Kamis, 31 Mei 2018

Gelar “70 Taun Ajip Rosidi” di Aula Unpad (2008)

Ajip Rosidi (Foto: Agus Bebeng Hadyana)




Urang Sunda hadéna ngartasa reueus ku ayana hiji tokoh sastrrawan, budayawan, kritikus: Ajip Rosidi. Anu miang ti Jatiwangi, ngukir préstasi di tingkat nasional, malah internasional. Rupaning ketakna ngahudang sumanget tur gairah kagiatan sastra jeung budaya Sunda hususna, jeung umumna kabudayaan bangsa. Tanggal 31 Januari 2008 anu kaliwat, yuswa Ajip Rosidi panceg 70 taun. Dina poé éta, Universitas Padjadjaran (Unpad) gawé bareng jeung “Panitia 70 Tahun Ajip Rosidi”, ngagelar acara monuméntal kalayan ngasongkeun jejer “Jejak Langkah Urang Sunda, 70 Tahun Ajip Rosidi”, anu digelar di Graha Sanusi Hardjadinata (Aula Unpad), Jl. Dipatiukur No. 35, Bandung.

**

PUGUH baé lain sakadar ngareuah-reuah ulang taun. Jajauheun pisan lamun nyawang ulang taun Ajip Rosidi siga nyawang ulang taun barudak rumaja jaman kiwari. Dina milangkala Ajip Rosidi mah, digelar rupaning acara monuméntal gelar pustaka atawa peluncuran buku otobiografi Ajip Rosidi anu judulna Hidup Tanpa Ijazah (Pustaka Jaya, jakarta, 2008), anu kandelna 1.364 kaca. Minangka buku oto biografi anu pangkandel-kandelna di Indonésia. Éta buku téh béak pada ngaborong, teu nyésa jilid-jilidna acan, malah réa nu teu  kabagéan.

Najan  acara baris dimimitian tabuh 09.00 WIB, tapi ti jam 08.00 tamu téh geus mimiti  ngagimbung. Nu ti luar kota mah, réa anu mondok heula di Bandung, meureun bisi kaporotan. Méméh prung acara, para tamu disayagikeun heula leueuteun, aya cikopi jeung jus jambu, katut  lalawuhna. Aya deuih nu pogot nengetan paméran karya-karya Ajip Rosidi.

Jam  09.00 WIB, basa acara dibuka, tamu geus pinuh. Ari nu ditaksir ku panitia mah tamu anu datang téh 400-an. Atuh réa nu henteu kabagéan tempat calik. Tapi henteu nepi ka pundung,  réréana mah tagen wé najan kudu ngajanteng.

Acara  dibuka ku MC, diteruskeun ku maca kalam Illahi. Saritilawahna dihaharingkeun,  tarjamahan surat  Al-Ashr, dumasar kana kawih anu disanggi ku Atang Warsita, anu unina:  

 
Ngadu'a dina acara 70 taun Ajip Rosidi (Foto: Agus Bebeng Hadyana)
Demi wanci Satemenna jalma aya dina  rugi
Demi wanci, Satemenna jalma aya dina  rugi
Iwal anu iman, iwal anu soléh
Nu silih wasiatan dina  bebeneran
Iwal anu iman, iwal anu soléh
Nu silih wasiatan dina  kasabaran.

Rérés  nu ngagalindengkeun kalam Illahi, diteruskeun kana pangbagéa. Mimiti ti pupuhu panitia,  Prof. Dr. A. Chaédar Alwasilah, diteruskeun ku Réktor Unpad, Prof. Dr. Ganjar  Kurnia, DEA minangka nu jadi pribumi. Gubernur nu tadina mah rék hadir, pidatona  diwakilan ku Dra. Wiana Sunari, Kaubdin Kebudayaan Disbudpar Jawa Barat.

Ti  dinya nincak kana “Peluncuran Buku dan  Website” anu dipirig prosési Karesmén Gelar Pustaka, pintonan Tim kasenian Unpad, anu disutradaraan ku Ganjar Kurnia. Aya kana 15 judulna buku Ajip Rosidi nu  medal téh, boh karya anyar, boh nu citak ulang.  Sajabana ti buku Hidup Tanpa Ijazah, diluncurkeun ogé buku pikeun ngahormat Ajip Rosidi, anu judulna Jejak Langkah Urang Sunda: Ajip Rosidi 70 Tahun (Panitia 70 Tahun Ajip Rosidi jeung Kiblat Buku Utama, Bandung, 2008). Editor éta buku diwungku ku A. Chaedar Alwasilah, Hawe Setiawan, jeung Rachmat Taufik Hidayat. Buku-buku séjénna karya Ajip Rosidi anu diloncing jeung ré-lonching, aya buku anu dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama, Nuansa Cendekia, jeung Kepustakaan populer Gramedia. Buku anu dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama, diantarana: Si Cepot Hayangeun Kawin, Bagal Buntung Hayangeun Walagri, Dorna Ngabasmi Komunisme, Seuri Leutik, Janté Arkidam, Pésta, Kisah Si Éméd (karya Samsudi ditarjamahkeun kana basa Indonésia ku Ajip Rosidi), Sajak Sunda (antologi Sajak Sunda), jeung Urang Sunda jeung Basa Sunda. Demi buku-buku karya Ajip Rosidi anu dipedalkeun ku Nuansa Cendekia, di antarana: Roro Mendut, Badak Pamalang, Candra Kirana, Sang Kuriang Kesiangan, Jalan Ke Surga Atawa Si kabayan, Mundinglaya Di Kusumah, Pelukis Affandi, Purbasari Ayu Wangi atawa Lutung Kasarung, Pelukis S, Sudjojono, jeung Ciung Wanara. Buku anu dipedalkeun ku Kepustakaan Populer Gramedia nyaéta Yang Datang Telanjang (Surat-surat Ajip Rosidi dari Jepang 1980-2002).

Ganjar Kurnia jeung Ajip Rosisi (Foto: Agus Bebeng Hadyana)

“Karesmén Gelar Pustaka” téh diracik dina kombinasi seni Sunda karawitan, ibing, jaipongan, kawih,  tarawangsa, jsté. Ti mimiti dur panjak, tatabeuhan nayaga midangkeun suasana nu hégar. Kurunyung  jajaka tujuhan, marawa gugunung. Geus kitu langgéor mojang, maraké kabaya héjo, ngibing rampak marengan para jajaka. Ngong juru catur maca sajak, nu kekecapan  beunang nyambung-nyarungsum judul-judul buku karya Ajip Rosidi.

Dina  bagian séjénna, waditra ditaékkeun kana ketuk tilu. Nyi mojang nu ngaribing téh  malih warni jadi ronggéng, da bagian éta mah nyaritakeun cutatan sajak populér  Ajip Rosidi, anu judulna “Janté Arkidam”. Saréngséna “Janté Arkidam”, nayaga eureun. Hawar-hawar kadéngé sora nu ngését tarawangsa,  gelak-gelik matak nyuitan haté. Kurunyung nu marawa deui gugunungan. Juru catur mimiti  nyoara deui, beuki harus, beuki harus, nepi ka eureunna bareng jeung  mojang-jajaka nu malikkeun gugunungan, janggélék buku-buku karya Ajip Rosidi.

Pidangan  “Karesmén Gelar Pustaka” dipungkas ku  masrahkeun buku ti Ajip Rosidi ka tokoh ti sawatara lembaga, di antarana ka Gubernur Jawa Barat H. Danny Setiawan (anu diwakilan ku Dra. Wiyana Sunari). Satuluyna, Ajip Rosidi ogé masrahkeun buku ka Prof. Dr. Ganjar Kurnia (Réktor UNPAD), Prof. Dr. HE. Saefullah Wiradi (Rektor UNISBA), Prof. Dr. Didi Turmuzi (Rektor UNPAS), Dsr. H. Wahyu Hidayat K, M.Si (Ketua BAPUSDA, anu diwakilan ku Drs. Yudi Ridwan), Drs. H, Anwarudin (Ketua IKAPI Jawa Barat), Prof. Dr. H.A. Himendra Wargahadibrata, H. Syafik Umar (Direktur Utama Pikiran Rakyat), Prof. Dr. Dadang Kahmad (Ketua Pusat Studi Sunda), Drs. Gugun Gunardi, M. Hum (Ketua Badan Pengurus YPK), Dra. Etty RS, M.Hum (Ketua Paguyuban Panglawungan sastra Sunda), Us Tiarsa (Ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), Direktur Bank Jabar, dan Prof. Dr. Muchtar Kusumaatmadja.

Aya ogé acara diskusi buku Hidup tanpa Ijazah, kalayan panyaturna Dr. (HC) Rosihan Anwar. Najan tos sepuh tapi nyaritana mah tatag kénéh. Panyatur séjénna,  Drs. H. Setia Permana. Prof. Dr. Bambang Hidayat nu tadina rék jadi panyatur, teu tiasa sumping. Acara diskusi dimoderatoran ku Ahmad Syubanuddin  Alwy.

W.S Rendra (Foto: Agus Bebeng Hadyana)


Masih dina éta acara, digelar ogé pidangan maca sajak. Aya limaan nu maca sajak téh. Nu hiji deuih mah méméhna teu kasabit-sabit, nya éta incuna Ajip Rosidi, Real Azmy Izzatillah, maca sajak Siki Sasawi. Anu opatan deui, sakumaha nu geus  direncanakeun ti anggalna, kabéh gé hadir, nyaéta Taufiq Ismail, W.S. Réndra, Ganjar  Kurnia, jeung Godi Suwarna. Nu mimiti maca sajak téh Taufiq Ismail. Méméh prung, Taufiq ngawilujengkeun heula  ka Ajip Rosidi nu poé éta nincak mangsa 70 taun. Dua sajak nu dibaca ku Taufiq  eusina patali jeung umur. Sajak nu kahiji, nyaritakeun hiji jalma nu ditanya ku  hiji budak, naha “kita yang mengejar umur” atawa “umur  yang mengejar kita”: éta pertanyaan téh nepi ka waktu 40 taun teu bisa kajawab.  Tungtungna, basa umur éta jalma geus tunggang gunung, pareng milu ngurebkeun  babaturanana nu maot, panggih deui jeung budak nu ti heula nanya téa. Geus jadi  jelema jugala éta budak téh, bari méré jawaban kana pertanyaanana  baheula. Pokna: “Jawabanana téh kuburan”. Demi sajak  nu kadua mangrupa pananya panyajak kana hartining ulang taun. Naha bet kudu méré lilin? Naha bet kudu méré kado ka nu ulang taun? Padahal cenah, ulang taun mah teuleumaneun saréréa.

Ganjar  Kurnia méméh maca sajak téh sanduk-sanduk heula. Pokna, dititah maca sajak  sotéh boa lantaran anjeunna keur jadi réktor, da baheula mah cenah tara aya nu ngéngkén nitah maca sajak. Ari  sajak nu dibacakeun ku Ganjar mah parondok, tapi patri.

Godi Suwarna (Foto: Agus Bebeng Hadyana)


Ari  Godi Suwarna, bangun nu teu sabar. Can ogé digeroan, geus nelenyeng ka hareup. Puguh  wé “disentak” ku MC, da dianggap hihidenganan. Bungah teuing tayohna, pédah  meunang béja Godi dilélér Hadiah Rancagé. Siga sasari, ieu “raja panyajak  Sunda” téh teu weléh matak hookeun nu lalajo. Ari sajak nu dibacana téh “Blues  Kéré Lauk”, “Grand Frix”, jeung “Sajak Dongéng Si Ujang

Acara maca sajak dipungkas ku W.S. Réndra. Geus papada terang kumaha kamampuh Réndra  dina maca sajak mah. Ngan méméhna Réndra nyebutkeun, pangna inyana bisa siga  ayeuna téh teu leupas tina peran Ajip Rosidi. Réndra maca sajak anu judulna “Sajak Seorang Tua Untuk Istrinya”.

Acara ditutup ku biantara Ajip Rosidi dina Renungan 70  Tahun. Acara  kakara lekasan jam 14.00 WIB. Renungan 70 taun nu dibaca ku Ajip Rosidi téh leuwih ti satengah jam. Eusina gunem catur  jeung dirina pribadi. Ngan sabada Kang Ajip ngucapkeun  salam keur mungkas biantara, anjeunna ngarenggog. Rék turun ti panggung kadéngé sora nu tatabeuhan mani séah. Sora tarompét nérétét, kurunyung nu ngagotong  jampana, dituturkeun ku nu ngibing, nu tatabeuhan, jeung nu mawa umbul.

Rombongan nu tatababeuhan ngajajar di panggung. Ajip Rosidi masih kénéh kerung, malah  ngaharéwos ka nu ngagotong jampana, “Naon éta téh?”

“Tumpeng,  Kang!” walon nu ngagotong jampana bari angger ngéngklak. Kakara geus kitu mah  Kang Ajip “tenang”. singhoréng acara pamungkas téh motong tumpeng. Bérés  nu tatabeuhan, Ajip motong éta tumpeng, dibaturan ku Ganjar Kurnia  jeung Chaédar Alwasilah. Tumpeng meunang motong téh terus dipasrahkeun ka Dr. (HC) Rosihan Anwar jeung H. Soekanto S.A. Geus kitu acara ditutup ku do’a.

Nu  boga gagasan “ngareureuwas” Kang Ajip téh saenyana Kang Ganjar. Dina rapat panitia  méméhna, Ganjar nyebutkeun yén rék nyieun “surprise” ka Ajip. Da apan dina susunan acara mah teu  kasabit-sabit rék aya nu ngagotong tumpeng bari ditabeuhan. Dina acara éta ogé diluuhan ku Agum Gumelar, salahsahiji cagub Jawa Barat. Agum nu ngarasa simpati ka Yayasan Rancagé, nyuumbang duit Rp 100 juta pikeun kagiatan Yayasan Rancagé.***(DGP)

Dimuat di Majalah Seni Budaya, Edisi Januari 2008



Rapat persiapan acara 70 taun Ajip Rosidi 

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

(Foto: Agus Bebeng Hadyana)

Comments
0 Comments

0 komentar: