Senin, 28 Mei 2018

Agul Teuing


Heureuy Bandung DHIPA GALUH PURBA




Basa anyaran kawin ogé, mémang Bi Iroh mah kungsi digosipkeun bureuyeung saméméh disahkeun ku lebé. Padahal teu singna kitu kanyataanana mah. Bubuhan geus kabiasaan ti leuleutik, upama nyarita téh sok dileuwihan baé. Ceuk istilahna mah Bi Iroh téh sok agul teuing. Ngan teuing  asup kana golongan agul nu mana. Bisa agul ku payung butut, agul ku payung alus, atawa agul ku payung sedeng.
            “Tah, ieu baju téh hargana saratus réwu!” kitu tah lamun geus agulna téh. Padahal baju anu dipakéna téh hargana ukur sapuluh réwu pérak, meunang meuli ti Cimol.
            “Taun kamari mah, Ibi téh ka Mekah…” pokna basa keur ngalalampah, nganteur dulurna anu rék munggah haji. Teu singna ka Mekah ari Bi Irohna mah, da sidik ukur nganteur tepi ka Jakarta.
            “Geus sabaraha bulan kandungan téh, Nyai?” kungsi sakali mangsa Mang RT tumanya.
            Alhamdulillah, tos Lima sasih,” témbalna kalem naker. Ngalantarankeun Mang RT rada kerang-kerung. Da puguh saréréa ogé apaleun, Bi Iroh kakara tilu bulan unggah ka balé nyungcungna ogé. Ti harita kawasna mah Bi Iroh diisukeun kawin saméméh bureuyeung téh.
            “Bureuyeung saméméh kawin, meureun?!” aya anu nyentak di tukangeun. Ari sugan téh, taya anu ngabandungan sajeroning ngagosipkeun Bi Iroh téh. Horeng Si Isud mani geus nyureng-nyureng baé bari niténan unggal kecap anu ditulis. Kawasna mah sieun milu digosipkeun.                 
            “Aya béja anyar deui, yeuh!” ceuk Si Isud.
            “Perkara Néng Lina, Néng Ida, atawa Néng Wiwin?”
            “Is, lain. Bosen nyaritakeun budak awéwé mah. Mending nyorot Bi Iroh waé, ngarah rada ramé,”
            “Na ari Bi Iroh, lain awéwé?”
            “Lain, da geus kawin,”
            “Dasar budak eusleum. Sok atuh geura der cacarita!”
            “Enya heug. Halik, ku uing ngetikna sakalian.” Kituna téh bari ngarebut mesin ketik. Deker baé manéhna ngamimitian ngetik. Teu ieuh dicarék, bisi kasigeung. Sanajan ari nurutkeun kodeu étik kurung-karang mah, dipahing pisan aya tokoh carita anu ngetik sorangan téh. Babandinganna mah moal pati béda jeung wayang anu ngadalang. Tapi teu nanaon meureun ari sakali baé mah, da keur mangsana bulan Puasa ieuh. Itung-itung ngareureuhkeun awak. Mending ngabuburit, bari api-api ngaliwat ka imahna Néng Lina. Sugan waé atuh aya Cép Amran. Bisa meureun rada nyimpang heula.
Sok baé barandungan carita Si Isud:
            Enya, ngaran uing Isud from Cigorowék. Uing rék nyaritakeun lalampahan Bi Iroh, basa poé Salasa kamari. Kajadianna mah di Pasantrén Al-Ihsan Cibiru Hilir, écésna di imah ketua jurusan.
            “Ketua Jurusan Jurnalistik?”
            “Lain. Ieu mah ketua jurusan Cicaheum-Ciamis,”
            “Aya kitu? Asa kakara ngadéngé?”
            “Kumaha uing baé, rék aya, rék euweuh ogé. Apan uing ieuh anu nyieun caritana. Jeun teuing rék disarebut arogan ogé. Nu penting, uing can kungsi ngagaplok sekertaris uing.”
            “Ari sekertarisna, boga?”
            “Henteu,”
            “Matak ogé, ulah sok sadéngé-déngéna. Da lain digaplok, tapi didegungkeun,”
            “Ké, ké, naha bet terus rasa kitu? Asihng baé atuh, ari teu rumasa mah. Tapi ari maksa mah, heug atuh didegungkeun. Tapi didegungkeunna maké tanaga jero, nepi ka sekertarisna ngadayagdag tujuh léngkah,”
            “Naha bet tujuh léngkah?”
            “Sabab angka tujuh mah mangrupa angka anu rata nurutkeun logika mistis lemah cai. Saminggu aya tujuh poé. Lamun nungtut élmu pélét ogé, kudu dimandian ku cai ti tujuh sumur jeung dicampuran ku tujuh rupa kembang,”
            “Geus gandéng! Kalah ngajangarkeun uteuk. Ongkoh rék nyaritakeun Bi Iroh, tapi kalah ngalér-ngidul…” mesin ketik direbut deui. Da sidik ngobrol jeung Si Isud mah moal aya tungtungna. Geus jauh teuing, lumpat tina matéri carita.
            Ukur kieu padahal mah carita si Isud téh; Basa geus mangsana buka puasa, Bi Iroh teu daékeun ta’jil. Ngalantarankeun ketua jurusan rada bendu, asa teu dihargaan.
            “Cik atuh, sakalieun buka puasa mah, teu meunang dileuwihan waktuna. Pan sunah nabi ogé, kudu buru-buru buka dina waktuna geus cunduk,”
            “Sanés kitu masalahna, Pak Ketua,”
            “Ari enggeus, na kumaha kitu?”
            “Abdi téh kasiangan saur. Gugah-gugah, tabuh salapan énjing,”
            “Terus?”
            “Nya, tadi téh abdi saur baé tabuh salapan. Matak bukana ogé panginten kedah dilangkungan lima jam…”
            “Ké, ké, ké, asa rada rieut…” Ketua Jurusan ngahuleng.
            “Naha kedah rieut sagala, Pa Ketua? Tinggal ngétang baé atuh, tadi abdi saur-na ogé langkungan lima jam. Nya bukana ogé, kedah dilangkungan deui lima jam, ngarah tamat puasana…” pokna. Puguh baé Ustad Otong mani ngaranjug. Harita kénéh ogé tuluy nyampeurkeun ka Bi Iroh.
            “Bi, sok ayeuna geura buka heula. Ké, lamun geus réngsé tarawéhan, Insya Alloh diterangkeun perkara éta…” ceuk Ustad Otong, bari ngasongkeun cai hérang.
            “Teu tiasa, Mang Ustad. Sareng abdi mah  kedah riil sagala rupi ogé,”  Bi Iroh keukeuh. Tapi Ustad Otong teu éléh geleng. Gap kana jam tanganna, tuluy dipajukeun jarumna.
            “Jam sabara ieu?” tanya Ustad Otong.
            “Tabuh sabelas,” témbalna, bari néngetan jam tangan Ustad otong.
            “Sok atuh geura buka!”
            “Tah, pami ieu mah, nembé namina real.” Kituna téh Bi Iroh bari nampanan cai hérang dina gelas.
            “Dasar panon badilang. Jam tangan disebut ril…” Bah Dinta ngarendeng.

***



Ranggon Panyileukan 1423 H




Dimuat Dina Rubrik "Heureuy Bandung" H.U. GALAMEDIA, Bandung, Jawa Barat

Comments
0 Comments

0 komentar: