Minggu, 27 Mei 2018

“Badog” jeung Festival Drama Basa Sunda X






Catetan DHIPA GALUH PURBA

MEUNANG hayang ti baheula nulis naskah drama Basa Sunda pikeun Féstival Drama Basa Sunda (FDBS). Tapi tara anggeus baé da teu jelas saha-sahana nu rék ngagarap. Kuring mémang sok kudu pasti, ngarah kajurung motivasi. Mani hayang nepungan Kang Dadi P. Danusubrata, rék nawaran naskah drama Sunda keur dipaké dina FDBS. Tapi teu wani, da éra. Sieun teu ditarima. Pangpangna mah kurang “PD” deuih. Nya ku ayana Saémbara Ngarang Drama Sunda anu diayakeun ku PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda), asa mobok manggih gorowong. Gutrut wé nyieun naskah drama, sarta diilukeun kana lomba ngarang drama Sunda.

Mimitina mah pesimis, teu pati gedé harepan pikeun jadi pinunujul. Malah asa teu ngimpi jadi juara harepan-harepan acan. Tapi Alhamdulillah dina putusanna kapilih jadi juara III, kalayan jurina Arthur S. Nalan, Dadi P. Danusubrata, jeung Godi Suwarna. Ku kituna, naskah kuring dipaké salahsahiji naskah pilihan dina Festival Drama Basa Sunda X.
Acara FDBS téh kalintang ngadidik jeung muneul mangpaatna. Ieu kagiatan mimiti taun 1990 digelar saban dua taun sakali. Tapi saterusna dgelar saban taun. FDBS X lumangsung di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No.1, Bandung, ti tanggal 11 Februari nepi ka 1 Maret 2008.

Katingalina, aya dua rupa re-generasi anu dibaladah ku lumangsungna FDBS X di Gedong Kasenian Rumentangsiang Bandung. Taya lian re-generasi para praktisi téater, anu sakaligus diimbangan ku proses re-generasi nu lalajona. Aya 71 kelompok anu daptar jadi patandang FDBS X. Puguh baé leuwih undak batan FDBS IX (53 patandang).

Tina 71 kelompok téh, leuwih ti satengahna diwengku ku para rumaja anu masih kénéh diuk dina bangku SMP jeung SMA. Para rumaja beuki réa nu kahudang sumangetna pikeun milu ngamumulé basa Sunda, nya salahsahijina ku cara aub ngagarap téater anu ngagunakeun basa Sunda. Basa Sunda ogé bisa dijieun basa gaul anu henteu dianggap tinggaleun jaman. Kalayan “PD”, para rumaja ngasongkeun ngaran-ngaran kelompokna, kayaning “Wawanén”, “Téroris”, “Gémbél Élite”, “Patih”, “Senapati”, jsté.

Lain baé jumlah patandangna anu undak téh, da kualitas pagelaranana ogé milu undak. Hartina, lain saukur hayang méjéng dina panggung, da kaciri ladang tina prosés anu daria, inopatip, reumbeuy ku kréativitas, tur réa impropisasi anu calakan. Sajabana ti kitu téh, dibarengan ku ngagedurna sumanget “getih ngora”. Godi Suwarna, juri FDBS, mindeng nembrakeun rasa kareueus nyaksian karancagéan para patandang FDBS ti kalangan rumaja. Sajabana ti Godi, dua juri séjénna nyaéta Rachman Sabur jeung Ayi Kurnia.

Para rumaja téh datang ti sawatara kota jeung kabupatén di Jawa Barat. Aya anu ti Tasikmalaya, Garut, Ciamis, Subang, Sukabumi, jsté. Kanyahoan masih kénéh diuk dina bangku SMP jeung SMA téh lantaran ngaran kelompokna diréndéngkeun jeung ngaran almamaterna.

Contona ti SMA Pasundan 3 & 7 Bandung, SMAN 1 Subang, SMAN 1 Cicurug Sukabumi, SMAN 1 Tarogong Garut, SMA Santiyama Tasikmalaya, jsté. Réréana marilih ngagarap naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi (Dadan Sutisna). Tina 71 patandang téh, aya 23 kelompok anu mintonkeun “Rorongo”, 13 kelompok milih naskah “Badog”, 11 kelompok milih “Karikatur Nu Gélo” karya Arthur S. Nalan, 9  kelompok milih “Jeblog” karya Nazaruddin Azhar, sarta sésana milih “Randu Jalaprang” karya Tatang Sumarsono jeung “Akalna Si Apin” anu mangrupa saduran bébasa Rosyid É Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere.

Téater “Bolon” ogé henteu tinggaleun milu ngaramékeun FDBS X. Luyu jeung ngaran kelompokna, pamaénna ogé barudak leutik. Matak hélok tur kataji ngabandungan barudak anu umurna rata-rata antara 7-12 taun, geus mahér nabeuh gamelan, ngahaleuang, tur tangtu baé ékting téater. Mangkaning naskah anu digarapna téh “Randu Jalaprang” karya Tatang Sumarsono. Dialogna pararanjang tur kaitung bangga pikeun digarap ku nu tacan réa pangalaman manggung mah. Tapi Téater “Bolon” wani ngagarap éta naskah, kalayan hasilna leuwih ti nyugemakeun. Barudak leutik anu sakitu riabna, bisa gawé bareng dina hiji tim kalayan mintonkeun pagelaran anu pikayungyuneun. Dialogna lalancar, apal cangkem, luyu jeung naskahna. Dina ngatur séting ogé, henteu perelu ngalibetkeun budak gedé, da cukup ku ngamangpaatkeun waditra kendang. Saban ganti adegan, kendang ditumpukeun dina wanda nu béda tur imajinatif.

Anu matak ngaranjug sakaligus pikareueuseun, FDBS X ogé diiluan ku kelompok “Palagan”, anu sutradara jeung pamaénna tuna nétra. Sanajan teu bisa ningali, tapi pagelaran anu dirojong ku 14 urang tuna nétra téh kaitung mulus jeung suksés. Upama nyawang kasangtukangna anu tuna nétra téa, ieu pintonan téh geus leuwih ti hadé. Sakur pamaén bisa merankeun tokoh-tokoh dumasar kana naskah anu digarapna. Perkara kaseriusanna, henteu éléh ku nu ningali.

Wisnu Handaka, ngaran sutradarana (l. Jakarta, 11 April 1976). Saméméhna mah henteu tuna nétra. Malah kungsi nganggeuskeun kuliah di Jurusan Téater STSI Bandung. Nurutkeun Wisnu, prosés latihan téh ukur 1,5 bulan. Kaitung singget teuing. Sabab anu idéalna mah tilu bulan. Pangna ukur 1,5 bulan téh, lantaran nampa informasina rada leuir. Dina waktu sakitu singgetna, Wisnu ngaluluguan para tuna nétra séjénna pikeun latihan drama Sunda. Carana, naskah dibacakeun ku nu panonna normal kalayan dirékam. Satuluyna para pamaén ngapalkeun naskah téh tina hasil rékaman. Anu rada banggana mémang ngatur bloking, kitu ceuk Wisnu. Kilang kitu, tuna nétra ogé mibanda kaeukeutan rasa. Tuna nétra bisa nganyahoankeun aya jalma atawa euweuh di sabudeureunana ku ngararasakeun angin. Ieu para pamaén tuna nétra téh sapopoéna aya dina binaan Yayasan  Wiyataguna Bandung.

Puguh deui kelompok téater anu geus kasebut senior mah, kaciri leuwih asak dina ngagarap pagelaran téh. Tangtu baé ogis, da geus euwih kalatih tur geus nambahan pangalaman manggungna. Ku kituna, aya hadéna upama FDBS téh kahareupna mah dibagi dua katégori, pikeun tingkat pelajar jeung pikeun tingkat umum. Kelompok mahasiswa asupkeunana kana tingkat umum. Husus pikeun pelajar, lamun geus ngarasa nguntup mah bisa baé sina milih kana pasanggiri tingkat umum. Sabab lamun teu dipisahkeun mah kalintang lebarna. Dina FDBS X, persaingan téh justru raraména mah natrat di antara kelompok téater kalangan rumaja. Malah nilik antusias rumaja kana téater Sunda dina taun ieu, teu pamohalan upama taun 2010 mah jumlah patandangna bisa nikel deui. Pangaruhna kana kalumangsungan basa Sunda tangtu baé kalintang rongkah. Kaum rumaja bakal leuwih reueus kana basa indung, sarta henteu ngarasa éra dipaké komunikasi dina kahirupan sapopoé.

Salila FDBS lumangsung, Gedong Kasenian Rumentang Siang Bandung, teu weléh haneuteun ku nu lalajo. Ari nu lalajona, lolobana mah para pelajar SMP jeung SMA. Bisa jadi mimitina mah dikeprak ku guruna pikeun diajar ngaprésiai pintonan kasenian. Mémang  kudu digiringkeun heula, anu maksudna diwanohkeun ka Gedong Kaenian, pintonan téater Sunda, jeung dibina jadi penonton nu sopan. Sabab, lamun henteu diaping heula mah, tangtu bakal rada bangga nyambungkeunana. Ari geus wanoh mah, teu saeutik geuningan para pelajar anu mikalandep, sarta dina poé-poé séjénna datang deui ka GKRS pikeun ngaprésiasi pagelaran séjénna, kalayan henteu kudu dikeprak ku guruna.

Ku kituna, peran guru kalintang diperelukeunana dina ngawanohkeun murid sakola kana téater Sunda. Lantaran sapopoé mah anu gampil dipikawanoh téh ukur anu mindeng disaksian dina layar télévisi. Mangkaning téater Sunda mah apan langka pisan ditayangkeun. Dina FDBS X ogé, TVRI Jabar (anu diwaragadan ku pamaréntah) henteu kahudang pikeun ngayakeun acara husus, saperti siaran langsung FDBS X. Keun ari tivi sawasta lokal mah, da henteu ngagunakeun anggaran pamaréntah ieuh. Sanajan ngarakuna hayang milu miara, ngamumulé jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda, tapi taya hiji ogé tivi swasta lokal anu katarik ati pikeun ngemas acara FDBS X tur dijieun tayangan acara istiméwa anu husus nyiarkeun sakur pintonan para patandang, ngaguar kasangtukang saban kelompok (profilna), atawa saban poé ngaberitakeun tur sacara husus ngoméntaran patandang anu maridang, kalayan ngondang panyatur ahli, siga anu sok jadi koméntator maén bal.

Jadi aktor atawa aktris téater téh perelu latihan anu daria. Tapi jadi nu lalajo ogé perelu latihan. Dina FDBS X, saméméh pintonan dimimitian, panitia sok macakeun tata-tartib lalajo téater, anu enas-nasna mah ulah nepi ka ngaganggu konséntrasi para pamaén. Nu lalajo kudu tartib, ngajénan ka nu dilalajoanan. Ku cara kitu, teu pamohalan dina lalajo naon baé ogé bakal tartib, da geus kalatih disiplin téa. Lalajo téh perelu tartib, pikeun nyingkahan picilakaeun.

FDBS geus lumangsung kalayan suksés. Kalintang merenahna TSK dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2008 dina widang jasa. Ieu pakumpulan Téater  asuhan R. Dadi P. Danusubrata téh gedé jasana dina miara jeung ngamekarkeun Basa jeung Sastra Sunda. Sajabana ti Hadiah Sastra Rancagé, TSK ogé dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung 2008. Malah dilengkepan ogé ku  dilélér sertifikat ti MURI (Musieum Record Indonesia) minangka pangajén kana kagiatan FDBS X nu diayakeun 20 poé noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008, atawa sebut baé féstival drama basa daérah panglilana.

Téater Sunda Kiwari (TSK) diadegkeun ku R Dadi Danusubrata, R Hidayat Suryalaga, jeung sababaraha urang séjénna dina taun 1975 di Bandung. Ti harita TSK ngayakeun pintonan téater moderen dina basa Sunda, najan pangurus katut anggotana ngarasa kakurangan naskah pikeun dipanggungkeun, lantaran para pangarang Sunda ngan saeutik nu sok nulis naskah drama. Ti 1988 TSK ngayakeun FDBS dua taun sakali.

Basa mimiti diayakeun, grup nu milu kana FDBS téh aya salapan, tapi taun-taun saterusna tuluy nambahan. Taun 2006 nu marilu téh aya 53. Dina taun 2008,  beuki réa baé anu miluan Féstival Drama. Nu marilu féstival téh terus nambahan ti taun ka taun, najan tacan hasil ngadorong lahirna grup-grup téater Sunda profesional. Lolobana nu marilu FDBS téh barudak sakola, lantaran TSK boga niat hayang ngahudang minat katut kacintaan barudak kana basa indung.

**
Alhamdulillah deuih, réa kelompok téater nu “percaya” kana naskah kuring ku milih ngagarap naskah Badog. Ku kituna, kuring ngahaturkeun nuhun ka réngréngan Toneel,  Téater PATIH SMA Pasundan 7 Bandung, LISMA UNPAS Bandung, Potrét 19 SMAN 19 Bandung (najan teu jadi minton, lantaran aya halangan), Téater M. O. Yuu, Téater SENAPATI SMA Pasundan 3 Bandung, Lorong Téater SMAN 1 Subang, Téater Mars Subang, Lorong Téater 204 Subang, Téater Teroris C.13 SMKN 13 Bandung, TERASE 06 SMAN 6 Bandung, Palagan Téater Bandung (Kelompok Téater Tuna netra), jeung Téater Sado STKIP Garut.
Saméméhna kuring mémang kungsi nyieun naskah longsér sababaraha judul, kalayan kungsi dipagelarkeun ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka, Téater Mekar Arum, jeung Téater Bumi Greha Bubat 66. Pon kitu deui, nulis naskah skenario FTV pidangkeuneun dina télévisi swasta, anu kungsi disutradaraan ku Prawoto Soeboer Rahardjo, Purnomo Cakil, Amrin Lubis, jeung Acok. Tapi nulis naskah drama Sunda mah minangka pangalaman munggaran.
Sapanjang lumangsungna FDBS X, kuring nyieun catetan rupaning pamanggih ngeunaan pintonan ti sawatara patandang. Ceuk Miftahul Malik, redaktur KSM Galura, kuring téh nyieun kajuaraan sorangan, di luareun panitia FDBS X. Teu pisan-pisan, da ieu mah ukur catetan pribadi, ngan sakadar ngaaprésiasi. Sasaha ogé taya nu mahing pikeun ngedalkeun pamanggihna séwang-séwangan. Komo deui, kuring geus nandeskeun yén pamadegan kuring mah taya patula-patalina jeung panitia FDBS X. Éstuning ukur sawangan kuring salaku anu masarakat nu lalajo. Ku kituna, dina hasilna ogé kalintang kacina lamun béda jeung putusan juri FDBS X, sabab déwan juri mémang moal kapangaruhan ku pamadegan kuring.
Catetan-catetan kuring di internét tétéla réa nu ngoméntaran, boh ti sugri anu matuh di tatar Sunda pon kitu deui urang Sunda anu keur ngumbara di luar nagri. Kaasup aya diantarana anu ngadebat, ngritik, tur ngananaha kuring alatan pamadegan kuring henteu sapagodos jeung manéhna. Tangtu baé dibagéakeun pisan ku kuring sanajan henteu sapamadegan ogé, da puguh kalintang wajarna. Kuring boga argumén, manéhna boga argumén.
Contona basa madungdengkeun pintonan Téater Dongkrak Tasikmalaya. Ceuk sawangan kuring mah Téater Dongkrak téh kalintang hadéna, dipapantes téh bakal jadi pinunjul katilu-tilu baé mah. Tapi kanyataanna Téater Dongkrak henteu kapilih jadi nominasi-nominasi acan. Lebah dieu kuring rada kerung, sabab  geus kadung mikagum kana pintonan Téater Dongkrak anu mintonkeun Jeblog. Malah sanggeus lalajo, peutingna kuring langsung nulis anu eusina muji bébéakan kana pintonan Téater Dongkrak. Resep pisan, pangpangna ka nu merankeun tokoh “Wanoja”.

Doni Muhamad Nur tumanya, naon hartina tulisan kuring ngeunaan Téater Dongkrak? Ceuk kuring, lalajo Téater Dongkrak téh kakara poé kalima FDBS X. Hartina, dina poé kagenep, katujuh, jeung saterusna, gedé pisan kamungkinan ngalalajoanan deui pintonan nu leuwih hadé batan Téater Dongkrak. Diantarana kuring muji kana properti ranté anu ngabakutet tilu tokoh (Sarwani, Burhan, jeung Dalka). Ku ayana éta ranté, jadi nimbulkeun ajén éstétika visual. Sajabana ti éta, ranté ogé sakaligus jadi musik nu kalintang ngarojongna kana suasana pangbérokan.

Tapi béda deui jeung pamadegan Arma Djunaédi mah. Ceuk Arma, kurang réalistis mun di pangbérokan jaman kiwari nepi ka diranté siga kitu. Asa dina abad VI venah. Pon kitu deui, Kang Godi Suwarna ogé kungsi ngedalkeun pamanggihna ngeunaan hal anu sarupa jeung Arma Djunaédi, Ceuk Kang Godi, siga dina jaman Romawi baé. Puguh baé kuring ngajénan pamadegan Arma jeung Kang Godi. Komo deui Kang Godi sasatna juri Féstival Drama Basa Sunda X, anu tangtu leuwih weruh kanyahona ngeunaan drama Sunda. Ari kuring mah tetep husnuzon tur yakin yén putusan juri henteu salah.

Kilang kitu, ari perkara pamadegan mah apan kaci béda. Pikeun kuring mah tetep wé tilu pamaén anu diranté téh réalistis. Sabab, tilu tokoh anu diranté téh mangrupa roh, lain jalma. Kuring nyawang ranté téh lain ranté alam dunya, tapi ranté di alam roh. Maranéhna diranté sangkan teu bisa turut campur deui kana urusan alam pawenangan.

Dina enyana deuih, nu geus maot mah apan teu bisa pipilueun deui (balik deui) ka alam dunya. Hartina, kuring mah nyawang ranté téh saukur simbul panyengker nu misahkeun éta tilu tokoh jeung alam dunya. Taya nu apal kalayan écés, siga kumaha jeung kumaha suasana kaayaan di alam roh. Ukur dikira-kira.

Nu ngarangna ogé sigana moal terangeun kalayan jinek kaayaan manusa di alam kalanggengan. Ku kituna, kuring mah tetep nganggap merenah ku ayana properti ranté nu nyangreud éta tilu tokoh. Nyebut henteu réalistis ukur bisa ditarima ku kuring, lamun éta tilu tokoh téh mangrupa jengléngan jalma hirup siga tokoh sipir. Kangaranan roh mah rék diranté, rék digantung, rék ditiir ogé, sigana moal aya nu bisa nyalahkan, da puguh hésé ngabuktikeunana. “…Mangsa mendak jawabna: kuring taya dikieuna…” kitu ceuk rumpaka lagu bandungan “Sakaratul Maut” garapan Dasentra, anu rumpakana diserat ku Kang Ganjar Kurnia.

Kuring panuju kana putusan juri Féstival Drama Basa Sunda X. Sabab kuring yakin, sawangan juri leuwih seukeut batan kuring. Téater Dongkrak mémang mibanda kualitas nu punjul, tapi dina poé-poé satuluyna FDBS X, aya deui nu leuwih punjul tur pantes nyangking jawara FDBS X. Mémang ari hadena mah aya sabangsaning BÉJÉR PANGAJÉN DÉWAN JURI, anu ngabahas sapanjang pintonan sacara rinci, lebah mana kahéngkéran jeung kapunjulan saban grup téater, kaasup alesan pangna déwan juri mutuskeun TTM, Toneel, jeung Sketsa 18 mangrupa pinunjul kahiji, kadua, jeung katilu. Ku cara siga kitu, mangpaatna bakal kalintang réa pikeun masarakat. Sabab ari kuring mah ukur bisa nyebutkeun: RESEP jeung TEU RESEP dumasar kana pangaresep sorangan. Ari déwan juri mah apan teu bisa kitu, da kudu obyéktip dibarung ku élmuna, sarta nyieuhkeun hal-hal anu sipatna subyéktif.

Di hiji riungan wanoja, kuring kungsi disebut lalaki anu pangkasépna. Puguh baé éta pamadegan téh salah kacida, sabab dina éta riungan, lalakina ukur kuring hiji-hijina. Pantes wé kuring disebut kasép, da lalakina ukur kuring. Manéhna teu bogaeun bahan keur babandingan. Coba lamun dina éta riungan téh aya Agus Bebeng, Miftahul Malik, Dadan Sutisna, Lugiena Dea, Djadjas Djasepudin, Toni Lesmana, Godi Suwarna, jeung sajabana… tangtu baé anu bakal disebut pangkasépna téh aya kamungkinan Miftahul Malik. Sabab Miftahul Malik mah tarangna lénang,  nandakeun jalma nu weruh sadurung winarah. Kabuktian karesepna ogé masak jeung ngukut sarupaning kekembangan.
**
Sapanjang FDBS X lumangsung, aya kalana kuring henteu bisa lalajo alatan aya kaperluan séjén. Lebah dieu, tong boroning kuring anu saukur lalajo, apan Kang Ayi sareng Pa Rachman Sabur ogé kungsi absén lantaran aya kaperluan anu teu bisa ditinggalkeun. Juri anu nagen mah ukur hiji, Kang Godi Suwarna.
Dina mangsana kuring teu bisa lalajo, tarékahna taya deui iwal ti tatanya atawa lalajo “siaran ulang”  ti nu haat ngadokuméntasikeun. Ari anu sok ditanya téh diantarana Kang Godi Suwarna, Kang Yusef Muldiyana, Kang Ayi Kurnia, Kang Rosyid E. Abby, Miftahul Malik, Agus Bebeng, Dadan Sutisna, jeung sajabana. Aya diantarana “ïnforman” anu teu daékeun ditulis ngaranana.  
Sakitu anu kapihatur. Mugia baé ieu catetan téh aya mangpaatna. Sakurang-kurangna jadi salahsahiji saksi lumangsungna FDBS X.



Putusan Juri Festival Drama Basa Sunda X

Réngréngan Déwan Juri Féstival Drama Basa Sunda X, anu diwengku ku Rachman Sabur (Pupuhu), Godi Suwarna (anggota), jeung Ayi Kurnia (anggota), mutuskeun aktor pinunjul, aktris pinunjul, panata musik pinunjul, panata artistik pinunjul, jeung pintonan pinunjul.

Aya lima urang anu kapilih jadi nominasi Aktor Pinunjul, diantarana:
  1. Chandra Kudapawana (nu merankeun tokoh Burhan dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazarudin Azhar, produksi TTM Bandung).
  2. Ijang Rapol (nu merankeun tokoh Ulis Oding dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi, produksi Téater Polos Tasikmalaya.
  3. Ardi Gumilar (nu merankeun tokoh Pa Kumis, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” karya Arthur S. Nalan, produksi SKETSA 18 SMAN 18 Bandung)
  4. Komara (nu merankeun RT Darman dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi, Produksi  LISES Citraresmi UNWIM Sumedang
  5. Agus Toa (nu merankeun tokoh Apin dina naskah “Akalna Si Apin” saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere, produksi Téater Awal 2 Garut.

Tina lima nominasi aktor pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun Chandra Kudapawana, minangka Aktor Pinunjul Festival Drama Basa Sunda X.

Dina widang aktri pinunjul, aya lima urang anu kapilih jadi nominasina:
  1. Yéty Anzar (nu merankeun tokoh Nini Asmi dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi, produksi Bandung Theaterical Company).
  2. Hj. Dian (nu merankeun tokoh Nini Asmi dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi, produksi Poss Theatron Garut)
  3. Sophia Hapsah (nu merankeun tokoh Nini Asmi, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar, produksi TTM Bandung)
  4. Sugianti Ariani (nu merankeun Iswari dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba, Produksi  Toneel Bandung)
  5. Sanny (nu merankeun tokoh Nini Asmi dina naskah “Akalna Si Apin” saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere, produksi Téater Awal 2 Garut.

Tina lima nominasi aktris pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun Sugianti Ariani, minangka Aktor Pinunjul Festival Drama Basa Sunda X.

Dina widang panata musik pinunjul, aya lima urang anu kapilih jadi nominasi panata musik Pinunjul, diantarana:
  1. Andi (Téater Cermin SMAN 1 Cicurug Sukabumi, dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi).
  2. Ayi Itah (Téater TTM Bandung, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar.
  3. Rorongo Crew (Bandung Theaterical Company, dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi)
  4. Aldi M. Ismail (Téater SKETSA 18 SMAN 18 Bandung, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” karya Arthur S. Nalan)
  5. Dédén Buleng (Téater Toneel Bandung, dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba).
Tina lima nominasi musik pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun Aldi M. Ismail, minangka panata musik Pinunjul Festival Drama Basa Sunda X.

Dina widang panata artistik pinunjul, aya lima urang anu kapilih jadi nominasi panata artistik Pinunjul, diantarana:
  1. Cah Pitu (Téater Simpay Galuh Rahayu Yogyakarta, dina naskah “Akalna Si Apin” saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere)
  2. Dewi W & Roni Karoang (Téater Toneel Bandung, dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba.
  3. Zacky Bahar (Téater Skétsa 18 SMAN 18 Bandung, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” karya Arthur S. Nalan)
  4. Chandra Kudapawana (Téater TTM Bandung, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar)
  5. Rorongo Crew (Téater Bandung Theaterical Company, dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi).
Tina lima nominasi panata artistik pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun Chandra Kudapawana, minangka panata artistik Pinunjul Festival Drama Basa Sunda X.

Dina widang sutradara pinunjul, aya lima urang anu kapilih jadi nominasina, diantarana:
  1. Nugraha Soekari (Téater Skétsa 18 SMAN 18 Bandung, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” Karya Arthur S. Nalan)
  2. Gusjur Mahésa (Téater TTM Bandung, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar).
  3. Asép Kusmana (Téater Bandung Theaterical Company, dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi)
  4. Giri Mustika (Téater Toneel Bandung, dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba)
  5. Rano Sumarno (Téater Simpay Galuh Rahayu Yogyakarta, dina naskah “Akalna Si Apin” saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere).

Tina lima nominasi sutradara pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun Gusjur Mahésa, minangka sutradara Pinunjul Festival Drama Basa Sunda X.\

Dina widang pintonan pinunjul, aya lima kelompok anu kapilih jadi nominasina, diantarana:
  1. Téater Skétsa 18 SMAN 18 Bandung, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” Karya Arthur S. Nalan.
  2. Téater TTM Bandung, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar.
  3. Téater Bandung Theaterical Company, dina naskah “Rorongo” karya Arma Djunaédi.
  4. Téater Toneel Bandung, dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba.
  5. Téater Simpay Galuh Rahayu Yogyakarta, dina naskah “Akalna Si Apin” saduran bébas Rosyid É. Abby tina naskah “Akal Bulus Scapin” karya Moliere.

Tina lima nominasi pintonan pinunjul, ahirna déwan juri netepkeun tilu kelompok pinunjul, diantarana:

Pinunjul 1: Téater TTM Bandung, dina naskah “Jeblog” karya Nunu Nazaruddin Azhar.
Pinunjul 2: Téater Toneel Bandung, dina naskah “Badog” karya Dhipa Galuh Purba.
Pinunjul 3: Téater Skétsa 18 SMAN 18 Bandung, dina naskah “Karikatur Nu Gélo” Karya Arthur S. Nalan..
***

Suku Gunung Manglayang, 25 Maret 2009

Comments
0 Comments

0 komentar: