Jumat, 01 Juni 2018

Anugrah Budaya 2006 ti Walikota


Mang Koko (kenca), Wahyu Wibisana (katuhu)


ALHAMDULILLAH, taun 2006 ieu Walikota Bandung, H. Dada Rosada ngalélér Anugrah Budaya Kota Bandung 2006 ka genep urang tokoh anu nyumponan kritéria Panggelar, Pamekar, jeung Pawentar. Anugrah Budaya henteu diwatesan ku tokoh anu masih kénéh jumeneng atawa nu parantos pupus. Sabab tina genep tokoh téh, dua urang parantos ngantunkeun, nyatana Mang Koko sareng Haryoto Koento. Demi opat urang deui masih kénéh jumeneng tur bisa ngaluuhan acara pamasrahan Anugrah Budaya, nyatana Wahyu Wibisana, Saini KM, Dédé Amung Sutarya, jeung H. R. Hidayat Suryalaga.

Dina biantara pamasrahan Anugrah Budaya, H. Dada Rosada nétélakeun yén jalma anu henteu micinta seni-budaya bisa disebutkeun jalma gélo. Ku ayana kitu, lamun henteu daék disebut nu gélo kudu micinta seni budaya. Éta panétélaan téh mémang henteu salah. Sabab seni jeung kabudayaan sacara umum henteu bisa dipisahkeun tina kahirupan sapopoé. Contona mangsa urang maké pakéan, éta téh kaasup budaya, anu tangtuna bakal béda di saban sélérna séwang-séwangan. Dina pakéan ogé aya senina, seni raksukan anu merenah tur pantes.

Iwal ti éta, geus dipikanyaho ku balaréa yén maceuhna rupaning kalakuan para nonoman, saperti gangasna tawuran, ngonsumsi narkoba, jeung rupaning ketak séjénna anu matak muringkak bulu punduk téh dilantarankeun ku maranéhna anu geus henteu napak kana budaya sélérna. Éta téh apan hasil panalungtikan sawatara ahli. Ku ayana kitu, ngararancang Bandung jadi kota Seni Budaya dina taun 2008 minangka cita-cita mulya anu perelu dirojong ku sakumna masarakat. Malah lamun éta cita-cita kahontalna dina taun 2007, tangtu bakal leuwih hadé.

Anugrah Budaya mémang perelu diayakeun saban taun. Timbanganana lantaran tokoh kota Bandung anu pantes dilélér Anugrah Budaya téh kalintang loba. Lain perkara duit kadeudeuhna (sanajan éta ogé penting), tapi anu leuwih utama mah urang bisa ngajénan ka sing saha tokoh seniman atawa budayawan anu salila ieu tihothat merjuangkeun kabudayaan kalayan tanpa pamrih, anu tangtuna ngawaris martabat pikeun urang bandung. Mana komo susuluk Bandung kiwari nyaéta kota Jasa Bermartabat. Sanajan Bermartabat téh wancahan tina Bersih, Ma’mur, Taat, Bersahabat, tapi partina ogé henteu sagawayah nyieun wancahan. Lamun dilenyepan mah kalintang nyambungna, sabab lamun kota beresih, ma’mur, taat, jeung bersahabat téh apan bisa disebutkeun bermartabat.

Masih kénéh dina biantarana, Walikota ngalalakonkeun jaman baheula, basa Sandiwara Sunda keur meujeuhna nanjung. Manahoréng H. Dada Rosada téh salah sahiji anu mikalandep kasenian Sandiwara Sunda. Sanajan kudu mayar, H. Dada Rosada tetep lalajo, da resep téa. Béda pisan jeung jaman ayeuna, tong boro kudu mayar, dalah  digratiskeun ogé apan nu lalajo téh kasebut arang. Perelu ditéangan solusina; naha kualitas sandiwara Sunda kiwari anu nyirorot? Atawa nu lalajo teu kaduga meuli karcis? Atawa mémang anu lalajo leuwih kagémbang ku lalajoaneun dina layar télévisi? Sabenerna lain Sandiwara Sunda baé, tapi kaasup kasenian Sunda anu séjénna.


Leuleutikan baé urang rada tetelepék antara anu bisa ngagitar jeung bisa ngacapi dina sa-RT. Keun perkara kualitas ngacapina mah teu kudu dipasualkeun. Tétéla rada bangga néangan anu bisa ngacapi dina sa-RT, dibandingkeun jeung anu weruh metik gitar. Omat, lain hartina ngagitar téh pagawéan anu goréng, henteu pisan-pisan. Anu hadé mah ngagitar weruh, ngacapi ogé ulah nepi ka poékeun pisan. Sabab éta téh banda urang. Tangtu baé kaasup waditra Sunda nu séjénna ogé ulah nepi ka kapopohokeun, komo dipopohokeun mah. Lamun urang resep kana kasenian anu jolna ti deungeun, éta téh alus pisan, hartina ngajénan karya seni jalma séjén. Tapi ulah poho deuih pikeun mikalandep karya seni boga sorangan. Seni Sunda, naon baé wandana mangrupa tutungkusan karuhun anu perelu dipiara tur dilestarikeun kalumangsunganana. Taya salahna diluyukeun jeung kamekaran jaman, tapi henteu ngaleungitkeun akarna.

Bandung mémang pantes jadi kota Seni Budaya, sabab kota Bandung téh gudangna seniman anu makalangan di tingkat nasional. Rarancangna Ujungberung baris dijadikeun puseur kagiatan seni budaya kota Bandung. Béjana geus sayagi lahan anu legana 10 héktar pikeun diwangun jadi tempat kagiatan seni budaya. Saméméh puseur kagiatan seni di Ujungberung ngawujud, tangtu baé ayeuna mah mending mangpaatkeun  heula anu geus nyampak, nyaéta Gedong Padépokan Seni, anu perenahna di Jl. Peta 209, Bandung.

Bandung jadi kota Seni Budaya tangtu lain saukur impian. Mugia baé Anugrah Budaya anu dipasrahkeun ku walikota Bandung sing jadi pamecut ka para nonoman pikeun leuwih daria ngagelar karya anu ngandung mangpaat pikeun balaréa.***





Comments
0 Comments

0 komentar: