Dangding Cinta Dhipa Galuh Purba

Dangding Dhipa Galuh Purba

Sinom Asih keur Asih
(Pupuh Sinom)

Purnama di Panyileukan
Caang mabra pinuh asih
Sari-sari milu bagja
Mangsa tepung dua ati
Ngedalkeun hiji pasini
Sanajan bari ngarahuh
Ngaguar carita mangsa lawas
Ngait nepi ka kiwari
Asih téh horéng tos aya nu miboga

Rasa dosa nyaliara
Tapi asih nguwak-ngawik
Pabéntar rasa na dada
Asih pamohalan bari
Beurang peuting asih ngancik
Najan wiati kulawu
Najan purnama geus ilang
Asa hamo jalir jangji
Taya nu bakal megatkeun asih urang

Ranggon Panyileukan, 27 Désémber 2004


Bedah Du’a Panganténan
(Pupuh Asmarandana)

Puadé reumbeuy malati
Caang mabra béngras rasa
Pangantén nulakan panto
Anjog kana ranjang cinta
Impian nganjang dunya
Najan kudu nganti tepung
Geusan nyorang alam anyar

Saksina bulan nu suci
Nunda wanci panganténan
Namperkeun rasaning sono
Apan cinta kebek ihlas
Dipahing salah usap
Ulah ngasuh hawa napsu
Geugeut deudeuh budak urang

Nyorangan peuting kahiji
Tingtrim ati pasrah raga
Nyanggakeun nu sarwa bodo
Bagja cinta muga manjang
Mung Gusti Maha Cinta
Ngahaturkeun timpah nuhun
Éndah pisan asma cinta

Diraksukan kaén putih
Mungkus baju panganténan
Jungjunan teu acan amprok
Dina anggang silih sawang
Nyambuang seungit kembang
Binarung ku silih tungtun
Metik bagja kanggo jaga

Pamugi henteu ditampik
Seja ngampar samak bodas
Sumujud malik ka kulon
Neda widi bedah cinta
Nohonan kawajiban
Jangji abdi gurat batu
Hamo laas selang mangsa

Ranggon Panyileukan, 18 Ramadan 1426 H







Di Basisir Pangantén
(Pupuh Asmarandana)

Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta

Ngarénjag pinuh kagimir
Neuteup angkeub semu melang
Lalakon sigana pondok
Tapak lampah ngudag-ngudag
Amarah ningker urang
Ngabebela hurung ngempur
Hamo pareum disimbeuhan

Kapaksa anjeun ngalengis
Bari lunta nyiar jalan
Nyingkahan pakéwuh manco
Muntang pageuh hajat cinta
Cimata ninggang taktak
Muru  gerot alak paul
Jajap anjog katingtriman

Paneuteup kedal pasini
Bulan béntang kahieuman
Moékan laratan nyoro
Dina ranjang panganténan
Ngetrukeun rupa rasa
Najan tacan cunduk waktu
Ninggang mangsa dirapalan

Palagan nafsu wiati
Bumi dogdag nulak bala
Karomah nutupkeun panto
Kari rénghap patémbalan
Doraka ririakan
Ati manteng ka Nu Agung
Muga urang taya céda

Nyingkahan ngalambangsari
Anjeun sabar ngemu cinta
Meruhkeun galuring mopo
Meupeus peuting kebek bagja
Meleber seungit kembang
Mapag isuk reumbeuy imut
Urang leupas tina runtah

Cianjur, 23 Juli 2005


Pajaratan Cinta
(Pupuh Asmarandana)

Henteu perlu milang wanci
Najan rasa ngarancabang
Bongan ngagurat lalakon
Dina seuneu ngabebela
Ditingker ku karingrang
Dihuru ruhak timburu
Dirérab haté gudawang

Urang geus ngaruang asih
Dina pajaratan cinta
Nyirnakeun rasa kasono
Ngurebkeun galura cinta
Sangkan taya nu céda
Diurug rungkun hanjelu
Dikucuran cinalangsa

Nu dipalar sing lastari
Sayaktina layon cinta
Ilang tina mata panon
Sirna tina mata jiwa
Taya rasa nu nyésa
Jug lunta ka alak paul
Sing tingtrim di kalanggengan

Geuning rasa can palastra
Da cinta marakayangan
Hamo poho anggang mopo
Saban mangsa ngariwanan
Asih ngajungjurigan
Amuk-amukan na kalbu
Ngubur cinta teu sampurna

6 April 2013


Anjeun dina Panineungan
(Pupuh Kinanti)

Ngemploh héjo Banjarwaru
Tinggarupay di basisir
Amparan samak di Simpar
Mapag léngkah nu kasilih
Carita embung lekasan
Ngagurat jangji pasini

Cambéwék ibun Panjalu
Mawa nyawang hiji asih
Nusa lir medar carita
Langit ngajerit ka bumi
Jagat ngocéak ka apah
Basa éling anjeun leungit


Sekar Tandak:
Mawa uyah dina gelas
Susuganan jadi ubar
Carita ulah dipungkas
Sono kénéh Kembang Simpar

Na saha nu ngapimilikna
Kabaya teu make kancing
Di mana atuh ngancikna
Nu kabayang beurang peuting


Ranggon Panyileukan, 1424 H


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post