Senin, 28 Mei 2018

Acan Merdeka


Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA

TI bulan Juli kénéh ogé, Lurah Ukar geus paciweuh nataharkeun acara, dina raraga ngareuah-reuah Agustusan. Komo deui Mang Ulis, anu purah dititah méntaan sumbangan. Unggal kulawarga  diwajibkeun papatungan duit, anu gedéna ditangtukeun dumasar kana loba jeung saeutikna budak. Lamun budakna loba, mayar sumbangan ogé kudu gede. Pon kitu deui sabalikna, lamun budakna saeutik mah, mayarna ogé teu pati gedé. Malah anu teu boga budak mah, aya anu diharatiskeun sagala rupa.

"Ieu téh demi ngamasarakatkeun program KB ongkoh..." kitu ceuk Lurah Ukar, basa ditanya ngeunaan alesan pangna nangtukeun aturan kawas kitu. Puguh baé ninggang ka kulawarga Mang Amanta mah, matak ripuh pisan. Apan budakna téh reuay, aya kana salapan welas urangna.

"Ieu mah perlu diadukeun ka pamaréntahan pusat!" Mang Amanta susumbar. Kawantu pangala sapopoéna ogé aya kalana teu cukup, pikeun nyumponan pangabutuh budak anu sakitu bangkoréakanana. Komo deui saprak warungna anu di sisi jalan, bulan kamari dibongkar paksa ku patugas.

"Apan ayeuna mah usum otda. Pamaréntahan kampung ogé, boga hak pikeun nangtukeun aturan sorangan." Lurah Ukar teu éléh géléng. Kituna téh bari ngabulaéh, nyaritakeun rarancang pikeun ngayakeun pésta gedé tanggal tujuh welas Agustus. Peuting harita téh, kabeneran keur ngayakeun riuangan panata calagara Agustusan di balé désa.

"Barudak pamuda mah, hayang nyieun garapan pagelaran longsér!" Mang Kulisi ngajukeun usul. Minangkana mah ngawakilan sora pamuda Cigorowék.

"Teu bisa! Ieu dana acara téh, rék dipaké keur ngayakeun turnamén gapléh jeung karnapal." Témbalna rada nyeuneu.

"Da Néng Lina ogé sok ngiring latihan longser..." aya nu nyelengkeung ti beulah tukang.

"Keun engké, wang carék. Nanaonan sih, kawas rék jadi artis baé?"

"Haaarr..."

"Lurah Ukar, hadéna mah, dana acara téh mending dipaké ngabiayaan kréativitas pamuda Cigorowék." Ustad Otong milu nyarita.


"Geus gandéng, Mang Ustad. Keur naon ngalalajoanan Si Among atawa Si Buruy. Teu ramé! Mending kénéh wang ngangkat kasenian gapléh jeung olahraga pawéy. Sakurang-kurangna acara Agustusan taun ayeuna mah, kudu dibuka ku acara anu rada goyang. Tapi lamun barudak pamuda maraksa hayang nyieun pagelaran longsér, tinggal sina néangan dana sorangan. Méntaan sumbangan di jalan raya..." kitu pokna. Kaputusan Lurah Ukar teu bisa diganggu gugat deui. Tungtungna mah jempling. Komo sanggeus Lurah Ukar megat tukang sangu goréng mah, saréréa ogé ngadadak satuju.

            Unggal acara Agustusan, di lembur Cigorowék sok ngadadak harénghéng usum bangsat. Najan taya patula-patalina, antara agustusan jeung bangsat. Tapi teuing kumaha mimitina, da geus kitu kanyataanana. Peuting mangkukna, aya bangsat anu nyasar ka imahna Lurah Ukar. Tapi anéhna, éta bangsat téh teu maling nanaon pisan. Malah Néng Lina anu kasaréan dina korsi ogé, teu ieuh diganggu. Jajauheun nepi ka digadabah mah. Padahal kasus 'ngagadabah' téh, keur rada ngetrénd di kalangan jalma teu balég mah. Sigana bangsat anu ngalanto ka imah Lurah Ukar, tara pati kabawa ku sakaba-kaba. Henteu pati kapangaruhan ku kamajuan bangsat. Manéhna mah ukur ngagaradah lomari pakéan. Tuluy ngudulkeun kaos anyar Panata Calagara Agustusan, anu kakara réngsé meunang nyablon. Ari sugan éta kaos rék diringkid ku bangsat, keur dijual ka tukang loak atawa keur kostum maén bal. Ari pék téh da henteu, kalah ngadeluk ditulisan ku spidol beureum. Teu pira ari kecapna mah, ukur nulis 'ACAN'. Tapi handapeunana aya tulisan 'Merdeka', anu saméméhna geus meunang nyablon téa.

            Puguh baé basa isukna Lurah Ukar ngabagikeun kaos, taya saurang ogé anu henteu ngaranjug. Kawasna mah Lurah Ukar teu mariksa deui kaayaan kaos. Bisa jadi pangna kitu téh, bakat ku riweuh teuing ngitung bati ladang nyablon.

            "Wah, Lurah urang téh kunaon nya? Ieu kaos maké jeung ditulisan 'Acan Merdeka'?" kitu diantarana wangkongan warga Cigorowék.

            "Boa-boa Jang Lurah téh hayangeun subversip." Bah Dinta ogé teu tinggaleun, milu mairan.

            "Naon subvérsip téh, Bah?" Si Buruy rada ngahuleng.

            "Teu pati béda jeung Pérsib." Témbalna.

            “Kapi naon tah, ka téroris?”

            “Nyao.”

            Lurah Ukar ogé sarua kagétna. Reuwas kareureuhnakeun. Poé bieu ogé, teu wanieun nonghol ti imahna. Teuing keur tapa atawa memang tunduheun kénéh, balas sapeuting jeput ngawangkong jeung artis penyanyi ondangan ti Babakan Sayang.

            Peutingna Lurah Ukar ngayakeun gempungan deui di Balé Désa. Tapi anéhna téh maké jeung ngondang Si Among saparakanca. Tara-tara tisasarina.

            "Nu balég atuh nyieun kaos téh, Jang Lurah! Bisi cilaka. Maké jeung nulis 'Acan Merdéka' sagala rupa. Hayoh ké disangka rék ngayakeun Gerakan Cigorowék Merdéka. Apan pibalaieun wungkul…" Acan ogé gempungan dimimitian, Bah Dinta geus miheulaan  nyelengkeung.

            "Enya, kumaha éta téh, sih?" Mang Kulisi katara semu anu kritis. Teuing pédah tadi peuting, teu kabagean sangu goreng.

            "Kélanan. Ulah waka goréng sangka, euy. Saméméhna nguruskeun kaos, kuring rék cumarita heula ngeunaan acara Agustusan." Kitu pokna Lurah Ukar. Sanajan siga anu kalem, tapi ari tuurna mah katara rada ngeleper. Tapi ngadéngé kitu mah, saréréa taya nu wani cacarita deui. Jep, jempling.

            "Kahiji, urang téh perlu ngadukung kréativitas barudak ngora. Dana acara Agustusan, mending dipaké kagiatan pamuda anu sipatna leuwih ngadidik. Kuring, salaku Lurah Cigorowék, ngarojong pisan kana kréativitas pamuda." Omongan Lurah Ukar, kalintang bédana jeung peuting saméméhna. Ngalantarankeun para pamuda aléprak ramé naker. Anu susuitan ogé aya.

            "Hidup Lurah Ukar! Merdéka!" Si Buruy ngagorowok bari ngangkat leungeun katuhu.

            "Hidup Néng Lina..." Si Among teu kebat.

            "Geus atuh, ulah nyangkut kana urusan pribadi..." Jang Isud muncereng.

            "Gampang urusan acara pamuda mah, Jang Lurah. Tapi ieu perkara kaos, naon maksudna maké jeung ditulisan ACAN MERDEKA?" Bah Dinta keukeuh madungdengkeun perkara kaos. Dirojong ku warga séjénna, anu kabeneran milu gempungan.

            "Kieu, dulur-dulur. Luyu jeung tékad kuring salaku Lurah Cigorowék. Kuring hayang ngamajukeun kréativitas barudak ngora. Nya antukna kuring nyieun susuluk tina visi jeung misi kuring." Ceuk Lurah Ukar.

            "Susuluk kumaha, Jang Lurah?"

            "Enya, susuluk Cigorowék, pikeun ngarojong kawula muda. Nyatana 'Aku Cinta Anak Negeri' atawa disingkat jadi...ACAN. "

            "Ooooh...ngarti atuh ari kitu mah." Méh bareng.

            "Hidup ACAN! !" Mang Lurah ngajorowok.

            "Hiduup!"

            "Merdeka!"

            "Merdeka!"

            “Hidup Acan Merdéka!”

            “Hiduuuuup…!”

***
Ranggon Panyileukan, 2002


Dimuat Dina Rubrik "Heureuy Bandung" H.U. GALAMEDIA, Bandung, Jawa Barat
Comments
0 Comments

0 komentar: