Carita Pondok Sunda: Angling Asih

Carpon DHIPA GALUH PURBA


“ASIH tos pupus!”
            “Asih geus maot!”
            “Asih tilar dunya!”
            “Asih modar!”
            “Asih jengker!”
            “Asih kojor!”
            
Mani rupa-rupa, ceuceuleuweungan jeung paharus-harus. Padahal ku sakecap ogĂ© piraku henteu matak kaharti. Malah sanajan ukur digerenteskeun dina jeroning ati, da bakal pada-pada surti ieuh. Pileuleuyan asih, nu paturay jeung puseur dayeuh. Geus euweuh! Nu maneuh nyeuseup galeuh dayeuh binarung kebek kadeudeuh. Euleuh-euleuh, saparat jalan dayeuh, Ă©ta kohkol kuat teu reureuh ditarabeuh. Nu karuleuheu ngaleut ngangkeuy ngabandaleut bari leungeun ngagisikan cileuh. Henteu diteureuy, tapi keukeuh geuleuh. Aya deuih nu reuneuh, rumanggieung bari nyekel iteuk kalayan pageuh. Nu weureu, nu keur kanceuh teu-teu bureuteu, paadu teuteup. Weuh… Ă©stuning matak sareukseuk deuleu.

            Kandaraan tingserebeng tingsalebrut cadu patanya, sakapeung silih sĂ©gag ku klakson nu matak ngarawingkeun ceuli. Di satengahing pabuisna patalimarga, masih kĂ©nĂ©h pagaliwota nu baramaĂ©n, tukang ngamĂ©n, tukang peremĂ©n, jeung anu caman-cĂ©mĂ©n. Lebah parapatan Jalan Gardujati-Kebonjati, opat lalaki keur ngagugulung pasaran. Teu jauh ti dinya, di St. Hall, opat wanoja aduregeng manggul pasaran. TĂ©tĂ©la, di mamana nyayagikeun pasaran. Tangtu baĂ© ngahudang panasaran. Malah tadina rĂ©k ngahajakeun tumanya ka Ă©ta wanoja, ngarah laluasa tur rada betah ngajak ngawangkong ka nu gareulis mah. Tapi matak ngajenghok, da geuning kalah maranĂ©hna nu nyampeurkeun bangun rurusuhan.

            “Sumangga, geura numpak!” ceuk wanoja anu pangjangkungna.

            “Numpak naon?” puguh ngaranjugna mah. Kakara ogĂ© jonghok, ujug-ujug nitah numpak. Leuheung basa lamun nitah numpak kana mobil, motor, atawa komo numpak manĂ©hna mah.

            “Heueuh numpak pasaran! Ari heug numpak naon deui atuh?” nu buukna galing nyorongot. Ih, ari rupa camperenik, tapi omonganana mani gahiral, aĂ©h garihal.

            “His, teu kĂ©nging kitu, geulis. Kieu-kieu ogĂ© abdi tĂ©h hirup kĂ©nĂ©h. Sawios badĂ© mapah baĂ©, da kiat kĂ©nĂ©h…” tĂ©mbal tĂ©h kalayan satĂ©kah-polah nyabar-nyabar karep.

            “Bedegong pisan mayit tĂ©h!” nu pangpendĂ©kna nyelengkeung. AĂ©h, aĂ©h, naha bet ngarĂ©ken mayit? Sugan teu bisa dileuleuyan mangkeluk tĂ©h? Cacak lamun teu gareulis, geus tatadi mula ditalapungan hiji-hiji. Tapi kakara ogĂ© rĂ©k nyarita, ana rob tĂ©h puluhan wanoja nu leuwih camperenik, nyalampeurkeun bari neuteup seukeut kalayan jajauheun kana geugeut. Teuing ti lebah mana jolna. Nu Ă©cĂ©s mah kabĂ©hanana ogĂ© manggul rupaning barang nu matak muringkak bulu punduk.

“Sok, geura numpak kana pasaran!”

“Hayu, mending kĂ©nĂ©h numpak cikrak!”

“Mending numpak dongdang!”

 “Bisi hayang kana ambulan, geus disiapkeun di Rumah Sakit IyĂ©n!”

Diriung ku puluhan wanoja nu geulisna tanding sĂ©lĂ©britis, kalah araringgis. Komo basa nu pangjangkungna ngusapan pipi ku… cokorna.

 “Bangkawarah pisan siah, geulis! Wani-wani nyurilam ka aing! Aing  tĂ©h masih kĂ©nĂ©h walagri!” antukna amarah ngagulidag, mĂ©h baĂ© teu katadah.

“Nu matak, sok geura numpak!”

 “Piraku aing kudu numpak kana paranti mawa mayit!”

 “AĂ©h, aĂ©h, naha bet ngambek? Apan manĂ©h tĂ©h mayit!” kituna tĂ©h bari srog ngalĂ©ngkah leuwih ngadeukeutan, Ă©stuning bangun taya kasieun.

“Aing mah hirup kĂ©nĂ©h!”

“Meunggeus lah, tong ngaborongkeun sagala. KabĂ©h ogĂ© geus nyarahoeun, manĂ©h tĂ©h mayit!” pokna, kalayan dihaminan ku tingcikikik bari unggeuk kabĂ©hanana. Taya hiji ogĂ© anu gideug.

Basa maranĂ©hna tingcikikik tur arunggeuk, bet ras inget ka sawatara diskotik kelas kakap. Enya, asa beuki inget. MaranĂ©hna pisan ungkluk nu sok marangkal di wangunan agrĂ©ng kalayan taya nu wani nyisikudi, komo ngabuburak. Wah… tangtuna ogĂ© kiwari maranĂ©hna beuki mucekil. Boa-boa maranĂ©hna nu ngadongsok sangkan pacabakan Asih dibuburak, ngarah bisa mulut bati leuwih medah-meduh. Tapi… mĂ©mang lain lawaneun nu kararieu mah. Walikota ogĂ© pasti mikir sarĂ©bu kali lamun kudu ngalawan nu kararieu.

Sakolébat sapasang panon néwak juringkang Si Malik jeung Si Darno. Duanana aléprak semu nu atoh. Héab, amarah muncak kana embun-embunan.

“DĂ©ngĂ©keun ku sarĂ©rĂ©a! Aing tĂ©h hirup kĂ©nĂ©h! Naha perelu nĂ©mbongkeun surat katerangan hirup?!”

“Euweuh gunanana. Sakali mayit, tetep wĂ© mayit! Meunggeus, leuwih hadĂ© ngaku baĂ©!”

“Moal! Nepi ka iraha ogĂ© tetep moal ngaku, da teu rumasa! Bisi hayang nyaho, nu maot mah Asih! Asih! Lain aing!” kapaksa nyentak deui, bonganna mani kamalinaan pisan, teu bisa ngabĂ©dakeun nu hirup jeung nu paĂ©h. Padahal asa euweuh nu anĂ©h tina papakĂ©an ogĂ©. Calana lĂ©vis belĂ©l anu keur ngetrĂ©n tur ka kaluhurna makĂ© kaos biru anu tulisanana: Demi PERSIB Aku RĂ©la Mati! Baju pamĂ©rĂ© ti babaturan kuliah.

“Hayoh geura naĂ©k! Geus lah mayit mah teu perelu mikiran maĂ©n bal sagala!” pokna nu galing tĂ©a. AnĂ©h, naha manĂ©hna bet bisa nyaho kana gerentes eusining hatĂ©?

“Sakali deui, aing mah lain mayit! Aing boga hak nyarita ngeunaan maĂ©n bal, sabab aing masih hirup jeung sarua mayar pajeg! Nu maot mah asih! Asih!”

“Tah kitu, mayit jaman ayeuna mah. Geus jelas mayit, kalah ngaduduh ka batur. Urang rarejeng wĂ© ku sarĂ©rĂ©a!” ceuk nu pangbegangna bari ngarĂ©rĂ©t ka puluhan wanoja sĂ©jĂ©nna.

Aduh, cilaka anjir! Najan wanoja ogé, ari jumlahna puluhan mah tangtu moal kuat ngayonanana. Hiji-hijina jalan nyaéta: beretek! Lumpat satakerna tur sakulampat-lampét bari teu nolih titincakeun, éstuning pager dirurug, lampu beureum dirumpak. Enyaan, diudag-udag ku nu gareulis ogé kalah sepor jantung, ari rék diajakan numpak kandaraan mayit mah.

“Ulah kabur siah, mayit!”

“Eureun euuuy! Pamali mayit lulumpatan mah!”

Nu ngudag teu eureun ceuceuleuweungan. Untung wĂ© lumpat ogĂ© ngadadak tanding ucing ari dibarung kasieun mah. SakolĂ©bat karĂ©rĂ©t aya gang sempit anu ditulisan “Gang Buntu”. Teu loba mikir, blus baĂ© asup ka jero gang. Jep, anu tingceuleuweung tĂ©h ngadadak jempĂ©. Panasaran, ngarandeg heula bari ngalieuk. BrĂ©h, puluhan wanoja tingjaranteng lebah sungut gang. Taya nu wani ngudag ka jero gang. Puguh baĂ© hatĂ© rada ngemplong. Kakara nyaho, manahorĂ©ng gang buntu tĂ©h mangrupa sorangeun keur sing saha baĂ© anu geus buntu laku.

Tina gang buntu, bras ka jalan satapak sisi sawah. Ah, teu singna buntu geuningan. Malah asa gancang naker anjog ka lembur. Padahal ilaharna mah ti péuseur dayeuh téh kudu numpak beus, disambung ku angkutan padésaan, pleus sésana numpak ojég. Lalampahan nu kuduna opat jam téh ukur memenitan ari ngaliwat ka gang buntu mah. Kira wanci tunggang gunung, angin tingtrim pilemburan geus mimiti karasa ngusapan sakujur awak.

Ké, ari di lembur geus arapaleun kitu maotna asih? Boa tacan nyarahoeun. Kabeneran palebah pertélon aya pos ronda. Nu pangpentingna, di hareupeun pos ronda ngagantung kohkol. Kop kana panakol, sarta dipaké nakol kohkol, kentrong tilu. Urang lembur mah tangtu bakal surti, kentrong tilu téh hartina aya nu maot. Tapi anéh, mani jempling. Biasana Mang Ahro, Bi Iroh, atawa Bi Nasih, sok tuluy nyorowok tumanya: Saha nu maooot? Tapi boa maranéhna geus leuwih tiheula nyarahoeun. Ana kitu mah kentrong tilu téh sakadar ngabéjaan bulu tuur.

“HĂ©y, CĂ©p Darma, geuning di dieu kĂ©nĂ©h? Itu geus ngadaragoan di imah! Hayoh geura mulang!” teuing ti lebah mana jolna, Hansip Baron geus ngajega hareupeun.

“Éh, Mang Baron. Kumaha damang, Mang?” pok tĂ©h bari nyolongkrong ngajak sasalaman.

“PangĂ©sto. Enya, heug, dihampura pisan. Sok ayeuna mah geura mulang! Karunya nu ngadaragoan…” tĂ©mbal Mang Baron bari leungeun katuhuna nampanan dampal leungeun. Sasalaman tĂ©h asa bĂ©da. Naon maksudna leungeun kĂ©nca Hansip Baron ngusapan sirah? Jeung deui, tadina mah rĂ©a anu hayang ditanyakeun ka Hansip Baron. Boh ngeunaan anu ngadaragoan di imah, atawa kaayaan lembur salila lima taun ditinggalkeun ngumbara. Hanjakalna Hansip Baron bangun ngarurusuh nitah balik. Antukna lĂ©os baĂ© ninggalkeun Hansip Baron, muru jalan ka imah anu rĂ©a robah.

Dramatisasi Carpon "Angling Asih" oleh  Laskar Panggung Bandung, Sutradara Yusef Muldiyana  di Teater Terbuka, Taman Budaya Jawa Barat, 18 Agustus 2007


Teu karasa, dampal suku geus ngagaléntoran lemah pakarangan imah. Ké, naha batur bet ngarumpul di imah? Naha? Jalma mani ngagimbung tur ngantay lebah lawang panto. Mang Amanta leumpang semu rurusuhan ka sisi jalan bari mawa bandéra hideung anu ditalikeun kana suluh. Ceb, ditancebkeun sisi jalan, teu patih jauh ti pakarangan imah. RT Lili nuturkeun bari mawa bandéra warna konéng. Srog, ka hareupeun Mang Amanta.

“Ulah ku warna hideung atuh! Tangara nu maot mah warnana kudu konĂ©ng!” pokna RT Lili bari rada muncereng. 

“His, di mamana ogĂ© tangara nu maot mah kudu hideung. Bisi teu percaya, hayu urang lalajo sinĂ©tron. Lamun adegan ngalayad anu maot, pasti makĂ© baju hideung!” tĂ©mbal Mang Amanta.

“Lain! Salah kabĂ©h ogĂ©! Anu bener mah makĂ© bandĂ©ra bodas! Bodas tĂ©h apan lambang kasucian. Sok wĂ© cirikeun, nu maot mah pasti dibungkus boĂ©h. Ari nu ngaranna boĂ©h, tara aya nu rupana konĂ©ng!” teuing ti lebah mana jolna, Kadus Ukar ujug-ujug ngaronghĂ©ap bari mekel bandĂ©ra warna bodas.

“Pa Kadus, di mamana ogĂ© pami aya nu pupus mah sok nancebkeun bandĂ©ra konĂ©ng…” RT Lili keukeuh kana pamadeganana.

Panasaran. Anu keur hog-hag téh disampeurkeun.

“Pa Kadus, Mang RT, Mang Amanta, kumaha daramang? Punten sakedap, dupi anu maot tĂ©h saha?” tanya tĂ©h bari solongkrong ngajak sasalaman.

“Enya, heug, dihampura pisan. Geus ulah loba tatanya. Tuh, anu ngalayad geus narungguan ti isuk-isuk. Sok, ayeuna mah buru geura ngajepat di tengah imah!” tĂ©mbal Kadus Ukar.

“Kumaha maksad Pa Kadus tĂ©h? Asa kirang ngartos abdi mah…”

“Ilaing pan geus maot, naha masih kĂ©nĂ©h kulayaban?” pokna RT Lili bari mencrong seukeut naker.

“Maot? Abdi mah teu acan maot, Mang RT! Nu maot mah asih! SanĂ©s abdi…” tĂ©mbal tĂ©h bari kerung. Teu di kota, teu di lembur, bet ngaduduh maot ka nu masih kĂ©nĂ©h hirup.

“Enyaan, nu maot jaman ayeuna mah sok loba nyarita…” Mang Amanta ngagerendeng bari ngusap beungeut.

Rét ka lawang panto. Beuki teu hayang baé ngadeukeutan imah. Padahal tadina mah geus diniatan rék munjungan ka kolot, ménta dihampura tina sagala rupa dosa. Tapi naha saréréa bet ngaduduh maot? Fitnah éta téh! Mangkaning fitnah leuwih kejem batan henteu mitnah, aéh batan maéhan!

Dramatisasi Carpon "Angling Asih" oleh  Laskar Panggung Bandung, Sutradara Yusef Muldiyana  di Teater Terbuka, Taman Budaya Jawa Barat, 18 Agustus 2007




Asa leuwih hadé nyalingker ka pipir, rék noong kaayaan di jero imah. Tapi di pipiereun imah éstuning matak ngagebeg deui baé. Pangna kitu, aya sawatara ahli ngaweredonan anu keur badami ngeunaan téknis ngamandian mayit.

“Urang kudu nyiapkeun gayung jeung dreum anu badag…” ceuk Mang Sarkowi.

            “Henteu perelu, cukup jambangan jeung cĂ©rĂ©t wĂ©!” tĂ©mbal RW Uloh.

            “KĂ©, kĂ©, ari sabunna geus disiapkeun?” Mang Dasmin nyelengkeung.

            “Teu perelu makĂ© sabun sagala. Malah hadĂ©na mah dimandian ku salapan sumber cai jeung diawuran tujuh rupa kembang!” kitu pokna Mas Tono.

            “KĂ©, punten, dupi anu maotna saha?” antukna ngawani-wani karep tumanya ka nu keur meujeuhna guntreng.

            “Apan ilaing! Meunggeus, nu maot mah ulah loba tatanya, kumaha anu hirup wĂ©! Jig, geura asup ka imah!” tĂ©mbal RW Uloh. Enya, ti baheula ogĂ© mĂ©mang RW Uloh mah kakoncara arogan, otoritĂ©r, hayang meunang sorangan. Moal aya benerna ngadebat ogĂ©. Leuwih hadĂ© indit.

Ras inget ka Makam Jambu. Panasaran deui baé, hayang ngalongok kaayaan di makam. Léos indit, muru jalan satapak anu brasna ka Makam Jambu. Saparat jalan, kabandungan loba anu keur guntreng nyaritakeun nu maot. Angger henteu jelas, saha nu maotna? Sanajan geus diécéskeun sababaraha kali, anu maot mah asih. Anéh, saréréa tetep cangcaya. Matak, isuk jaganing géto, leuwih hadé ieu jalan téh dingaranan Jalan Cangcaya.

Bras, ka Makam Jambu. Jang Among jeung sababaraha pamuda geus mimiti ngali kuburan. Malah nu séjénna ogé aya nu keur nyieun tutunggul jeung maésan. Aya ogé nu nataharkeun padung, dalika, keteb, tataban tug nepi ka anu nataharkeun gegelu jeung gandu. Teu lila, torojol Jang Ook jeung Si Aték kalayan langsung nyampeurkeun ka nu keur digarawé.

“Ulah dikubur euy! Mending urang palidkeun wĂ© ka walungan!” pokna Jang Ook.

“His, naha kalah dipalidkeun? Di mamana ogĂ©, nu maot mah kudu dikubur!” tĂ©mbal Jang Among.

“Tapi ceuk sayah mah asa alus kĂ©nĂ©h disimpen di guha!” ceuk Si AtĂ©k bari nyerebungkeun haseup udud.

“Ti jaman pendĂ©kar ogĂ©, mayit mah alusna dimumikeun, disempen jero guha…” Jang Ook keukeuh kana pamanggihna.

“Ayeuna geus lain jamanna atuh euy!” Jang Among muncereng.

“KĂ©, kĂ©, saha sabenerna anu maot tĂ©h? Aing mah bingung tatadi mula. Cik atuh bĂ©jaan aing lah…” bubuhan ka babaturan saentragan, nanya tĂ©h henteu asa-asa.

“Aya wĂ©… moal dibĂ©ja-bĂ©ja!” tĂ©mbal Jang Among bari ngiceupan ka Si Ook. TĂ©tĂ©la, Jang Among ogĂ© saruana pisan jeung nu sĂ©jĂ©n, pasti ngaduduh maot. Padahal manĂ©hna tĂ©h sobat dalit ti jaman keur budak.

Teu hayang lila di Makam Jambu. Komo bari teu diwaro ku babaturan. Nyeri pisan ieu haté. Rék kumaha deui hirup, lamun babaturan baé geus henteu daék ngawaro! Kajeun teuing kétang, kari néangan deui nu sakira-kirana daék ngawaro. Cik, susuganan di warung Ceu Enung mah aya kénéh nu bisa diajak nyarita. Sasarina wanci pasosoré pisan warung Ceu Enung keur meujeuhna haneuteun.

Teu salah tina ijiran, barang srog ka buruan warung Ceu Enung, loba pamuda ngagimbung. Malah lain pamuda wungkul, da pakolot ogé siga nu embung éléh. Cikopi jeung lalawuh buatan Ceu Enung mémang dipikalandep ku urang lembur. Teuing pédah rasana anu ngeunah, atawa bisa jadi alatan Ceu Enung anu gumuleng tur saumur-umur jadi randa. Kuwu Amas ogé sok ngersakeun ngopi di warung Ceu Enung. Tuh, kabeneran ayeuna Kuwu Amas keur anteng ngaregot cikopi bari sakapeung maling rérét kana imbit démplon Ceu Enung.

“Asih geus maot! Asih geus maot!” ngahaja nyelengkeung, ngarah sarĂ©rĂ©a langsung ngadĂ©ngĂ©.

“Naon? Saha nu ngomong asih geus maot? Jaga lĂ©tah manĂ©h siah! Aing teu narima lamun asih diduduh maot! Asih masih kĂ©nĂ©h hirup!” Kuwu Amas tibuburanjat nangtung bari tuluy nulak cangkĂ©ng.

            “Kunaon abdi teu teu kĂ©nging nyebat maot? Padahal tos jelas, asih parantos maot…”

 “Jaga omongan manĂ©h!ManĂ©h kudu buru-buru tobat! ManĂ©h kudu nyaho yĂ©n asih moal maot, samĂ©mĂ©h aya perang campuh antara dua golongan rongkah anu kayakinanana sarua!” pokna Kuwu Amas.

 “Abdi satuju, Pa Kuwu. Margi, perang tĂ©h ayeuna nuju lumangsung. Kiwari urang keur ngayonan perang budaya, perang komunikasi, perang Ă©konomi, jeung perang-perang sĂ©jĂ©nna! Asih geus maot. Tapi asih teu perelu dikubur! Malah lamun bisa mah asih kudu dihirupkeun deui. Asih pasti bisa hirup deui!”

            “Meunggeus, ulah loba ngabacot siah! Budak kamari sorĂ© manĂ©h tĂ©h! Sangkilang geus jadi mayit, masih kĂ©nĂ©h loba nyarita. Hayu urang rarejeng ku sarĂ©rĂ©a!” Kuwu  Amas nyerenteng bari hahaok.

            “Hayu! Sok urang tĂ©wak mayit kulayaban tĂ©h!” nu sĂ©jĂ©nna mani raĂ©ng. Taya kasempetan keur lumpat. KabĂ©hanana mani napuk ngarejengan. Awak pasiksak mani hĂ©sĂ© usik, mangkaning aya nu marieuskeun leungeun sagala. KocĂ©ak dengĂ©k geus taya nu mirosĂ©a.

            “Ampuuun! Aing mah hirup kĂ©nĂ©h! Aing mah lain mayit! Hirupkeun deui asih! Asiiih…!”

Kaayaan ngadadak simpé. Nu ngarejengan mimiti laleupas. Nyéh, beunta lalaunan. Panon ngulincer ka sabudeureun, nengetan hiji-hijina anu keur ngariung. Méh kabéhanana ngadadak cengkat bangun nu kagét. Anu narangtung di lawang panto tingburiak ka luar bari semu nu soak. Ka mana Kuwu Amas? Ka mana Si Among? Ka mana Ceu Enung? Nu dariuk ngariung téh geuningan aya ema jeung bapa, katut duduluran anu keur panonna beueus kénéh ku cimata. Rét ka nu keur sarila di kéncaeun, aya Ustad Otong, Mama Iking, Lebé Doya, Kadus Ukar, jeung RT Lili. Anu leuwih hémeng, naha awak téh ujug-ujug nangkarak di tengah imah bari disimbutan kaén bodas. Awak karasa pasiksak, teu puguh rasakeuneunana.

“Bapa-bapa, ibu-ibu, ogĂ© para hadirin sadaya. Omat, sanĂ©s jurig ieu tĂ©h Numutkeun pamendak simkuring mah, rupina CĂ©p Darma tĂ©h ngalaman anu disebat mati suri tĂ©a. Jadi, CĂ©p Darma mĂ©mang teu acan pupus,” kitu pokna Ustad Otong.

Mati suri? Boa enya nu diomongkeun Ustad Otong téh? Ras inget basa keur galungan jeung puluhan anggota Satpol PP. Mimitina teu niat riributan. Tapi amarah ngahéab basa nyaksian Asih keur direjengan ku sababaraha urang anggota Satpol PP. Euweuh kaéra pisan lalaki téh, wanina ukur ngahurup awéwé. Anu keuheul pisan mah ka Si Darno. Sababaraha poé saméméh lokalisasi Saritem ditutup, Si Purunyus téh kungsi nyaréan Asih. Jaba hayang meunang diskon salaku layanan husus keur anggota Satpol PP. Kari-kari Si Kéhéd milu nyégel Saritem. Bener omongan Ceu Rukayah, tukang kios di Alun-alun. Si Darno mah pagawéan méntaan udud, dahareun, duit, pajarkeun téh ngarah teu dibuburak mangsa rajia PKL. Kanyataanana mah tai pedut. Kios Ceu Rokayah diringkid jeung eusi-eusina, ditaékeun kana treuk anu dibeuli jeung dibéngsinan ku duit rayat. Hanjakal maké jeung cangcaya kana lalampahan Ceu Rokayah. Hanjakal, Asih! Hanjakal Si Darno henteu digampleng, basa ménta gratis nyaréan Asih.

Deudeuh teuing, Asih. Di mana anjeun ayeuna, Asih? Mangkaning bapa anjeun keur gering parna. Disalametkeun ku Si Malik kitu anjeun téh? Ah, pamohalan teuing. Geus sababara poé ogé Si Malik mah teu katingali irung-irungna acan. Padahal saméméhna mah teu sirikna pulang-anting ka Saritem, ngamar jeung Asih bari gratis. Enya, gratis, da manéhna ngaku pulisi. Angkanan Asih, susuganan lamun mangsa karerepet bisa dipuntangan tulung. Tapi tétéla, hésé dicepengna geuning omongan jelema terhormat mah. Boa Si Malik ogé kalah milu jeung pasukan anu ngabubarkeun Saritem. Salawasna Saritem bakal jadi saksi kamunapékan Si Darno jeung Si Malik.

“Duh, Asih. Mayang Asih. Camperenik pisan ngaran anjeun tĂ©h. Rupa anjeun, sikep anjeun, sagalana anjeun sing sarwa camperenik. Asih, ulang cangcaya lamun ieu hatĂ© teu welĂ©h micangcam anjeun. Aya cinta dina ieu sagara rasa. Salaku lalaki, tangtu boga hak micinta wanoja nu kumaha baĂ© satungtung luyu jeung kereteg ciptaning ati. Sabalikna, anjeun ogĂ©, salaku wanoja anu sarua manusa, tangtu boga hak dipikacinta. Nepi ka iraha baĂ©, ukur ngaran anjeun anu rĂ©k dipiara dina ieu dada…” aya gerentes dina jeroning dada kalayan teu dirĂ©ka-rĂ©ka.

“CĂ©p… CĂ©p Darma! Sok geura istighfar, sanĂ©s molohok baĂ©…” Ustad Otong ngabuyarkeun rupaning sawangan.***


Ranggon Panyileukan, 1426-1428 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post