Jumat, 01 Juni 2018

Anugrah Budaya Kota Bandung 2006, Pikeun Pamekar, Panggelar, jeung Pawentar

Mang Koko, Maestro Seni Karawitan


GENEP urang tokoh Sunda dilélér Anugrah Budaya 2006 ku Walikota Bandung. Anugrah Budaya konsépna dirancang ku BACC (Bandung Art and Culture Council). Genep tokoh anu kabiruyungan dilélér Anugrah Budaya téh antarana Ir. H. Haryoto Kunto, RH. Koko Koswara (Mang Koko), Drs. H. Wahyu Wibisana, Prof. Drs. H. Saini KM, Drs. H. Hidayat Suryalaga, jeung Dédé Amung Sutarya. Éta para tokoh téh dianggap gedé jasana dina ngawangun kabudayaan Sunda. Genep tokoh téh bisa dikatégorikeun kana pamekar, panggelar, jeung pawentar. Acara lumangsung kalayan lungsur-langsar dina  poé Salasa, 21 Nopember 2006,  jam 20.00 WIB, di  Grand Hotel Preanger, Jln. Asia-Afrika no. 81,  Bandung.

**

ISTILAH panggelar, pamekar, jeung pawentar téh dijieun ku Wahyu Wibisana. Anu dimaksud panggelar nyaéta anu nyiptakeun wanda karya seni/budaya séjénna anu tacan kungsi aya. Mang Koko jeung Hidayat Suryalaga kaasup kana katégori panggelar, lantaran geus nyiptakeun karya anyar anu saméméhna tacan kungsi aya. Ari anu dimaksud pamekar nyaéta anu ngamekarkeun wanda karya seni/ budaya séjénna dumasar kana karya anu geus kungsi aya. Tokoh anu pantes digolongkeun kana katégori pamekar nyaéta Wahyu Wibisana jeung Saini KM. Anu katiluna nyaéta pawentar, nyaéta anu mopulérkeun karya seni/ budaya séjénna anu geus nyampak sangkan dipikawanoh ku balaréa. Puguh baé Haryoto Koento jeung Dédé Amung Sutarya, loyog digolongkeun kana katégori pawentar. Ceuk Étty RS, mémang  ipis pisan bédana antara panggelar, pamekar jeung pawentar téh. Malah ti genep tokoh anu dilélér Anugrah Budaya, aya anu sarwa bisa, saperti Saini KM, anu sastrawan ongkoh, dramawan ongkoh, nya kitu deui seniman ongkoh. Wahyu Wibisana ogé sastrawan ongkoh, penulis gending karesmén ongkoh, penciptga upacara adat ongkoh.

Dina acara jumpa pers, Drs. M. Askary W., M.Si., kepala Dinas Pariwisata Kota Bandung, salaku tim pengarah BACC, pamiangan ieu kagiatan téh lantaran saban kepala daérah anu dipilih ku rahayat boh sacara langsung atawa teu langsung, diwajibkeun mibanda Renstra (Rencana Stratégi). Kaasup Kota Bandung anu diluluguan ku walikota, puguh baé mibanda Renstra program salila 5 taun, salila kalungguhan walikota dicangking, anu kiwari nyatana ku H. Dada Rosada.

Sangkan Renstra weweg kalungguhanana kudu disahkeun ku komitmen kepala daérah jeung législatif. Kiwari di Bandung geus lahir Renstra  anu visina nyaéta cita-cita atawa harepan lima taun kahareup, sakumaha anu diguratkeun dina susuluk Bandung kota jasa BERMARTABAT (Bersih Makmur Taat Bersahabat). Walikota geus ngajéntrékan tujuh program prioritas, nyaéta Pendidikan, Keséhatan, Kemakmuran, Lingkungan Hidup, Seni Budaya, Agama, jeung Olahraga.

Palebah widang Seni budaya, walikota miharep sangkan taun 2008, Bandung jadi kota seni budaya. Pikeun ngawujudkeun éta visi, Walikota nugaskeun ka para seniman jeung budayawan. Malah, nurutkeun Askari kénéh, mimitina Walikota Bandung ngarasa bingung kudu saha anu dipilih? Antukna milih ti lingkungan akademis pikeun ngabantu tahapan-tahapan kagiatan geusan ngahontal Bandung kota Seni Budaya 2008. Saterusna diadegkeun tim kecil seni budaya kota Bandung anu disebut Bandung Art and Culture Council (BACC), kalayan dipupuhuan ku Arthur S Nalan, S. Sen., M. Hum (Ketua STSI Bandung), sekretarisna Drs. Bucky Wikagoe, M.Si, bendaharana Taufik Hidayat Udjo. Demi anggotana nyaéta Drs. Bambang Tanoeatmadja jeung Dra. Étty RS, M. Hum.

BACC henteu boga hak mutlak, da ukur nyusun konsép. Saterusna disosialisasikeun atawa diwawarkeun dina Jasmara (Jaringan Aspirasi Masarakat). Aya genep tolak ukur pikeun ngahontal Bandung kota Seni Budaya 2008, nyaéta lobana pagelaran seni budaya, ngawujudkeun kagiatan anu jadi kareueus, midangkeun event anu maneuh, Ngayakeun event maneuh atawa kalender tetap di gedong-gedong anu aya di Bandung, ngararancang ngawangun pusat seni budaya Bandung, anu ayeuna rencanana di Bandung Timur (Ujungberung), jeung sacara bertahap ngawanohkeun seni budaya ka para nonoman ti ngawitan murid SD, SMP, SM, jeung saterusna.

BACC ogé hayang ngalélér pangajén ka para tokoh seniman jeung budayawan anu geus nyeungitan kota Bandung. Nya, ku dadasar éta  BACC ngagelar Anugrah Budaya Kota Bandung 2006.

Nurutkeun Bucky Wikagoe,  aktifitas BACC téh sabenerna mah geus lumangsung ti taun 2005. Sakur pangurus BACC ditunjuk ku Walikota, kalayan disahkeun ku SK Walikota. Lantaran Bandung hayang jadi Kota Seni Budaya, Pa wali nyoba ngaréspon kahayang seniman jeung budayawan anu salila ieu tacan meunang perhatian anu cukup, dibandingkeun jeung olahraga. Padahal citra bandung minangka kota seni geus kabentuk, saperti Bandung jadi barométer musik nasional. Éta téh bisa kabentuk kalayan ampir henteu aya bantuan ti pamaréntah. Béda jeung widang olahraga, anu salawasna dibantuan, tapi citra Bandung minangka kota olahraga tacan napel. Kunaon ari Bali atawa Yogyakarta bisa?  

Dumasar kana tinimbangan tur cita-cita nanjeurkeun Bandung jadi kota Seni Budaya, mangka diadegkeun BACC, anu  tahapan kagiatanana tatahar (2005), dadasar (2006), sumebar (2007), nagagelar (2008). Sakali deui Bucky Wikagoe nandeskeun yén BACC ukur nyieun konsép. Anu ngalaksanakeunana mah saha baé anu dianggap mampuh.

Pusat Seni Budaya rarancangna dipuseurkeun di Ujungberung kalayan lahanna 10 Héktar. Pangna di Ujungberung, lantaran anu mibanda lahan lega ukur Ujungberung. Iwal ti éta, Ujungberung téh poténsi pangrongkahna kasenian rayat, saperti degung, wayang, bénjang, jsté.

Dina prungna acara lumangsung, diluuhan ku sawatara seniman jeung budayawan. Sajabana ti masrahkeun Anugrah Budaya, digelar ogé pintonan seni karya éta genep tokoh anu dilélér Anugrah Budaya. Direuah-reuah ku pintonan kawih Rika Rafika anu ngahaleuangkeun kawih “Kembang Tanjung Panineungan” (rumpaka Wahyu Wibisana, sanggian Mang Koko), pintonan komédi JURNAL, juara Aaudisi Pelawak Indonésia (API) 3, pintonan tari anu ditata ku Mas Nanu Muda, S.Sn, M. Hum., Alfiyanto S. Sn., jeung Lina Hérlina, S. Sn., kalayan penarina Novi Martha, Ébieth, Imas Fatimah, S.Sn., Ibo, Cucu Sri Wulandari, Ani, Rina Belo, Dfaulay. Iwal ti éta, Laskar Panggung Bandung ogé mintonkeun cuplikan téater karya-karya Saini KM, kalayan diluluguan ku Yusép Muldiana. Teu tinggaleun, Godi Suwarna ogé maca sajak karya Wahyu Wibisana. Grup Rina Oesman mintonkeun tembang karya Hidayat Suryalaga, kalayan panata karawitanna Atang Warsita, Ujang Iyay, Dodong Kodir, tur dirojong ku para pangrawit antarana: Yoséph, Yanti Pujayanti, Pépén Taufik, Ryan Éka, Ikhsan S, Héndiansah, Yudi Arab, Adit, Asép G, Mang Empet, jeung Gugun WS.

Ir. Juniarso Ridwan, M.Si., salaku ketua panitia, dina biantara laporan kegiatan nétélakeun yén Anugrah Budaya Kota Bandung minangka salahsahiji kagiatan BACC. Ari BACC téh salaku mitra pamaréntahan kota Bandung dina raraga nataharkeun Bandung Kota Seni Budaya 2008. Ceuk Juniarso, muga baé ieu kagiatan bisa jadi tonggak budaya anu monuméntal pikeun kota Bandung kalayan bisa lumangsung saban taun. Milih genep tokoh, lain hartina taya tokoh séjén atawa ngapilainkeun tokoh séjén anu merenah dilélér anugrah budaya. Tapi ku lantaran kawatesan ku waragad, antukna diprioritaskeun genep tokoh heula.

Arthur S. Nalan, ketua BACC ogé dina biantarana nyebutkeun yén  BACC téh milu mikiran sangkan Bandung boga peristiwa budaya anu maneuh, saperti di Yogyakarta atawa Bali. Salahsahijina kudu aya anugrah anu langsung didugikeun ku Walikota ka para tokoh anu geus méré martabat budaya pikeun kota Bandung. Arthur ogé ngécéskeun logo BACC anu saliwatan mah siga lumba-lumba.  Kilang kitu, éta téh lain lumba-lumba, tapi météor tina cai, bintang berékor tapi cai. Ngalambangkeun sumanget bandung, anu ngalir saperti cai, anu ngamuara kana spirit seni budaya. Ka hareupna Anugrah Budaya kudu terus manjang. Lamun isuk jaganing géto henteu diayakeun deui, kudu ditanyakeun ka Walikota.

Acara anugrah Budaya dibuka langsung ku Walikota Bandung, H. Dada Rosada. Nurutkeun H. Dada,  upama judulna Anugrah Budaya 2006, hartinba bakal aya Anugrah Budaya 2007, 2008, jeung seterusnya. Dada Rosada, anu ngakukeun jaman baheula resep lalajo  sandiwara Sri Murni di Kosambi nataan rupaning kagiatan anu geus digelar dina taun 2006 pikeun ngahontal Bandung Kota Seni Budaya 2006.  Di antarana aya Féstival Pakaian Pengantin Adat Ala Barat, Féstival perkawinan Tradisional, Féstival Drama Sunda, Bandung Lautan Api Féstival, Kartini Féstival, Féstival Sastra,  Féstival Film Péndék,  Hari Kemerdékaan Féstival, Bandung Extravaganza, Bandung Art Féstival, Sumpah Pemuda Féstival. Ramadon Féstival,  tug nepi ka Anugrah Budaya. Dina bulan Désémber 2006, baris digelar Natal Féstival jeung Tahun Baru Féstival

Anu kabiruyungan dilélér Anugrah Budaya 2006 nyaéta RH. Koko Koswara (Mang Koko), lahir di Indihiang, Tasikmalaya, 10 April l9l7, tapi masih aya teureuh Sumedang.  Mang Koko téh putra tunggal Bapa Mochamad Ibrahim Sumarta (anu aya teureuh ti Sultan Banten/Sultan Hasanuddin) sareng Ibu Siti Hasanah. Lahir dina jaman Walanda, tangtosna ogé Mang Koko ngalaman nyuprih atikan ala Hindia Walanda, ti HIS (1932) lajeng ka MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu taat sareng patuh kana agamana (Islam). Téng manuk téng anak merak kukuncungan. Getih seni ngocor ti ramana anu harita tabah kana Ciawian sareng Cianjuran.  Lajeng Mang Koko ogé diajar nyalira ka seniman‑seniman, hususna ahli kawawitan Sunda, kalebet neuleuman hasil karya widang karawitan ti Radén Mahyar Anggakusurnadinata (musicoloog). Kacintana ka bali geusan ngajadi, tiasa ditingal tina grup kasenian anu munggaran diadegkeun ku anjeunna, "Kanca Indihiang".  Lajeng ngadegkeun 'Taman Murangkalih", “Taman Cangkurileung", “Taman Setiaputra", "Kliningan Ganda Mekar", "Gamelan Mundinglaya", jeung "Taman Bincarung" (1958).

            Ngadegna Yayasan Cangkurileung di Bandung minangka bukti katabahan Mang Koko dina ngokolakeun organisasi sarta ngamasarakatkeun kasenian ngaliwatan organisasi. Geura wé abang‑cabang Cangkurileung sumebar di lingkungan sakola‑sakola di sakuliah Jawa Barat. Iwal ti éta, Mang Koko ogé salah sahiji nu ngiring ngadegkeun Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kalebet medalkeun Majalah "Swara Cangkurileung" (1970), anu dugi ka kiwari masih mayeng medal saban sasih.

            Karya kawih‑kawih Mang Koko sumebar tur dibagéakeun ku  masarakat. Ku ayana kitu, karya-karyana dikempelkeun dina sawatara buku,  diantarana: Resep Mamaos (Ganaco, 1948), Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar' (Taraté, 1970), Bincarung" (Taraté, 1970), Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), Béntang Sulintang/Lagu‑lagu Peduangan"; jsté. Iwal ti karya dina  dina widang kawih, seueur karya Mang Koko dina wanda seni drama sareng gending karesmén. Di antarana: "Gondang Pangwangunan", “Bapa Satar”, "Aduh Asih, "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur”, "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Karéta Api", Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki‑Nini Balangantrang", Pangéran Jayakarta, "Nyai Dasimah", jsté. Bras ka dunya atikan, numutkeun R.A.F, kontribusi Mang Koko kana dunya atikan minangka hal anu penting pikeun dituladanan. Mang Koko téh hiji seniman anu pohara neundeun perhatian kana soal re-generasi. Nya ku ayana regenerasi éta,  kiwari tiasa ngalenyepan haleuangna atawa karya‑karyana Tati Saléh, Nano S, Ida Widyawati, jrrd.

Anu kadua nyaéta Wahyu Wibisana. Lamun nyaritakeun perkara Seni Budaya Sunda, tangtu bakal bangga lamun henteu nyebut Wahyu Wibisana. Hiji seniman Sunda, pangarang anu produktip nulis ti taun 50-an kénéh.  Wahyu, hiji seniman anu Lahir di Cisayong, Tasikmalaya, 19 Januari 1935, geus loba pisan karyana dina widang kasundaan.   Sawatara sajakna Wahyu Wibisana, kungsi disanggi ku Mang Koko, saperti “Kembang Tanjung Panineungan”, “Reumis Beureum Dina Eurih”, “Bulan Bandung Panineungan”, jsté. Teu anéh upama ieu Sarjana lulusan IKIP (UPI) Bandung téh, kungsi ogé dilélér Hadiah Sastra Rancagé pikeun jasa (1997), ogé kungsi milu ngadegkeun Majalah Mangle (1957) di Bogor. Karya-karyana anu geus dibukukeun kaasup euyeub, diantarana Mundinglaya di Kusumah (1975), Geber-Geber Hihid Aing (1976), Urang Naon di Cinaon (ant. Sajak-1992), Riring-Riring Ciawaking (ant. Dangding-1999) jeung Anaking Jimat Awaking (ant. Prosa Lirik-2002).

Wahyu Wibisana ogé mindeng nulis skenario Gending Karesmén, antarana Mundinglaya Saba Langitb (Bandung, 1962), Inten Déwata (Garut1963), Galunggung Ngadeg Tumenggung (Tasikmalaya, 1964), jsté.

Anu katilu nyaéta Haryoto Koento (alm), sarjana planologi lulusan ITB, peminat élmu sajarah jeung budaya. Lahir di Bandung, taun 1940, bungsu ti 11 sadulur, putra Ibu Siti kadariah, karyawati kantor pos di Tegal, jeung Bapa R. Kunto, amtenaar staats-spoorwegen atawa ss (ayeuna Perumka) di statsion gombong témpo doeloe.

Haryoto Koento kalintang akrab jeung kota kalahiranana, kalayan dibuktikeun ku karya-karyana mangrupa buku, saperti Wajah Bandoeng Tempo Doeloe (1984), Semerbak Bunga di Bandung Raya (1986), Savoy Homann Persinggahan Orang Penting (1989), Balé Agung di Kota Bandung (1996), Tempo Doeloe Cepat Berlalu (1996), jsté. Ogé leuwih ti 150 artikel ngeunaan Bandung anu dimuat ku HU. Pikiran Rakyat (PR). Pangaweruhna ngeunaan Bandung kalintang leubeut, anu antukna teu anéh upama dilandi Kuncén Bandung.

Anu kaopat nyaéta Dédé Amung Sutarya. Sing saha anu resep wayang, tangtu bakal wanoh ka Dédé Amung Sutarya. Ieu dalang anu kawentar nyekel pageuh pakem padalangan téh lahir tanggal 25 Mulud 1950. Dédé Amung Sutarya mimimiti wawanohan jeung wayang ngaliwatan ramana anu jadi dalang, Amung Sutarya. Jadi, téng manuk téng anak merak kukuncungan. Dina umur 16 taun, Dédé Amung Sutarya geus manggung, ngadalang.  Taun 1969, Dédé Amung Sutarya ngasupkeun sempalan sosialisasi program pamaréntah (KB) kana pintonananna, anu hasilna lain baé suksés, tapi dibarung népakeun unsur édukasi ka masarakat. Taun 1973, Dédé Amung Sutarya mimiti ngadalang di RRI Bandung anu ngalantarankeun ngaranana beuki dipikawanoh ku balaréa. Dina Binojakrama taun 1980, Dédé Amung Sutarya meunang gelar pinunjul utama sarta dina taun 1986 ngayakeun pintonan fénoménal dina ngadalang. Taya lian mintonkeun wayang salila 118 poé taya reureuhna.

Dédé Amung Sutarya kungsi diangkir ku Présidén Soeharto pikeun ngayakeun ruwatan di Bandara Internasional Cengkaréng. Dikersakeun ku Nu Maha Kawasa, nepi ka kiwari di Cengkaréng tacan kungsi aya kacilakaan. Dédé Amung Sutarya ogé kungsi dilélér pangajén ku UNESCO ku dédikasina kana seni tradisi. Nepi ka kiwari Dédé Amung Sutarya tetep jadi panutan ratusan dalang pon pilalagi ilmuwan anu hayang neuleuman pawayangan.

Anu kalima nyaéta Saini KM, tokoh anu lahir di Sumedang, 16 Juni 1938, Penyair, carponis, sok nulis lakon jeung carita silat dina basa Indonésia jeung Basa Sunda. Mancén jadi dosén, Direktur Direktorat Kesenian. Nuntaskeun nyuprih pangarti di  IKIP Bandung, Jurusan Bahasa Inggris (1977). Saini KM  anu mokalan diadegkeunana Jurusan Téater (1978). Minatna kana téater ngalantarankeun Saini deukeut jeung STB (Studiklub Téater Bandung), utamana salaku penulis lakon. Saini KM ogé kungsi ngasuh rohangan sastra rumaja di HU Pikiran Rakyat (1960-1964); Redaktur Majalah Manglé (1962-1964); Redaktur jeung Wakil Pimpinan Redaksi SK Harapan Rakyat (1966-1968); Aggota DPRI Jawa Barat wakil Golkar (1967-1971) anggota Staf Komando Operasi Mental Kodam VI/ Siliwangi (1968-1970); pemimpin redaksi bulanan prima (1972-1978); Anggota Badan pertimbangan Kebudayaan Jawa Barat (1967-1969), Direktur ASTI (1988-1995) jeung Direktur Kesenian Dirjen Kebudayaan (1995-1999). Sajak-sajakna dibukukeun dina Nyanyian Tanah Air (1968), Rumah Cermin (1979) jeung Sepuluh Orang Utusan (1989). Lakon-lakonna loba anu jadi pinunjul dina rupaning saémbara, antarana: Pangeran Sunten Jaya (1973), Ben Go Tun (1977), Egon (1978), Serikat Kacamata Hitam (1980), jeung Sang Prabu (1981) dina saémbara Déwan Kesenian Jakarta jeung Kerajaan Burung (1980) jeung Pohon Kalpataru (1981) dina saémbara penulisan drama anak-anak direktorat Kesenian. Sababaraha karya dramana dilélér hadiah ti Pusat Bahasa (1980), jeung Anugrah Sastra ti Yayasan Forum Sastra Bandung.
Anu kagenep nyaéta Drs. H.R. Hidayat Suryalaga. Hiji seniman jeung budayawan anu lahir di Banjarsari, Ciamis, 16 Januari 1941. Guru jeung penulis Basa Sunda, nu mokalan ngadegna Teater Sunda Kiwari, Dosen Jurusan Sastra Daérah/ Sunda Fakultas Sastra UNPAD (1986-1997). Ketua Lembaga Kebudayaan UNPAS (1992-2000), Dosén Kebudayaan Sunda UNPAS jeung aktif salaku narasumber di www.sundanet.com. Sering ngadugikeun seminar/penataran anu diayakeun ku Disdik Provinsi Jawa Barat, Disbudpar Jabar, jsté.  Kungsi ogé jadi pemakalah dina penataran para da'i, guru-guru, jeung seniman di sawatara organisasi Islam, boh anu aya di Bandung pon pilalagi di daérah séjénna. Kitu deui di lingkungan pasantrén jeung mahasiswa di paguron luhur, saperti: IAIN, ITB, UNPAD, UNPAS, UPI, UNWIM, LTNISBA, ITENAS, STT TELKOM. Karya tulis anu kungsi dipedalkeun, boh mangrupa naskah atawa makalah kaitung loba, kabéhanana aya patali jeung basa, seni jeung kabudayaan Sunda. Diantarana nyaéta: Buku Kasundaan Rawayan Jati jeung Nurhidayah-Saritilawah AI-Qur'an dina Basa Sunda, anu wandana pupuh. Sababaraha karya budaya diantarana dina taun 1983 nyiptakeun upacara ngaras dina prosési upacara adat Sunda (pengantin).

Genep tokoh anu ditataan téh dilélér pangajén Anugrah Budaya Kota Bandung 2006, kalayan meunang duit kadeudeuh anu gedéna Rp 5.000.000,- séwang. Iwal ti éta, dilélér ogé piagem kertas daluang anu dijieun tina kulit tangkal saeh murni kalayan henteu maké bahan pengawet. Ieu keretas minangka keretas tradisional Sunda anu geus digunakeun ku masarakat Sunda ti mangabad-abad katukang. Budaya nulis dina keretas daluang anu geus aya dina kahirupan masarakat Sunda baheula bisa diilikan dina naskah-naskah kuna anu ngagunakeun sawatara huruf, antarana huruf Sunda Kuna, cacarakan (Sunda-Jawa ) jeung Arab Pégon. Sabagéan loba éta naskah-naskah Sunda téh aya di Leiden, Belanda; lantaran dina jaman kolonial loba urang Belanda anu kataji pikeun neuleuman jeung ngamangpaatkeun naskah-naskah kuna anu aya di Indonesia, kaasup naskah Sunda

Kamekaran jaman jeung pangaruh budaya luar, boh kaum kolonial atawa kaum pedangan (non-kolonial) anu ngagésér peran keretas daluang. Keretas anu diolah sacara modem anu biasa digunakeun nepi ka kiwari lila-lila "ngubur" éksisténsi daluang, tangkal saehna ogé leungit nepi ka umumna masarakat Sunda henteu apal yén luluhuna miboga “téknologi tepat guna” dina tradisi nulis. Keretas daluang mimiti ngamasarakat deui sanggeus hiji alumnus Jurusan Bahasa dan Sastra Unpad anu ngaranana Tédi Permadi suksés maluruh tapak lacak tangkal saéh tur ngarekonstruksi deui téhnik nyieun keretas daluang. Dina taun 2004, Tédi Permadi jadi Pemuda Pelopor Kota Bandung dina widang budaya jeung nominasi Pemuda Pelopor tingkat Jawa Barat, anu dinominasikeun ka tingkat nasional.***(DGP)


Comments
0 Comments

0 komentar: