna pamaréntah, ieu wewengkon geus ditetepkeun jadi Situs titingga Sajarah jeung Purbakala anu mibanda Benda Cagar Budaya, saperti “naskah sunda kuno” anu ditulis dina daun lontar nipah, anu dirawatan di Bumi Padaleman.
Barang séjénna nyaéta rupaning pakarang perang anu dirawatan di Bumi Patamon, dihijikeun jeung gamelan, Goong Renteng. Aya deui anu kaasup benda cagar budaya, nyaéta amparan batu andesit, lega palatarannana 2 méter pasagi.
Ku kituna mah, masarakat Sunda ngagem hirup kumbuh sauyunan téh ti jaman baheula. Buktina nu ngarasa yén hirup gotong royong téh alus, tepi kaayeuna pada ngalaksanakeun.
Saperti di masarakat wewengkon Kabuyutan Ciburuy (sok sanajan teu kabéh warga ngaenyakeun) nu penting cokot hikmah nu hadéna. Saban taun, teu petot ngalaksanakeun "Upacara Séba" dina saban Rebo Wekasan, bulan Muharam.
Nu kacatet, aya tilu kagiatan, nyaéta kikiriman dahareun, gotong royong, nyieun pager gedég jeung beberesih wewengkon situs, dipungkas ku du’a ka Nu Kagungan, nyatana Allah SWT.
Prak-prakanana upacara dimimitian tabuh 19.30, kalayan tempatna di Bumi Patamon, meresihan barang pusaka.
Tengah peuting (tabuh 24.00), dahareun / kikiriman diakut ka Bumi Padaleman bari terus meresihan barang pusaka nu aya di Bumi Padaleman, kaasup naskah naskah kuno.
Selang meresihan Bumi Padaleman, barang pusaka disimpen heula di Bumi Pangalihan. Kira wanci subuh, dahareun jeung kikiriman, diakut deui ka Bumi Patamon. Sanggeus ngadu’a babarengan, Kuncén masihan tanggara ku nabeuh goong tandaning pamungkas acara Séba.
Mun ayeuna mah acara pamungkas pataréma-réma, kujalan riung mungpulung murak tumpeng jeung dahareun séjénna.
Boh nu ngirim, boh anu henteu, kabéh warga anu aya di dinya, bareng murak tutungkusan nu disebut séba. Padahal geuning angger, dahareun ti urang didahar ku urang kénéh. Ieu téh minangka salahsahiji bukti pengkuhna kabiasaan urang Sunda, rempug jukung sauyunan.
Dhipa Galuh Purba, Deden Abdul Aziz, jeung Julian Milie |
Amanat Galunggung
Nyaritakeun perkawis Kabuyutan Ciburuy, tangtos émutan téh bakal bras kana Amanat Galunggung. Sakumaha parantos didadarkeun sateuacanna, yén di Kabuyutan Ciburuy aya naskah dina daun lontar sareng nipah.
Éta téh Amanat Galunggung atawa “Amanat Prabuguru Darmasiksa”, nu ngawasa Galunggung, pikeun ka putrana Ragasuci (Sang Lumahing Taman). Lian ti naskah ieu, aya sababaraha naskah séjén nu disusun dina abad ka-18 ngagunakeun aksara Arab-pegon, Jawa-Cirebon, jeung Jawa-Sunda.
Aya pamendak yén Prabuguru Darmasiksa, maréntah di Tatar Sunda antara taun 1175 M dugi ka 1297 M. Demi amanatna téh sanés baé diajangkeun ka putrana, tapi éta piwuruk téh diajangkeun ogé ka putuna sarta rahayatna.
Amanat Galunggung téh minangka cecepengan hirup. Tangtos baé anu ngawengku rupaning laku lampah anu dipahing, jeung anu kudu dicepeng pageuh ku sakumna urang Sunda. Tina éta naskah kuna, bisa kapaluruh yén Prabuguru Darmasiksa téh minangka tokoh anu nétélakeun dasar-dasar sawangan hirup Sunda ngeunaan kabuyutan.
Naha bet kabuyutan? Tétéla karuhun urang kacida pinterna. Karuhun urang siga tos tiasa nyawang kana kahirupan anu baris datang.
Apan kabuyutan téh tiasa nuduhkeun sawatara kandungan anu mibanda ajén luhur, antarana: élmu pangaweruh sareng téknologi, sajarah sareng arkéologi, ogé lingkungan, boh minangka sumber daya ékonomi atawa minangka panyalindungan pikeun lingkungan séjén.
Karuhun Sunda tos mépélingan sangkan kabuyutan di Tatar Sunda dipiara, dijaga, dimangpaatkeun pikeun karahajaan jeung kamakmuran saréréa.
Kabuyutan téh taya lian lemah cai. Tapi upama dipesék ku élmu pangaweruh lingkungan, kabuyutan téh sumber daya alam, boh hayati atawa non hayati anu diwengku ku lahan, geodiversity, biodiversity (karageman hayati); leuweung, walungan, gunung, jeung lingkungan alam séjén katut eusi kandunganana. Sebut baé kabuyutan téh pakumbuhan hirup.
Hanjakal pisan, kudu diaku, urang téh henteu tuhu kana Amanat galunggung. Alam urang diruksak kalayan alesan pangwangunan.
Budaya urang dijajah ku budaya deungeun, kalayan alesan moderen. Anu antukna, tatar Sunda anu katelah subur makmur téh, kiwari kantun waasna. Puseur Jawa Barat, anu kapungkur kakoncara “Parijs van Java” atanapi Garut, anu kapungkur kakoncara Swiss van Java, kiwari téh tinggal panineungan.
Ku lantaran alam diruksak, gaya hirup ogé jadi ronah. Kalebet cara mikir ogé jadi robah, jauh ti alam.
Antukna rupaning kajadian nu dipikahariwang ku karuhun téh, kiwari jadi kanyataan. Banjir, urug runtah, jeung rupaning musibah ku ayana alam anu diruksak.
Pon kitu deui pangaruh kana laku lampah akibat maceuhna budaya deungeun, sikep jeung watek pangeusina mingkin pikahariwangeun.
Rupaning kajadian tumiba, kasus silih paténi antara dulur jeung dulur, kasus ngagadabah saban poé mapaésan koran. Démontrasi, kalaparan, jeung sajabana.
Duh, rék kumaha nasib ieu nagri téh? Pamingpin urang téh kawasna mending sina reureuh saheulanan mah di Kabuyutan.
Susuganan, kabuka mata haténa pikeun ngawangun ieu nagri kalayan wijaksana.
Henteu ngaruksak alam jeung adil ngurus rahayat, henteu cueut ka nu hideung, henteu ponténg ka nu konéng. Hayu urang sasarengan ngalenyepan Amanat Galunggung.***
Komentar