Naon Ari Wawangsalan?

Wawangsalan téh sok disebut ogé wangsal atawa angsal. Ari asal basana tina basa Jawa. Wawangsalan téh mangrupa sisindiran anu kudu ditéangan asalna, contona: teu beunang disupa-dulang: teu beunang dibébénjokeun (supa dulang sin¬dirna tina KÉJO, rék sarua sorana jeung bénjo). Jadi, asalna nyaéta tina kecap dibébén¬jokeun.

Conto Wawangsalan séjén anu geus pada mikawanoh ku balaréa:

Kendang gedé pakauman,
Dag-dig-dug rasaning ati.
Wangsalna nya éta BEDUG

Cisusu kentel dimasak,
Ulah téga-téga teuing.
Wangsalna nya éta MANTÉGA


Maung tutul saba kasur,
Diri teu ngareunah cicing.
Wangsalna nya éta UCING

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post