Budaya di Jalan

Ku: Dhipa Galuh Purba


Priiit! Priiit! Ka sisi goblog! kitu diantarana lamun pareng aya rombongan kandaraan anu ngabrul di jalan raya. Boh rombongan motor atawa mobil. Boh acara hura-hura atawa acara dines. Ecesna mah jalan teh siga anu maranehna sorangan bae. Teu mikirkeun ka batur anu papada boga kapentingan sewang-sewangan.

Upama mobil dines 'Pemadam Kebakaran', pasukan 'anti huru-hara' atawa pasukan 'penjinak bom' onaman, kaharti pisan lamun rarusuh teh. Alesanna asup akal. Masarakat oge kawasna geus pada ngamaklum.

Kacida bedana jeung rombongan anu rek pariknik atawa nganteur kawinan. Naha perelu nyingkah-nyingkahkeun kandaraan sejen, sangkan maranehna bisa nepi leuwih tereh? Dalah rombongan Pulisi atawa ABRI oge, lamun sakadar rek upacara mah mending cara ilaharna anu sejen. Perkara sieun datang telat, tinggal arinditna bae sing rada tanginas.

Kabiasaan hiji rombongan anu nyingkah-nyingkahkeun kandaraan sejen, geus ampir ngabudaya di mana-mana. Padahal eta teh lain budaya bangsa Indonesia. Komo lamun nilik ka jaman Bung Karno mah.

Mobil dijalankeun alon pisan. Bung Karno nangtung  dina mobil bari ngagupaykeun panangan ka sakur rahayat anu minuhan sapanjang jalan. Malah nurutkeun hiji carita, Bung Karno kungsi ngalaman leumpang alatan mobilna mogok.  Boro-boro kekebutan siga ayeuna.

Pajabat anu rek ngayakeun 'kunjungan' contona mah. Dikawal bari  nyingkah-nyingkahkeun kandaraan sejen.

Geus puguh ari lampu setopan mah ngadadak jadi hejo satuluyna. Mani siga anu hayang katangar jalma penting. Teu sadar lamun kitu peta teh ngadeukeutan kana picilakaeun. Jeung pangpangna mah matak ngadatangkeun rasa anu kurang simpatik ti masarakat.

Sagala rupa oge kumaha ti luhurna. Jadi tong aneh lamun anu pariknik atawa acara kawinan oge milu narurutan.

Malah anu geus ngabudaya pisan mah lamun pareng nganteurkeun anu maot dina ambulan. Padahal lamun dipikiran leuwih daria, anu geus puguh maot mah tinggal dikurebkeun. Perkara sieun telat ngurebkeun, asana kudu leuwih sieun keneh nambahan anu maot.

Kudu dipikiran deui, kumaha lamun tabrakan atawa nabrak anu keur meuntas. Mending telat ngurebkeun atawa mending nambahan kureubkeuneun? Sanajan pati mah aya dina leungeun Gusti Alloh, tapi sagala rupa oge henteu leupas tina sareat anu dijalankeun. Teu beda jeung Pulisi anu haat nitah make helem. Apan tujuanna mah pikeun ngajaga kasalametan. Lain keur neangan picilakaeun.

Ecesna mah kekebutan di jalan raya teh ngarempak 'sopan-santun lalu-lintas'. Kajaba lamun aya perkara anu kacida pentingna, saperti anu rek mareuman kahuruan, ngajinakeun bom, ngamankeun papaseaan, ngudag buronan atawa nyalametkeun nu rek maot.

Sanajan ngajalankeun kandaraanna mah tetep bae kudu ati-ati. Ulah sangeunahna, komo bari ngaluarkeun kecap-kecap anu garihal.

Pikeun anu resep kekebutan di jalan, asana leuwih  hade babalapan di sirkuit bae. disagedengeun teu ngabahayakeun jalma lian, katambah bakal meunang pangajen anu hade. Sugan bae bisa jadi pembalap motor atawa pembalap mobil.

Anu ahirna bakal jadi hiji kareueus pikeun masarakat. Sabab kalah kumaha oge, kalolobaan masarakat mah, teu pati resepeun kana sabangsaning ketak anu ngadeukeutan kana ugal-ugalan. Lumbrah pisan lamun di jalan-jalan leutik sok dijieun 'Pulisi Tidur' atawa tulisan-tulisan pangeling kanu sok kekebutan.

Sagala rupana bakal karasa lamun hiji mangsa ngalaman kulawarga atawa sobat dalit anu jadi korban. Alusna mah teu kudu ngadagoan kajadian sarupa kitu. Bener pisan tema milangkala Bandung anu ka-191 ayeuna, 'Riksa sadaya sabilulungan, pikeun nyiptakeun Bandung anu genah, merenah, jeung tumaninah.

"Wilujeng milangkala, kota Bandung kaheman!" ***

(Bandung, 25 September 2001)




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post