Carita Pondok Sunda: Lalakon Pondok Lalakon

Carpon Dhipa Galuh Purba

Sumpah Nung, lain uing anu ngareuneuhan manéh téh. Teuing lamun Si Dayat atawa Si Oji mah. Apal sorangan meureun, harita uing mah ngajungkel di dapur, weureu udud ti Si Dayat téa. Uing teu apal naon anu kajadian di kamar peuting harita. Da basa éling ogé, geus euweuh sasaha. Piraku deuih, manéh teu apal ka nu ngarangsadan baju. Atawa manéh ogé sarua teu éling kitu? Pokona mah teu merenah mun manéh nuduh uing. Wani dibuktikeun uing mah. Sing karunya wé ka uing, ulah disakompet-daunkeun. Uing mah jelema teu boga, ulah dibabawa.
Sakitu ti uing.
“Bener ieu tĂ©h tulisan Si Obay?”

“Enya, piraku bohong. TĂ©njo wĂ© atuh guriwekna, sakitu gorĂ©ng kitu. Ti baheula ogĂ© si Ă©ta mah teu kungsi alus nulis!”

“Teu percaya aing mah!”

“Kumaha dinya wĂ©. Da dĂ©wĂ©k mah ngan mangnepikeun. Ukur kapihapĂ©an.  Tanyakeun baĂ© ka nu nyieunna, ari teu percaya mah!”

"Heueuh, lamun aya mah bungkeuleukanna, aing ogĂ© moal kudu nanya ka sia. KĂ©, ari jawaban Si Dayat kumaha?”  

“Sarua wĂ© teu ngaku. Ngan henteu nyieun surat cara Si Obay. Malah Si Dayat mah, najan dipariksa ku dokter ogĂ© daĂ©keun,”

“Ari Si Oji?”

“Tah, si Ă©ta mah rada arapap-eureupeup ngajawabna tĂ©h,”

“Tah, tah…tuluy kumaha? Biasana anu boga dosa mah da sok kitu,” 

“Ah, teu kudu hĂ©ran. Apan Si Oji mah teu lancar nyarita. Tong boro ditanya sual nu kitu, nyarita sapopoĂ© ogĂ© balĂ©lol. Uing mah lain lalaki cunihin, kitu ceuk Si Oji tĂ©h. Dijamin bujang tulĂ©n cenah. Wani pisan najan dipariksa tuur ogĂ©,”

“Sugan garĂ©lo kabĂ©h. Cik inget-inget deui, saha baĂ© anu peuting Ă©ta sarĂ© di dieu tĂ©h?”

“Euweuh deui, ukur genepan; Si Enung, Si Oji, Si Obay, Si Dayat, manĂ©h, jeung ... dĂ©wĂ©k. Tapi apan dĂ©wĂ©k mah ukur nepi ka tengah peuting!”

“Heueuh, da aing ogĂ© teu nuduh ka sia. Ngan cik wĂ© atuh pangmikirankeun. Susuganan bisa kadĂ©tĂ©ksi ku itungan sia,” 

“Teuing lah, poĂ©k.”

*

“Pokona mah salah saurang kudu aya anu daĂ©k ngaku. Lamun henteu, hartina urang bakal cilaka kabĂ©h,”

“Atuh manĂ©h wĂ© anu ngakuna,”

“Embung teuing aing mah, da teu rumasa!”

“Da kabĂ©h ogĂ© euweuh anu rumasa,”

“Nya enggeus atuh lamun kitu mah. Tinggal ngadagoan aya pulisi anu rĂ©k nĂ©wak urang sarĂ©rĂ©a. Mangkaning manĂ©h mah bakal katambahan ku kasus daun ganja,”

“Ah, da anu meulina ogĂ© Si Dayat jeung Si Oji,”

“Apan manĂ©h anu nitahna,”

“KĂ©, kĂ©, lain harita tĂ©h duitna mah ti manĂ©h.”

“Meunang ngĂ©clok ti Si Obay,”

"AĂ©h heueuh, na ka mana atuh Si KĂ©hĂ©d tĂ©h? Kalah hayoh ngaleungit. Euweuh solidaritasna pisan mangkeluk tĂ©h…"

"Nya teuing, da saprak poé mangkukna mihapékeun surat ogé, can kungsi panggih-panggih deui déwék mah,"

"Ma… ma… mabrur, aĂ©h mabur sigana mah, ka…ka… imah lanceukna,"

"Dasar jalma borangan! Acan nanaon, geus mabur tiheula…"

"Geus gandĂ©ng lah, tong hayoh baĂ© ngomongkeun Si Obay.  Geus puguh Si Éta mah bebenguk. Nu kudu dipikiran ayeuna mah, kumaha carana engkĂ© nyanghareupan  pulisi. Urang sarĂ©rĂ©a sarua bakal dituding kasus ngagadabah Si Enung jeung perkara daun ganja,”

“Heueuh, tapi dĂ©wĂ©k mah da moal parna teuing dihukumna ogĂ©. Sing wani pĂ©ngkor, dĂ©wĂ©k mah teu ngagadabah Si Enung,”

“Nyao lah. Aing mah lieur. Kuma bĂ©hna wĂ©h atuh ari kitu mah...”

"Sarua, déwék ogé lieur,"

"Komo uing,"

“RĂ©k ka marana sia tĂ©h?”

“Aing mah rĂ©k ka masigit. RĂ©k tobat ka Gusti Alloh. Kapok aing mah kikituanan tĂ©h. Cadu tah, sing ditawaran ogĂ©, moal daĂ©k sakali-kali deui,”

“Aing ogĂ© tadi peuting geus tahajud,”

“KĂ©, ari salat tahajud tĂ©h, sabara rakaat nya? Asa hayang nurutan…”

“Kumaha manĂ©h wĂ©, rĂ©k sarĂ©bu rakaat ogĂ©. Tah, baca ku sorangan bukuna, tapi ulah leungit, da aing keur ngapalkeun doa Nurbuat,"

"Na kumaha kitu watekna, doa Nurbuat téh?"

"Apan sia hayang salamet, lin?"

"Oh, enya ngarti ari kitu mah. Ku aing diinjeum heula sapeuting. Tapi kĂ©lanan, geuning ieu tĂ©h makĂ© tulisan arab. Teu gableg nu makĂ© aksara latĂ©n?”

“Euweuh. Da kitu ari kebluk diajar ngaji mah, teu bisa maca arab-arab acan,”

“Enya, baĂ© lah. RĂ©k nitah ditulis wĂ© ku adi aing,”

“Heueuh, geura jor kadituh marantog! Omat, mun aya nu nanyakeun aing, ulah dibĂ©jakeun aya di imah. Aing rĂ©k ngawirid nepi ka isuk. Tutupkeun deui pantona siah! ”

*

“Saha Ă©ta tĂ©h nu keketrok?”

“Boa-boa pulisi...”

“Tingali heula ka dituh. Tong waka ngeleper kitu sia tĂ©h!”

“Geuning manĂ©h ogĂ© siga nu reuwas?”

“Hayoh tingali ku sia! Kalah loba ngomong geuning? Aing kĂ© nyusul, rĂ©k nyokot heula kopĂ©ah,”

“Bedus tĂ©h! Geuning Si Dayat,”

“Na atuh makĂ© jeung keketrok sagala rupa sia tĂ©h? Biasana ogĂ© sok langsung geblus,”

“Ari sugan tĂ©h dikonci atuda. boga  udud, teu?”

“ManĂ©h mah baku, unggal-unggal tĂ©h ngan mĂ©nta udud. Na iraha rĂ©k mĂ©rĂ©na atuh?”

“Apan kĂ© peuting, wang udud lieur deui. Kabeneran aya kĂ©nĂ©h sĂ©sa harita,”

“Cik atuh ari ngomong tĂ©h, tong padu kecemplung baĂ©. Nyaho kaayaan keur genting kieu. Aing mah geus moal kagoda ku nu kararitu patut deui,”

“Enya bener, aing ogĂ© geus tobat,”

“Genting nanahaon? Aman ayeuna mah,”

“Aman kumaha manĂ©h tĂ©h?”

“Si Enung-na ogĂ© teu ngalapor ka pulisi,”

“Na saha anu daĂ©k tanggung jawabna? Si Oji?”

“Si Oji nanahaon. Jajalmaan nu kitu mah! Tuh geuning datang...”

"Ha ha ha…! BĂ©…bĂ©…bĂ©ak…aĂ©h, bĂ©bas euy!"

"Cik jempé sia téh, Oji! Sok ngaromong heula atuh kadinyah! Aman téh, aman kumaha?"

"Heueuh, bébas téh, bébas nanahaon?"

"Ssssi…Si… Sieuh, aĂ©h…"

"Cik atuh ku sia écéskeunna, Dayat!"

“Enya kieu, Si Enung mah kamari ogĂ© geus indit ka kota. BĂ©jana rĂ©k tuluy milu digawĂ© jeung bibina,”

"Alhamdulillah. Sukur atuh ari kitu mah. Tapi kumaha engké lamun palebah orokan?"

“Nyao teuing urusan nu kararitu patut mah. Pokona urang sarĂ©rĂ©a geus aman. Perkara Si Enung rĂ©k ngajuru di mana baĂ© ogĂ©, Ă©ta mah lain urusan urang ieuh. Komo deui uing mah da teu mais, teu meuleum. Teuing ku saha reuneuhna ogĂ©,”

“Komo aing, teu ngarey-ngarey acan,”

“Enya, geus wĂ© teu kudu loba catur deui ayeuna mah. Jep, baĂ© jempĂ©. Mending ogĂ© ayeuna mah wang pĂ©sta deui,”

“Hayu. Asal ulah mawa awĂ©wĂ© lah, matak ngariweuhkeun,”

“Lain manĂ©h tĂ©h geus tobat?”

“Sakali deui wĂ©. Nyacapkeun kapanasaran wungkul, hayang nyobaan dicampuran ku Ă©mrin,"

"Dasar nu gélo!"

"Ha ha ha…! Kabayang bakal resepna, mun aya Si Obay,"

"Teu hayang wawuh deui, aing mah!"

*

Fotografer: Syahdarina




"Enung?!"

"Enya kuring. Ku naon mani siga nu hookeun kitu ning?"

"Euh… iraha ti… ti kota?"

"Ti kota tujuh puluh siah. Tos ti leuweung, kuring mah,"

"Ti leuweung?"

"Enya ti leuweung. Geuning maranéh mah siga nu senang-senang baé? Ituh-ituh, Si Dayat jeung Si Oji téh keur télér? Apan cenah keur genting?"

"Ki…kieu, Nung, ulah waka lapor ka pulisi…"

"Pulisi? Sugan gélo. Piraku kuring lapor ka pulisi mah? Sakieu geus balangsakna asruk-asrukan ka jero leuweung,"

"Ké, kumaha maksud manéh téh, Nung?"

"Heueuh apan kuring téh dipapagkeun ku Si Obay. Tuluy dibawa apruk-aprukan ka jero leuweung, nyingkahan pulisi. Jaba kuring téh riweuh deuih jeung Si Obay mah. Piraku di jero leuweung kalah ngajakan kawin,"

"Ké, ké, asa pabeulit kieu ieu téh. Tuluy kumaha? Jadi hayang nyaho caritana aing mah,"

"Nya najis teuing kuring mah. Kieu-kieu ogé, ari ka lalaki mah tara pararadu. Daék sotéh ka manéh wé kuring mah, pédah beungeut manéh rada meueusan,"

"Tuluy?"

"Enya, bieu téh Si Obay geus kaleuleuwi. Ngadon rék ngagadabah kuring. Puguh baé kuring baruntak, bari tuluy lumpat satakerna. Jadina téh kalah riweuh ku dua, ku tilu,"

"Ah, enyaan koplokna téh ari kitu mah. Bener-bener ngariweuhkeun saréréa,"

"Na kumaha kitu?"

"Lah, geus engkĂ© deui nyaritakeunna. Ayeuna mah…"

"Ih, ulah di dieu atuh, euweuh kaéra pisan,"

"Kajeun, da keur haréés ieuh. Moal aréling téréh-téréh mangkeluk nu karieu mah,"

"Kumaha mun kuring reuneuh?"

"Geus jempĂ©! Dikawin ku aing ogĂ©…"

*

Sumpah Du, lain kuring anu maéhan Si Obay téh. Teuing lamun Si Dayat atawa Si Oji mah. Apal sorangan meureun, harita kuring mah ngalempréh di kamar, weureu udud ti manéh téa, boro-boro bisa ider-ideran ka jero leuweung. kuring teu apal naon anu kajadian sapeuting harita. Da basa éling ogé, geus euweuh sasaha. Piraku deuih, manéh teu nyaksian kuring. Atawa manéh ogé sarua teu éling kitu? Pokona mah teu merenah mun manéh nuduh kuring. Wani dibuktikeun ka pangadilan kuring mah. Sing karunya wé ka kuring, ulah disakompét-daunkeun. Kuring mah da pangawakan awéwé.
Sakitu ti kuring.

“Bener ieu tĂ©h tulisan Si Enung?”

“Enya, piraku bohong. TĂ©njo wĂ© atuh guriwekna, rada ngeunaheun macana ogĂ©!”

“Teu percaya aing mah!”

“Kumaha dinya wĂ©. Da aing mah ngan mangnepikeun wungkul. Ukur kapihapĂ©an.  Tanyakeun baĂ© ka nu nyieunna teu percaya mah!” 

“Ari jawaban Si Dayat kumaha?”  

“Sarua wĂ©h teu ngaku. Ngan henteu nyieun surat cara Si Enung. Malah Si Dayat mah, najan dipariksa sidik jari ku pulisi ogĂ© daĂ©keun,”

“Ari Si Oji?”

“Tah, si Ă©ta mah rada arapap-eureupeup ngajawabna tĂ©h,”
“Tuluy kumaha? Biasana anu boga dosa mah da sok kitu,” 

“Ah, teu kudu hĂ©ran. Apan Si Oji mah teu lancar nyarita. Tong boro ditanya sual nu kitu, nyarita sapopoĂ© ogĂ© balĂ©lol. Uing mah lain lalaki barangasan, kitu ceuk Si Oji tĂ©h. Wani pisan najan dipariksa surat kalakuan baĂ©k ogĂ©,”

“Sugan garĂ©lo kabĂ©h. Cik inget-inget deui, saha baĂ© anu peuting Ă©ta sarĂ© di dieu tĂ©h?”

“Ukur limaan; Si Oji, Si Enung, Si Dayat, manĂ©h, jeung ... aing. Tapi apan aing mah ukur nepi ka wanci janari leutik!”

“Heueuh, da aing ogĂ© teu nyangka ka sia. Ngan cik wĂ© atuh pangmikirankeun. Susuganan bisa kadĂ©tĂ©ksi ku itungan sia,” 

“Teuing lah, poĂ©k.”

"Kélanan, ari Si Obay paéh téh, ceuk saha?"

"Ceuk Si Oji…"

"Geroan Si Oji-na!"

"Euweuh, geus mabur, teuing ka mana?"

"Ari ieu, surat ti Si Enung, ka saha mihapéna?"

"Ka aing,"

"Ti Si Enung atawa ti lanceukna?"

"Lain, da aing mah ti Si Oji."***


Milu reureuh di Saung Pangreureuhan, 2003





0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post