Senin, 28 Mei 2018

Lalampahan Longsér “Géhgér Cigorowék”




Pementasan "Gehger Cigorowek" di Landmark Convention Hall, 1999


Catetan Ngeunaan Longsér
LONGSÉR téh ngawitan sumebar kira taun 1915 di wewengkon Bandung (Ganjar Kurnia & Arthur S Nalan, “Deskripsi Kesenian Jawa Barat”, Disbudpar Jabar & PDP Unpad, 2003). Kamekaran longsér henteu leupas tina jasana Bang Tilil, salah sahiji tokoh anu ngalalanyahan longsér. Kira taun 1920-1960, longsér Bang Tilil nyorang mangsa kajayaan.

Harita, tingpucunghul sirung-sirung nu milu makayakeun seni longsér, saperti Bang Soang, Bang Timbel, Bang Cineur (Cimahi), Bang Kayu (Batu Karut), Bang Auf (Kamasan), Sumanta (Cikuda), jeung salian ti éta. Perelu dipaluruh deui, naon pangna ngaran pingpinan sok nganggo “Bang”. Naha kapangaruhan ku Bang Tilil atanapi kumaha? Upama kitu, naon pangna Bang Tilil ngagunakeun “Bang”.

Saterusna grup longsér anu kaoncara téh nyatana “Pancawarna” anu diluluguan ku Aténg Japar. Demi Aténg Japar mimiti ngadegkeun Pancawarna kira taun 1939. Ngawitanna mah Aténg Japar diajar kasenian Ogél ka akina. Ari ogél téh salahsahiji kasenian anu kacida basajanna. Panyirepna aya dina unsur karawitan jeung tari. Sanajan alat-alatna kacida basajan, tapi bisa ditarima tur dipikaresep ku masarakat jaman harita. Alat-alatna ngawengku rebab (Dijieun tina hareng), Saron (Dijieun tina blék urut), Goong (Dijieun tina botol), jeung alat-alat séjén meunang ngaracik sorangan. Éstuning sing sarwa basajan.

"Hayu urang ngalontang!" kitu kira-kirana upama Aténg Japar ngajakan maén ka sobat-sobatna. Lontang, maén bari bayaranna ngandelkeun panyawéran dina waktu pagelaran. Lamun jaman ayeuna mah teu pati beda jeung ngamén. Tapi dina alam harita, lontang téh diracik kalayan daria. Henteu asal jadi, da ladang ngolah ku seukeutna rasa. Nepi ka bisa ngalahirkeun ronggéng sohor saperti 'Nyi Oplet'.

Mareng jeung proklamasi kamerdikaan Indonesia, Si Tuweuw ogé mroklamirkeun grup longsér anu dinamian Panca Warna. Taun éta jadi sajarah  lahirna hiji longsér anyar, longsér lima warna. Walungan Citarum jadi saksi hiji jangji anu disaluyuan ku Bang Tilil jeung Aténg Japar.

Dina éta jangji, wewengkon maén longsér antara Bang Tilil jeung Aténg Japar diwatesan ku walungan Citarum. Kaléreun Citarum, bagéan Bang Tilil saparakanca. Kiduleun Citarum, bagéan Aténg Japar saparakanca. Sanajan dina emprona mah tetep bae teu bisa kitu. Sabab aya kalana masarakat Kaléreun Citarum, hayang nanggap longsér Aténg Japar. Pon kitu deui, masarakat kiduleun Citarum sok aya anu hayang nanggap Bang Tilil. Tungtungna mah éta “perjanjian” atawa kasapukan hasil babadamian téh antukna mah henteu dipaliré deui. Boh Aténg Japar atawa Bang Tilil, bébas rék mintonkeun kamahéranana di mana baé. Kilang kitu, di antara dua grup longsér taya pacengkadan. Silih rojong jeung silih jeujeuhkeun.

"Rék tani, teu boga sawahna. Rék kuli, euweuh anu ngulikeunana. Rék dagang, teu boga modalna. Atuh rék maling, da sieun dibui..." kitu di antara alesan Aténg Japar anu ngajurung laku pikeun ngalanglang dunya kasenian. Ngabring jeung rombongan Panca Warna, ngawanohkeun kasenian longsér. Miang bulan September, mulangna bisa bulan Désémber. Ngparak pilemburan, naratas padésaan, turun gunung, unggah gunung. Kituna téh bari henteu ngagunakeun kandaraan. Éstuning leumpang, nyorang jalan anu anggangna ratusan kilo méter; Sumedang, Cirebon, Ciamis, Banjar, Pangandaran, Tasik, Raja Polah, Pangaléngan jeung salian ti éta.

Karawitan, Tari, Téater, Rupa, nyampak dina kasenian longsér. Malah sajabana ti bobodoran, masarakat oge kawasna kataji ku para ronggéngna anu gareulis tur parigel mintonkeun ibingan. Gulak-gilekna, kiceupna, mapaesan tangtungan anu sampulur. Matak ngaragragkeun jantung lalaki. Matak kabayang unggal mangsa wanci beurang, matak kaimpi-impi unggal mangsa wanci janari. Teu anéh upama lurah Jagabaya nepi ka wani “nebus” Si Ucrit pikeun pamajikanana. Si Ucrit, ronggéng pangméncrangna di grup Pancawarna.

Longsér Pancawarna ogé mibanda jasa anu teu bisa disapirakeun. Panca Warna kungsi jadi médiator dina raraga néangan dana pangwangunan jambatan, Masjid jeung salian ti éta. Upama dibandingkeun jeung jaman kiwari mah, prak-prakanana moal pati géséh jeung “pertunjukan amal” anu sok digelar ku sélébritis.

Upama Panca Warna nyieun hiji acara pikeun néangan dana pangwangunan, sok gawé bareng jeung aparat pamaréntahan hiji lembur. Pagelaranana dikarcis. Kolot mayar saringgit, barudak lima welas ketip. Demi hasilna, Pancawarna ukur nyokot saeutik, da lolobana mah disumbangkeun téa.

Aténg Japar ogé kawasna kajiret ku “cinta lokasi” sareng hiji ronggéng ti rombonganana. Tina hahadéan, tug nepi ka unggah ka bale nyungcung. Laksana kapiduriat ka hiji ronggéng anu anu camperenik, Nyi Anah. Harita kira taun 1952. Ngawangun rumah tangga anu dibeungkeut ku rasa; ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak; sapapait samamanis, sabobot sapihanéan.

Aténg Japar teu kantos gaduh turunan ti Nyi Anah. Tug dugi ka ahirna 14 Oktober 2000, Aténg Japar mulih ka jati, mulang ka asal. Ninggalkeun sagala carita anu ngagurat dina dada balaréa. Aténg Japar minangka hiji seniman alam anu seueur jasana dina ngahirup-huripkeun kasenian Sunda. Najan ragana tos ninggalkeun alam dunya. Tapi kakuatan rasa anu ngancik dina seni Longsérna, henteu ngiring sirna. Ré-generasi tingpucunghul pikeun ngalestarikeun seni longsér. Najan wandana henteu sarupa, tapi tujuanana sanés badé ngaruksak.

Kamekaran seni longsér mémang matak reug-reug. Sababaraha kelompok téater  di Jawa Barat, sok ngahajakeun ngagarap kasenian longsér. Contona Pancakaki, Toneel,  Ringkang Gumiwang, Caraka Sundanologi, K-282, Antar Pulau, Citra Resmi, Damar Bumi Citraloka, Longsér Gaul, B'Mo Téater Club, jeung salian ti éta. Kungsi dina taun 2001, Mahasiswa Jurusan Téater STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonesia) Bandung Angkatan 1998 ngayakeun “Parade Longsér” di buruan kampus STSI Bandung. Aya dalapan grup téater anu harita minton dina “Parade Longsér”, nyaéta Pancawarna, Caraka Sundanologi, B’MO Téater Club, Damar Bumi Citraloka, Longsér Gaul,  jeung Téater Citraresmi UNWIM. Kadieunakeun, Téater Toneel sok ngayakeun pasanggiri longsér tingkat SMA. Puguh baé kalintang éféktif pikeun ngayakeun ré-generasi.




Longsér, Naskah Longsér, jeung Longsér Inovatif
Ari jaman Bang Tilil tug nepi ka grup Pancawarna mah, maén longsér téh éstuning ngandelkeun improvisasi atawa henteu ngagunakeun naskah. Aya sababaraha grup anu nurutan tara make naskah, tapi aya ogé anu ngagunakeun naskah. Lumrah pisan, sabab henteu sakabaéh pamaén longsér bias improvisasi. Pikeun ngahontal kamahéran improvisasi, tangtu baé perelu prosés. Pangpangna pikeun para nonoman anu kakara ngalalanyahan haying ngagarap longsér, tangtu butuh ku naskah longsér. Ku kituna, naskah longsér ogé kalintang dibutuhkeunana pikeun anu tacan bisa impovisasi, jeung anu haying midangkeun longsér kalayan runtut-raut caritana tur pararuguh leunjeuran caritana.

Kira taun 1998, ASV Production mindeng ngagarap longsér keur pidangkeuneun di TVRI Bandung (ayeuna mah TVRI Jabar & Banten). Saban garapan longsér ASV Production, salawasna tara leupas tina naskah. Pon kitu deui Kelompok Téater Transformasi (KTT) pimpinan Euis Balébat, midangkeun longsér téh ngagunakeun naskah. Contona longsér “Ma Éroh” anu naskahna ditulis ku Dadan Sutisna. Sanajan pamaén KTT palinter improvisasi, tapi ku lantaran caritana haying ngaleunjeur, Euis Balébat tetep ngagunakeun naskah. Harita, anu maraén dina longsér “Ma Éroh” garapan KTT téh diantarana Ki Daus, Zenal, Popon, jeung sababaraha pamaén longsér anu geus karahot ngandelkeun improvisasi.

KTT kaasup grup téater anu inovatif atawa motékar. Sabab longsér téh diréka-réka deui tug nepi ka ngajénggélék jadi “Longsér Multimédia”. Salian ti KTT, nonoman anu ngamekarkeun seni longsér téh diantarana Pandu Radéa, seniman Panjalu-Ciamis anu nyiptakeun Longsér Wayang (Loyang), kalayan mimiti diwanohkeun tanggal 10 April 2007.  Longsér jeung wayang téh mangrupa dua kasenian anu béda konsép garapna. Tujuan Pandu ngaracik éta kasenian anyar téh maksudna taya lian hayang ngahirupkeun deui idiom-idiom tradisi ku cara ngasongkeun kemasan anu inovatif.

Jadi, ana kitu mah pikeun ngémutan deui masarakat, hususna  kana seni longsér, sangkan mikasono deui tur ka dituna hayang lalajo longsér. Dina Longsér Wayang, konsép longsér tradisi jeung modern ku Pandu disurupkeun kana wayang golék. Mémang teu sautuhna. Sawaréh-sawaréh, utamana nu pokona wungkul.  Ngan mémang dina jejer carita, dalang boga kalaluasaan pikeun ngatur pindah adegan, boh dina kakawén, murwa, atawa pocapan, kaasup nata adegan anu dimaénkeun ku Wayang Golék. Ngan dina prungna, pamaén longser karasa leuwih dominan. Sanajan aya ogé dialog nu diwangun antara wayang golék jeung pamaén Longsér. Hal éta jadi rawayan pikeun nepungkeun karakter nu béda diménsi nyaéta manusa jeung bonéka anu visualna béda tug nepi ka bisa ngahiji. 

Dina karawitan loyang, gending wayang jeung longser jadi komposisi anyar. Sasarina tatalu dina longser maké lagu gonjing,  tangtu béda jeung dina wayang. Kusabab kitu dina ngawujudkeun pakem anyar dina Loyang, tatalu ogé béda, ngan lalaguanana sarwa jiga. Tatalu wayangna aya longsérna ogé karasa. Kidung salaku lagu bubuka dina longsér anu biasana dihaleuangkeun ku Ronggéng atawa sindén, jadi tugas dalang. Demi prakna sakumaha kabiasaan mimiti ngawayang. Waditra nu dipaké gé, waditra wayang.

Racikan tari loyang ogé diluyukeun jeung dua unsur di luhur. Tarian nu ditampilkeun jadi bubuka adegan saméméh dalang ngetrok campala. Mun dina longsér aya tari wawayangan, nu pungsina pikeun ngenalkeun para pamaén, dina loyang mah ku tari gugunungan. Ieu tari mangrupa simbol tina ngahijina antara alam longsér jeung alam wayang. Cirina, gugunungan nu diigelkeun ku penari lalaki pungkasna dipasrahkeun ka dalang pikeun satuluyna dipaké muka pagelaran sakaligus ngatur jejer carita. Salian ti tari gugunungan aya deui tari emban. Pungsina teu béda jauh jeung tari maktal dina wayang golek. Dina adegan goro-goro, jenis tarian nu ditampilkeun leuwih bébas deui, nu sering dipintonkeun mah jaipongan. Kitu deui sabada pungkas carita, nerapkeun pola tarian Ronggéng Gunung, biasana dina bagéan ieu, nu lalajo gé bisa miluan ngéngklak ngigelan sababaraha urang penari nu jadi ronggeng, ngan moal sawaregna, sabab dalang baris mungkas  pagelaran ku tutup lawang sigotaka. 

Artistik loyang jadi hal anu teu éléh pentingna dina pintonan Loyang. Kiwari nu geus dianggap pakem dina Loyang nyaéta ku ayana Jagat wayang nu di géndéng ku oncor lebah kénca jeung katuhu. Oncor ngahaja teu diteundeun di satengahing panggung, sabab baris ngahalangan jagat wayang. Sapasang oncor mangrupa simbol tina kahirupan di dunya (jagat) nu papasangan.  Janturan wayang dileungitkeun, posisina diganti ku pamaén longsér nu ngalalakon. Nu jadi has dina artistik loyang nyaéta aya janur kalapa. Boh, jadi tutup jagat (nu biasana ku vandal tina lawon), hiasan dina oncor, atawa jadi karsuhun (mahkota) para pamaén longsér anu merankeun somahan.

Carita dina loyang di atur ku ayana skenario atawa naskah, sakaligus sutradarana. Tangtu hal ieu kaitung kabiasaan anyar. Da dina Wayang Golék atawa Longsér tradisi mah teu kacaturkeun dibutuhkeunnana éta dua unsur. Mémang dina longsér modéren atawa dina wayang golék kamekaran kabutuhan geus diutamakeun. Kitu deui dina Loyang, naskah jeung sutradara penting pisan pungsina pikeun ngatur jeung ngawujudkeun racikan pagelaran sagemblengna. Nepi kaayeuna carita nu digarap mémang tacan pati loba. Dua lalakon nu kungsi dupagelarkeun nyaéta Kumbakarna Gugur jeung Bisma Gugur.

Pamungkasna, naskah longsér “Géhgér Cigorowék” disayagikeun ku lantaran sok aya para nonoman anu ngarasa bingung maluruh naskah longsér. Aya éta ogé anu ngahajakeun sumping ku rorompok, rék ménta naskah longsér pikeun digarap tur dipagelarkeun. Aya ogé anu ngaliwatan e-mail.

Ku kituna, ieu naskah longsér téh geus kungsi dipagelarkeun ku sababaraha grup téater. Anu masih kénéh inget téh diantarana kungsi dipidangkeun di Gedong Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung, ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (24 Agustus 1999); di Panggung Hiburan Agustusan RW. 03 Kelurahan Cipadung Kidul, Kecamatan Cibiru (ayeuna mah Kecamatan Panyileukan), Kota Bandung, ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (Agustus jeung September 1999); di Aula STIPER Balé Bandung, ku Sanggar Seni Greha Bubat 66 (2004); di Aula UIN Sunan Gunung Djati Bandung, ku mahasiswa Jurnalistik UIN SGD Angkatan 2005 (2006); di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1, Bandung ku Mahasiswa Fakultas Adab UIN Sunan Gunung Djati bandung (Januari 2009), jeung sajabana. Jadi, Kanggo pakumpulan kasenian atawa sanggar seni anu badé ngagarap ieu naskah, sumangga diwidian, kalebet ngawidian bilih badé dirévisi atanapi diluyukeun ku sutradarana. Simkuring moal nuhunkeun honor, nanging panuhun henteu ngicalkeun nami pangarangna. Hatur nuhun.




Baktosna

Dhipa Galuh Purba


Comments
0 Comments

0 komentar: