Minggu, 05 November 2017

Apél Bulan Puasa

Carpon Lucu DHIPA GALUH PURBA

NUMPAK beus téh karasana mani lila. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat sono, hayang geura-geura panggih jeung si manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat nandangan hanaang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah puasana bisa dikodoan.

Najan lembur manéhna aya di pasisian, tapi ari ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang. Néng Arin, kembang Ciméndong anu ménor, nu kabayang unggal mangsa wanci beurang, kaimpi-impi saban wanci janari.

“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun, bari leungeunna ngasongkeun karcis.

“Aduh, punten, hilap, kang,” témbal téh bari buru-buru muragkeun roko. Dikekesek ku dampal sapatu. Sakur penumpang, panonna mani tamplok marelong. Komo wanoja anu diuk gigireun mah katingalina téh mani ijideun naker.

“Kabiasaan tara saum rupina nya?” Tanya éta wanoja.

“His… sembarangan! Nembé ayeuna batal téh. Kapaksa éta ogé, pédah nyaba rada tebih…”

Manéhna teu némbalan, kalah mangpengkeun teuteupna ka luareun jandéla. Bareng jeung adan lohor, beus anjog ka Pamoyanan. Kuring  tuturubun turun. Kéclak, naék ojeg. Biur, maju, tug nepi ka anjog ka hareupeun hiji imah anu ditingker balong.




Néng Arin jeung dua kolotna ngabagéakeun kalayan daréhdéh. Kawasna pédah ka urang Bandung. Bubuhan ari ti kota mah sok aya kasebutna laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun kuring ukur boga duit saongkoseun.

“Saum?” bapana Néng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring.

“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan, apan teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.

“Bageur pisan si Asép. Padahal ti Bandung ka dieu téh sakitu tebihna. Tangtos capé,” pokna deui bari nembongkeun imutna.

“Punten, badé ngiring netepan lohor,” ceuk kuring bari ngarérét kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapaké.

“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé bumi nyalira” kitu témbalna.

Solat lohor ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan éngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh alatan resep wandana, jeung hayang ngira-ngira eusina. Maksud téh, asa hadé upama éta céngcéléngan dijieun sajak.

Kurang leuwih satengah jam, kakara kaluar deui ti kamar Néng Arin. Sarung jeung kopéah masih dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé, bari rada gegerenyeman. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Néng Arin jeung indungna ogé keur paciweuh nyiapkeun kadaharan.

“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah da geus dua poé ogé aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” pokna bari nyerebungkeun haseup udud.

“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring bari ngélémés. Sangu ngebul jeung goréng lauk, ukur waasna. Tada teuing nikmatna. Hanjakal geus kagok ngaku puasa. Ari rék milu dahar, sieun jadi teu kapaké. Kapaksa ukur diuk bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan.

Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib, teu kagoda ku kadaharan atawa udud. Kasebutna puasa téh tamat, najan ngamimitianana ti jam 12. Puguh baé, Néng Arin sakulawarga beuki reueus ka kuring. Dahareun keur buka puasa disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sop buah, goréng lauk, sambel, jsté.

Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé sora motor anu eureun lebah buruan. Néng Arin gura-giru ka luar. Teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.

“Mamah, aya Si Bibi …!” kituna téh mani ocrak pisan. Bapana ogé buru-buru kaluar.

“Na jam sabaraha ti Bandung?” kadéngé bapana Néng Arin tumanya.


“Ari datang mah geus tibeurang mula. Tapi ngabuburit heula ka Tasik, meuli baju jeung nganjang ka babaturan…” kadéngé sora awéwé némbalan. Panasaran, kuring ogé ngalieuk. Bréh…gebeg. Késang badag, késang lembut mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian wanoja anu diuk gigireun, basa dina beus kota. ***

0 komentar: