Kamis, 31 Mei 2018

Ras ka Mama Kiai

KH. Zaenal Mutaqin (Mama Iking)



Ku Dhipa Galuh Purba


ANU mindeng mépélingan sangkan ngaraketkeun tali silaturahmi nyatana para ustad, ajengan, atawa kiai. Pangpangna mah ngaliwatan ceramah, boh sacara lisan atawa tinulis. Nepi ka kiwari, pangpangna di pilemburan, para ustad jeung kiai salawasna jadi deugdeug tanjeuran pikeun masarakat di sabudeureunna. Malah masih aya anu milih leumpang maké gamparan. Bisa jadi maké gamparan téh ngarah leumpangna antaré. Ku kituna bisa ngaroris kaayaan umat, sakurang-kurangna anu matuh di sabudeureunana, boh aya nu gering atawa keur meujeuhna nandangan pasualan nu beurat. Jiad ajengan téa atuh lain bantrak-bantrakeun, siga anu dilalakonkeun dina carpon “Jiad Ajengan” karya Haji Usep Romli, anu saterusna dijieun judul buku kumpulan carpon taun 1993.

            Ras inget ka lembur, écésna Kampung Simpar, Désa Panjalu, Kacamatan Panjalu, Ciamis. Katelahna Mama Iking. Aya ogé nu sok nyauran Mama Ajengan atawa Mama Kiai. Kabéhanana ogé bener, sanaos ari nami aslina mah KH. Zaenal Muraqin. Ti mimiti inget kumelendang di alam dunya nepi ka umur 15 taun, mindeng pisan nyaksian Mama anu mapah antaré bari némbongkeun pamulu nu hégar marahmay.

            Assalammu’alaikum... badé angkat ka mana, Mama?” aya tatanggana nu nanya.

            Wa’alaikum salam. Éta rék ka kulon. Kumaha kulawarga saréhat?” waler Mama, bari ngarandeg kalayan malik nanya.

            Alhamdulillah, Mama. Nanging murangkalih anu bungsu mah nuju teu damang, kamari huhujanan...”

            “Aéh, aéh, pariksa ka puskesmas atuh. Sok ku Mama didu’akeun sing buru-buru cageur nya...”

            “Hatur nuhun pisan, Mama,”

            “Ké, ari Si Ujang kunaon tara ngaji geus aya kana lima poéna?” taros Mama, anu mémang sadidintenna sok ngawuruk ngaji. Méh sakur barudak di lembur, dialajar ngaji ka Mama, kaasup kuring. Satungtung barudak di lembur diajar ngaji, tacan kungsi aya anu dipénta bayaran. Éstuning haratis. Yakin pisan, Mama ngawuruk ngaji saukur miharep karidoan Alloh SWT. Iwal ti éta, kuring mah mindeng pisan ngiring neda di bumina. Jaba  sababaraha kali nyolong jambu nu Mama. Sanajan katohiyan, tapi da henteu dikukumaha.

            Mama sok ngageunggeureuhkeun ka budak pantaran kuring anu mumul atawa ngedul diajar ngaji. Kuring mah puguh deui, kaasup rékor masalah diseuseulan ku Mama. Boh alatan ngedul ngaji, ngaganggu babaturan, atawa cunihin ka santriwati dina waktuna diajar ngaji. Ampir saban malem Senén, pasti wé bakal diseuseulan, lantaran malem Mingguna bolos ngaji alatan lalajo film ka misbar THR Panjalu. “Bebel téh, si! Dasar jurig film!” kitu cenah. Tara bisa nyarita nanaon lamun nuju diseuseulan ku Mama. Melenguk tungkul wé. Teu kumawani neuteup rarayna ogé. Babaturan anu kasebutna harak kabina-bina ogé, diseuseulan ku Mama mah ngeleper.

Bréh baé udaganana téh éstuning lain pikeun unak-anik kadunyaan. Mama hayang népakeun élmuna, sangkan barudak bisa ngaji, anu ka dituna miharep sakur barudak jadi jalma anu saroléh.

Sapopoéna Mama molah kebon, nyawah, melak lauk, jeung sajabana. Malah balong Mama ogé kalintang mangpaat pikeun masarakat sabudeureunana. Lantaran harita mah tacan pati usum sabangsaning mesin cai, anu ngalantarankeun Mama asruk-asrukan néangan hulu cai anu jauhna rada lumayan. Tina sirah cai éta, Mama sarta nyieun saluran cai tug nepi ka bisa ngocor ka lembur. Caina canémbrang hérang, ngocor dina pancuran luhureun balong. Palebah kokocoran cai, Mama nyieun bagbagan tina kai, sarta sakurilingna dipindingan ku awi jeung karung. Atuh éta cai téh digunakeun ku masarakat, ti mimiti anu kukumbah, nyeuseuh, tug nepi ka mandi. Mangkaning harita mah masih kénéh loba  anu tacan barogaeun kamar mandi. Sakur anu ngagunakeun éta cai, taya anu dipénta sumbangan. Sasaha ogé dimeunangkeun beberesih di dinya, kalayan henteu diwajibkeun ménta idin heula ka Mama.

            Mama henteu jadi aparat pamaréntahan jeung tara milu icikibung dina kagiatan politik. Bujeng hingga milu ngurus partéy, dalah jadi Ketua RT ogé moal kersaeun. Nepi ka ayeuna, kuring teu apal partéy naon anu sok dicoblos ku Mama dina mangsana Pemilu, sabab dina saban ceramah ogé Mama tara nyabit-nyabit partéy. Jajauheun mangaruhan masarakat pikeun nyoblos salahsahiji partéy. Jajauheun mangaruhan masarakat pikeun mikangéwa ka golongan mana waé. Sakainget kuring, masjid Mama tacan kungsi dipaké kagiatan anu patula-patali jeung partéy. Kilang kitu, lain hartina Mama golput. Lamun pemilu, Mama tetep nyoblos, tapi sasaha ogétaya nu apaleun kana naon rupa anu dicoblos ku Mama. Apan susulukna Pemilu téh: langsung, umum, bébas, jeung rasiah.

            Lamun aya nu rék nepungan mama, boh konsultasi pasualan pribadi atawa naon baé, kari sumping ka bumina. Ketrok pantona sarta ngucapkeun salam. Upama Mama kaleresan nuju aya di bumi, tangtu moal hararésé. Tamu nu kumaha baé jeung urang mana baé, sok ditampi ku Mama. Malah sakainget kuring, wanci tengah peuting ogé Mama tara nampik tamu, komo anu dianggap penting pisan mah.

            Ah, loba kénéh lalakon Mama anu masih kénéh tingsariak dina kongkolak mata panon jeung mata haté. Tapi, cag heula dugi ka dieu. InsyaAlloh, engké urang tuluykeun deui. Mama Iking, atanapi KH. I. Zaenal Mutaqin bin KH. Mukhtar, lahir di Ciamis taun 1918, kalayan ngantunkeun di Ciamis, poé Saptu, 25 Juni 2016, mareng jeung poé ka-20 Bulan Suci Ramadhan, 1437 H. Tangtos sareng mugia diperenahkeun di tempat nu pangmulyana mungguhing Allah SWT, aamiin yaa rab...***

Comments
0 Comments

0 komentar: